WebNovelAING UDIN25.61%

Ngalongok Darwin

Warni seuri ka Udin bari nyodorkeun leungeuna ngajak sasalaman,

"Nepangkeun, abdi Warni Nataprawira, timana salira guguru cara ngadangdosan kendi?" Ceuk Warni teu nanya heula Saha Udin tapi langsung hayang nyaho saha guru Udin.

Udin teu buburu nembalan, tapi ngarénjag ngadéngé ngaran tukangna Nataprawira. Ngaran kulawarga pangbeungharna sa Bandung. Keluarga Kusumah, Wijaya, Saputra. Kabéh lain bandinganna. Sok sanajan teu bisa di bandingkeun jeung dirina anu ti kulawarga Subrata no.2 sa indonesia. Tapi jadi jelema no.1 sa Bandung jelas Warni lain jelema bantrak-bantrakeun.

Udin teu nyangka bakal Panggih jeung Warni di dinya. Jadi Udin némbalan,

"Kuring teu boga guru. Teu boga kaahlian nanaon. Sakola ogé ukur tamatan SMP. Hampura mitoha kuring geus meupeuskeun kendi milik anjeun. Kuring ukur ngabantuan ngoméan lantaran teu sanggup ngagantian. Ayeuna kumaha? Naha kuring masih tetep kudu ngagantian kénéh?"

Warni gogodeg bari seuri,

"Saparantos ku salira didangdosan, hargi kendi ieu bakal ngalangkungan pangaos aslinya. Justru abdi anu kagungan hutang ka salira"

"Jadi, kuring jeung mitoha meunang indit?" Udin nanya deui.

Warni imut,

"Abdi nembé uninga ka salira. Ku kaahlian salira, sawaktos-waktos tangtos abdi bakal peryogi deui bantosan salira. Tiasa abdi nyuhunkeun nomer telepon salira? Ieu kartu nami abdi" Ceuk Warni bari mikeun kartu namana.

"Ngaran kuring Udin Subrata tapi teu boga kartu nama" ceuk Udin bari narima kartu nama ti Warni.

"Teu sawios, ketik wéh nomerna dina HP abdi" ceuk Warni bari mikeun HPna ka Udin.

Lantaran Warni teu katingali sombong, Jeung ningali paroman beungeutna anu teu weléh imut. Udin teu talangké, buburu ngasupkeun nomer teleponna Kana HP Warni.

"Akang nyandak mobil? Upami henteu ku abdi dijajapkeun mulih" ceuk Warni.

"Mawa, teu kudu nganteur, nuhun" ceuk Udin.

"Mangga" ceuk warni méré jalan ka Udin sangkan kaluar. Warni nuturkeun nepi ka Udin jeung Mardi arasup Kana mobil di parkiran. Terus Warni balik deui ka toko.

"Din, kumaha tadi di jero. Kendi bisa dioméan?" Mardi nanya.

"Henteu, Ngan untung istri anu nembé bageur. Teu nyuhunkeun panggentosan" témbal Udin.

"Terus keur naon atuh tadi manéh ménta endog meri jeung ruangan husus?" Ceuk Mardi bingung.

"Nya diloklok ku abdi atuh pa. Daripada setress mikiran kedah ngagentosan. Mening niis nyalira bari ngaloklokan Endog meri" témbal Udin sangeunahna.

Mardi ukur bisa gogodeg. Sabenerna Udin ogé bingung, timana manéhna boga kawani ngoméan kendi. Jeung timana datangna pangabisana bieu. Kawas aya dorongan tina haténa pikeun ngalakukeunna tanpa ragu. Naha pangaruh tina buku? Loba hal-hal dina buku anu butuh dicerna deui ku otakna.

"Nya sukur atuh Ari kitu mah" ceuk Mardi ngarahuh.

"Ulah sukur-sukur pa. Bapa kedah kapok. Cobi pami istri tadi teu sumping. Ayeuna bapa tos ngagolér dina bui. Éta kumaha raray? Ibu pasti curiga" ceuk Udin, sabab Lastri jeung Icih pasti bakal reuwas nempo Mardi balik dina kaayaan beungeutna anu ruksak balas diteunggeulan.

"Béjakeun wé leumpang meleng terus neunggar tihang listrik, dikomprés ku cai és ogé pasti cageur. Ulah nyarita nanaon deui. Omat" Ceuk Mardi.

"Mangga pa" témbal Udin

Tepi ka Imah, Udin ngaluarkeun sapédah tina bahasi mobil rék indit ka pasar. Tapi nga WA heula icih anu masih digawé,

"Hayang dipangmasakeun naon nyi keur dahar soré?"

"Abdi moal uih sonten kang, ti Palapa badé teras ngalembur di Bima Raya ngaprésentasikeun skéts gambar abdi ka ibu Susi sateuacan dicetak janten blue print. Janten Badé sakantenan tuang wengi diluar sareng ibu Susi."

"Oh, enya atuh. Ati-ati" ceuk Udin

Teu lila aya WA ogé ti Susi

"Juragan, ibu Icih badé ngalembur sareng abdi di Bima Raya, sakantenan makan malam. nyuhunkeun Widi"

"Ulah di béré nasi kotak, bawa ka réstoran" ceuk Udin.

"Mangga juragan" bales Susi.

Sabab Icih teu balik. Udin ogé balanja saayana, terus dipasak keur tiluaneun. Bérés dahar, Mardi jeung Lastri indit kana BMW, cenah mah ukur hayang jalan-jalan bari néangan putunduheun.

Kulantaran Ngan sorangan di Imah. Udin ngodok saku calanana ngaluarkeun régang kai sagedé surutu anu tadi dipulung di toko barang antik téa. Kai dina dampal leungeunna dipelong bari kerung, terus diambeuan. Tapi da euweuh anu anéh.

Sabab teu nyaho kayu jenis naon. Ahirna ku Udin difoto terus searching dina internet. Hasilna Udin ngagebeg, sing horéng ngarana kai kaboa. Kai anu ukur aya di leuweung Sancang. Anu dina carita mah dipakuat pakaitkeun Jeung tilemna prabu Siliwangi. Teu lila Hpna disada, pas ditempo nyatana telepon di Darwin. Buburu kai kaboa disakuan ku Udin. Terus telepon diangkat.

"Aya naon win?" Udin nanya.

"Anjeun bener Din, si Lili salingkuh" ceuk Darwin bari ceurik.

Udin ngarahuh,

"Anjeun geus ngabuktikeunna? Pan saméméhna teu percaya"

Darwin ngajelaskeun,

"Réngsé narima telepon ti anjeun. Kuring langsung ngalacak iPhone si Lili. Nyatana nunjuk ka hiji Imah. Ku kuring imah éta didatangan, terus kuring asup langsung nempo ka kamar anu memang teu dikaroncian. Si Lili keur bulucun jeung urut kabogohna. Jelas kuring ngamuk lantaran teu tarima. Tapi Kuring malah ditareunggeulan ku supir jeung pembantuna. Kuring ayeuna di IGD. Anjeun sobat kuring hiji-hijina, tulungan kuring din"

"Di rumah sakit mana?" Ceuk Udin reuwas.

Kadéngé Darwin ceurik,

"Hasan Sadikin, suku kuring potong lantaran dibabuk ku pipa beusi. Ceuk dokter butuh waktu lila pikeun normal deui. Lukisan ti anjeun aya di kuring. Tulung bawa ka pagadéan. Kuring butuh biaya"

"Si Lili teu méré biaya?" Udin nanya.

"Henteu" témbal Darwin.

"Geus nelepon pulisi?" Udin nanya deui.

"Enggeus, tapi ceuk pulisi kuring anu salah, asup ka imah Batur tanpa ijin bari ngajieun riributan" témbal Darwin.

"Keterlaluan! Dagoan, Kuring kadinya ayeuna" ceuk Udin bari langsung nutup teleponna.

Nepi ka rumah sakit. Nyampak Darwin keur ngagolér di bangsalna, perban ngabeulit di sakujur awakna, sukuna digips. Persis siga mummi. Udin bisa ngabayangkeun, Lain ukur haténa anu remuk, tapi awakna disatukangeun perban ogé pasti ruksak. Nempo aya Udin hareupeunna, cipanon Darwin nyurulung tina kongkolak panona anu geuneuk jeung bareuh.

Nempo nasib Darwin. Udin nyarita,

"Tatu dina awak anjeun jelas teu sabanding jeung kanyeri dina haté anjeun. Anjeun kudu buburu cageur, ulah hayang balik deui ka si Lili. Anggap ieu pelajaran keur anjeun sorangan ngarah leuwih mawas diri dina satiap léngkah kahirupan. Anjeun bisa bangkit deui, muka usaha sorangan ku modal tina lukisan. Téangan pipamajikaneun anu bener tur satia" ceuk Udin.

"Lukisan aya dikuring" ceuk Darwin.

"Hadé, buburu jual dimana anjeun geus cageur. Inget omongan kuring. Ulah balik deui ka si Lili. Tembongkeun yén anjeun ogé mampu usaha sorangan. Masalah biaya perawatan tepi ka anjeun cageur. Kuring anu mayar" ceuk Udin.

Udin kaluar ti rumah sakit meuli bubuahan di mini markét, terus indit ka bagéan pembayaran rumah sakit ngalunasan biaya rawat inap Darwin. Saterusna Udin balik deui ka bangsal. Tapi teu buburu asup sabab panto bangsal geus nyampak muka. Jadi Udin cicing nyarandé kana témbok bari ngintip ka jero.

Dijero nyampak geus aya Lili jeung salingkuhanna.

"Rék naon aranjeun datang kadieu, can puas nempo aing geus jiga kieu?" Kadéngé sora Darwin nanya bari nahan nyeri.

"Ngan hayang nempo anjeun anu geus jiga badut, naha teu meunang némpo? Cuih!" Ceuk Lili bari nyiduhan beungeut Darwin.

"Mana lukisanna?!" Ceuk Lili deui, bari namprakkeun dampal leungeunna.

"Udin méré lukisan keur kuring. Lain keur anjeun" témbal Darwin.

"Kabéh kado dibikeun sabagé hadiah peresmian réstoran. sedengkeun réstoran milik kuring. Naon hak anjeun ngaku-ngaku?" Ceuk Lili bari sukuna diangkat ngajejek suku Darwin anu di gips. Darwin jelas ngocéak nyeri.

"Aya saratus juta duit kuring di réstoran, lukisan ogé ti sobat kuring. Naonna anu milik anjeun? Ukur wangunan jeung tanah pan?" ceuk Darwin bari muringis nahan nyeri dina sukuna anu bieu di jejek.

"Mana buktina anjeun pernah neundeun duit di réstoran? Nungguan kuring nelepon pulisi? Ulah loba omong, dieukeun lukisanna, anjeun bisa dituduh maling lukisan ti réstoran" Lili nyentak bari muncereng.

Lalaki salingkuhanna milu ngomong,

"Buru bikeun lukisanna, anjeun nungguan kuring ambek deui?"

Darwin teu némbalan, tapi ngageunggeuik ceurik kanyenyerian.

Lili seuri sinis,

"Dasar lalaki lemah, ditanya malah méwék, anjeuna mémang teu pantes ngahiji jeung kuring"

"Bejakeun ka si Darwin sabaraha ronde urang silih dengkék poé ieu" ceuk salingkuhanna bari nyakakak.

"Ah sayang. Piraku anu kitu kudu dicaritakeun, éra atuh" ceuk Lili centil bari nyiwit cangkéng salingkuhanna.

"Éra? Tutupan panto, urang sakalian témbongkeun dihareupeun si Darwin" ceuk salingkuhanna bari ngarangkul awak Lili ti tukang. Terus dua leungeuna ngodok baju sarta ngarames dada Lili.

Darwin nyorowok ngusir duanana bari malédogkeun bantal.

"Dasar anjing, teu gableg moral, kaluar!"

Disebut anjing, si lalaki maju bari ngangkat korsi rék dibabukeun ka Darwin. Ngan Udin buburu asup ngarebut korsi bari molotot ka si lalaki,

"Wani nyiksa sobat kuring anu geus teu walakaya. Sia bakal modar!"

"Saha anjeun?" Ceuk si lalaki nyorongot ka Udin.

"Ngarana Udin, anu méré lukisan" ceuk Lili bari memener BHna anu tadi dikodok.

"Kaluar, ulah pipilueun kana urusan batur" ceuk silalaki bari tipopolotot ka Udin.

"Nitah kuring kaluar? Memangnya anjeun saha?" Témbal Udin kalem.

"Aing Mamat Kacang. Anu nyekel terminal Lémbang" ceuk si lalaki anu nyatana ngaranna Mamat.

Barakatak teh Udin seri,

"Payus jeung ngaran siah. Ngaran Mamat Kacang, kabeukina ogé kacang. Kuring teu paduli saha anjeun. rék Mamat Kacang, Mamat obéng, atawa Mamat Sendal. Anu puguh anjeun geus ngajieun kueing kesel. Anjeun kudu ménta dihampura ka Darwin, dibonusan suku anjeun kudu potong sabeulah ku kuring. Lamun henteu, anjeun bakal modar"

Lili muncereng ka Udin,

"Udin, jaga omongan anjeun. Dasar tukang ngaduk teu nyakola. Ngomong padu engab"

Udin seuri sinis,

"Anjeun teu perlu milu ngomong, bisi awak buleud anjeun dikempésan ku kuring"

Lili langsung ngarenghik ka Mamat,

"Sayang, si Udin ngahina. Teunggeulan atuh yang, ulah diantep"

"Kuring moal ngotoran leungeun sorangan, tungguan saha nu bakal datang" ceuk Mamat bari ngaluarkeun HPna terus nelepon.

"Datang ka rumah sakit, bangsal umum A11, bawa balad sing loba. Aya teunggeulaneun didieu" ceuk Mamat.

"Aéh, Ari sugan téh heueuh wani neunggeulan kuring. Dikira ku anjeun kuring ogé teu boga titaheun?" ceuk Udin bari ngaWA Bahar

"Datang ka Hasan Sadikin kang, bangsal A11. Kuring rék aya anu maéhan"

"Atosan dén, moal lami" Bales kang Bahar.

"Anjeun nga SMS saha?" Ceuk Mamat nanya ka Udin.

"Jelema anu bakal modaran anjeun" témbal Udin.

Darwin dina ranjang usek-usekan maksakeun rék diuk.

"Buburu indit din, ulah ngalayanan jelema ieu. Anjeun bakal cilaka" ceuk Darwin ka Udin.

"Sarékeun, cicing, ulah hariwang ka kuring" ceuk Udin bari nyarékeun deui Darwin.

"Anjeun moal bisa ngalawan Din, lewih hadé ingkah tibatan cilaka" ceuk Darwin deui.

Udin seuri,

"Jelema anu bisa nyilakakeun kuring can lahir" saterusna Udin mesék cangkang jeruk terus jerukna dihuapkeun sapasi kana sungut Darwin, sapasi deui dihuapkeun kana sungutna sorangan.

"Kumaha amis?" Ceuk Udin nanya ka Darwin bari ngagayem jeruk.

Darin unggeuk bari ngagayem jeruk. Udin nanya deui,

"Bapana Lili, Hérman Wiranata nyahoeun anakna zinah terus anjeun diteunggeulan?"

Darwin unggeuk,

"Nyahoeun, sabab ditelepon. Ngan jawabanna teu asup akal 'eta urusan budak ngora, bapa moal pipilueun' pokna téh"

Udin kerung, terus nanya,

"Kungsi anjeun ménta deui duit anjeun anu 100 juta ka bapana Lili?"

Darwin unggeuk deui,

"Saenggeus kuring di dieu sabab butuh biaya, ngan bapana teu ngaku yén kuring kungsi mikeun duit 100 juta, persis jeung ucapan anakna bieu" témbal Darwin bari ceurik deui ngagukguk.

"Keterlaluan! teu anéh lamun gablég anak tukang lacur. Sabab bapana ogé setan!" ceuk Udin ambek.

Sabenerna saupama paadu hareupan langsung jeung Mamat ogé Udin moal éléh. Salian ti postur awak Udin anu leuwih jangkung. Udin ogé teu ngaroko, unggal poé olahraga naék sapédah, masak, sasapu jeung sajabana. Ditambah ku Élmu Kanuragan tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu geus aya dina uteukna sanajan can dipraktékeun ogé.

Béda jeung Mamat, Mamat leuwih pendék, jaba playboy anu sok gonta ganti pasangan. Sanajan awakna badag tapi sukuna pacér. Beuteung bucitreuk ogé lantaran loba nginum alkohol. Olahragana ukur dina ranjang hungkul bari sok ngaroko.

Keur leutik, Udin kungsi diwarah penca silat ku bapana, salila di asuh ku ma Éméh oge dikursuskeun diajar karaté. Jadi dasar-dasar beladiri mah sabenerna geus cukup. Ditambah fisikna beuki alus lantaran diolah di proyék. Jadi kuli beurat, ngaduk, manggul semen, jeung sajabana. Jadi sanajan bégang, tapi awak Udin keker.

Udin ogé ngaWA Isak di Padma.

"Mang, Téangan asal-usul Mamat Kacang"

Teu lila Isak ngabales,

"Ngaran bapana Suparman usahana jual beuli imah, boga pabrik batako. Tapi si Mamat sorangan pangedulan anu sok majegan angkot di terminal Lémbang. Juragan aya masalah jeung manéhna?"

"Enya, tapi kang Bahar rék datang. Aya tugas husus keur mamang" témbal Udin.

"Naon gan?" Isak nanya.

"Bawa bapana si Mamat ka Hasan Sadikin jeung saurang lalaki kolot maké kaca panon kandel di réstoran Sans Co dago. Ulah lila teuing. Ku kuring ditungguan di rumah sakit Hasan Sadikin bangsal A11" ceuk Udin.

"Mangga juragan" témbal Isak.

"Ulah ku mamang, nitah pengawal atawa saha waé. Mamang saurang diréktur, teu pantes nguruskeun masalah siga kieu sacara langsung, jeung mamang mah teu perlu datang ka dieu" ceuk Udin.

"Siap juragan" témbal isak.

Udin ngarérét ka Mamat, terus nyarita,

"Ceuk béja anjeun ukur anak tukang ngajieun batako, tapi kunaon rék coba-coba némbongkeun sihung ka Kuring? Kolot aranjeun duaan ayeuna bakal datang kadieu, ngarah nyaksian kumaha cara kuring ngadidik anak anu bener"

Réngsé Udin ngomong, panto bangsal aya anu najong ti luar, 8 préman asup. Mamat curinghak bungah, buburu méré paréntah ka para préman éta bari nunjuk ka Udin,

"Bantuan Kuring podaran jelema ieu"

"Anjeun boga masalah jeung dulur kuring?" Ceuk préman anu panghareupna muncereng ka Udin.

Udin unggeuk

"Enya, anjeun rék ngabéla?"

Préman mencrong Udin rada asa-asa. Sabab karék ayeuna aya saurang pamuda biasa nyinghareupan 8 préman tapi teu kaciri sieun.

"Timana asal anjeun?" Ceuk préman nanya.

"Bandung imah kuring" témbal Udin.

Préman ngaléngkah ngadekeutan,

"Sebutkeun kahayang panutup anjeun saacan modar"

Udin seuri sinis,

"Kahayang Kuring, aranjeun saupama hayang salamet, deku sarta ménta dihampura ka Kuring ayeuna keneh!"

"Naon?" Ceuk préman molotot.

"Gobang! Deku terus ménta di hampura, piraku teu jelas!" ceuk Bahar anu geus nyampak ngabedega dina lawang panto.

Beungeut préman anu disebut Gobang langsung pias pas ngadéngé sora Bahar tukangeunna. Tapi can wani ngalieuk.

Bahar asup dituturkeun ku Murad jeung 4 préman séjénna. Malah masih aya 4 préman deui diluar.

"Tutup panto terus konci. Ulah Aya nu asup!" Ceuk Bahar ka Murad.

Murad nurut, buburu panto ditutup terus di konci tijero. Bahar ngaléngkah ka hareupeun Gobang bari nukangan Udin. Bahar ukur mencrong beungeut Gobang bari teu nyarita nanaon. Dipencrong kitu ku Bahar bari teu nyarita, Gobang buluar-balieur teu wani nempo beungeut Bahar.

Mamat kerung nempo sikep gobang. Jadi Mamat nanya,

"Kang Gobang, Naha cicing? Saha aki-aki gendut ieu?"

Sakilat siku gobang ngajebrod beungeut Mamat nepi ka Mamat langsung ngajengkang ka tukang bari beungeutna baloboran getih anu kaluar tina irungna.

"Goblog! Sia geus mamawa aing kana masalah ieu" ceuk Gobang ambek ka Mamat.

Bahar ngangkat tuur satarikna Kana bobogaan gobang anu ngakibatkeun Gobang ogé langsung rubuh deku muringis bari dua leungeuna nungkup bobogaana anu seueul.

"Tah kitu deku, ulah hararésé" ceuk kang Bahar.

Saterusna Bahar ngarérét ka Murad,

"Murad! Anu 7 jelema deui titah deku"

Tanpa némbalan Murad langsung nonjokan beuteung 7 préman séjénna anu datang bareng jeung Gobang. Kabéhanana langsung moyongkod deku bari pating puringis euweuh anu wani ngalawan.

"Tah ayeuna kabéh geus deku, saterusna lakukeun anu di pénta ku pa Udin" ceuk Bahar bari ngaléngkah ka gigireun Udin.

Gobang buburu ngarapetkeun dua dampal leungeuna dina luhureun sirah,

"Hampura Kuring pa Udin" diturutan ku préman-préman séjénna.

"Dén, hampura akang telat datang" ceuk Bahar ka Udin bari rengkuh hormat.

Gobang sarta préman-préman séjénna ngarénjag nempo Bahar anu sakitu sopana ka Udin nepi ka nyebut adén. Kabéh beuki sieun.

Mamat sadar dirina keur neunggar cadas. Jadi teu wani deui loba omong, murungkut dijuru bangsal bari nyusutan getih dina beungeutna ku leungeun bajuna. Lili ogé sarua, murungkut émok dijuru bari ngadégdég tungkul.

Nyambung....