Wawuh jeung Susi

Asép masih ngajelaskeun,

"Juragan Agus ogé nyebatkeun. Upami Adén keresa nepangan anjeuna sareng ngaku Aki tur keresa ngahapunten kana kalepatanna. Juragan Agus jangji bakal masihan deui 3 triliun. Nanging upami henteu, artos ieu sareng Bima Raya Grup tetep milik Adén. Teras hiji deui, Bima Raya Grup nilai asétna 100 milyar, sadaya berkas kepemilikan tos diurus ka atas nami Adén. Janten ti danget ieu sareng salajengna 100% saham Bima Raya mutlak tos milik Adén. Adén kedah sumping ka kantor Bima Raya dinten énjing kanggé nanda tawis serat kapamilikan sakantenan serah terima"

Udin ngarahuh, terus ngeluk tungkul bagi gogodeg, sabab asa ngimpi. Udin teu yakin bakal bisa ngelola Bima Raya, perusahaan anu sakitu gedéna lantaran Udin lain pengusaha sarta pendidikanna ogé teu luhur. 100 milyar dina kartu ditambah 100 milyar mangrupa perusahaan. Jelas nilai anu kalintang gedéna keur Udin.

Sanajan di Bandung ogé loba pengusaha suksés jeung perusahaan gedé séjénna. Tapi keur urang Bandung geus pada nyaho yén Bima Raya Grup anu pangbadagna. Bisnisna hampir kana sagala widang. Euweuh anu bisa nyaingan. Malah bisa disebutkeun kabéh perusahaan leutik di Bandung gumantung ka Bima Raya.

Pon Kitu deui perusahaan kulawarga Kusumah, perusahaan bapana Ibro jeung perusahaan kulawarga Saputra anu geus ngahina Udin peuting ieu. Kabéh ukur sataikukueun Bima Raya. Udin teu nyangka Bima Raya geus jadi milikna ti mimiti peuting ieu.

Asép mikeun kartu nama,

"Dén, ieu kartu nami uwa, didinya aya nomer telepon uwa. Mangga ku Adén émutan heula, badé atanapi henteuna nepangan juragan Agus di Jakarta. Adén kedah masihan uninga ka uwa. Ulah hilap énjing kénéh Adén sumping ka Bima Raya. Kartu ATM anu aya di Adén multifungsi, tiasa tarik tunai, gésék, balanja online atanapi aplikasi babayar anu sanésna. Sareng ieu HP, ngahaja disiapkeun kangge Adén, kantun nganggo" pokna bari ngaluarkeun dus iPhone X tina saku jero jasna terus dibikeun ka Udin. Saterusna saenggeus kabéh barang ditarima ku Udin. Asép pamit terus indit kaluar ti rumah sakit tanpa nungguan Udin ngucapkeun nanaon deui.

Udin masih bingung siga anu linglung. Haténa galécok nanya ka dirina sorangan. Naha kudu nepungan Akina atawa tetep kana pamadeganna? Tapi ras inget kana 13 taun pangalaman hirupna anu pait. Haté Udin nyelekit nyeri. Harita bapana ditundung ku kulawarga Subrata. Udin anu umurna kakara 7 taun dibawa ku kolotna asruk-asrukan di Bandung pikeun ngamimitian kahirupan anyar sabagé jelema biasa. Karék sataun di Bandung, Udin geus ditingalkeun maot ku kolotna, tuluy dipulung anak ku Ma Éméh. Di didik, di sakolakeun salila 9 taun.

Di umur 17 taun geus digawé jadi kuli ladén tukang ngaduk di proyék perumahan pingpinan Wawan Kusumah. Salila 4 taun digawé, Udin saré dibédéng bari dahar ukur saayana. Saminggu sakali balik ka Ma Éméh nyetorkeun kabéh duit gajihna sésa dahar. Nepi ka ahirna dibawa balik ku Wawan Kusumah sarta dikawinkeun ka incuna, nyaéta Icih kusumah.

Anu antukna jadi bahan hinaan kulawarga Kusumah nepi ka kiwari.

Ahirna Udin buleud tekad, tetep kana pamadeganana. Moal nepungan akina di Jakarta. Udin ahirna cengkat terus nyampeurkeun ka lokét kasir di bagian administrasi anu mémang buka 24 jam.

"Abdi Badé ngalunasan biaya pasién atas nami Éméh anu kirang sajuta deui" bari nyodorkeun kartu bank ti Asép bieu.

Prosésna teu lila, ukur ngagésékeun kartu, ngaasupkeun pin, transaksi berhasil. Udin Kakara ayeuna ngalaman babayar ku cara kitu. Jadi haténa ngagerentes,

"Naha bener kuring ayeuna geus jadi miliarder? Meni asa babari ngaluarkeun duit sajuta téh"

Udin teu buburu balik, tapi diuk heula dina bangku anu tadi. Muka dus iPhone langsung dihirupan. Bener wé HP téh geus kari maké, pulsa loba, internét aktif, batré pol, rupa-rupa aplikasi geus aya. Harga HP pasti 7 jutaan, jauh mela-melu Jeung hapé Nokia 3315 milikna anu ukur 300 rébuan anu salila ieu dipaké. Ngan dina daftar kontak iPhone ukur aya nomer jeung ngaran Akina hungkul, nyaéta Agus Subrata. Ahirna Ku Udin ditambahkeun nomer Asép disalin tina kartu nama anu ditarimana bieu.

Tuluy Udin muka aplikasi gokar, mesen mobil keur nganteurkeun dirina balik ka imah mitohana di Sétrasari. Sabab udin yakin saenggeus di usir tadi ku rukmini. Mitoha jeung pamajikanna geus moal aya deui di imah Kulawarga Kusumah anu aya di Hégarmanah. Pesenan dibayar maké gopay jadi Udin kari nungguan dijemput, teu kudu mayar deui ku duit kontan.

Mitoha Udin mémang geus misah imah, paméré Wawan Kusumah sawaktu masih jumeneng tur jagjag kénéh. Sanajan teu saméwah Vila Kulawarga Kusumah, tapi geus leuwih ti cukup keur dicicingan ku 4 urang mah. Harita geus ampir jam 1 peuting, tapi Mardi, Lastri Jeung Icih can salaré. Tiluanana masih ngarobrol kénéh.

Udin teu buburu asup muka panto, sabab kadéngé Lastri keur nyarékan Icih,

"Gara-gara kalakuan salaki manéh tadi, kulawarga urang wirang dihareupeun jelema loba. Mun manéh teu buburu ménta cerai. Manéh pasti dipecat ku Nini manéh ti Palapa".

"Wios. Abdi badé milarian padamelan ma" témbal Icih.

Lastri muncereng,

"Masih tetep rék béla ka si Udin? Naon héséna kari ménta ceréi terus kawin ka si Iyus. Meureun kulawarga urang teh moal balangsak-balangsak teuing kawas ayeuna"

Mardi milu nyarita,

"Heueuh, Aya 3 kauntungan lamun manéh kawin ka si Iyus, darajat kulawarga urang bakal kaangkat, kahayang Nini manéh katedunan, manéh oge salamet bisa tetep digawé di Palapa, sok gera pikirkeun" pokna bari nangtung, terus ngaléos asup ka kamarna.

"Pokona abdi moal nyuhunkeun cerei, titik" ceuk Icih keukeuh.

"Dasar budak belegug"

ceuk Lastri bari ngadegungkeun sirah Icih.

Udin anu masih kénéh diluar ngarénghap jero tuluy ngarahuh. Salian Icih, kabéh Kulawarga Kusumah mémang nyapélékeun dirina. Can aya anu nyaho yén Udin ayeuna geus jadi bos Bima Raya sarta ngabogaan duit kontan 100 milyar dina kartu ATM. Mun seug arapaleun, pamohalan wani ngomong siga kitu ka Icih.

Tapi Udin can siap pikeun ngabolékérkeun indéntitasna. Nu jadi sabab, yaéta ku geus lilana hubungan duduluran antara Udin jeung kulawarga Subrata kaputus. Udin can nyaho bakal kumaha saterusna. Bisa jadi paméréna ieu ukur pangoloan sangkan udin daék balik deui ka Jakarta, kulantaran tadi Udin mutuskeun nolak balik, teu mustahil isuk atawa pagéto Bima Raya bakal dicokot deui ku Akina. Jadi euweuh untungna kudu pamér ayeuna, lewih hadé hirup siga biasa heula.

Kulutrak Udin muka panto tuluy asup lalaunan bari tungkul

"Bu, hapunten wengi ieu abdi tos ngadamel masalah anu ngisinkeun kulawarga"

Lastri langsung muncereng,

"Sia mémang biang kérok masalah, ampir mutuskeun rejeki kulawarga. Kahirupan urang masih kénéh gumantung ka Palapa, éta sarua waé jeung sia rék modaran sararéa"

Icih buburu némpas omongan indungna,

"Ma, kang Udin nembé mulih, jabi pan nembé kadangu anjeuna nganken lepat sareng tos nyuhunkeun dihapunten. Disanés-sanés ogé kang udin téh minantu ema"

"Sok wé béla terus, aing teu sudi gableg minantu kawas kitu. Lewih hadé mantog sing jauh" kituna téh Lastri bari indit ngajéngkat ka kamarna nuturkeun Mardi nu geus leuwih tiheula asup.

Icih buburu metot leungeun Udin ka kamar,

"hayu kang, urang istirahat"

Udin ukur unggeuk bari nuturkeun Icih ka kamar terus nutupkeun panto. Sanajan geus ngarumahtangga salila sataun, tapi Udin jeung Icih can ngalaman saré sagebrug. Matak harita ogé Icih mah langsung naék kana ranjangna sedengkeun Udin mah ngampar samak heula terus duanana ngagoler.

Anu jadi alesan pangna masih misah saré nyaéta, harita duanana karék panggih jeung can ngalaman bobogohan. Kawin ogé lantaran dipaksa ku Wawan Kusumah, jaba basa dikawinkeun status Icih masih kuliah seméster ahir. Bérés di wisuda Icih hayang fokus heula kana karir, babantu diperusahaan Akina nyaéta Palapa. Impianna hayang boga heula Imah sorangan, kakara mikiran katurunan. Tah masalah ieu geus mufakat jeung Udin sarta geus jadi rusiah duaan, nu séjén mah teu nyarahoeun.

Duanana teu buburu saré, sabab masih ngabayangkeun kajadian peuting ieu. Icih nanya,

"Kang. Kumaha kaayaan ma Éméh. Abdi kagungan 100 rébu, bilih badé dianggo mah mangga" Ceuk Icih bari nyangigir nempo ka Udin anu ngagolér dihandap gigireun ranjangna.

"Geus dilunasan ku batur, jaba ceuk perawat cenah geus dibawa ka Jakarta, rék dioperasi di Jakarta" témbal Udin bari mencrong lalangit kamar.

"Baruk! Naha bet tiasa dibayar ku batur. Akang uninga saha jalmina?" Icih kerung.

Udin gogodeg,

"Nyéta henteu, tapi da ma Éméh mah salila hirupna gedé amal. Loba budak katalagsara anu kungsi dirawatan. Lain ngan ukur akang hungkul. Matak wajar lamun aya anu mulang tarima"

Icih ngarénghap reugreug,

"Alhamdulillah atuh upami kitu mah, abdi ngaraos reugreug. Akang ogé kedah reugreug. Ulah seueur émutan deui"

"Enya" témbal Udin.

"Abdi badé bobo tipayun kang, ampir sataun ti kawit aki stroke, perusahaan seueur masalah, janten énjing pasti abdi sibuk pisan, margi seueur lereskeuneun" Ceuk Icih.

"Na aya naon Kitu nyi?" Udin panasaran.

Icih ngajelaskeun,

"Pemasukan kas Palapa teu patos lancar, Nini maksa abdi supados ngiringan proyék anu diténderkeun ku Bima Raya. Nanging abdi pésimis, Palapa tangtos moal kiat mayunan kompetiterna"

"Na ari kitu salila ieu Palapa can kungsi kerjasama jeung Bima Raya?" Udin kerung.

Icih seuri,

"Ah akang mah. bujeng-bujeng Palapa. Sok sanaos perusahaan tunanganna Unah atanapi perusahaanna Iyus anu langkung ageung ti Palapa ogé. Paling ukur tiasa ngesub"

Udin ogé nyenghél seuri maur,

"Maklum atuh nyi, akang mah SMA ogé teu tamat, jadi teu pati ngarti kana urusan anu kararitu"

Udin ngahuleng, sabab nyatana Bima Raya rék muka ténder. Mikiran hal éta, Udin mangkarunyakeun ka Icih sarta boga tékad hayang ngabantu. Da di lain-lain ogé icih pamajikan sahna. Geus jadi kawajiban salaki pikeun matuan ngaronjatkeun martabat icih dimata kulawarga Kusumah jeung anu séjéna, Icih ulah nepi ka jadi bahan hinaan saperti anu geus tumiba ka dirina.

"Aing kudu bisa ngajadikeun Icih pangunggulna di Palapa, kabéh kulawarga Kusumah kudu ngahargaan kana kamampuanna" gerentes haté Udin bari meureumkeun panonna, terus saré.

Ngan 3 jam Udin saré, sabab kageuingkeun ku sora adzan Subuh ti masjid, buburu Udin cengkat terus sholat. Réngsé sholat Udin indit ka dapur kaprak-keprek masak keur sararéa saperti anu rutin dilakukeunna. Réngsé masak, kabéh diamparkeun dina méja makan terus asup ka kamar ngaganti baju ku anu rada pantes, mésakan HP jeung maké sapatu.

Rét ka Icih anu masih kénéh tibra, tapi Udin teu wani ngageuingkeun. Ukur nyarita lalaunan,

"nyi, akang angkat heula, badé ngantor" kituna téh bari ditungtungan ku seuri sabab yakin Icih mah moal ngadéngéueun da tibra kénéh. Pon kitu deui mitohana di kamar séjén, pasti talibra kénéh.

Udin kaluar ti kamar bari nyomot goréng tahu sakeureut tina piring dina méja makan, wel disamualkeun. Bari samutut ngagayem tahu udin ngoréléng ka pipir imah nyokot sapédahna, biur Udin indit. Tujuana nyaéta rék ka kantor Bima Raya Grup.

Tepi ka Bima Raya, Udin markirkeun sapédahna di tempat parkir motor karyawan. Terus ngincid nuju ka loby bari nyusutan késang dina tarangna ku leungeun bajuna.

Reg hiji Mercedes hideung eureun hareupeun loby kantor. Udin nempo sapasang lalaki jeung awéwé kaluar tina mobil. Nu lalaki maké jas, nu awéwé maké setélan blazer bari nyoléndang kantong, lengeun kéncana nyekelan sabotol cai mineral. Pasangan anu dimaksud nyaéta Unah jeung tunanganna, Ibro Wijaya.

Udin teu nyaho aya urusan naon Unah jeung Ibro datang ka ka Bima Raya. Tapi lantaran sieun nimbulkeun masalah, Udin nguliwed heula rék nyumput sangkan teu katempoeun. Mercedes ogé maju deui dibawa ku supirna ka tempat parkir. Teu disangka Unah nyatana geus nempoeun terus nyorowok ka Udin,

"héy, kang Udin!" Pokna bari ngagupayan.

Udin kapaksa nyampeurkeun,

"Unah! Naha anjeun aya didieu?"

Unah nyikikik seuri,

"Rék nepungan ibu Susi, wakil ketua Bima Raya Grup. Astina, perusahaan kulawarga kang Ibro geus lila kerjasama jeung Bima Raya. Dumasar pangalaman éta, ayeuna kang Ibro rék ngabantu Palapa sangkan bisa miluan tender" pokna bari seuri reueus melong kana beungeut Ibro.

Udin kerung, sabab ngadéngé ti Icih mah. Astina teh ukur ngesub, hartina anu kerjasama mah lain Astina langsung. Tapi Udin pura-pura teu nyaho. Udin seuri bari ngacungkeun jempolna. Terus muji,

"Wah! Hebat. Ibro anu gagah anak bos Astina, Unah anu pinter jeung geulis ogé incu bos Palapa. Ayeuna keur silih bantu sangkan bisa miluan tender. Aranjeun mémang kompak jeung serasi"

Ngadéngé Udin nyarita kitu, Ibro mah malah asa dilécéhkeun, bari baeud Ibro ngomong,

"Dasar cucunguk! Karék ogé tadi peuting léwéh nginjeum duit teu dibéré, ayeuna geus bisa seuri"

Bari haténa mah mikir, sabab Ibro teu ngarti ka Icih. Geulis tapi bet milih salaki ka jelema pangedulan tur bodo siga kitu. Coba mun ka dirina. Meureun ayeuna téh moal bareng jeung Unah anu sagalana jauh sahandapeun Icih.

"Rék naon manéh aya didieu?" Ibro nanya.

"Ngalamar gawé, sugan ditarima" Udin némbalan sabélong béntor.

"Cuih, néangan gawé? Mémangnya manéh ngarasa pantes digawé didieu?" Ceuk Ibro bari kumecrot nyiduh.

"Pantes jeung teu pantes lain urusan anjeun" témbal Udin rada nyeuneu.

Ningali situasi mimiti panas, Unah buburu nyarita,

"Akang kana naon kadieu?"

"Sapédah" Ceuk Udin pondok

"Terus maké ijazah naon akang ngalamar kadieu?" Ceuk Unah nanya deui.

"SMP" témbal Udin deui.

Cakakak Unah nyakakak bari ngalungkeun botol cai mineral anu eusina kari satengah deui ka lebah suku Udin.

"Tah, nginum heula kang, pasti capé geus ngaboséh sapédah ti Sétrasari ka dieu. Jeung deui bisi ngelepek saupama ngadéngé engké lamaran akang ditolak, omat botolna ulah dipiceun, éta bisa dijual jadi duit saupama dikumpulkeun rada loba mah"

Disambung ku Ibro,

"Moal ari ditolak mah, bisa ké ku kuring dipangmantuankeun nyarita ka ibu Susi, sangkan ditarima jadi tukang meresihan toilét"

Udin seuri sinis,

"Jenis pagawéan naon anu bakal dipigawé ku kuring engké, éta teu kudu dipikiran ku aranjeun. Justru anu kudu dipikiran mah diri aranjeun sorangan. Perusahaan élit saperti Bima Raya Grup mustahil daék kerjasama jeung jelema anu goréng ahlak siga aranjeun"

"Saha anu goréng ahlak" Ibro molotot

"Sia!" Ceu Udin bari ngaleos asup ka gedung Bima Raya langsung nuju kana lift. Teu maliré deui ka Unah jeung Ibro anu colohok.

"Tungguan!" Ibro ngudag ka jero, dituturkeun ku Unah. maksudnya hayang nyabok Udin. Ngan Ibro buburu sadar yén geus aya dijero gedung, teu hadé ngajieun riributan di perusahaan batur. Jadi Ibro ukur bisa nangtung gigireun Udin anu masih nungguan hareupeun panto lift anu can muka.

"Awas siah, Mun panggih deui diluar, dijebrod ku aing" Ceuk Ibro ka Udin lalaunan, sabab bisi kadéngéeun ku batur.

"Teu sieun!" Témbal Udin bari ngaléngkah ka jero lift anu pantona geus muka, nepi ka jero Udin nyenggékeun bujurna bari digitek-gitek ka lebah Ibro jeung Unah.

"Dasar bangsat!" Ceuk Ibro bari ngaléngkah rék asup, ngan kaburu leungeunna dibetot ku Unah.

"Ulah sasarengan sareng jalmi burung kang, hayu ngalih ka lift anu itu" ceuk Unah bari nunjuk panto lift anu séjénna.

Méméh panto lift ditutup, Udin ngajebéngan bari ngagupaykeun leungeunna,

"dadaaaah..."

Ibro téténjrag bari kekerot, tuluy indit ka lift anu ditunjuk ku Unah. Udin langsung ka lantai pangluhurna, ka kantor pingpinan sesuai jeung pituduh anu aya dijero lift.

Jauh saacanna Asép geus ngatur saurang awéwé ngora saumuran Icih anu jadi wakil direktur pikeun ngabaturan Udin digawé ngajalankeun Bima Raya Grup. Ngarana Susi. Susi masih kaasup kayawan anyar, sabab karék sataun digawé di Bima Raya, tapi réputasina geus kawéntar dikalangan pengusaha sa Bandung. Lain ngan ukur ngora jeung hadé rupa, tapi mémang pinter jeung boga kamampuan. Konstribusina gedé pisan kana kamajuan perusahaan. Matak 3 bulan katukang, dipromosikeun jadi wakil direktur

Sanajan Bima Raya geus diakuisisi ku Udin, Susi tetep siap sadia pikeun ngabantu Udin anu bakal jadi direktur anyar. Jadi pas amprok jeung Udin. Susi colohok kasima, teu nyangka yén dunungan anyarna masih ngora, gagah jeung kasép.

"Juragan! Mangga ka kantor juragan nyalira" pokna bari rengkuh hormat.

Udin ogé sakedapan colohok nempo Susi anu geulis, terus unggeuk nuturkeun Susi asup ka rohangan Diréktur. Saenggeus duanana aya di jero. Susi ngajelaskeun,

"Tah ieu rohangan kerja salira, mangga calik" ceuk Susi.

Nyambung....