WebNovelAING UDIN10.98%

Insidén dina acara sukuran

Frédi geus diuk bari merhatikeun terus ka icih. Pas nempo Lastri datang buburu Frédi nangtung terus nyampeurkeun ka Lastri,

"Salira pasti ibuna Icih pan? Nepangkeun abdi Frédi, rayina kang Ibro" bari ngasongkeun leungeuna ka Lastri ngajak sasalaman.

Terus Frédi nyarita deui muji Lastri,

"Bibi geulis, teu anéh tiasa ngalahirkeun widadari anu geulis sapertos Icih"

"Oh, anjeun jeung Icih geus wawuh?" Témbal Lastri bari seuri marahmay.

"Nembé pendak, parantos dikenalkeun ku Dudung" témbal Frédi.

"Hayu, urang dariuk. Ulah narangtung kieu" ceuk Lastri bari ngajak Frédi jeung Icih diuk. Udin jeung Mardi mah ukur silih rérét, tapi ahirna nuturkeun pikeun diuk.

Harita Rukmini geus nangtung hareupeun podium dina luhur panggung leutik bari nyekelan mic.

"Ngawakilan kulawarga Kusumah sareng Palapa, sim kuring nganuhunkeun pisan ka sadayana anu parantos keresa sumping kadieu. Utamina ka ibu Susi wakil Diréktur Bima Raya" ceuk mukmini bari nunjuk ka Susi anu diuk dina korsi panghareupna ku 5 ramona.

Sararéa keprok bari narempo ka lebah Susi anu nangtung bari manggut. Icih ngarénghap reugreug sabab nyatana Susi geus datang sarta geus diuk panghareupna. Susi katempona geulis kacida, maké gaun malam kelir hideung. Perhiasan pérak mau dipakéna surup pisan jeung gaun hideung sarta pakulitanna anu bodas beresih, kacirina glamor pisan.

Panon Susi ngarérét ka Udin anu diuk tukangeunma bari ngodeuan sangkan Udin pindah diukna kana korsi kosong gigireunna. Sabab saenggeus dirina pasti sakeudeung deui ngaran diréktur Bima Raya ogé bakal disebut ku Rukmini. Tapi Udin pura-pura teu nempo. Malah miluan keprok siga ondangan séjénna.

Saenggeus Susi diuk deui, Rukmini neruskeun omongana,

"Sim kuring ogé ngahaturkeun nuhun ka Bima Raya anu parantos mercantekeun hiji proyék kanggé dipidamel ku Palapa. Palapa pasti bakal berusaha anu terbaik, moal nguciwakeun"

Hadirin keprok deui. Rukmini ngarérét ka Dudung ku juru panona terus nyarita deui,

"Anu saterasna, sim kuring hoyong ngenalkeun saurang karyawan anu angeung jasana dina raraga nyambungkeun tali silaturahmi antawis Bima Raya sareng Palapa, anjeuna anu bakal tanggel waler dina proyék anu dimaksad. Sim kuring salaku direktur Palapa parantos jangji sareng parantos ngadamel keputusan. Demi kalancaran proyék, sim kuring anu parantos sepuh seja mundur tina jabatan diréktur, saterasna Palapa bakal dipingpin ku anjeunna. Ka anu dimaksad, mangga naék kana panggung"

Lantaran Rukmini teu nyebutkeun ngaran. Icih ngarasa omongan Rukmini ditujukeun keur dirina. Jadi buburu Icih nangtung bari manggut ka sararéa.

Hadirin keprok deui.

"Buru naék kana panggung Cih" ceuk Lastri teu sabar.

Udin ogé unggeuk ka Icih bari seuri. Nyumangetan sangkan Icih maju. Ngan teu disangka ku sasaha, Dudung anu mémang diukna di hareup langsung naék kana panggung. Terus nangtung gigireun Rukmini bari memener dasina.

"Ieu diréktur énggal Palapa, putu sim kuring hiji-hijina anu pameget. Dudung Kusumah!" ceuk Rukmini bari keprok. Hadirin bingung, sabab bieu geus ngeprokan Icih tapi anu naék bet Dudung. Sabab Rukmini keprok. Sawaréh ogé jadi kabawakeun keprok deui nuturkeun Rukmini. Tapi kulantaran anu keprok ngan sababara urang, sora keprok téh kadéngéna cawérang.

Icih langsung jamedud bari ngaragragkeun bujurna diuk deui dina korsi. Sedengkeun Udin bati colohok ngarasa teu percaya. Watir ka Icih jeung ambek ka Rukmini. Caréhamna nepikeun ka kekerot nahan ambek. Peureupna dikeupeulkeun. Udin jelas teu tarima Icih diwiwirang dihareupeun jelema loba. Icih anu capé usaha, tapi Dudung anu narima ngeunahna.

Katempo cipanon icih mimiti ngabarendung. Lantaran geus teu kuat nahan éra jeung kuciwa, ahirna Icih nangtung terus lumpat kaluar bari ngagukguk ceurik, teu ngalieuk deui ka tukang.

Udin can wani ngudag, sabab hayang nyaho heula sandiwara naon deui anu bakal dimaénkeun ku Rukmini dina luhur panggung. Kadéngé Dudung nyarita bari nyekelan mic,

"Haturnuhun kana kapercantenan nini salaku mantan diréktur Palapa ka abdi, abdi pasti bakal 'bekerja keras' sabagé diréktur énggal. Sacara profésional pasti bakal merhatoskeun kana kalancaran proyék anu parantos dipercantenkeun ku Bima Raya ka Palapa"

Saterusna disambung ku Rukmini,

"Salajengna, sabagé rasa sukur ti sim kuring. Kuring nganuhunkeun ogé ka pangeresa diréktur Bima Raya, bapak Radén U. Subrata!" Ceuk Rukmini bari keprok.

Hadirin ogé keprok bari marelong ka korsi jajaran hareup, nungguan saha anu bakal nangtung. Sabab sararéa ogé can aya anu kungsi nyaho kumaha rupa jeung dedegan diréktur anyar Bima Raya anu kawéntar beunghar.

Kadéngé sababaraha urang ngagerendeng patingkuciwes silih haréwos.

"Ceu kuring sigana Diréktur anyar téh budak ngora anu meuli kongkorong di Émily, moal salah!"

"Sarua jeung pamikiran kuring, pasti manéhna. Anu fotona sumebar dina médsos" ceuk baturna némbalan.

"Enya euy, panasaran hayang nyaho rupanya" témbal saurang deui.

Tina korsi jajaran kadua, Lalaunan Udin nangtung. Kabéh ondangan anu mémang keur narungguan saha anu bakal nagtung, jelas sararéa ngalieuk ka Udin.

"Udin, nanaonan ari sia? Diuk! Ulah ngérakeun!" Ceuk Lastri bari ngenyang leungeun Udin sangkan diuk deui.

Kabéh jelema kawas nu kasima, kaasup Frédi jeung Ibro, malah Ibro mah anu mémang saacana geus curiga ti saprak dirina di usir ti Bima Raya langsung noél ka Unah bari ngaharéwos,

"ceuk akang ogé naon, pasti si Udin"

"Mustahil kang, uwa Lastri moal wani metot leungeuna bari nyarita kasar kitu lamun bener si Udin direktur Bima Raya" témbal Unah lalaunan.

"Woy, runtah! Nanaonan nangtung? Ulah coba-coba ngacowkeun acara. Diuk!" Ceuk Dudung ti luhur panggung ngagorowok maké mic.

Udin teu malire, tapi ngaléngkah ka jajaran korsi hareup terus diuk dina korsi kosong gigireun Susi, Udin ngaharéwos ka Susi. Saenggeus diharéwosan, Susi unggeuk.

Nempo kajadian éta Rukmini jeung anu séjéna colohok. Sabab teu percaya Udin bakal wani ngaharéwosan Susi, wakil direktur Bima Raya anu dipihormat ku sasaha. Rohangan anu sakitu gedéna ngadadak jempling kawas anu euweuh eusian. Kabéh saolah-olah keur nahan napas nungguan anu bakal kajadian saterusna.

Réngsé ngaharewosan Susi, Udin langsung ngagedig kaluar, maksudna rék néangan sarta ngupahan Icih anu tangtuna keur sedih pisan.

Susi nangtung, terus ngaléngkah naék kana luhur panggung terus nyokot mic tina leungeun Dudung. Bari imut marahmay, Susi ngomong,

"Sadérék sadayana. Saleresna diréktur tos aya didieu, nanging anjeuna teu acan lebet, masih kénéh aya diluar"

Kabéh hadirin ngarénghap ngemplong, Komo Rukmini mah kaciri pisan atohna. Sabab hartina diréktur Bima Raya lain Udin.

Susi neruskeun deui omonganna,

"Supados kauninga ku sadayana, kunaon pangna bapa diréktur alim lebet? Margi dunungan abdi ngaraos kuciwa ku acara ieu, anjeuna pendak sareng ibu Icih diluar dina kaayaan nuju nangis. Anu ahirna nyandak sikep mutuskeun kerjasama kontrak sareng Palapa. Kaputusanna éta di dugikeun ka ibu Icih diluar. Ku ibu Icih didugikeun deui ka carogéna ngalangkungan pesen WA. Teras nembé amanatna éta ku carogéna didugikeun deui ka abdi. Janten ti danget ieu, teu aya deui anu namina kontrak kerjasama proyék antawis Bima Raya sareng Palapa. Ayeuna dunungan abdi parantos mulih"

Kabéh ondangan reuwas, rohangan anu tadina simpé jadi ngaguruh ku rupa-rupa koméntar. Dudung nu nangtung langsung leuleus, terus diuk dina korsi anu aya dina luhur panggung bari kaciri beungeutna pias.

"Ibu Susi, anu disaurkeun ku salira leres?" Rukmini nanya ka Susi.

"Leres Bu, proyék ieu awalna tina kamufakatan antawis dua fihak. Nyaeta dunungan abdi sareng ibu Icih. Nanging salira nembé tos ngaklaim yén kontrak ieu alatan jasa Dudung. Janten hapunten pisan, Bima Raya teu tiasa ngalajengkeun kerjasama sareng Palapa. Abdi ogé seja pamit" témbal Susi bari neundeun mic terus turun tina panggung ngaléngkah gancang kaluar.

Kusabab mic can dipareuman, atuh penjelasan Susi bieu téh kadéngé jelas ku sararéa nepi ka barisan korsi anu pangtukangna. Anu nyababkeun sora di rohangan beuki ngaguruh. Ahirna kabéh ondangan jadi nyaho kalicikan Rukmini.

Nepo acara teu saperti anu dibayangkeunna, ondangan saurang-saurang mimiti baralik bari patinggerendeng. Sararéa ngejejeléh ka Rukmini anu dianggapna geus ngajieun kasalaha gedé, ngawiwirang dirina sorangan.

Rukmini ngarasa euweuh beungeutan, terus diuk gigireun Dudung bari ngeluk tungkul. Sabab teu ngabayangkeun ti saméhna acara anu geus méakeun biaya gedé peuting éta bakal jadi ahir sagala impianna. Diputus kontrak ku Bima Raya, naon bédanya jeung diblokir. Sedengkeun Rukmini nyaho pisan, perusahaan mana waé anu geus di blacklist ku Bima Raya moal aya anu awét. Saupama kamari Rukmini teu kapangaruhan ku Dudung, tangtu kajadiana moal kieu.

Keur baluweng mikir. Dudung malah nanya,

"Ni, pengangkatan abdi sabagé diréktur parantos diumumkeun. Iraha nini badé serah terima ka abdi?"

Rukmini mureleng ka Dudung, leungeuna ngadadak ngeleper terus nyabok pipi Dudung,

"Dasar Incu koplok! Dina kaayaan kieu masih kénéh mikiran jabatan?"

Di luar Udin rurat-rérét néangan Icih. Di juru taman katémbong Icih keur nagog nonggongan bari nyegruk ceurik. Lalaunan Udin ngadeukeutan, terus ngaleupaskeun jasna, disangsangkeun dina taktak Icih sangkan teu katirisan ku angin peuting. Udin nagog gigireuna, ngusapan tonggong Icih bari nyarita,

"Ulah dipaké ceurik nyi, geus euweuh anu bisa diharepkeun. Ibu susi geus balik. Kontrakna ogé geus diputus. Nanaonan maké jeung diceungceurikan? Percumah Dudung diangkat jadi diréktur ogé lamun proyékna gagal dipigawé"

"Akang mah teu ngartos, kulawargi urang salami ieu mung janten bahan panghinaan kumargi balangsak. Upami abdi janten Diréktur, abdi tiasa ngangkat darajat kulawargi" témbal Icih bari nginghak.

Udin terus ngupahan,

"Sakeudeung deui maranéhna anu bakal datang ka nyai ménta dihampura sarta bakal ménta nyai sangkan jadi diréktur. Jadi ulah kateterusan sedih, ké geulisna leungit" ceuk Udin bari imut.

"Mustahil kang, watak Nini keras, hésé dirobih. Langkung saé akang ka lebet deui, tingalkeun abdi nyalira didieu" ceuk Icih.

Udin teu indit, tapi ngaranggeum tak-tak Icih kudua leungeuna, ditangtungkeun, terus disinghareupkeun ka dirina terus dirangkul.

"Sok nyi, ceurik sing wareg dina dada akang. Sugan bisa ngaringankeun rasa kuciwa nyai" ceuk Udin bari ngusapan buuk Icih pinuh ku kadeudeuh.

Teu lila Rukmini datang rurusuhan nyampeurkeun dituturkeun ku kulawarga Kusumah anu séjénna. Bari ngahégak lantaran leumpang gancang ti jero, Rukmini nyarita ka Icih,

"Cih, buru udag ibu Susi, olo ulah nepikeun ka kontrak diputus!"

Salian béja ti Udin. Icih mémang ngadéngé kabéh ucapan Susi tina speaker anu kadéngé nepi kaluar. Wajar Susi kasinggung sarta ngaréka yén Dirékturna geus aya. Jadi Icih teu reuwas. Tapi tetep haténa mah manghanjakalkeun jeung ngarasa sedih lantaran perjoanganna nyatana diruksak ku Rukmini jeung Dudung. Jadi Icih teu némbalan.

Lantaran Icih teu némbalan. Dudung nyarita,

"Kunaon cicing téh? Ieu pan lantaran tétéh. Tétéh jeung diréktur Bima Raya geus ngabadamikeunna di dieu pan? Jadi tétéh kudu tanggung jawab!"

Rukmini nampiling deui pipi Dudung,

"Sia moal eureun nyieun masalah? Sadar incu kurang ajar! Ngajedog!"

Saterusna Rukmini ngarérét ka sararéa,

"Déngékeun ku sararéa. Icih anu pantes jadi diréktur. Tadi ucapan kuring ukur kasalah fahaman"

"Lain tadi nini geus ngumumkeun kuring anu jadi diréktur? naha ayeuna bet robah deui?" Ceuk Dudung teu tarima.

"Mun aing teu diracunan ku sia, moal kieu kajadianna, mantog!" Cek Rukmini ngagorowok kana ceuli Dudung.

Dudung teu nembal deui, ukur ngadelék ka Rukmini bari ngusapan pipina anu geus dua kali ditampiling.

"Icih, anjeun daék jadi diréktur pan? Susulan ibu Susi terus jelaskeun. Ulah ngantep Palapa ancur" ceuk Rukmini ngolo Icih.

Icih tanggah ngarérét kana beungeut Udin ménta pendapatna.

"Naon tadi ceuk akang, teu kudu nyai anu ménta. Nyai pasti ditawaran" Ceu Udin ngaharéwos bari noél irung Icih.

Icih seuri maur bari nyokot HP tina tasna,

"Mangga, ku abdi ditelepon"

Kabéh caricing nempo Icih nelepon. Loud speaker ngahaja diaktifkeun ku Icih sangkan kadéngéun ku sararéa.

"Halo ibu Susi, nini nyuhunkeun abdi ngajelaskeun kalepatan anjeunna tadi. Saleresna anu janten direktur téh abdi. Ibu Susi tiasa masihan kasempetan deui perkawis kontrak?" Ceuk Icih.

Kadéngé Susi némbalan,

"Upami salira dirékturna, mangga, kontrak tiasa dilajengkeun. Bima Raya mung percanten ka salira, janten teu kenging aya fihak katilu anu ikut campur. Éta anu dipikahoyong ku diréktur, Upami aya kasempetan, tangtos anjeunna bakal ngajelaskeun ka salira alesanna"

Sabot anu séjén atoh ngadéngéna, Icih mah malah kerung, sabab teu ngarti kunaon Bima Raya ngaistimewakeun dirina. Asa anéh.

"Upami kitu, tiasa salira mulih deui ka acara?" Ceuk icih

"Mangga bu, kaleresan abdi teu acan tebih" témbal Susi.

Sararéa ngarasa reugreug, ahirna ngabring baralik deui ka jero ténda. Teu lila mobil Susi kaciri parkir deui di lawang hareup, Icih buru-buru mapagkeun Susi anu kaluar tina mobil terus dibawa asup.

Sanajan tamu kari saeutik, Rukmini tetep neruskeun acarana. Leungeun Icih ditungtun naék kana panggung. Dituturkeun ku Susi anu sarua milu naék kana panggung. Rukmini nyarita bari nyekelan mic,

"Sim Kuring neda dihapunten ka sadayana margi parantos midamel kalepatan ageung. Kanyataana Icih anu parantos nyukséskeun kontrak kerjasama sareng Bima Raya didukung sapinuhna ku sim kuring kalih wargi-wargina. Hartosna anu langkung pantes janten diréktur palapa kanggé gegentos sim kuring mung Icih"

Mic direbut ku Susi,

"Dikoréksi ku kuring, kerjasama murni usaha Bu Icih, tanpa bantuan atawa dukungan ti sasaha"

Kalakuan ibu Susi memang teu sopan, tapi para tamu anu masih kénéh hadir keprok ngarasa panuju. Sabab jelas tadi kasaksian ku sararéa lamun Rukmini mémang ngahaja hayang nyingkirkeun Icih.

Dina panggung Susi nyodorkeun leungeuna ngajak sasalaman ka Icih,

"wilujeng nya Bu" saterusna ngarangkul Icih.

Icih maksakeun seuri sanajan bingung, teuing geus sabaraha kali ucapan Udin bener. Kawas anu keur tetebakan tapi kabéh anu dicaritakeunna ngabukti. Ayeuna dirina dipénta langsung ku Rukmini pikeun jadi diréktur.

Acara ahirna dituluykeun kana acara makan-makan anu saterusna acara dibubarkeun. Sanajan geus balik ka Imah ogé Icih masih tetep bingung.

Isukna Icih geus dangdan siap-siap rék indit ka Palapa dina kaayaan haté anu bungah. Sabab poé éta dirina bakal mimiti diuk dina korsi diréktur anu saacana didiukan ku Rukmini. Saméméh indit ningalkeun kamar, Icih deku heula nyium tarang Udin nu masih ngaréngkol dina samak.

"Nuhun nya kang"

Saterusna Icih kaluar ti imah nyegat taxi.

Pabeubeurang Udin kakara hudang, terus diuk bari ngarérét kana luhur ranjang, nyatana Icih geus euweuh. Rét Udin kana jam dinding, Udin ngagebeg reuwas. Sabab nyatana geus beurang jaba can bébérés imah, can nyeuseuh jeung can masak. Jadi buburu Udin kaluar ti kamar terus nyokot sapu keur sasapu, diteruskeun ku ngepél, nyeuseuh, Jeung ngistrika. Geus réngsé, terus nyokot sapédahna di pipir Imah sabab kudu ka pasar meli sayuran keur dahareun soré. Ngan kakara ogé rék ngaboséh sapedahna. Lastri nelepon kana ponsélna.

"Din, buru ka kantor Asuransi Mutiara jalan Suci ayeuna kénéh, Tulungan Ema"

"Mangga ma" témbal Udin bari kerung. Udin rék nanya deui, ngan telepon kaburu ditutup ku Lastri.

Nyambung....