Udin meuli kongkorong

Réngsé rapat tadi peuting ngeunaan saha anu rék mawa panawaran ka Bima Raya, Iyus mémang datang nepungan Rukmini. Malah buburu pamitan saenggeus dibéré nyaho yén Icih anu bakal indit ka Bima Raya. Matak Rukmini percaya kana omongan Dudung yén Iyus langsung ngadatangan icih.

"Sok émutan deui ku Nini, meungpeung sadayana teu acan katalanjuran" ceuk Dudung deui.

Rukmini geus kapangaruhan ku omongan Dudung, Rukmini ahirna mimiti mikiran calon séjénna keur ngajabat Diréktur anyar. Rukmini neuteup ka Dudung,

"Anjeun siap-siap jadi Diréktur. Tapi inget, sagala kaputusan Palapa tetep aya di Nini. Teu meunang ngalakukeun naon waé tanpa disatujuan ku Nini. Ngarti?"

"Siap ni, teu sawios abdi janten direktur bonéka ogé. Anu penting ulah dugi ka ragrag ka téh Icih" ceuk Dudung bungah.

"Dina acara isukan, anjeun kudu dangdan sing rapih, sabab bakal dilantik jadi Diréktur. Tapi inget, Nini bisa ngangkat, Nini oge bisa mecat, jadi ulah macem-macem" ceuk Rukmini negeskeun.

Balik ti kantor Palapa, Udin jeung Icih laleumpang mapay trotoar. Icih katingalina sumanget jeung bungah pisan, sabab sagala kahariwangna poé éta teu jadi kanyataan. Bari nangkeup cangkéng Udin, Icih nganuhunkeun pisan ka Udin.

"Nuhun nya kang, upami sanés pangrojong ti akang, pamohalan abdi tiasa ngaréngsékeun tugas ti nini dinten ieu" ceuk Icih ka Udin.

Udin seuri terus gogodeg,

"Éta kabéh lantaran usaha nyai sorangan, teu kudu nganuhunkeun ka akang. Akang ogé rék méré hadiah ka nyai, kabeneran sakeudeung deui pas sataun kawinan urang, akang hayang ngajieun acara husus"

"Akang badé masihan kejutan ka abdi?" Icih nanya panasaran.

Udin unggeuk bari imut.

"Upami Kitu, abdi moal seueur tumaros deui" ceuk Icih bari ngarangkul beuki pageuh kana cangkéng Udin.

Udin ngusapan buuk Icih bari mikiran, naon anu kudu dipigawé keur nyenangkeun Icih dina raraga sataun umur perkawinanna. Basa kawin, Udin dina kaayaan masih balangsak, nepi ka teu bisa méré nanaon pisan ka Icih, tong boro babawaan perhiasan atawa parabot kawas batur, ipekah jeung biaya hajat ogé kabéh ditangkes ku Wawan Kusumah.

Teu lila Udin nyarita,

"Nyi, wéyahna balik tiheula nya. Akang rék ngider heula" ceuk Udin bari nyegat taxi nitah Icih asup. Udin sorangan nyegat taxi séjén. Anu dituju ku Udin nyaéta jalan Astana anyar. Udin turun dihareupeun toko perhiasan Émily Jewelry.

Émily Jewelry bisa kasebut toko perhiasan gedé tur kumplit, emas bodas, emas konéng, platinum, berlian jeung sajabana kabéh aya. Udin hayang meuli perhiasan heula, terus rék langsung néangan hotél pikeun nyéwa tempat keur acara ulang taun perkawinanna.

Asup ka toko, Udin euweuh anu maliré, katingali sababaraha pelayan ukur melong ku teuteupan curiga, hiji ogé euweuh anu nyampeurkeun nanya. Udin rurat rérét ka sakabéh perhiasan anu dipajang boh anu dina étalase, atawa anu aya dina lomari kaca.

Matana melong kana hiji kongkorong platinum ukuran leutik. Gagantélna bentuk kembang mekar jeung aya mataan tina berlian beureum, sigana pantes pisan saupama dipaké ku Icih anu pakulitanna bodas.

Kongkorong anu dimaksud dipajang nenggang dina lomari kaca anu dikonci. Udin ngamaklum, sabab berlian beureum mémang kaasup berlian langka jeung hargana ogé pangmahalna saupama dibandingkein jeung berlian jenis séjénna. Geus pasti moal dipajang sambarangan.

Udin nempo harga anu ngagantél dina kongkorong. 250 juta. Harga sakitu ku Udin dianggap wajar, sabab Udin ogé nyaho harga platinumna waé 700 rébuan sagram, berlian beureumna 130 jutaan sakarat.

Jadi Udin buburu ngagero saurang palayan toko.

"Cik nempo kongkorong anu éta" pokna bari nunjuk kana lomari kaca.

"Oh, koncina aya dimanager, ké antosan sakedap pa" témbal palayan bari ngaléos ka lebah méja kasir terus mencét bél nu aya dihandapeun méja.

Saurang awéwé ngurunyung ti jero bari satengah lumpat. Dina dada kenca bajuna aya ngaran 'Yéni'

"Bapa ieu hoyong ningal kongkorong anu ieu" ceuk palayan ka Yéni bari nunjuk kongkorong anu dimaksud.

Yéni melong saliwat ka Udin, terus metot leungeun palayan sangkan ngajuhan udin. Terus nyarita ngaharéwos,

"Anjeun teu keur heureuy?"

"Henteu, bapa éta leres hoyong ningal kongkorong" témbal palayan bingung.

"Anjeun percaya? Na teu nempo, piraku dangdanan siga kitu rék meuli kongkorong mahal? Cik mikir atuh. Mustahil jelema beunghar ukur maké kaméja murah bari baseuh ku késang, calana belél bari disapatu kéts, jaba teu maké kaos kaki kaos kaki acan terus rék meli kongkorong harga ratusan juta!" Ceuk Yéni bari nulak cangkéng gogodeg.

Ngarasa keur diomongkeun Udin nyampeurkeun bari nanya tarik,

"Dijual teu kongkorong téh? Kuring hayang nempo!"

"Dijual pa, tapi lain keur anjeun. Anjeun pasti moal mampu meuli" ceuk Yéni teugeug.

Udin kerung,

"Hor! Pan kuring geus ningali bandrolna, Matak hayang nempo ogé kuring mampu meuli"

Yéni seuri sinis,

"Ulah ngimpi pak, paling ogé bapa ngan ukur rék Sélfi seolah-olah keur meuli kangkalung mahal keur postingeun dina Facebook, bener teu?"

Saurang palanggan awéwé anu keur nyobaan ali ogé milu ngomong,

"teu mampu meuli tapi hayang nyabak, ngalindur jelema téh. Meuli ali ieu ogé anu ukur 300rb can karuhaan kabeuli. Komo anu ratusan juta"

Udin ngarérét ka awéwé anu nyarita, nyatana lain ngan ukur saurang. Sing horéng Udin keur dilalajoan ku jelema loba. Kabéh panonna mencrong ijid ka Udin. Malah anu diluar ogé aya anu noong tina lawang toko.

"Mémangna kunaon kuring?" ceuk Udin bari matana mureleng ka Yéni.

Sabab ngarasa teu ngeunah ku palayanan toko jeung kacurigaan jelema rea. Udin ngaluarkeun HP, nelepon Asép.

"Uwa aya dibandung kénéh?"

"Muhun masih dén, aya naon?" Témbal Asép anu mémang masih aya di hotél Padma anu aya di Bandung Kalér.

"Ayeuna kénéh ka Émily Jewelry di Astana Anyar wa, bawa duit 250 juta tunai. Ulah dililakeun!" Ceuk Udin.

"Mangga dén, antosan 10 menit" témbal Asép.

Yéni anu nempo sarta ngadéngé Udin nelepon langsung nyakakak seuri,

"Malah ékting, mémangna anjeun boga duit tunai sakitu? Dalah kuring ogé pangkat manajer saumur hirup can kungsi boga duit tunai sakitu. Dina enyana boga tabungan ogé kudu nyokot heula ka Bank, bari teu sagampang éta bank nyadiakeun duit tunai gedé, kudu janjian heula jeung prosésna pasti lila kakara bisa cair"

Udin unggeuk,

"Oké. Kulantaran can kungsi, sakeudeung deui anjeun bakal nempo" ceuk Udin bari yampeurkeun ka lalaki anu lalajo dina lawang toko bari udud, roko tina sungutna dicomot ku Udin. Terus di kenyot dibawa ka jero. Bari ngelepus udud, Udin diuk dina korsi anu husus keur palanggan. Udin lain niat teu sopan, tapi mémang geus kapalang ambek.

Ngan Yéni nyorongot,

"Kurang ajar, wani ngaroko didieu, kawas toko anu sia waé"

Udin teu paduli,

"Mémangna ieu toko anjeun? bila perlu, toko ieu dibeuli ku kuring"

Udin mémang ngahajakeun hayang néangan masalah. Matak sikep jeung omongana sangeunahna. Pamikirna, disopanan ogé percumah, sabab pasti bakal beuki dilunjak.

Kabéh jelema kadéngé pating kucuwes silih haréwos ngaromongkeun Udin, malah saurang nyarita rada tarik,

"Moal jelema gélo mah kitu?"

Ngan anu saurang némbalan,

"Urang tungguan wéh. Naha bener manéhna bogaeun duit 250 juta kontan"

"Saha ogé bisa ari ngan ukur ngomong mah" ceuk awéwé anu bieu nyobaan ali.

Nempo suasana geus teu bisa dikendalikeun, sabab jelema anu ngalalajoan Udin beuki loba. Demi kanyamanan di tokona, Yéni ngaluarkeun HP rék nelepon pulisi. Ngan teu kebat sabab Yéni nempo iring-iringan 3 mobil Rolls-Royce eureun di hareupeun toko.

8 urang lalaki cepak tur gagah anu sarua maké setélan jas hideung jeung kacamata hideung kalaluar tina mobil, 4 urang tina mobil hareup, 4 urang tina mobil tukang. Terus ngaléngkah nyingraykeun jelema loba anu keur ngagimbung hareupeun toko. 2 urang langsung asup nyingkahkeun palanggan anu aya di jero sangkan kaluar, nyésa Yéni jeung sababaraha palayan katut Udin nu masih kénéh diuk bari ngelepus udud.

Teu lila panto mobil tengah ogé muka, Asép turun dituturkeun ku saurang lalaki anu sarua kolotna ngajingjing koper. Duanana langsung asup ka toko nyampeurkeun ka Udin tanpa maliré ka Yéni anu harita langsung mapagkeun kana lawang bari rengkuh hormat.

Kaayaan ngadadak jempling, sararéa bingung nempo kajadian éta, nepi ka euweuh anu wani ngomong. aya sababaraha jelema di luar anu mimiti ngaluarkeun HP pikeun ngarékam kaayaan dijero tina kaca toko. Tapi dicarék ku 8 pengawal anu ngajaga diluar, jadi maranéhna ngan ukur wani motrét bari susulumputan teu maké Blitz sangkan teu kanyahoan.

"Dén, ieu artos anu dipesen ku salira" ceuk Asép bari manggut ka Udin terus nitah lalaki tukangeuna muka koper dina méja kaca anu aya di tengah.

Yéni katémbong ngeleper nempo gepokan duit beureum dina jero koper. Awakna langsung murungkut sieun pas ngadéngé anu mawa duit nyebut Radén ka Udin.

"Tah katempo ku anjeun? Pariksa duitna bisi disangka palsu!" Ceuk Udin ka Yéni bari ngaragragkeun kuntung roko terus ditincak ku sapatuna.

"Sumuhun, abdi ningal, abdi ningal" ceuk Yéni. Awakna beuki ngadarégdég.

Udin ngarérét ka Asép,

"Wa. Kuring hayang Panggih jeung anu boga toko ieu"

Asép unggeuk. Buburu ngaluarkeun ponsél tina sakuna terus nelepon. Telepon langsung nyambung. Gorowok Asép nyorowok nyarékan kana HP,

"Aing Asép Péot, ayeuna keur aya di Émily, buburu anjeun kadieu" saterusna telepon ditutup tanpa nungguan jawaban.

Sanajan can kungsi nempo beungeutna. Ngadéngé ngaran Asép Péot, beungeut Yéni langsung pias. Sabab sasaha ogé pasti nyaho ka Asép Péot, nyaéta jelema kapercayaan Agus Subrata, saurang konglomerat kahot di Jakarta.

Teu kungsi 5 menit, hiji Camry bodas parkir hareupeun toko, saurang cina pendék bayuhyuh gura-giru turun terus purat-perot asup ka toko teu sirikna bari notog notogkeun manéh.

"Abdi sumping, Aya naon meni asa rareuwas?" Pokna ka Asép.

Gelepok si gedut ditampiling pipina ku Asép,

"Menejer sia geus wani-wani ngahina dunungan déwék, kumaha cara sia ngawarah pagawé, nepi ka teu nyaho carana ngalayanan pelanggan anu bener. Goblog siah!"

Asép kacida ambekna, keur mah kakara nyaho yén salila ieu kahirupan Udin balangsak sarta loba dinyeyeri ku batur. Kari-kari ayeuna katempo ku panonna sorangan Udin keur dihina.

Anu ditampiling muringis ngusapan pipina anu peureus bari ngarérét ka Udin, teu nyangka budak ngora anu diuk dununganna Asép Péot, hartina pasti katurunan ti kulawarga Subrata. Jadi buburu manéhna nyampeurkeun ka Udin, terus andéprok deku hareupeun Udin bari ngarapetkeun dua dampal leungeuna ménta dihampura.

"Hapunten abdi juragan" pokna bari leungeunna ngacung ngajenggut buuk Yéni anu masih kénéh nangtung sangkan deku hareupeun Udin siga dirina.

Bubuhan dijenggut tihareup ku anu keur déku sacara ngadadak, atuh sirah Yéni langsung titotog, tarangna persis ragrag dina sapatu Udin. Buburu Yéni andéprok emok bari tungkul, teu paduli kana tarangna anu nyeri.

"Sia teu neuleu? sia rék modaran aing? Buru ménta dihampura! Langsung kaluar ayeuna kénéh ti dieu, montong balik deui!" Ceuk si gendut bari ngagaplokan sirah tukang Yéni sabaraha kali ku dampal leungeuna.

Udin sabenerna mah teu téga nempo saurang awéwé diperlakukan kasar saperti kitu. Tapi inget kumaha tadi dirina dihina. Wajar Yéni kudu narima akibatna, susuganan kahareupna bisa jadi pieunteungeun, sangkan Yéni bisa ngarobah sikepna. Teu gampang nyapélékeun batur. Aya paribasa, hutang nyawa kudu dibayar nyawa. Nu ngahina kudu narima panghinaan anu leuwih. Éta karék bisa disebut satimpal.

Para palayan toko ukur ngariung di juru toko bari tarungkul sieun, saurang ogé euweuh anu wani nyarita sumawona ngadeukeutan.

Yéni tungkul bari ceurik, leungeuna ngaragamang kana suku Udin terus ngarenghik pikarunyaeun,

"juragan, hapunten abdi, abdi leres-leres teu uninga. rumaos abdi anu lepat. Abdi jangji moal sakali-kali deui nyapélékeun sareng ngahina batur. Ampun juragan"

Ningali Yéni nyekelan suku Udin, si gedut buburu metot leungeun Yeni,

"Kurang ajar, teu pantes sia nyekelan suku juragan" saterusna awak Yéni digusur kaluar,

"Mantog siah!"

Saenggeus nyurungkeun Yeni ka luar ti toko. Si gendut asup deui nyampeurkeun ka Udin bari tungkul. Udin ngadéhém terus nunjuk kana lomari kaca bari nyarita saolah-olah euweuh kajadian nanaon,

"kuring rék meuli kongkorong itu keur pamajikan, cik pangmungkuskeun"

"Mangga juragan" Si gendut buburu nyokot konci lomari anu sabenerna aya dina laci handap lomari éta kénéh, terus panto lomari dibuka. Kongkorong dicokot langsung diasupkeun kana cepukna terus ditunda di hareupeun Udin.

Udin ngaluarkeun kartu bank milikna,

"gésék ku kartu ieu wéh" ceuk Udin bari mikeun kartu bank ka si gendut. Terus Udin ngalieuk ka wa Asép,

"Wa, duit mah bawa balik deui wéh, nuhun".

Si gendut teu daék narima kartu,

"Wios juragan, teu kedah diartosan, kongkorong ieu hadiah pribadi ti abdi kanggé juragan"

"Ulah kitu. Anjeun keur usaha, saacana ogé niat kuring memang rék meuli, lain rék ménta" témbal Udin.

"Muhun juragan abdi ngartos, nanging abdi ikhlas kongkorong ieu digratiskeun ka salira. Étang-étang kanggé nebus kalepatan abdi sareng karyawan abdi" ceuk si gendut.

"Tampi dén, bilih si gendut teu tiasa kulem wengi ieu" Ceuk Asép ka Udin.

Udin ngahuleng teu téga, tapi ahirna unggeuk. Cepuk kangkalung jeung kartu ahirna disakuan. Nempo Udin anu ahirna narima paméréna, si gendut ngarénghap reugreug, haténa ngarasa ngemplong. Sabenerna dirina leuwih sieun ku Asép, Saha jelemana anu teu apal ka Asép Péot, usahana bisa langsung tutup lamun Asép geus nembongkeun sihungna. Matak dilandi Péot oge lain kulantaran awakna anu mémang Péot, tapi Sakur jelema anu geus kungsi urusan jeung Asép huluna pasti bakal langsung Péot alias leungit kawani.

"Saatosna ti dieu, salira badé kamana deui? wios ku uwa dijajapkeun" ceuk Asép nanya ka Udin.

"Teu kudu wa, Kuring hayang sorangan" ceuk Udin. Terus ngalieuk ka si gendut,

"Dimana panto kaluar séjén?"

"Palih ditu gan, kapengker, hayu tuturkeun abdi" Ceuk si gendut bari leumpang tiheula ka tukang ngaliwatan sababaraha rohangan, dituturkeun ku Udin. duanana geus teu katempo deui ti hareup.

Si gendut muka panto tukang anu nyambung ka hiji gang. Saméméh indit, udin ngomong bari nepak taktak si gendut,

"kahareupna gawékeun saurang satpam, ngarah euweuh anu wani udud dijero toko"

Si gendut kerung bari unggeuk. Dihareupeun toko, jelema geus mimiti bubar, Asép jeung rombonganna ogé geus baralik. Tapi dina internét malah ramé, sabab sababaraha foto Udin geus aya anu mosting dumasar kana urutan kajadian di Émily Jéwelry. Jeung langsung populér deuih.

Rupa-rupa judul jeung koméntarna, Aya nu ngajudulan Manusia Super Kaya, Bos Sombong, Leutik tapi Lada, Jeung sajabana. Sedengkeun eusi tina koméntar kabéh sarua pada tumanya. Saha sabenerna pamuda anu aya di Émily?

Ngan untungna dina kabéh foto anu di posting, hiji ogé euweuh anu némbongkeun beungeut Udin sacara jéntré. Sabab salian dipotrét ti luar toko anu kahalangan ku kaca jandéla. Posisi Udin ogé nukangan, kaluarna ti toko ogé Udin ngaliwatan panto tukang.

Ti Émily Udin teu langsung balik. Tapi naék taxi deui néangan tempat keur ngarayakeun acara sataun kawinanna anu bakal jadi tempat dirina mikeun kongkorong ka Icih sangkan leuwih romantis. Anu kapikir ku udin nyaéta Taman Gantung di hotél Padma anu aya di Ciumbuleuit.

Hotél Padma mangrupakeun hotél méwah di Bandung. Aya di lokasi nu kawilang lega, modél wangunan jeung dékorasi di jerona ogé kawilang méwah tur modern. Salian penginepan, aya pusat olahraga, hiburan, jeung réstoran. Malah boga pusat perbelanjaanna sorangan.

Sedengkeun anu disebut taman gantung, ayana di lantéi pangluhurna dijero pusat perbelanjaan. Pangna disebut taman gantung kusabab rohanganna anu lega teh dikuriling ku kaca, hateupna oge kaca, dijerona di disain bentuk taman anu kacida hadé tur asri, Sagala jenis kembang asli Indonésia aya di taman éta. Lamun ti peuting taman téh caang, kawas anu keur ngagantung di langit.

Fungsi taman gantung mangrupakeun salah sahiji rohangan makan anu bisa di robah jadi rohangan resépsi pangméwahna, lamun upacara kawinan diayakeun didinya, biaya séwana pasti puluhan juta, malah teu mustahil ratusan juta lamun diayakeuna dina poé peré.

Udin ayeuna geus beunghar, dirina moal hanjakal miceunan duit sabaraha waé oge demi nyenangkeun Icih. Jadi tujuan utamana ayeuna nyaéta ka hotél Padma.

Nyambung....