Udin can ngadéngé yén diluaran geus sumebar béja Palapa bangkit deui lantaran aya dukungan di Mutiara Sagara. Sabab Udin unggal poé sibuk bulak-balik ti imah ka rumah sakit. Salian kudu nungguan Mardi, kawajiban Udin di imah ogé tetep kudu digawéan. Sedengkeun Lastri, saprak narima duit 1,6 juta geus tara aya di imah, komo daék nolol ka rumah sakit mah. Saolah-olah geus poho kana kawajibanna salaku pamajikan Mardi.
Mémang kaayaan Mardi geus euweuh anu kudu dipikahariwang deui, awakna geus jagjag. Malah tiap aya Udin, pasti duanana langsung maén catur. Atawa dahar babarengan méakeun dahareun anu dipasak sarta dibawa ku Udin ti imah.
Béja ngeunaan cageurna paraplégia Mardi ogé geus sumebar ka saantéro dunya sabagé kaajaiban médis. Ngaran tabib Tiandi beuki kakoncara, malah jadi bahan obrolan para dokter di kabéh nagara.
Loba anu muji ka Indonesia, sabagé nagara berkembang tapi boga ahli médis anu masih ngulik ubar tradisional. Loba ogé wartawan mancanagara anu hayang bisa ngawawancara sacara husus ka Tiandi. Malah aya sababaraha pabrik farmasi anu nawaran kerjasama pikeun bisa mroduksi massal ubarna. Tapi kabéh ditolak ku Tiandi.
Tiandi embung ngamanfaatkeun kaayaan jeung katénaran dirina. Sabab sadar yén sabenerna Udin anu boga jasa, lain dirina. Saperti jangjina ka Udin, Tiandi ayeuna matuh di Bandung, sabab keur Tiandi, cicing sarta babakti ka masarakat Bandung sarua waé jeung mulang tarima ka Udin.
Tiandi muka prakték ngagunakeun ruko anu kungsi di séwa ku Icih saacan pindah ka Wings Star. Di Bandung, Tiandi teu wani kawas di Jakarta deui. Di Jakarta Tiandi ukur daék ngubaran jelema-jelema beunghar sarta ménta bayaran mahal. Tapi di Bandung, kabéh di bébaskeun. Saha waé bisa datang uubar, sarta teu matok bayaran. Tiandi ukur nyadiakeun kéncléng saiklasna anu ditunda dina lawang kaluar klinikna. Otomatis saprak klinikna dibuka, anu uubar langsung ramé. Pasién jul-jol ti mana-mana. Malah aya anu ti luar kota sagala.
Zofia ngadukung pisan kana kaputusan Tiandi. Sabab cicing di Bandung hartina kasempetan Zofia pikeun bisa panggih jeung Udin ogé bakal leuwih gampang.
Saumurna, Zofia anu sapopoéna ukur babantu Akina ngubaran jelema, jarang boga waktu pikeun wawuh jeung lalaki. Sakalina boga kasempetan, dirina langsung kapikat ku Udin. Lamun keur nyaring, anu kabayang Udin. Keur saré, anu kaimpikeun ogé Udin. Sanajan nyaho Udin geus kawin, sarua jeung anu kapikir ku awéwé-awéwé séjénna. Zofia ogé ngarasa masih boga kasempetan pikeun bisa jadi pamajikan Udin, sabab Udin geus dilalaworakeun ku mitohana. Sakali waktu pasti Udin bakal leupas.
Harita wanci geus soré. Udin keur ngaboséh sapédahna ka rumah sakit bari mawa rantang satiir anu eusina rupa-rupa dahareun sarta bungkusan koran anu eusina sababaraha setel pakéan keur salin Mardi. Keur anteng ngaboséh, Udin ditelepon ku Tiandi. Jadi Udin ngarandeg heula di sisi jalan sangkan bisa narima teleponna.
Saenggeus telepon ditarima, kadéngé. Sora Tiandi,
"Guru, kuring ayeuna muka klinik dina ruko anu kungsi diséwa ku ibu Icih. Saumapa anjeun butuh bantuan ti kuring, anjeun bisa nelepon kuring iraha waé"
Udin seuri sugema,
"Alus. Ruko éta geus dibayar sataun ku pamajikan kuring, tapi karék dipaké 3 poé, jadi lumayan tah, sataun anjeun teu kudu mayar séwa"
"Bener pisan, mémang kitu ceuk pamilik rupina ogé. Nuhun guru, hampura kuring geus ngaganggu" témbal Tiandi.
"Teu nanaon, sing betah di Bandung" ceuk Udin terus nutup teleponna.
Isukna Icih geus réngsé mandi, terus dangdan ngamakeup beungeutna. Udin anu karék balik ti rumah sakit nempo Icih keur dangdan bari diuk nyinghareupan kaca, ngarandeg heula. Udin merhatikeun Icih, sabab jarang kaciri Icih ngamakeup beungeutna. Jadi Udin nanya sabab panasaran,
"Nyi. Biasana tara ngarias beungeut, akang asa ngimpi ningalina. Aya naon?"
Icih némbalan bari tetep neuteup kana eunteung,
"Pangurus Ikatan Pengusaha Jawa Barat ngulem abdi. Ieu kasempetan saé kanggé abdi supados tiasa tepang sareng pangusaha-pangusaha Jawa Barat sanésna. Silaturahmi sakantenan ngajalin kerjasami"
"Naha gening bisa kaondang? Pan perusahaan Nyai kakara diresmikeun" Udin nanya deui.
Icih seuri,
"Pan panggagasna Bima Raya, abdi di ulem ku ibu Susi, anjeuna ketuana"
Udin gagaro sirahna. Udin mémang jarang datang ka Bima Raya, jadi loba anu Udin can nyaho. Nyaho Wings Star anu Bima Raya ogé basa rék peresmian kantorna Icih. Sigana Susi ngahaja ngayakeun pertemuan keur ngenalkeun usaha Icih hususna ka pangusaha-pangusaha luar Bandung.
"Kang. Upami akang parantos ibak. Anggé acuk ieu nya, akang kedah nyarengan abdi" ceuk Icih bari nunda setelan jas dina luhur kasur lengkep jeung dasi sarta sapatu kulit anyar.
Udin unggeuk nyatujuan.
Singket carita. Nepi ka anu dituju geus loba jelema. Kawantu Udin mah tara gaul di dunya bisnis, jadi teu wawuh ka sasaha. Béda deui jeung Icih anu saméméhna kungsi jadi diréktur Palapa, loba anu ngucapkeun salam jeung ngajak ngobrol.
Sedengkeun Udin ukur busa cicing gigireun Icih bari rurat-rérét ka sakitar. Panon Udin entreup di sapasang lalaki kolot pendek gendut bari ngagédéng awewe ngora jangkung leutik anu keur nukangan. Pasangan éta sigana pengusaha anu geus kasohor, sabab keur dirariung ku pangusaha sejenna anu keur muji-muji, utamana muji kana kageulisan awéwé anu marenganna.
Tapi beuki lila merhatikeun, Udin karék sadar yén si awéwé anu keur ditempo nyatana Unah. Jadi Udin nanya ka Icih bari curukna nunjuk ka lebah Unah,
"Nyi, Palapa pan geus bangkrut, naha Unah bet aya didieu?"
Icih némbalan,
"Muhun kang, Ema kantos ngawartosan ka abdi. Saurna aya parusahaan anu ngamodalan Palapa, janten ayeuna Palapa parantos jalan deui. Unah anu janten dirékturna"
"Nunda modal di Palapa? Perusahaan mana anu wani nunda modal di Palapa anu boga réputasi goréng sarta teu boga prospék. Pasti aya niat séjén" Gerentes Udin.
Teu lila kadéngé saurang lalaki gigireun Udin ngomong ka pasanganna, curukna nunjuk ka Firman,
"Mah. Itu Firman Kusumah, direktur Mutiara Sagara. Hayu urang sampeurkeun" terus nungtun pamajikanna ngadeukeutan riungan anu keur ngurilingan Firman jeung Unah.
Udin nanya deui ka Icih,
"Nyi. Naon hubungana Firman Kusumah jeung kulawarga Kusumah anjeun, naha masih aya pakait dulur?"
"Abdi teu uninga kang" témbal Icih.
"Asa rada anéh, ningali kaakraban duanana siga euweuh watesan dulur. Leuwih mirip salaki jeung pamajikan" ceuk Udin bari kerung.
"Ulah ngaco ah kang, Firman langkung sepuh ti mang Karsidi, piraku mang Karsidi keresa kagungan minantu ka aki-aki" ceuk Icih.
Sabab Unah jadi pasanganna Firman sarta loba anu muji kana kageulisanna. Sifat sombong unah mimiti kaciri, beungeutna rada tanggah sarta dada dibusungkeun. Sabab pangrasana asa geus jadi ratu.
Saperti anu dijangjikeun ka Unah, ampir ka tiap jelema Firman ngawawuhkeun Unah sabagé direktur anyar Palapa anu dimodalan ku dirina. Sarta Palapa siap ngajalin kerjasama jeung saha waé anu rék invéstasi bareng jeung Firman.
Unah sumanget ngadéngéna, ngan sakilat kartu namana béak dibagi-bagikeun ka satiap jelema. Teu saeutik anu langsung katarik hayang bisa kerjasama jeung Palapa.
Anu aya dina fikiran Unah hayang buburu panggih jeung Icih pikeun némbongkeun yén dirina ogé mampu nyalametkeun Palapa tina kabangkrutan. Jadi Unah mimiti luak-lieuk néangan Icih anu pastina ogé bakal datang.
Ahirna unah bisa nempo Icih anu harita keur ngaréndéng jeung Udin. Unah can ngarasa puas basa nyékék beuheung Icih, jadi ayeuna boga niat hayang ngahina sarta ngawiwirang Icih.
Unah buburu nungtun Firman sangkan ngadeukeutan Icih,
"Kang. Itu wargi abdi anu dicarioskeun ku nini téa sareng carogéna. Hayu urang tepangan"
"Oh. Jadi éta anu dicaritakeun ku anjeun geus ngahina anjeun teh? Anu majar salakina jelema sangsara sarta pangangguran? keun ku akang urang warah" témbal Firman bari nuturkeun Unah.
"Kang. Salira mémang bageur. Abdi percanten akang sanés mung kiat dina ranjang" ceuk Unah bari ngiceupan centil.
Firman seuri,
"Masalah éta mah anjeun ogé sarua. Sumanget lalaki kumaha awéwéna. Lamun awéwéna ukur bisa ngajedog kawas gebog, lalaki ogé moal aya gairah"
Nempo Firman gedé haté pikeun ngabéla dirina. Unah nyekelan pageuh leungeun Firman bari terus leumpang ngadeukeutan Udin jeng Icih. Pamikirna, ieu kasempetan hadé pikeun males kanyerina.
Geus pahareup-hareup, Unah ngomong sinis ka Icih,
"Aéh geuning anjeun. Diréktur Bima Raya mémang teu boga mata. Piraku Diréktur perusahaan leutik anu ngan ukur boga karyawan 2 urang bisa diondang datang kadieu? Ieu saha, supir anjeun?" Ceuk Unah bari ngarérét ka Udin.
Udin kerung,
"Can lila anjeun nyuuh ka kuring ménta dihampura di rumah sakit, sigana nyeri awak anjeun urut dibalangkeun ku kang Bahar ogé can leungit, tapi ayeuna anjeun geus wani ngagogog deui ka kuring"
Beungeut Unah langsung bareureum nahan kaéra jeung ambek,
"Kuring lain Unah anu kamari, kuring ayeuna diréktur Palapa. Ayeuna anjeun anu kudu sujud sarta ménta dihampura ka kuring"
Udin seuri sinis,
"Jelema anu kudu disembah ku kuring iwal kolot kuring, lian ti éta, euweuh!"
"Kamari anjeun bisa ngahina kulawarga Kusumah, ayeuna moal bisa!" ceuk Unah ampir ngajerit, ngajadikeun kabéh jelema ngaérét lalajo.
"Naha? Mémangna saha anu diandelkeun ku anjeun?" Udin nanya.
Unah nunjuk ka Firman anu keur colohok kasima ku kageulisan Icih,
"Din. Ieu direktur Mutiara Sagara, Firman Kusumah. Anjeunna mamang kuring, anak adi aki Wawan Kusumah, anjeunna ogé anu geus ngabantu Palapa sangkan jalan deui, jadi euweuh gunana anjeun sombong didieu. Perusahaan ceu Icih bakal di blokir jeung dihapus ti dunya bisnis. Moal aya anu daék kerjasama"
Terus unah ngarérét ka Icih bari molotot,
"Ceu. Lamun bener anjeun ngarasa hébat pedah boga andelan Bima Raya. Titah Bima Raya pikeun ngancurkeun deui Palapa. Roda muter terus, mimiti poé ieu, giliran Palapa anu bakal naék ka puncak piramida usaha. Perusahaan anjeun ukur jadi rereged anu kudu dimusnahkeun"
Icih seuri ningali sikep Unah, teu merhatikeun ka Firman anu terus melong ka dirina.
"Sanajan kuring sangsara, tapi kuring bisa nangtungkeun usaha ku kadaék kuring sorangan tanpa kudu méménta modal kaditu kadieu. Ayeuna anjeun wani nyombongkeun diri sabab dibantu modal ku batur, bari ukur neruskeun usaha anu saméméhna mémang geus aya. Jadi teu pantes anjeun reueus sanajan geus jadi dirékturna"
Dibalikeun kitu ku Icih bari ngomong tenang euweuh kasieun, Unah beuki ambek.
"Oké. Tunggu tindakan Firman anu bakal ngajieun usaha anjeun tutup deui"
Udin tungkul neuteup ka Firman anu pendék, terus nanya,
"Bener anjeun anu rék jadi béking Palapa? Moal hanjakal?"
Firman anu keur tanggah melong beungeut Icih bari muji-muji kageulisan Icih dina haténa, ngarénjag ditanya ku Udin, jadi teu bisa némbalan sabab fikiranna teu fokus kana naon anu ditanyakeun ku Udin.
Saacan nempo Icih. Firman muji bébéakan kanan kageulisan Unah. Ayeuna nempo beungeut jeung dedegan Icih, lir ibarat nempo inten dina tumpukan keusik. Timbul rasa lebar geus ngaluarkeun duit 150 juta pikeun ngabantu Palapa jeung méré ka Unah. Komo deui saenggeus nyaho sifat asli Unah anu sombong, Firman samasakali teu nyangka.
Nempo Udin, haté Firman panas. Lain pédah dipapanas ku Unah. Tapi panas sabab Udin anu béjana ukur pangangguran jeung teu nyakola tapi bisa meunangkeun Icih.
"Manéh nanya naon bieu?" Ceuk Firman nanya ka Udin.
Udin nepak tarangna,
"Beu! Karunya teuing, keur pendék teh nyatana kurang déngé ogé. Naha kuring kudu tungkul sangkan deukeut kana ceuli anjeun?"
Firman kerung, beungeutna langsung beureum,
"Kuring ngadéngé anjeun kungsi sababaraha kali ngahina Unah. Hal éta kudu dibéréskeun jeung kuring"
"Ulah diengké-engké, béréskeun ayeuna" ceuk Udin nangtang.
Nempo Udin euweuh kasieun ka dirina, Firman ambek, terus nepak dadana bari nyarita,
"Wah. Sigana anjeun can nyaho saha kuring? Kuring Firman Kusumah, diréktur Mutiara Sagara"
"Wah. Anjeun ogé pasti can nyaho saha kuring? Yeuh kuring Udin Subrata, mantan tukang ngaduk di proyék wangunan" ceuk Udin nurutan bari nepak dadana.
Firman muncereng,
"Dasar koplok. Sanajan kuring lain urang Bandung. Tapi anjeun ogé pasti nyaksian, euweuh anu wani campelak ka kuring di dieu salian ti anjeun"
"Sarua. Anjeun oge pasti nempo, di dieu euweuh anu wani deukeut sarta wani nanya ka kuring, sabab di Bandung kuring raja maung. Anjeun jadi naon di lembur anjeun? Bayawak atawa kadal? Sanajan jadi sato naon waé ogé, anjeun kudu ngajauhan maung lamun hayang salamet" témbal Udin molotot.
Firman reuwas nempo panon Udin anu molotot, sarta wani ngucapkeun kalimah anu nyingsieunan dirina. Firman sataker kebek nyobaan nahan amarahna anu geus naék kana tungtung sirah,
"Unah bener, anjeung gedé omong jeung tukang bohong, témbongkeun sihung anjeun ka kuring lamun bener anjeun maung, maung lain ukur bisa ngagaur. Dimata kuring anjeun ukur keuyeup apu"
Saenggeus ngomong ka Udin, Firman nyarita ka Icih bari gumasép,
"Icih. Saumur hirup, karék ayeuna kuring panggih jeung awéwé anu kacida geulisna. Tibatan anjeun mimilu ka lalaki siga kieu, lewih hadé tuturkeun kuring, anjeun bakal panggih jeung kasenangan lahir batin, cukup cicing di imah teu perlu digawé" ceuk firman bari ngarérét ka Unah,
"Contona Unah, kuring geus méré 50 juta. Keur anjeun 100 juta dibayar ayeuna kénéh asal tingalkeun salaki anjeun"
Unah anu ngadéngéna langsung jamedud, teu nyangka Firman bakal ngarayu Icih hareupeun dirina jeung hareupeun Udin
"Dasar buaya, teu gableg kaéra" ceuk Icih bari nampiling pipi Firman.
Tapi Firman teu ambek, Firman malah nyéréngéh,
"Kuring resep ucing bikang anu galak, biasana bakal leuwih galak ditempat saré. Kuring sanggup ngajieun anjeun jadi lindeuk, anjeun bakal nguang-ngéong bari ngaléndéan saenggeus dilindeukkeun ku kuring"
Parat ngomong, peureup Udin geus ngahantem beungeutna. Cukang irungna langsung remuk, getih ngucur tina liang irungna, huntuna ogé punglak dua sarta biwirna langsung jeding.
Jelema anu pada nyaksian jelas reuwas, saurang pamuda wani nonjok beungeut bos Mutiara Sagara. Tapi euweuh nu wani ngabéla, sabab sararéa oge nyaho jeung ngadéngé, Firman anu ngamimitian ngajieun kaributan.
Firman ngadayagdag ngagubrag nangkarak, sirahna tidagor kana ubin,
"Bangsat, sia wani neungeul aing!" Ceuk Firman bari usey-useyan hayang hudang, kawantu awakna lintuh jadi teu bisa ngoréjat sakaligus, leungeuna rumpa rampa ka gigir néangan pamuntangan.
"Lain saukur neunggeul, kuring rék ngajauhkeun anjeun ti awéwé mana waé" ceuk Udin nyampeurkeun bari nincak tarang baga Firman.
Firman pias, sabab disangkana Udin bakal ngajejekan bobogaanna nepi ka ancur. Lantaran moal sanggup ngalawan Udin sorangan, Firman ngalengis,
"Ampun, ulah dijejek, lamun anjeun butuh duit, sabaraha sebutkeun"
"Naha karék sageprakan geus ngomong ampun siah? Ongkoh jago?" Ceuk Udin.
Firman wani ngahina lantaran teu nyangka Udin bakal bener-bener wani nonjok. Dirina lain ahli silat, ukur bisa ngandelkeun harta jeung kakawasaan, disangkana Udin bakal sérab ku pamor dirina,
"Kuring ngaku salah, Kuring anu ngamimitian, hampura" ceuk Firman ngalengis.
Anu kapikir ku Firman, kumaha carana bisa leupas ti Udin sarta bisa indit ti tempat éta, terus mayar jelema pikeun maéhan Udin.
Udin kawas ucing anu keur nincak beurit. Panonna seukeut mencrong ka Firman,
"Oké, ku kuring dihampura. Anjeun mémang can pantes paéh ku leungeun kuring. Tapi anjeun kudu ménta dihampura ka pamajikan kuring anu geus dihina ku anjeun bieu, létakan sapatuna ku létah anjeun"
Firman teu bisa narima paréntah ti Udin. Piraku saurang diréktur Mutiara Sagara kudu daék ngalétakan sapatu awéwé bari dilalajoanan ku jelema loba. Harga dirina pasti bakal langsung rungkad. Tapi suku Udin masih nincak tarang bagana, sakali dijejekkeun, bobogaana pasti bakal langsung aduy.
Firman teu nyaho, sanajan ukur nincak, tapi sabenerna aya énérgi spiritual anu keur disalurkeun ku Udin ngaliwatan sukuna. Persis kawas anu dilakukeunna pikeun ngawarah Dudung. Udin keur ngaleungitkeun kamampuan kalalakian Firman. Sabab teu lila kaciri calana Firman mulai jemblong, terus ciompol mulai maseuhan ubin tanpa karasaeun ku Firman yén dirina keur ngompol. Firman ukur ngarasakeun haneut, sabab calanana baséh padahal euweuh anu nyicikeun cai kana calanana. Teu nyahoeun lamun klep tina bobogaanna sorangan geus dol.
Saenggeus réngsé, Udin buburu ngangkat sukuna pura-pura geuleuh,
"Bagong téh. Kolot-kolot ngompol, bauna meni pengar kieu. Nyaho teu sapatu kueing anyar kénéh? Kakara dipangmeulikeun ku pamajikan, ayeuna malah diompolan ku manéh"
Nyambung...