"Sarua, tampiling 3 kali terus balangkeun kaluar" ceuk Bahar.
Ngadéngé mitohana rék ditampiling, Udin buburu ngajleng asup ka jero terus nangtung gigireun Lastri bari néwak pigeulang leungeun préman anu geus ngalogodor rék ngajenggut buuk Lastri.
Nyaho aya préman rék ngajenggut buukna, Lastri ukur bisa ngajerit bari meureumkeun panona. Tapi lila ditungguan buukna can aya waé anu ngajenggut, Lastri ngarampaan sirahna terus beunta. Lastri reuwas sabab di gigireunna geus nyampak aya Udin keur nyekelan pigeulang leungeun préman anu tadi rék ngajenggut buukna.
Bahar ningali aya pamuda asup sarta wani ngahalangan anak buahna anu rék nampiling Lastri langsung nanya,
"Saha silaing? Hayang modar?!"
Udin nunjuk ka Frédi,
"Bahar! Anjeun nyiksa lalaki éta tepi ka kojor ogé kuring teu paduli. Tapi nini-nini ieu mitoha kuring, kuring teu bisa ngantep"
"Oh, jadi éta mitoha silaing. Terus kulantaran rék ngabéla mitoha, silaing wani cucungah ka déwék?" Ceuk bahar ambek sabab geus ngarasa dicampelakan ku 2 budak ngora, tadi ku Frédi, ayeuna ku Udin.
"Podaran jelema nu geus bosen hirup ieu" ceuk Bahar ka anak buahna bari nunjuk ka Udin.
Udin ukur seuri bari ngodok sakuna ngaluarkeun HP,
"Ké heula, saacan maéhan kuring, kuring rék ngawawuhkeun heula hiji anak buah kuring ka anjeun" Terus Udin nelepon Isak,
"Aya naon gan?" Kadéngé Isak nanya saenggeus teleponna nyambung.
Udin buburu nyarita,
"Mang, kuring ayeuna keur paadu hareupan jeung anu ngarana Bahar, kuring diancem rék dipaéhan. Mamang nyaho ka anu garaba Bahar?"
"Kurang ajar! Mana jelemana? Bikeun telepona ka si Bahar gan" ceuk Isak ambek.
Udin mikeun telepona ka Bahar, sanajan rada teu ngeunah haté, Bahar narima ku leungeun kéncana terus HP ditapelkeun kana ceulina
"Déwék Bahar, Saha didinya? Rék ngabéla budak ieu?"
"Bahar! Aing Isak! Wani noél dunungan aing anu ngarana Radén Udin Subrata. Ayeuna kénéh pamajikan jeung anak-anak sia diduruk kabéh ku aing" ceuk Isak nyorongot.
"Radén Udin?" Ceuk Bahar ngayakinkeun.
"Heueuh! Pamuda anu keur disinghareupan ku sia, éta dunungan kuring. Tapi montong nyebut status juragan hareupeun batur. Ieu masih rusiah. Kaharti?" Ceuk Isak deui. Terus HP dipareuman.
Ngadéngé Isak ambek. Jelas Bahar sieun. Bahar nyaho Isak saurang mantan perwira TNI anu anak buahna ogé sarua loba jeung dirina. Anak buah Isak terlatih di widang militer. Sedengkeun anak buahna ukur préman tukang gelut biasa. Saupama diadukeun jeung anak buahna, jelas anak buahna moal bisa nguntup.
Rét Bahar ka Udin, HP dibikeun. Bahar kerung sabab bieu Isak nyebutkeun pamuda ieu dununganna. Tapi piraku turunan Subrata kuleuheu, teu kaciri dedegan saurang ningrat.
"Ngaran silaing Saha?" Ceuk Bahar nanya ka Udin.
"Udin" ceuk Udin bari nyakuan HPna.
"Udin naon?" Bahar nanya deui.
"Udin Subrata" témbal Udin bari melong beungeut Bahar.
Bahar langsung deku,
"Hampura, kuring teu taliti ningali anjeun. Kuring teu nyaho éta mitoha anjeun, Ieu kabéh ukur salah faham. Ulah ambek ka kuring" ceuk Bahar acong-acongan nyembah.
Héri bingung nempo Bahar kalah andiprek deku hareupeun Udin, Kitu deui anak buah Bahar anu opatan. Sabab teu nyangka raja préman anu barangasan nepi ka deku. saha pamuda ieu?
"Kuring bisa ngahampura, tapi masalah asuransi, duit poko jeung dévidén anu dijangjikeun. tetep kudu dibéréskeun" témbal Udin
Bahar ngalieuk ka Héri, terus nyentak,
"Heri. nungguan naon deui? Buburu béréskeun!"
Bari ngadégdég Héri unggeuk,
"Mangga kang" saterusna Héri lumpat ka jero.
Lastri ukur colohok ngalalajoan prosés demi prosés kajadian bieu, anu katempo jeung anu kadéngé. Kabéh euweuh anu asup kana akal Lastri. Frédi anu karék sadar tina pingsanna ogé sarua colohok bari diuk nyusutan getih tina beungeutna ku saputangan.
Teu lila Héri ngurunyung ti jero bari ngajingjing koper ku leungeun katuhu, Jeung keretas daftar klien dina leungeun kénca. Bari nempo daftar ngaran dina keretas, Héri muka koper terus nyokot hiji amplop eusi duit anu geus di ngaranan. Terus mikeun amplop ka Lastri bari nyarita,
"Bibi Lastri, Poko anjeun 1,3jt dévidén 200rb. Dina amplop aya 2jt. Anu 500 rébu éta tanda hampura ti kuring" ceuk Héri bari mikeun amplop ka Lastri.
Lastri ngarawél amplop langsung ditangkeup kana dadana bari atoh.
"Nyaan eusina 2jt ieu téh?"
"Enya Bi" témbal Héri.
"Terus kumaha duit klien séjén" ceuk Udin nanya.
"Sadayana diréngsékeun ku abdi ayeuna kénéh" témbal Héri.
Diluar nini-nini jeung aki-aki surak ngadéngé duit bakal dibagikeun. Kabéh nganuhunkeun ka Udin. Udin ngalieuk ka Bahar,
"Kang, Kuring rék balik tiheula. Wéyahna Akang kudu nyaksian didieu tepi ka duit bérés dibagikeun, ulah aya anu kaliwat"
Bahar unggeuk,
"Mangga dén, anak buah kuring pasti bakal ngabantuan Héri sangkan gancang réngsé. Lamun duit kurang, kuring bakal nambahan" témbal Bahar bari méré kodeu ku leungeunna maréntahkeun anak buahna mantuan Héri babagi amplop.
"Keheula, bieu akang ngomong lamun kurang rék ditambahan? Na ari kitu kumaha?" Udin nanya bari kerung.
"Sabenerna Mutiara keur rugi, duit teu kagolangkeun, jadi duit dina kas pasti moal cukup" jawab Bahar.
"Lamun kitu bagikeun saayana walatra, teu kudu akang nu nalangan. Kuring kadieu ukur nguruskeun duit mitoha. Euweuh kaitana jeung nu séjén" ceuk Udin.
Udin nyarita kitu sabab jujur dirina ogé masih keuheul ka sababaraha jelema anu tadi ngalédék dirina diluar. Jadi Udin pati paduli ka anu séjén. Bahar ngarti kana maksud Udin terus unggeuk,
"Siap Dén, tapi pamuda ieu kumahakeun?" Ceuk Bahar nanya ka curukna nunjuk ka Frédi.
"Terserah akang, Kuring teu wawuh" témbal Udin.
Bahar unggeuk bari ngarérét ka anak buahna,
"Gusur jelema ieu kaluar, ulah sina ngahalangan jalan, tadi wani nyentak nampeu kana beungeut dewek, ayeuna jejek beungeutna di luar"
Harita kénéh Frédi langsung digusur kaluar ku 2 préman bari disiksa, beuteung, dada jeung beungeutna ditincakan terus diculkeun diluar dina kaayaan ripuh baloboran getih jeung kekebul taneuh.
Nyaksian éta Udin ukur seuri. Bahar mikeun kartu namana ka Udin.
"Ieu alamat kantor jeung nomer HP Kuring, lamun aya nanaon di Bandung. Ulah asa-asa nelepon kuring"
Kartu nama ku Udin ditarima terus dipésakan. Saterusna Udin nyarita ka Lastri,
"Bu tos sonten, hayu uih"
Kadéngé Héri nyarita ka jelema loba nu masih ngariung,
"kulantaran Mutiara rugi, Kuring ngan ukur bisa méré dévidén 200 rébu saurang, éta dévidén terahir, sabab perusahaan ieu rek dibubarkeun. Duit poko moal bisa dibalikeun deui jeung dianggap hangus. Anu daék narima 200 rébu, sok ngantri. Anu embung, teu nanaon, aranjeun bisa langsung balik"
Kabéh pating rarérét pasrah, tapi aya nini-nini nyampeurkeun ka Udin anu harita leumpang jeung Lastri kaluar rék nyegat taksi,
"Jang tulungan nini"
Udin ngalieuk, singhoréng nini-nini anu tadi célémbéng tatanya ngeunaan dirina ka Lastri. Jadi Udin seuri sinis,
"Ménta tulung ka minantu anjeun wéh"
Ngadéngéna kabéh kuciwa jeung ngarasa hanjakal. Mun seug tadi teu kapancing ku omongan Lastri anu ngagogoréng Udin, tangtu maranéhna ogé moal pipilueun ngahina. Anu ahirna nyinggung Udin. Ayeuna euweuh pilihan séjén, sararéa ukur bisa ngantri nungguan ngarana digero pikeun narima duit 200 rébu.
Dina taxi, Lastri nanya ka Udin
"Saha anu ditelepon ku manéh tadi nepi ka kang Bahar raja préman oge sieuneun?"
"Rerencangan kapungkur di proyék bu, sami sareng abdi tukang ngaduk" ceuk Udin.
Sanajan masih kurang percaya, tapi Lastri teu loba tatanya deui, pamikirna anu penting geus bisa mawa balik duit 2 juta ka Imah. Jadi Lastri sura-seuri sorangan sabab ngarasa bungah.
Terus Lastri nyarita deui ka Udin,
"Din, ulah nyaritakeun kajadian tadi ka bapa jeung ka Icih. Sabab duanana euweuh anu nyahoeun yén duit di teundeun ku ema di mutiara"
Udin unggeuk reugreug bari seuri, sabab lamun Lastri nyarita kitu, hartina Lastri ogé moal nyaritakeun status dirina. Jadi rusiahna tetep bakal buni.
"Mangga Bu, nanging saéna artos éta simpen di bank, ulah di bumi"
Lastri unggeuk. Terus maréntahkeun supir taksi sangkan eureun heula di ATM, sabab Lastri rék ngalakukeun setoran tunai kana akun bank milikna. Réngsé setor duit di ATM, Ahirna duanana langsung balik ka Imah.
Tepi ka Imah Udin langsung asup ka kamarna. Katempo Icih karék réngsé nelepon, terus seuri ka Udin anu karék datang. Udin nanya,
"Tos nelepon saha nyi?"
"Élsa, réréncangan sakola kapungkur kang. Anu ku abdi kantos dikenalkeun ka akang waktos urang nikah téa, anjeuna badé sumping ka Bandung" témbal icih
"Oh, enya akang inget, urang Jakarta téa anu bapana bos Kratingdaeng pan?" Ceuk udin
"Tah éta" Icih unggeuk ngabenerkeun.
"Élsa sumping ka Bandung sanés mung hoyong pendak sareng abdi atanapi kulawarga Kusumah anu sanésna. Nanging badé didamel di Bima Raya" ceuk Icih ngajelakeun.
"Hor! Pan bapana pengusaha, boga pabrik Kratingdaeng. Naha bet hayang digawé di Bima Raya?" Udin kerung.
"Duka atuh kang, abdi ogé teu uninga alesanna" témbal Icih.
Udin unggeuk, tapi tetep mikir. Naon tujuan Élsa anak pangusaha beunghar kudu digawé di perusahaan batur. Naha teu digawé di perusahaanna sorangan mantuan kolotna.
"Kang, abdi énjing aya meeting di Bima Raya perkawis proyék. Akang tiasa nulungan abdi ngajemput Élsa ka pull Cipaganti travel?" Ceuk Icih deui.
Udin beuki bingung, sabab saurang anak jelema beunghar, teu mawa mobil sorangan atawa dianteukeun ku supirna pribadina. Tapi malah naék kandaraan umum, Padahal mun niat maké hélikopter pribadi ogé kolotna pasti bogaeun. Tapi Udin buburu unggeuk,
"Enya nyi, ku akang dijemput isukan, tapi rék dibawa kamana?"
"Ulah kamamana heula, ajak tuang heula wéh di réstoran anu saé, upami abdi tos réngsé meetingna, tangtos abdi ogé bakal nepangan, ieu artos kanggé cepengan akang" ceuk Icih bari mikeun kartu ATMna ka Udin.
Ngan ku Udin di tolak,
"Teu kudu nyi, akang boga kenalan pemilik réstoran bari tara daék dibayar. Jadi nyai teu kudu ngaluarkeun duit"
Saterusna Udin ngirim SMS ka Bahar,
"Kang, apal tempat dahar anu alus? Isukan kuring rék ngajamu tamu. Tadina rék di Padma, tapi mang Isak keur dibéré tugas ku kuring keur nyiapkeun taman gantung, jadi kuring can wani ngaganggu"
Bahar males,
"Ulah hariwang dén, akang ogé boga réstoran sorangan. Ku akang dipangaturkeun hiji rohangan VVIP husus keur Adén, alamatna aya dina kartu nama anu tadi dipasihkeun"
Udin ngabales,
"Nuhun kang"
Isukna Icih meeting di Bima Raya. Kabeneran Udin ogé di Imah keur nelepon Susi anu aya di Bima raya nanyakeun ngeunaan Élsa. Susi reuwas lantaran Udin nyaho yén Élsa rék digawé di Bima Raya. Ahirna dijelaskeun yén Élsa mémang kungsi ngalamar, sabab basic pendidikanna luhur jadi langsung dipanggil rék diposisikeun sabagé manager administrasi. Sarta ngamimitian digawé pagéto. Udin teu kakabeuratan, Ngan ukur ngingetan ka Susi sangkan leuwih merhatikeun Élsa sarta kudu buburu laporan ka Udin lamun katempo aya galagat anu teu hadé.
Saterusna Udin kaluar ti imah naék taxi nuju ka pull Cipaganti. Tepi ka tujuan Udin nempo aya Dudung keur diuk dina Mercedes anu pantona muka tapi sukuna nanghujar kaluar siga anu keur nungguan jelema. Tapi ku Udin teu ditanya, jadi Dudung anu nanya.
"Keur naon kang aya didieu?" Kituna téh bari muih-muih konci mobil dina curukna anu ngacung.
"Rék ngajemput Élsa babaturanna Icih, aranjeun keur naon didieu?" Udin malik nanya bari kerung sabab nempo dijero mobil ogé aya Unah.
"Sarua rék ngajemput Élsa, tapi kuring mah mawa mobil, ari Akang ngajemput maké naon? Piraku rék dibawa kana angkot!" Témbal Dudung sinis.
Udin teu hayang paloba-loba omong, buburu asup ka rohangan tunggu panumpang. Dudung jeung Unah ogé sarua tarurun tina mobil terus nuturkeun Udin diuk di rohangan tunggu. Teu lila unit armada Cipaganti anu ditungguan datang langsung parkir, saurang awéwé anu kacida geulisna turun, béda pisan jeung panumpang séjénna. Élsa katempo panggeulisna jeung dangdananna ogé pangmodisna. Mun dibandingkan jeung Icih mah kageulisan Élsa sabelas-duabelas. Bédana Icih mah tara dangdan, ari Élsa mah reunceum ku perhiasan jeung makeup.
"Hey, Dudung, Unah tos lami ngantosan?" Ceuk Élsa nanya tiheula terus panona ngarérét ka Udin.
"Ieu kang Udin?" Bari nanya ka Udin.
Udin unggeuk bari nangtung seuri terus manggut.
"Anjeun asa beuki geulis Élsa, béda pisan jeung sataun katukang, kuring geus ngabooking rohangan makan di réstoran anu teu jauh ti dieu, hayu urang dahar heula" ceuk Dudung.
Élsa ménta di hampura ka Dudung,
"Dung, hampura. Saacanna kuring geus janjian jeung Icih. Jadi kuring kudu milu ka kang Udin. Masalah makan-makan mah pasti bakal aya waktu deui. Soalna kuring bakal lila di Bandung"
Dudung ngarérét kuciwa ka Udin, terus nyarita ka Élsa,
"Élsa, Kuring geus manjer tempatna, geus nunda déposit 500 rébu keur rohangan VIP di Rumah Klasik, réstoran panghadéna sakelas jeung réstoran-réstoran hotél béntang lima. Piraku kudu dibatalkeun mah. Milu ka kang Udin mah can tangtu di traktir makan di dinya"
Udin reuwas pas nyaho yén Dudung ogé rék mawa Élsa ka Rumah Klasik. Jadi buburu nyarita ka Élsa,
"Kabeneran kuring ogé rék ngajak anjeun ka Rumah Klasik"
Dudung kerung, terus nanya ka Udin,
"Tapi lain di rohangan VIP pan?"
"Lain, kuring geus mesen di ruang VVIP" témbal Udin.
Dudung colohok, terus seuri sinis,
"Ulah heureuy di hareupeun kuring. Bet ngabooking anu VIP ogé kudu manjer 500 rébu, komo VVIP rék sabaraha pamanjerna? Akang boga duit timana? Jeung deui sakanyaho kuring di Rumah Klasik euweuh rohangan VVIP, panghadéna VIP"
Bandung mémang kawéntar ku kulinérna. Élsa ogé geus lila ngadéngé kaméwahan Rumah Klasik. Tangtu bakal mahal pisan saupama dahar didinya. Jadi Élsa nyarita,
"Sadayana ogé sami réréncangan abdi, nanging teu kedah kalalangkungan dina memperlakukeun abdi dugi ka miceunan artos kanggé tuangeun, abdi mah tuang di warteg ogé parantos biasa"
"Anjeun tamu terhormat, geus sawajarna dipihormat" ceuk Dudung
Élsa seuri, terus nyarita deui sangkan Udin jeung Dudung teu debat kapapanjangan,
"Kumaha upami kieu, kumargi sami-sami ngajak abdi ka Rumah Klasik, hayu urang angkat sasarengan"
"Hayu" Dudung unggeuk,
"Itu mobil kuring" bari nunjuk kana mobilna. Saterusna Dudung ngarérét ka Udin terus méré paréntah,
"Kang angkat koper Élsa asupkeun kana bahasi"
Udin unggeuk teu ngabantah. Saenggeus koper diasupkeun kana bahasi, Udin ogé naék kana mobil diuk di hareup gigireun Dudung anu nyupiran. Sedengkeun Élsa jeung Unah diuk dina jok tukang. Mobil ahirna maju. Teu sabaraha lila mobil geus tepi ka tujuan.
Rumah Klasik nyaéta rumah makan 3 tingkat khas Sunda. Wangunan jeung dékorasi dijerona ogé ala Sunda, tapi didesain méwah jeung bersih pikabetaheun. Harita opatanna dariuk nungguan di lobi rétoran sabada Dudung kudu ngalaporkeun maksud jeung tujuanna ka bagéan résépsionis.
Udin anu munggaran ka Rumah Klasik colohok bari rurat-rérét. Teu nyangka kang Bahar boga réstoran anu sakitu méwahna. Iraha-iraha, Udin boga niat hayang mawa icih dahar ka dinya.
"Teu tebih sareng anu sok dicarioskeun ku batur, Rumah Klasik eres-leres méwah" ceuk Élsa anu sarua kakara harita datang ka Rumah Klasik bari gogodeg reueus.
Ningali Udin jeung Élsa pating colohok nempo kaméwahan di jero Rumah Klasik, Dudung anu kakara balik ti résépsionis langsung ngomong,
"Kuring mah ampir unggal Minggu kadieu. Anu terahir mangkukna jeung Frédi Wijaya, calon adi beuteungna Unah"
"Baruk! Unah badé nikah?" Elsa ngarérét ka Unah bari nanya.
"Muhun, sareng kang Ibro Wijaya" témbal Unah.
"Kang Udin mah karék ayeuna nya kadieu, karunya teuing" ceuk Dudung nanya sinis.
Disambung ku Unah,
"kang Udin, saurna parantos ngabooking tempat di dieu. Anu mana? Hayu atuh abdi hoyong ningal"
Udin unggeuk,
"Kusabab Kuring kakara kadieu, jadi Kuring teu nyaho lebah mana rohnagan VVIP-na. Tapi bosna geus di SMS, kari nungguan balesanna"
Dudung nyakakak,
"Ngabohong téh asa kacida akang mah, maké jeung wani nga-SMS bosna sagala, mémangna akang wawuh ka bosna? Ulah sagawayah nyarita lamun can nyaho. Nu boga Rumah Klasik ngaranna kang Bahar, akang bisa cilaka saupama ngaku-ngaku wawuh bari henteu"
Udin gogodeg, mimiti geregetan ka dudung. Nyarita jeung Dudung asa nyinghareupan jelema idiot. Matak Udin milih cicing ngéléhan teu némbal tibatan ahirna kudu paréa-réa omong.
Nyambung....