"Karék poe ieu Ema ngarasakeun kabungah anu tanya papadana" ceuk Lastri nyusut cipanonna bari seuri ka Icih. Terus ngalieuk ka Udin,
"Anjeun geus loba jasanya poé ieu Din, ayeuna teu kudu masak keur makan malam, bada Maghrib urang dahar di luar" ceuk Lastri ka Udin.
Udin ukur seuri bari unggeuk.
"Ka Kémpinski ma! Sakali-sakali urang tuang katuangan ala barat!” ceuk Icih curinghak.
"Lah mahal, duitna moal cukup" ceuk Lastri anu mémang nyekelan tur ngatur kabéh duit keur kabutuhan kulawarga nyaéta hasil tina gawé Icih salila ieu.
"Ké ogé kagentosan deui atuh. Gajih diréktur pan teu sakedik" ceuk Icih ngarenghik.
"Nya hayu atuh, tapi jangji heula ka Ema nya?" Ceuk Lastri nanya ka Icih.
"Jangji naon ma?" Icih kerung.
"Sanajan geus jadi diréktur, anjeun tetep kudu nyetorkeun kabéh panghasilan ka Ema. Ema anu bakal ngatur. Satuju?" Ceuk Lastri.
"Mangga, nanging Ema ogé kedah jangji ka abdi, kapayuna ulah mangaruhan deui abdi supados nyeréikeun kang Udin. Ulah nyindiran waé kang Udin kumargi nganggur. Margi di bumi ieu anu nganggur sanés mung kang Udin hungkul, Ema sareng bapa ogé pan nganggur, kumaha?" Ceuk Icih ka Lastri.
Peuting harita di imahna, Iyus keur bingung pas ngadéngé Icih geus hasil meunang kontrak ti Bima Raya. Beuki leutik haté pikeun bisa meunangkeun Icih. Iyus éra, asa moal wani deui nincakeun sukuna di lingkungan kulawarga Kusumah komo kudu panggih jeung icih.
Salian ti éta Iyus ogé bingung kumaha ngajelaskeunna ka bapana basa nyaho yén dina website Bima Raya aya daftar sababaraha perusahaan anu di blaclist, kaasup perusahaan milik bapana. Hal ieu tangtu bakal mawa pangaruh gedé pikeun kamajuan perusahaanna. Perusahaan mana anu masih daék kerjasama jeung perusahaan anu geus di blacklist ku Bima Raya.
Kring telepon ti Dudung disada, buru-buru ku Iyus diangkat,
"Kang, kuring geus ngabantu anjeun nyiptakeun drama sangkan anjeun masih bisa tetep ngadeukeutan Ceu Icih. Saolah-olah hasilna Ceu Icih téh kulantaran bantuan ti akang"
"Nanaonan? Kuring teu rumasa ngabantu" témbal Iyus reuwas.
"Jadi akang geus teu hayang ka ceu Icih?" Dudung nanya.
"Lain Kitu, tapi kuring bener-bener teu rumasa ngabantu jeung geus leungit cara kuring pikeun ngungudag deui Icih" témbal Iyus.
Dudung seuri,
"Akang ulah hariwang, pasrahkeun ka kuring. Kabéh geus percaya yén hasilna ceu Icih téh lantaran bantuan ti akang, malah kabéh ogé percaya akang geus saré jeung Ceu Icih. Tah lamun drama ieu lancar terus kadéngéeun ku si Udin, si Udin tangtu bakal nyeréikeun Ceu Icih"
"Goblog! Iraha aing saré jeung Icih!" Iyus ambek.
"Sabar kang, ieu ukur drama anu di réka ku kuring. Sabab kuring ngarepkeun pisan akang bisa jadian jeung Ceu Icih" ceuk Dudung deui.
Telepon ti Dudung buburu ditutup sabab katembong bapana Iyus nyampeurkeun,
"Iyus! Perusahaan urang diblacklist ku Bima Raya. Aing rék nanya, poé ieu manéh nyieun kasalahan naon diluar?"
"Abdi teu ngadamel kalepatan nanaon. Bapa panginten?" Tembal Iyus malik nanya
"Koplok! Matak aing nanya ogé aing teu rumasa sabab aing geus 3 poé teu kamamana. Ukur sia nu sok ngulampreng kaluar" bari molotot.
"Paling ogé direktur Bima Raya anu énggal nuju ngabebenah perusahaan, janten sadayana di tinjau ulang deui" ceuk Iyus.
Bapana unggut-unggutan,
"Bisa jadi, tadi bapa nelepon ibu Susi hayang klarifikasi jeung ménta waktu sangkan bisa panggih jeung direktur anyar pikeun silaturahmi, tapi ceuk ibu Susi blacklist perusahaan urang mémang paréntah langsung ti direktur, sedengkeun direkturna sorangan jelemana tertutup pisan, teu gampang bisa ditepungan"
"Janten naon nu kedah dilakukeun ku abdi pa?" Iyus nanya.
"Isukan Palapa rék ngayakeun acara, direktur Bima Raya ogé diondang. Hayu isukan urang kaditu babarengan. Mun Aya kasempetan, urang ngobrol Jeung direktur Bima Raya" ceuk bapana.
"Mangga pa" Iyus unggeuk.
Isukna acara anu dimaksud geus digelar, Icih datang maké pakéan pangmahalna anu dipiboga. Pon Kitu deui Udin, Udin ogé maké setélan jas urut kawin sataun katukang. Kulawarga Kusumah geus ngajajar hareupeun ténda mapag tamu anu daratang. Aya Karsidi, Isah, Unah, Dudung, Rukmini jeung sababaraha pagawé Palapa séjénna.
Karék ogé rék asup, Icih jeung Udin ngarandeg sabab digareuwahkeun ku sora nyiricitna erém anu datang tina mobil Porsche anu eureun ngadadak. Tina mobil kaluar Iyus, bari leumpang tanggah Iyus langsung ngadeukeutan Udin,
"Timana nyéwa jas alus?" Iyus nanya sinis.
"Lain urusan manéh" témbal Udin.
"Bener, tapi pamajikan manéh ayeuna aya urusan jeung kuring" ceuk Iyus bari ngiceupan Icih ku sabeulah panona.
"Urusan naon?" Udin nanya.
Sararéa anu nyaksian utamana kulawarga Kusumah pating rarérét, keur mah eukeur geus nyebar isu ngenaan salingkuhna Iyus jeug Icih dikulawargana, katambah ayeuna katempo ku panon sorangan kumaha ketak Iyus ka Icih.
Iyus nyarita deui ka Udin,
"Mémangna ceuk anjeun saha anu geus ngagolkeun kontrakna Icih, yeuh aing" ceuk Iyus bari nepak dadana.
"Ku cara naon?" Udin pura-pura nanya panasaran.
"Saacan Icih datang ka Bima Raya, Kuring geus datang tiheula panggih jeung dirékturna sangkan ngabatalkeun kontrak kuring sorangan asal kontrakna dibikeun ka Palapa. Jadi teu pantes Icih ayeuna masih réréndéngan jeung anjeun, salaki anu euweuh gunana" ceuk Iyus ngahina bari ngabohong teu euleum-euleum.
Rukmini anu nempo ti kajauhan unggut-unggutan mimiti ngarti persoalan anu sabenerna, kabéh obrolan kadéngé kalawan jelas, pantes Icih datang ka Bima Raya beurang, sing horéng méré waktu heula ka si Iyus pikeun négosiasi leuwih tiheula jeung diréktur Bima Raya. Hartina mémang bener aya hubungan deukeut antara Icih jeung Iyus nepi ka bisa ngatur rencana siga kitu. ceuk pikirna.
"Oh, kutan Kitu" ceuk Udin bari seuri nyenghél teu nembongkeun riuk karewas.
Sedengkeun Icih mah kerung, sabab mimiti kapangaruhan ku omongan Iyus. Lantaran mémang anéh, waktu icih datang ka Bima Raya, kabéh saolah asa digampangkeun, siga geus aya anu ngatur.
"Asa teu percaya anjeun bisa wawuh, komo bari bisa ngobrol langsung jeung diréktur Bima Raya" ceuk udin deui.
"Éta ciri omongan jelema sirik, diri teu mampu tapi nyapirakeun batur, Leuwih teu pantes kénéh anjeun réréndéngan jeung Icih, ibarat Hanoman jeung Déwi Shinta" témbal iyus beuki ngahina.
Ningali situasi anu teu pikabetaheun, Icih leumpang tiheula ka jero ténda ningalkeun Udin anu masih ngalayanan Iyus. Udin mémang mimiti panas, teu tarima disaruakeun jeung Hanoman, bari dina satiap omongan Iyus pasti nyebut ngaran Icih. Udin mencrong ka Iyus,
"Oké. Kuring bisa neureuy sagala hinaan anjeun, tapi Icih can tangtu. Jadi, buru ménta dihampura ka Icih. Lamun heunteu, perusahaan anjeun bakal bangkrut ayeuna kénéh. Milih mana? Ku kuring di béré waktu 5 menit!"
Iyus nyakakak,
“Mémangna anjeun saha? Henteu keur ngimpi mah? Ti iraha saurang pangangguran bisa ngabangkrutkeun perusahaan?"
"Sanajan pangangguran, kuring loba babaturan anu bisa dipéntaan tulung pikeun ngacurkeun perusahaan anjeun" ceuk Udin sakeunana.
Ngadéngé kitu Iyus beuki cacalakatakan seuri, sigana mun teu éra ku batur mah bakal bari gogoléran. Sabot Iyus keur babarakatakan seuri, Udin ngaluarkeun HPna terus ngirim pesen ka Asép.
"Wa, coba cék kondisi perusahaan Saputra Bandung, lamun aya pijalaneun, likuidasi asétna. Kuring hayang nempo perusahaan éta bangkrut dina waktu 5 menit"
Eureun seuri Iyus mencrong ka Udin,
"Oké. Kuring rék ménta dihampura ka Icih saenggeus anjeun ménta dihampura ka kuring. Atawa ceréikeun Icih ayeuna kénéh. Milih mana? Dibéré waktu 3 menit!
"Oh, jadi anjeun euweuh niat ménta dihampura ka Icih?" Udin nanya deui.
"Saha anu sudi" témbal Iyus.
Udin unggeuk,
"Nya terserah anjeun ari kitu mah, éta hartina anjeun geus bener-bener ikhlas hayang bangkrut. Tungguan sakeudeung deui telepon anjeun bakal disada, terus anjeun bakal léwéh ménta dihampura ka kuring"
Karék oge iyus rék calangap némbalan, HP dina sakunya disada. Iyus pias bari nempo HPna, tapi buburu seuri reugreug saenggeus katingali anu nelepon bapana. Jadi buburu diangkat,
"Pa, abdi tos aya di tempat acara Palapa, iraha bapa sumping kadieu?"
Ngan kadéngé bapana nyarékan,
"Montong balik ka Imah siah koplok! Kabéh anu nyekel saham Saputra Group ngundurkeun diri, harga saham anjlok 90%. SMS tagihan ti sababara bank arasup. Rékan kerja, kabéh geus nganyatakeun mutuskeun hubungan bari nungtut bayaranna buburu dibéréskeun. Bieu kaamanan Pabrik ogé ngabéjaan yén pabrik kahuruan. Saputra Group geus bangkrut"
Iyus ngadadak pias, karék rék némbalan telepon tapi dina telepon kadéngé sora sirineu mobil pulisi, terus kadéngé ogé sora panto didobrak, disusul ku sora nyorowok,
"Anjeun di téwak, milu ka kuring keur panyalidikan!"
Iyus leuleus, HP anu dicekelna langsung murag, sirahna lieur, bumi alam asa muter. Iyus ngudupruk andéprok bari ceurik hareupeun Udin anu masih kénéh nangtung, terus tanggah neuteup beungeut bari ngalengis nanya,
"Saha anjeun? Omongan anjeun bener. Anjeun anu ngalakukeunna pan?"
Udin ngabongkokeun awakna bari ngaréwos lalaunan kana ceuli Iyus,
"Bieu pan kuring nitah anjeun milih, tapi anjeun teu percaya, ayeuna mah pék wé lebok!"
Sararéa anu nyaksian ukur colohok bengong. Sabab ngarasa anéh Iyus anu saméméhna nyeungseurikeun sarta ngahina udin. Ayeuna jadi ceurik bari andéprok dina taneuh. Euweuh anu nyaho naon anu didéngé ku Iyus tina teleponna jeung naon anu diharéwoskeun ku Udin ka iyus. Jadi euweuh anu nyangka yén Udin geus ngalakukeun hiji hal gedé anu pamohalan dilakukeun ku jelema biasa.
"Kuring nyaho kuring salah. Kuring jangji moal sakali-kali deui ngahina anjeun atawa ngaganggu Icih, balikeun deui kondisi perusahaan kuring" ceuk Iyus ngahinghing ceurik.
"Telat" Témbal Udin pondok.
Iyus terus-terusan ménta dihampura ka Udin. Iyus teu nyangka éfék anu bakal timbul akibat tina kalakuanna bisa ngancurkeun kahirupan diri jeung kulawargana. Padahal saméméhna Udin katempo ukur ngetik dina HP. Teu ngalakukeun nanaon pisan.
Iyus neuteup sieun ka udin, lalaki anu saméméhna dianggap moal ngalawan, nyatana saurang monster anu bisa ngancurkeun perusahaanna ukur dina itungan menit. Ngan Udin mah teu némbongkeun riuk nanaon. Sabab Udin ogé sadar keur dilalajoanan ku jelema loba.
Udin gogodeg,
"Kuring geus teu bisa nulungan, hampura. Lamun anjeun hayang nyaho saha kuring, kuring saurang yuotuber anu boga subscribers ratusan rébu. Gampang pikeun kuring ngeprakeun jelema pikeun ngacak-ngacak perusahaan anjeun. Nyaho sabaraha gajih saurang YouTuber? Moal hése pikeun kuring ngarungkadkeun anjeun. Ngan anjeun teu perlu loba cumarita ka sasaha, ulah kumawani muka idéntitas kuring ka batur. Sabab bakal beuki goréng akibatna keur anjeun. Sanajan lumpat ka tungtung dunya, pasti bakal diudag sarta dipodaran ku kuring. Ngarti?"
Iyus beuki murungkut sieun.
Udin ngetrok tarang Iyus lalaunan,
"menggeus montong léwéh, anjeun lalaki. Kudu inget kana kalakuan anjeun samémehna anu polontong ka kuring" saterusna Udin asup ka jero ténda acara.
Nempo Udin asup, Iyus ngudag miheulaan ka jero terus luak-lieuk néangan Icih. Saenggeus kapanggih, Iyus langsung nyuuh dina suku Icih anu keur ngajanteng nangtung,
"Cih, kuring ménta di hampura, anjeun murni meunangkeun kontrak ku sorangan tanpa bantuan ti sasaha. Hampura kuring bieu geus ngabohong"
Icih reuwas nempo Iyus anu ujug-ujug aya di hareupeunna bari deku nyekelan sukuna, Icih anu mémang geus lila ijid kana kalakuan Iyus jelas sukuna réflek ngajejek dada Iyus nepi ka Iyus ngajengkang. Saterusna Icih lumpat ka Udin terus ngagabrug bari murungkut sieun.
Udin molotot ka Iyus,
"Nanaonan bet asup kadieu bari ngareureuwas Icih? Indit!"
"Hayu nyi urang jauhan, sigana tadi sirah si Iyus tidagor dina jero Porsche waktu ngerém ngadadak, matak otakna rada kaganggu" ceuk Udin langsung mawa Icih ngajauhan Iyus.
Icih unggeuk terus ngagero security Palapa anu mémang ngajaga di dinya, terus nunjuk ka Iyus anu keur ngajoprak bari ceurik,
"kaluarkeun jelema ieu meungpeung ondangan anu daratang can loba, usir ulah nepi ka ngaganggu jalana acara"
Saacan security ngajalankeun paréntah Icih, Iyus geus ngoréjat nangtung terus lumpat kaluar. Nempo Iyus geus indit. Icih rurat rérét ka sakuriling siga aya anu keur di téangan.
Udin kerung terus nanya,
"Néangan saha nyi?"
"Bu Susi, sareng direktur Bima Raya kang, kedahna aranjeuna tos sumping" témbal Icih bari angger panona mah muter ka sakur jelema anu geus aya di jero, ditengetan hiji-hiji.
Di luar. Iyus amprok jeung Dudung, Unah, Ibro sarta saurang pamuda anu kakara datang. Mireungeuh aya Iyus kaluar bari tungkul sarta panona beureum kawas anu geus ceurik. Ibro nanya,
"Juragan Iyus? saleresna aya kajantenan naon? Abdi ngadangu perusahaan salira aya masalah. Naha leres?"
Iyus nyurungkeun dada Ibro,
"Teu perlu nanya deui ka kuring ari geus nyaho mah" pokna bari terus ngaléngkah nyampeurkeun kana mobil Porschena terus asup. Porsche langsung muter balik ngabiur ngebut kaluar ti lingkungan villa Kulawarga Kusumah siga anu kasétanan.
Ibro kerung bari melong mobil Iyus nepi ka leungit di gerbang, kitu deui Dudung jeung Unah. Terus Ibro nyarita,
"Sigana bener Saputra Group mémang geus tamat, teu nyangka sakitu perusahaan gedé tapi bisa langsung tikusruk dina itungan menit"
Ibro ngarahuh mangkarunyakeun kana nasib Iyus. Saterusna opatanna arasup ka jero ténda. Nempo aya Udin jeung Icih anu keur narangtung. Opatanna buburu nyampeurkeun ka Icih tapi teu maliré ka Udin mah. Dudung nyarita bari ngawuhkeun pamuda gigireuna,
"Téh, ieu Frédi adina kang Ibro, kakara lulus kuliah di Autralia"
Saterusna Dudung ngarérét ka Frédi,
"Frédi, ieu téh Icih kapilanceuk kuring"
"Abdi parantos lami ngadangu kageulisan salira ti kang Ibro, bingah ayeuna tiasa tepang langsung, nyata sanés mung cariosan. Salira mémang widadari" ceuk Frédi ngabongkokeun awakna bari rék nyekelan leungeun Icih ngajak sasalaman. Ngan buburu Icih nyumput tukangeun Udin.
"Geus nambahan deui laleur héjo téh" gerentes Udin bari ngaranggeum pigeulang leungeun Fredi anu bieu rék nyalaman Icih, terus nyarita,
"Kuring salakina"
Frédi metot leungeuna sangkan leupas tina ranggeuman Udin. Terus seuri sinis,
"Oh. Sugan téh supirna"
Unah nyarita ka Frédi,
"Ulah dipaliré, anjeun teu perlu akrab jeung si Udin, sabab ukur budak pulung bari pangangguran. Saenggeus kuring kawin ka kang Ibro, anjeun bakal jadi adi kuring, jadi kudu leuwih akrab jeung kuring" Ceuk Unah bari seuri centil.
Frédi anu geus lila di Australia sarta geus kapangaruhan ku budaya jelas surti kana maksud Unah, Frédi seuri neuteup cunihin ka Unah bari ngiceupan. Ibro mah teu merhatikeun tindak tanduk Unah ka Frédi. Jadi langsung nungtun leungeun unah,
"Hayu urang bari diuk ngobrolna"
Opatanna ahirna leumpang terus dariuk dina korsi korsi kosong anu aya di jajaran hareup. Teu malire deui ka Udin jeung ka Icih.
Teu lila kurunyung ogé Mardi jeung Lastri anu kakara datang. Lastri langsung nyampeurkeun ka Icih, terus ngaharéwos,
"Cih, geus nyaho Saputra Group bangkrut?"
Icih anu mémang can nyaho nanaon ngajenghok bari nanya,
"Uninga timana ma? Nembé Iyus ti dieu. Nanging teu nyebatkeun nanaon, mung ngaganggu ka kang Udin teras nyuhunkeun dihapunten ka abdi perkawis kontrak"
"Bieu?" Lastri colohok,
"Padahal awalna ema ngarepkeun pisan si Iyus jadi minantu, tapi ayeuna mah keheulaanan"
Ngadéngéna Udin ngarahuh bari ngagerentes,
"Ulah ngimpi. Moal aya anu bisa ngagantikeun kuring dina haté Icih"
Tapi di luar mah Udin manggut hormat ka Lastri jeung ka Mardi.
Nyambung....