Udin ngarérét ka Unah terus nanya pura-pura teu nyaho,
"Aéh enya nah, béjana Frédi kamari aya anu nyiksa, naha bener?"
Unah unggeuk,
"Enya ceuk kang Ibro mah, akang nyaho timana?"
"Sarua ukur béja, akang ogé teu nyaho" témbal Udin.
"Saupama akang nyaho, caritakeun ka kuring ulah asa-asa. Sabab kang Ibro mémang keur néangan palakuna pikeun balitungan" ceuk Unah deui.
"Henteu" Udin gogodeg terus seuri bari ngagerentes dina jero haténa,
"Dasar kulawarga idiot, nepi ka teu nyaho anu geus nyiksa si Frédi, kang Bahar. Pamilik Rumah Klasik ieu. Sedengkeun ayeuna aranjeun rék dalahar di dieu"
Dudung katempona geus teu sabar. Terus-terusan ngarérétan ka patugas anu aya dina méja resépsionis. Sabab biasana saenggeus tamu ngalakukeun reservasi. Patugas resepsionis sok nitah saurang palayan pikeun nganteurkeun tamuna ka rohangan anu geus dipesenna. Tapi palayan anu ditungguan can datang kénéh waé.
Sedengkeun Unah langsung uplek ngobrol jeung Élsa. Teu lila torojol saurang lalaki maké kaméja hideung nyampeurkeun. Udin mah wawuh, nyaéta salah saurang préman anu marengan Bahar di Asuransi Mutiara téa. Si lalaki ogé wawuheun kénéh ka Udin, Matak langsung ngabongkokeun awakna rengkuh hormat. Ngan ku Udin dikiceupan. Sikepna langsung robah jadi biasa. Terus nyarita,
"Mangga sadayana ngiring ka abdi, rohangan anu dipesen parantos disiapkeun"
Ahirna opatanna nangtung terus laleumpang nuturkeun si lalaki. Bari leumpang Dudung kerung sabab ngarasa anéh. Biasana lamun Dudung ka dinya. Anu nganteurkeunna pasti saurang palayan maké seragam khas rumah klasik, nyaéta kaméja bodas sarta dasi kukupu. Rek awéwé rék lalaki dina cangkéngna pasti meulit célémék. Terus dina sakuna ogé sok ngagantél ID card anu némbongkeun idéntitasna di dinya sabagé palayan. Jaba sok nanya heula ngaran sangkan teu salah jelema, kakara dianteurkeun. Tapi ieu mah maké kaméja hideung jeung teu maké ID atawa célémék. Sumawona nanya ngaran heula.
Nepi ka hareupeun rohangan VVIP, si lalaki ngomong ka Udin bari nyodorkeun keretas jeung pulpénna,
"Maangga ditawis heula serat konfirmasina" Ngan buru-buru keretas jeung pulpén direbut ku Dudung,
"Kuring anu mesen tempat, lain manéhna" ceuk Dudung bari gutret nuliskeun ngaranna jeung tanda tangan.
Si lalaki seuri, terus ngaharéwos ka Udin,
"Saha jelema ieu kang? Naha perlu diteunggeulan ku kuring?
Udin gogodeg,
"Ulah, manéhna hayang nandatangan, nya keun wé antep, teu jadi masalah keur kuring mah"
Bari narima surat konfirmasi anu geus ditandatangan ku Dudung, si lalaki nyarita deui ka sararéa bari nunjuk ka jero rohangan ku jempol leungeuna,
"Mangga teras kalebet, sakedap deui tuangeunna sumping"
Ahirna sararéa asup ka jero, terus dariuk. Lantaran rohangan VVIP anu mémang ngan hiji-hijina di Rumah Klasik. Wajar saupama dina luhureun panto euweuh tulisan ngaran rohanganna teu siga di rohangan séjénna. Jadi Dudung ngarasa yén éta rohangan VIP anu dipesen ku dirina. Dudung ngarérét sinis ka Udin. Dudung mémang teu nyaho di rumah klasik aya rohangan VVIP, sabab tara dipromosikeun. Jadi dina brosur Rumah Klasik ogé moal aya,
"Bener-bener ngérakeun akang mah, teu tatanya saha anu mesen jol rék maén tandatangan waé"
Lantaran aya Élsa, Udin teu hayang riributan, jadi Sagala rupa hinaan ti Dudung mimiti ti pull Cipaganti kénéh tepi kadinya, kabeh diteureuy. Sabab Udin nyaho Élsa sobat dalitna Icih, Udin teu hayang nguciwakeun Élsa.
Selang sababaraha menit palayan rumah klasik rabul daratang saurang-saurang bari naranggeuy rupa-rupa hidangan khas Sunda anu méwah. Dijeun tina bahan pilihan anu kualitasna alus sarta hargana ogé tangtu mahal. terus kabéh dahareun diamparkeun rapih dina méja. Aya iga bakar, saté, bakakak, guramé jeung sajabana, malah aya sababaraha hidangan anu lain kadaharan khas sunda saperti abalon, lobster jeung sajabana.
Kabéh panon colohok nempo hidangan anu disajikeun anu jenis pasakanna aya belasan. Bet Élsa ogé anu sapopoéna dahar méwah di Jakarta can ngalaman ngadahar hidangan anu bener-bener loba sarta méwah kawas ayeuna. Méwah lain tina papasakana, tapi tina bahan anu dipasakna. Kabéh bahan berkualitas jeung mahal.
Unah ngaharéwos nanya ka Dudung,
"Sabaraha anjeun ngabooking tempat ieu?"
"500 rébu, 50% tina total harga" témbal Dudung
Unah colohok,
"Hartina kadaharan sakieu loba jeung méwahna ukur sajuta? Anjeun nyaho sabaraha harga abalon jeung lobster? Can guramé jeung anu séjénna? Kabéh dahareun ieu ditaksir ku kuring hargana leuwih ti 5 juta"
Dudung ngadadak pias, sabab miturut dirina ogé mémang asa aya anu teu bérés, asa mustahil Rumah Klasik daék ngajual rugi. Teu dilila-lila, Udin mah langsung ngajak Élsa ngalas terus nyelebek dahar. Élsa ogé nurut kana pangajak Udin sabab mémang beuteungna geus lapar. Élsa teu nyaho anu keur dipikiran ku Dudung. Jadi bari ngagayem Élsa nyarita,
"Dudung, nuhun pisan kana traktiranna, teu nyangka hidanganna méwah jeung nikmat pisan"
"Teu masalah, teu perlu nganuhunkeun" ceuk Dudung unggeuk bari fikiranna mah masih bingung.
Unah nyarita ka Udin,
"Kang Udin, anjeun mah pasti can kungsi ngadahar kadaharan méwah siga kieu pan? Sanajan Dudung anu mayar, tapi akang teu perlu asa-asa, sok dahar sing wareg, bisi kurang mah kari ménta ka palayan sangkan disiapkeun deui sarta dikirim ka dieu"
Udin ukur unggeuk bari anteng nyelebek dahar.
Ngan Dudung nyarita,
"Sanajan dibébaskeun, tapi kudu nyaho étika dahar. Ulah sagala dipapay ku sorangan"
Dina pikiran Udin, jadi ras inget kana kenangan dirina keur leutik, baheula di Imah kulawarga Subrata, kadaharan modél kieu jadi hidangan resmi kulawargana sapopoé. Jadi Udin geus teu anéh. Ngan mémang salila 13 taun Udin can kungsi ngalaman deui. Kakara ayeuna.
Nempo Udin tonggoy dahar bari teu némbalan, Unah negor,
"Kang Udin! Anjeun ngadéngé kana omongan kuring jeung Dudung?"
Ngan teu disangka, panto rohangan ditajong ti luar nepi ka muka. Saurang lalaki jangkung badag langsung ngabedega bari molotot mencrong ka sararéa.
"Timana asal maranéh kunyuk? Saha anu geus ngijinan asup kadieu?"
Kabéh jelas ngarénjag terus eureun tina daharna bari neuteup sieun ka si lalaki. Ukur Udin anu masih tenang nyelebek dahar teu nolih nanaon. Lalaki jangkung badag éta ngarana Murad, salah sahiji jelema kapercayaana Bahar. Bahar saacana geus talatah ka Murad yén rohangan VVIP bakal dipaké ku Radén Udin Subrata. anu ciri-cirina geus dijelaskeun ka Murad.
Jadi Murad mémang ngahaja ngosongkeun sarta nyiapkeun rohangan éta. Ngan ayeuna nyampak geus aya anu ngeusi. Basa Murad mariksa surat konfirmasina, didinya ditulis jeung ditandatangan ku anu ngaranna Dudung Kusumah, lain Udin Subrata. Sabab Murad sieun disalahkeun ku Bahar. Kapaksa Murad kudu ngaluarkeun Dudung jeung rombonganna bisi Udin Subrata anu dimaksud kaburu datang.
Dudung nangtung bari nanya,
"Aya naon ieu? Kuring geus mesen tempat ieu. Euweuh hak anjeun asup ku cara teu sopan ngaganggu anu keur dahar"
"Sia anu ngarana Dudung?" Murad malik nanya bari molotot.
"Enya, Kuring Dudung Kusumah" témbal Dudung.
Murad maju molotot bari leungeun kéncana ngaranggeum kerah baju Dudung. Tuluy Dudung digusur ka tempat anu rada lega.
"Naon salah Kuring, leupaskeun!" Ceuk Dudung anu teu nyangka bakal diperlakukeun kitu ku Murad.
"Pura-pura teu ngarti siah!" Jawab Murad bari ngaheumbatkeun leungeun katuhuna kana taktak Dudung satarikna, anu ngakibatkeun Dudung langsung ngudupruk deku hareupen Murad.
Panon Murad terus molotot ka Dudung bari ngaragragkeun surat konfirmasi ka hareupeun Dudung.
"Deléh kusia terus baca, rohangan naon anu geus dikonfirmasi ku sia? Aya hak naon sia nandatangan jeung maké rohangan ieu goblog!"
Tanpa némpo surat konfirmasi, dudung nyarita,
"Yakin salah faham ieu mah kang. Kuring geus mesen rohangan VIP sarta geus transfer deposit 500 rébu keur syarat bookingna"
Disambung ku Unah anu keur diuk,
"Bener kang, anjeun sebagé naon didieu? Bet wani memperlakukeun palanggan kawas kieu?"
Murad ngarérét ka Unah, terus mencrong deui ka Dudung,
"Ceuk sia bieu VIP pan? Déléh heula eusi suratna, jelas pisan didinya ditulis VVIP. Jadi anu dibooking ku sia lain rohangan ieu"
Dudung, Unah jeung Élsa colohok reuwas. Ukur Udin anu katembong masih tenang. Udin kalah nginum terus teurab meni ngaeureuleu.
Mémang ti tadi ogé ku Dudung geus karasa aya anu teu bérés, boh kaméwahan rohangan, cara pelayanan, jenis hidangan anu dihidangkeun, ujug-ujug daratang tanpa kudu mesen menu heula. Jadi Dudung pias, kesang tiis mimiti ngabaseuhan bajuna.
Unah ngomong ka Dudung,
"Dung, buru telepon kang Bahar"
"Ngajedog! Kuring teu wawuh ka kang Bahar" témbal Dudung
Unah kerung,
"Lain tadi basa dihareup anjeun ngomong wawuh?"
Élsa melong teu suka ka Dudung, sabab nyatana tadi geus dibohongan ku Dudung.
Panon Murad mencrong ka Dudung jeung ka Unah,
"Silaing geus wani nyebut ngaran kang Bahar, rék néangan pipanyakiteun? Kokod ieu anu tadi dipaké nanda tangan, bener?" Ceuk Murad bari ngaranggeum leungeun katuhu Dudung terus diparieuskeun nepi ka kadéngé sora ngabeletrok potong.
Dudung ngocéak ngarasa nyeri anu taya papadana. Teu karasa calanana baseuh alatan ngompolan manéh. Sabab jelas karasa tukang pigeulang leungeuna potong. Élsa jeung Unah beuki murungkut sieun. Duanana lumpat nyumput ka tukangeun Udin anu masih katempo tenang bari nyeunghil ku tusuk gigi.
Udin seuri terus nyarita ka Élsa,
"Elsa, anjeun ulah sieun, moal aya anu wani nganyenyeri awéwé lamun lain banci"
Bari muringis sarta bari nyekelan leungeun katuhuna anu ngaplék, Dudung neuteup ambek ka Murad, terus nyarita,
"Anjeun bakal hanjakal, kuring ti kulawarga Kusumah, adi kuring ogé tunangan ti katurunan kulawarga Wijaya. Anjeun bakal boga urusan jeung 2 kulawarga beunghar"
"Saha kulawarga Kusumah jeung Wijaya? aing Murad teu sieun! Mun sia hayang apal, kamari aya budak anu ngarana Frédi Wijaya, geus wani cucungah ka kang Bahar sarta geus diwarah, mémangna aya anu leuwih jago ti si Frédi?" Ceuk Murad bari habek sukuna najong dada Dudung.
Ngadéngé omongan Murad, Dudung jeung Unah beuki ngadarégdég. Sabab miturut caritaan ti Ibro, Frédi kamari aya anu ngarampog sarta dihuruk ku belasan urang. Unah teu nyangka yén kang Bahar sorangan palakuna. Sabot keur mikiran Frédi, leungeun Murad diheumbatkeun deui ngetig punduk Dudung, kasadaran Dudung langsung leungit sapada harita. Dudung ngajoprak teu usik-usik.
Unah ngajerit nempo dulurna teu sadar,
"Ambulan, ambulan" ceuk Unah bari buburu ngaluarkeun HP ku leungeuna anu ngeleper kawas anu lilinieun.
Murad ngalieuk bari molotot nunjuk beungeut Unah,
"Ulah wani-wani nelepon, kadieukeun HPna!" ceuk Murad bari lalaunan ngaléngkah ngadeukeutan Unah.
Unah mundur sieun terus eureun lantaran tonggongna geus napel kana témbok teu bisa kamamana deui. Hp direbut ku Murad bari beungeut Unah ditampiling. Sakali nampiling ogé pipi Unah langsung bareuh, biwirna langsung jamonom jeding. Élsa anu nempo Unah dicabok, buburu ngarangkul pageuh ka Udin anu masih diuk bari sirahna ditungkulkeun kana taktak Udin bakat ku sieun.
"Giliran sia duaan!" Ceuk Murad bari ngarérét ka Udin terus nyampeurkeun. Ragamang leungeun Murad ngalogodor rék ngajenggut buuk Élsa. Ngan méméh leungeuna tepi, satarikna Udin ngajejek beuteung Murad. Nepi ka Murad mundur sababaraha léngkah.
Udin nyarita,
"ukur banci anu wani nganyenyeri awéwé"
Lalaunan Udin ngaleupaskeun rangkulan Élsa anu masih nangkeup pageuh kana tonggongna saolah embung lésot.
"Mundur, jauhan akang" ceuk Udin bari nangtung.
"Saha sia?" Ceuk Murad bari ngusapan beuteungna anu tadi dijejek ku Udin. Tapi teu katembong nyerieun.
"Kuring jelema anu teu bisa ditoél ku saha waé" témbal Udin bari seuri sinis.
"Sia hayang modar didieu?" Ceuk Murad ambek pas ngadéngé jawaban Udin.
Udin teu némbalan, tapi ngangkat HP-na terus nelepon Bahar.
"Kang Bahar, Kuring ayeuna geus aya di rohangan VVIP. Ngan kuring jadi teu nafsu dahar sabab didieu aya cucunguk anu ngaranna Murad ngaganggu kuring. Pangagebahkeun heula kang!"
Élsa reuwas jeung beuki ngarémpod nempo Udin nelepon Bahar, Dudung tadi geus ngabohongan sararéa ngaku wawuh jeung Bahar. Ayeuna Udin nelepon Bahar. Lamun Udin ogé bohong sarta ukur pura-pura nelepon. Élsa yakin kabéh ahirna bakal cilaka. Lalaunan Élsa nyampeurkeun ka Unah, terus duanana nagog bari murungkut silih rangkul di juru rohangan.
Ngadéngé dirina disebut cucunguk, Murad kekerot ambek,
"Sia wani pura-pura nelepon kang Bahar, rék nyingsieunan ka aing!"
Saterusna Murad ngarontok ka Udin bari ngaheumbatkeun peureupna. Ngan aya peureup séjén geus leuwih tiheula ngahantem dadana anu ngakibatkeun awak Murad anu jangkung badag ngalayang mundur katukang deui langsung ragrag nangkarak bengkang, Murad muringis nyekelan dadana anu karasa nyeri, bari ohék-ohékkan batuk getih.
Nyampak Bahar geus ngabedega nyinghareup ka Murad bari nonggongan Udin, Bahar bieu anu nonjok Murad. Panonna molotot ka Murad,
"Dasar cucunguk, wani rék nenggeulan dén Udin?"
Ningali kang Bahar geus aya di dinya bari nyebut ngaran Udin. Murad buburu ngoréjat hudang terus deku. Langsung nanya bari tungkul,
"Akang geuning? Mémangna anu mana dén Udin téh kang?"
Kang Bahar maju bari nampiling Murad, kerah bajuna diranggeum terus digusur ka hareupeun Udin,
"Pan ku aing geus dijelaskeun ciri-cirina, masih tatanya kénéh? Nungguan naon deui? Buru ménta di hampura!"
Murad tanggah neuteup ka Udin, terus tungkul deui,
"Hampura ku kabodoan Kuring dén, kuring teu tatanya heula. Ampir kuring nyilakakeun anjeun"
Bahar ogé deku gigireun murad, terus nyarita,
"Hampura akang ogé dén. Rumasa akang telat datang jeung rumasa teu bisa ngawarah anak buah"
Udin nyampeurkeun ka Élsa anu masih murungkut nagog dijuru rohangan, terus dicekelan leungeuna ditangtungkeun. Saterusna Udin nyarita ka Bahar,
"Kuring pesen tempat ka anjeun pan keur duaaneun. Jadi sabenerna ukur ieu tamu kuring anu rék dijamu didieu, anu duaan deui mah lain"
Élsa jeung Unah kaciri bingung, sabab kabéh anu dicaritakeun ku Udin nyatana bener. Udin wawuh jeung Bahar sarta geus mesen kamar VVIP di Rumah Klasik. Dudung anu bohong disangka bener, sedengkeun Udin nu bener disangka bohong. Anu leuwih kagét deui nyatana rohangan VVIP ieu dipesen langsung ku Udin ka Bahar.
Bahar nangtung manggut ngahormat ka Élsa. Terus ngarérét deui ka Udin,
"Hampura akang ku kajadian ieu. Mun seug akang teu keur di luar, moal nepi ka kieu sabab pasti bakal akang langsung anu ngalayanan Adén. Kukituna keur nebus kasalahan akang. Mimiti poé ieu, rohangan ieu moal diséwakeun deui ka sasaha. Bakal jadi rohangan jamuan khusus keur Adén sarta tamu Adén. akang ogé moal wani ngagunakeunna. Adén bisa datang iraha waé dahar didieu kalawan gratis"
Saterusna Bahar nyusut kesang anu maseuhan tarangna. Udin unggeuk nganuhunkeun, terus ngarérét ka Élsa,
"Élsa kusabab Kuring mah geus wareg jaba didieuna ogé geus acak-acakan. Kumaha lamun kaluar, Icih pasti geus nungguan di Imah. Jadi wéyahna anjeun neruskeun dahar di imah"
Élsa teu némbalan tapi ngarérét ka Dudung anu masih kénéh ngagolér jeung ka Unah anu masih nagog nyempod di juru.
"Kumaha aranjeunna kang?"
Nyambung....