Panggih jeung Wa Asép

Imah gedong sigrong anu leuwih mirip villa milik kulawarga Wawan Kusuma, peuting harita caraang kénéh tur masih loba jelema anu keur ngarumpul ngariung di rohangan tengah. Katémbong Rukmini diuk dina korsi panjang bari masih kénéh ngagukguk ceurik dirariung ku anak, minantu jeung incu-incuna.

"Ni, ulah diemutan waé, aki ayeuna patantos tenang dialam kubur. Anggur mah du'akeun supados amal ibadahna ditampi kumantena" ceuk Icih anu diuk gigireuna bari ngusapan tonggong Rukmini

"Muhun Ni, sadaya jalmi bakal pendak sareng anu namina maot, sabab yuswa anging milik Allah, upami Allah nakdirkeun hiji jalmi kedah maot, urang teu tiasa nolak sumawona ngahalang-halang" ceuk Unah anu andéprok émok hareupeuna bari ngusapan leungeun Rukmini.

Rukmini buru-buru yusut cipanonna ku saputangan, terus ngarérét ka dua incuna anu bieu nyarita bari maksakeun seuri. Haténa ngarasa bagja boga incu anu gareulis tur saroléh, nyoba ngupahan ka dirina sanajan kabéh ogé sarua keur pada-pada sedih.

Celengkeung kadéngé sora Udin nyarita “Ni, tiasa abdi nambut artos sajuta? indung kukut abdi ayeuna nuju diopname di rumah sakit, peryogi pisan artos kanggé biaya operasi"

Kontan kabeh kulawarga Kusuma reuwas sarta kompak ngarérét ka Udin bari molotot asa teu percaya ku dédéngéanna. Dina kaayaan kitu Udin wani balaka nginjeum duit sajuta. Asa ku kacida.

Saha atuh ari Udin?

Sataun katukang basa Wawan Kusuma jumeneng kénéh, teuing timana asalna mawa Udin ka imah jeung keukeuh maksa ngawinkeun salah sahiji incu awéwéna nyaéta Icih ka Udin. Cenah mah Udin téh budak yatim piatu jeung teu puguh padumukanna. Jadi dina acara kawin ogé boro-boro mawa pakaya. Biaya kawin, hajat tur ipekah ogé kabéh ditangkes ku Wawan Kusuma.

Teu lila ti bérés ngawinkeun, Wawan Kusuma gering stroke parna salila 11 bulan nepi ka maotna jam 10 tadi beurang tur karék bérés dikurebkeun bieu saméméh maghrib.

Ti saprak bérés kawin tepi ka harita, ayana Udin di Imah éta geus teu dipikaresep kusararéa, hiji-hijina anu tara némbongkeun kaceuceubna iwal ti Icih anu geus jadi pamajikan Udin. Ngan Udin sok haré-haré, tara kasinggung sanajan pada ngahina.

Ma Éméh, indung kukutna Udin, boga panyakit batu ginjel jeung kudu buru-buru dioperasi anu ngabutuhkeun biaya gedé. Udin bener-bener teu boga pilihan séjén da puguh teu boga dulur atawa baraya, iwal ti ngawanikeun karep nginjeum ka nini pamajikanna anu beunghar nyaéta Rukmini.

Udin teu ngarasa salah bieu nyarita kitu, sanajan apal kulawarga Kusumah keur kapapaitan. Pamikirna, anu maot mah nya maot, geus dikurebkeun jaba tamu geus baralik jeung anu maot mah da moal bisa dihirupkeun deui sanajan diceungceurikan tepi ka isuk ogé. Justru anu kudu dipentingkeun mah nulungan nu hirup ulah tepi ka maot, satungtung masih aya jalan pikeun disalametkeun.

Tapi teu disangka, harita Rukmini ambek, nangtung bari ngajéwang asbak porselén dina méja tuluy dibabétkeun ka handap tepi ka asbak teh peupeus, beling mancawura ngalayah dihareupeun Udin anu keur diuk sila.

"Maksud sia naon? Hayang neuleu aing modar lantaran rudet ku sia? Teu neuleu kaayaan siah!"

Bari curukna bentik tutunjuk kana beungeut Udin.

Icih buburu andéprok gigireun Rukmini bari tanggah muntang kana suku Rukmini,

"Hapunten salaki abdi ni" bari tuluy metot leungeun Udin sangkan indit ngajauhan tina riungan.

Nempo kitu Unah milu ngomong,

"Ulah dibéla waé téh, lelepkeun ka balong gableg salaki modél kitu mah. Tingali yeuh pisalakieun kuring titadi teu loba carita sabab apal kaayaan, moal ngajieun codéka sumawona wani nginjeum duit ka nini kawas salaki teteh" kituna téh bari ngaléndéan leungeun pamuda anu nangtung gigireunna.

“Bener euy, hirup saukur numpang didieu tapi teu ngaragangan ka anu dicicingan, ngérakeun pisan" ceuk si pamuda, omonganna ditujukeun ka Udin anu harita geus dariuk jeung Icih dina korsi séjén anu rada nenggang ti dinya.

Pamuda anu dimaksud ngarana Ibro, anak cikal juragan Salman anu kawéntar beunghar. Sanajan Ibro tunangan Unah, tapi dina haténa mah bogoh ka icih. Matak wajar lamun omonganana rada sinis ka Udin. Kageulisan Icih mémang lir ibarat widadari, kabéh lalaki euweuh anu teu kapincut ku kageulisan Icih, kaasup ibro. Tapi sabab Icih lewih milih kawin ka Udin, jelas hal ieu ngajadikeun Ibro jadi ceuceub pisan ka Udin. Sakur anu aya didinya ampir kabéh milu ngomong ngoméntaran sarta ngejejeléh ka Udin

"Runtah model kieu teu pantes ngajedog dilingkungan kulawarga Kusuma, hadéna mah mending di usir ku sararéa" ceuk Isah, indungna Unah.

"Bener, ukur ngarurujit euweuh guna” ceuk Karsidi, bapana Unah.

"Moal salah, nginjeum duit keur indung kukut ukur akal bulus, pasti rék dipaké poya-poya ku sorangan sabab aki geus euweuh, moal aya deui anu méréan deui duit" ceuk Dudung, lanceukna Unah.

Ukur Mardi Jeung Lastri, mitoha Udin, anu teu pipilueun nyarita. Lamun lain demi keur ngobatan indung kukutna, Udin ogé geus hayang gera-gera ingkah ti imah éta anu pinuh ku kaméwahan palsu. Tapi Udin ras ingeti kana papatah almarhum bapana basa dirina keur leutik keneh yén kahirupan téh mémang peurih, kudu tetep handap asor sopan ka sasama, ulah ambek sanajan kudu ceurik cimata getih alatan ukur dihina ku batur. Ulah asa aing lamun panggih jeung ka bungah sarta loba anu muji. Matak Udin nyoba nguat-nguat manéh pikeun nyarita deui.

“Ni, harta nini titinggal ti aki. Éta sadayana mung titipan Allah, artos sajuta kanggé nulung nyawa jalmi pahalana ageung pisan, komo deui aki nembé ngantunkeun, pahalana bakal dugi ka aki, ngabantos ngaringankeun dosa-dosa aki" ceuk Udin ngomong lalaunan bari melong ka Rukmini.

“Udin! Sia ulah coba-coba ngahotbahan nini aing. Didieu lain sia anu mutuskeun. Jeung deui naon hubunganna Nini aing maké jeung kudu nulungan indung kukut sia. Sanajan manéh anu nginjeum, tapi mikir teu, rék ku naon manéh ngagantian?" Ceuk Dudung bari hohoak tipopolotot ka Udin anu ngeluk tungkul.

Dudung jeung Unah mémang geus lila nyimpen dendam ka Udin, sabab saprak aya Udin, kanyaah akina lewih gedé ka Udin tibatan ka maranéhna anu jelas-jelas incu pituin. Matak ayeuna asa manggih jalan pikeun ngedalkeun kakeuheul haténa.

Icih anu diuk gigireun Udin nyarita ka Rukmini bari sorana ngadarégdég,

"Ni, ti yuswa dalapan taun kang Udin dikantunkeun maot ku ibu ramana. Ma Éméh anu ngarawat anjeuna dugi ka déwasa, wajar upami kang Udin kacida nyaah tur nganggap sepuh nyalira ka Ma Éméh, bantos atuh ni"

Bari kekerot ambek Rukmini némbalan, panona mencrong molotot ka icih,

“Sok ku Nini dibéré sajuta keur si Udin ayeuna kénéh, teu kudu nginjeum. Tapi manéh kudu pipisahan jeung si Udin, terus tarima lamaran si Iyus, daék?"

Iyus anu dimaksud ku Rukmini nyaéta duda beunghar anu kabeungharana leuwih punjul ti kulawarga Kusuma. Iyus geus lila naksir ka Icih, malah kungsi wakca ka Rukmini moal kawin deui lamun lain ka Icih, bakal sabar nungguan Icih nepi ka rarandaan.

Kulutrak panto hareup muka, saurang badéga kulawarga Kusumah asup dituturkeun ku saurang supir pribadi maké pakéan safari biru bari nanggeuy bukét kembang eros kelir bodas nandakeun tanda duka cita, duanana manggut ka sakabéh jelema nu aya di imah terus nyolongkrong nyampeurkeun ka Rukmini bari rengkuh hormat.

"Bu, ieu supirna juragan Iyus, saurna aya nu kedah didugikeun" ceuk badéga terus mundur dua léngkah.

Srog si supir maju,

"muhun, abdi kaamanatan ieu ti dunungan, kedah didugikeun langsung ka ibu" ceuk si supir bari nyodorkeun bukét jeung amplop coklat.

Rukmini narima buket jeung amplop tina leungeun supir bari seuri marahmay,

"ditarima ku ibu, haturnuhun kituh" cenah teu basa-basi deui.

Leos badéga jeung supir pamit, kaluar deui ti imah. Saenggeus duanana kaluar, Rukmini ngarérét bukét anu aya dina leungeun katuhuna bari maca kartu ucapan dukacita anu napel dina pita bukét, atra aya ngaran Iyus Saputra. Biwir Rukmini katémbong imut tuluy bukét ditunda dina méja. Rét kana amplop coklat dina leungeun kéncana bari ditimang-timang bubuhan kandel jeung beurat. Saha waé ogé pasti geus bisa nebak yén eusina pasti duit gepokan, kitu deui Rukmini.

Amplop disoéhkeun, goréhél sagepok duit keretas anyar warna biru anu masih kénéh dibeulit ku pita bank,

"lima juta!" Pokna nyorowok tarik siga anu ngahajakeun sangkan kadéngé ku sararéa. Kaasup ku Udin jeung Icih anu diukna nengang.

"Tah tempo ku maranéh, si Iyus lain dulur lain baraya tapi bageurna kacida, teu lebar méré duit anu sakieu lobana, komo deui enggké lamun geus jadi kulawarga urang. Teu kawas si Udin anu ukur jadi beban sararéa" ceuk Rukmini bari ngadilak ka Icih,

"Kumaha cih, daék kawin ka si Iyus?"

Icih gogodeg,

"Ni, abdi kagungan carogé. Moal dugi ka téga nyuhunkeun dipirak ku kang Udin sanaos dibibita ku banda sakumaha waé ogé. Sarengna deui pan ieu téh masih dina suasana berkabung, teu sakedahna nini ngabahas nu kararieu, isin atuh upami kadangu ku jalmi luar ti kulawarga urang" bari ngarérét ka Ibro ku juru panona. Da mémang ukur Ibro anu masih kasebut batur sanajan geus tunangan jeung Unah ogé.

"Lamun keukeuh boga pamadegan siga kitu, kaluar tidieu ayeuna kénéh, bawa salaki manéh, aing geus teu hayang nénjo deui beungeutna" ceuk Rukmini bari nunjuk kana panto hareup.

Ngedéngé omongan Rukmini kitu, Udin nangtung, haténa nyeri kacida, terus nyarita ka Icih,

"Nyi, akang rék ka rumah sakit, rék nempo Ma Éméh" saterusna Udin nangtung ngagedig nuju kana lawang panto.

"Abdi ngiring kang" ceuk Icih ngudag.

Nempo Udin jeung Icih ngaraléos, beungeut Rukmini beuki euceuy sabab amarahna beuki naék,

"Naha ukur duaan? sakalian tah gubug kolot maranéh. Montong ngajaredog deui di dieu!"

Icih reuwas sabab teu nyangka ninina bakal nyarita kitu. Icih ngarandeg dina lawang panto. Udin anu geus diluar balik deui nyampeurkeun ka Icih,

"Nyi, ieu geus peuting, hadéna nyai mah tetep cicing didieu, ulah melang ka akang" ceuk Udin bari terus malik terus ngagedig deui.

Ibro nyakakak di tukangeun icih,

"Tah, hadé kénéh kitu siah, jig mantog sing jauh jadi galandangan. Tah ku aing dibekelan 10 rébu keur sakalieun meuli sangu, bisi sia kalaparan" kituna téh bari belewer maledogkeun duit 10 rébu nu geus dipintel-pintel saméméhna kana tonggong udin anu kakara tepi kana lawang panto.

Nempo kajadian éta kabéh pating cakakak. Kecuali kolotna icih, nyaéta Mardi jeung Lastri. Icih lumpat ka rohangan tengah deui ngagabrug ceurik ka indungna. Sedengkeun Udin ngarandeg dina lawang panto hareup bari kumerot, tapi teu malik, duit anu murag deukeut sukuna ku Udin dipulung terus disakuan. Udin ngaléngkah deui nuju ka sisi jalan gedé ngaliwatan pakarangan lega jeung gerbang villa Kusumah anu lawangna geus dipangmukakeun ku centéng anu ngajaga di pos hareup. Saenggeus tepi ka sisi jalan Udin nyegat angkot anu nuju ka rumah sakit.

Tepi ka tujuan, turun tina angkot Udin mayar ku duit 10 rébu tadi bari teu nungguan dipulangan. Udin rusuh ngagedig satengah lumpat asup ka lobi rumah sakit langsung nuju ka rohangan administrasi rék ménta karinganan sangkan dibéré waktu deui 2 poé pikeun ngalunasan biaya keur operasi ma Éméh. Admin rumah sakit méré nyaho yén Ma Éméh geus dikirim tadi soré ka Rumah Sakit gedé di Jakarta.

Udin colohok, terus nanya,

"Sabaraha biayana? Kuring janji 2 poé deui dilunasan"

Admin seuri terus ngajelaskeun,

"Biaya operasi di Jakarta kedah naroskeun ka rumah sakit anu bersangkutan sareng kedah diberéskeun di ditu. Mung kanggé biaya perawatan didieu sadayana 3 juta, tos kalebet landong. Nanging 2 juta tos dibayar, kantun sajuta deui"

"Saha nu mayar?" Udin panasaran.

Admin nunjuk ku jempol leungeuna ka hiji lalaki umur 60 taun anu nangtung teu jauh di tukangeun Udin. Udin ngarérét ka tukang, terus nempo saurang lalaki kolot tapi katémbongna masih séhat jeung gagah kénéh, maké jas hideung lengkap jeung dasinya.

Si lalaki manggut jero ka Udin,

"Dén, salami 12 taun uwa diutus ku aki Adén kanggé nalungtik sareng milarian dimana ayana Adén. Ahirna uwa tiasa ningal deui Adén didieu dina kaayaan séhat"

Udin kerung, sabab asa-asa apal kana beubeungeutna,

"Anjeun uwa Asép?" Udin nanya.

"Muhun dén, Alhamdulillah Adén masih émut kénéh ka uwa" témbal Asép bari paromanana atoh, terus ngabongkokkeun awakna méré hormat.

"Pasti inget atuh wa, kabéh anggota kulawarga Subrata katut jongos, kacung, centéng sarta jelema-jelema kapercayaanna kabéh kuring masih inget. Malah anjeun pisan anu harita maksa bapa jeung Indung kuring sangkan buburu lunta ti Jakarta alatan paréntah ti Aki. Anu antukna kolot kuring katut kuring katalagsara salila sataun di dieu, tepi ka kolot kuring duanana maot dina hiji kacilakaan mobil, ningalkeun kuring sorangan jadi yatim piatu dina umur anu masih keneh 8 taun. Ayeuna rék naon uwa néangan kuring?" Cek Udin nanya bari teu karasa cipanonna ngalembéréh mapay pipina sabab jadi inget deui kana pangalamanna anu pait.

Asép sedih ngadéngéna, ngeluk tungkul bari ngaragap dadana sorangan anu nyeri lantaran milu ngarasakeun pait jeung getirna kasangsaraan anu kaalaman ku Udin salila ieu. Terus Asép nyarita,

"Ngadangu Ibu Rama Adén pupus, Juragan Agus ogé sami sedih. Anjeunna lajeng ngutus uwa milarian salira. Nanging mangtaun-taun dipilari salira teu kapendak waé. Juragan Agus hoyong pisan Adén énggal uwih deui ka Jakarta, kempel sareng kulawarga Subrata anu sanésna, hayu dén, ngiring sareng uwa"

"Moal wa, Kuring geus teu hayang nempo deui beungeut Aki jeung dulur-dulur Kuring" ceuk Udin teges.

"Adén bendu ka juragan Agus?" Wa Asép nanya.

"Nya heueuh, kuring mangnyeri hatékeun ku nasib kolot kuring, nyeri haté kuring moal bisa diubaran, lain ukur ambek, tapi dendam" ceuk Udin bari gék diuk dina bangku tunggu anu aya didinya.

Asép unggeuk,

"Juragan Agus ogé tos nyangki, Adén pasti moal keresa uwih, sareng pasti bakal nyimpen dendam dina manah. Anjeunna ngaraos hanjakal tur sedih anu teu aya papadana, sarta hoyong males kana kalepatanna kapungkur"

Sakedapan wa Asép ngarenghap panjang, gék diuk gigireun udin terus nyarita deui,

"Juragan Agus ogé uninga pasti salami ieu kahirupan Adén sésah, kukituna anjeunna hoyong masihkeun perusahaan cabang anu Aya di Bandung nyaéta Bima Raya Grup sangkan dikelola murni ku Adén, dipimilik ku Adén, tanpa campur tangan ti kulawarga Subrata. Teras ieu kartu ATM bank, PINna kaping ulang taun Adén nyalira. Mangga tampi" ceuk wa Asép bari ngasongkeun kartu ATM.

"Moal Wa, Kuring teu butuh" Udin gogodeg nolak kartu anu disodorkeun ka dirina.

"Nanging pan Adén nuju peryogi pisan artos kanggé ngalunasan biaya rumah sakit anu sajuta deui" ceuk Wa Asép maksa sangkan kartu ditarima ku Udin.

Haté Udin tagiwur antara narima jeung nolak. Tapi mémang bener, dirina keur butuh pisan duit. Nya ahirna kartu ATM téh ditarima,

"Sabaraha eusina dina ieu kartu?"

"100 miliar dén" témbal Wa Asép.

"Saratus miliar?" Udin colohok.

Udin nyaho kulawarga Subrata mémang beunghar, tapi harita Udin leutik kénéh, jadi can ngarti nilai duit. Kadieunakeun udin nyaho boh tina berita koran atawa tayangan TV, yén Akina salahsahiji konglomerat kelas atas kadua sa Indonésia. Banda milik kulawarga Subrata ditaksir triliunan. Jadi ukur 100 miliar anu dibikeun ka Udin ayeuna mah masih kawilang leutik.

Jujur, haté leutik Udin sabenerna ngarasa kagagas, bagja yén Akina masih neundeun perhatian jeung kanyaah ka dirina. Tapi ras inget kumaha idung bapana nemaham pati, jelas ieu kasalaha Akina anu teu bisa dihampura.

Nempo Udin ngahuleng bingung. Wa Asép nyarita,

"Dén, Rama salira salah sawios ahliwaris kulawarga Subrata, janten ulah kagungan émutan yén artos éta langsung ti juragan Agus, anggap éta artos titinggal ibu Rama Adén, Adén kagungan hak nampi"

Nyambung....