WebNovelAING UDIN18.29%

Udin jeung Ibro balap

Ibro nyampeurkeun ka Udin bari nyarita,

"Hayu balap, masalah bénsin ké ku kuruing digantian"

Élsa buburu nyarék,

"Kira-kira atuh manéh téh ibro, mobil Udin 520, sedengkeun mobil manéh 530, teu kudu dibalapkeun ogé geus pasti mobil manéh anu meunang. 2000cc ngalawan 3000cc, cik mikir atuh"

Ibro ngarérét ka Élsa terus nyarita,

"Si Udin bieu anu ngomong balap mah lain masalah jenis mobilna, tapi cara nyupiran jeung kawani. Jadi euweuh anu teu pantes. Si Udin kudu bisa ngabuktikeun omonganna"

Udin teu ambek, tapi neuteup ka Ibro bari seuri,

"Balapan moal ramé lamun teu bari tarohan. Kuring wani balap jeung anjeun, tapi kudu aya tandon anu jelas, naon anu rék ditandonkeun ku anjeun? Ulah ukur bacot hungkul"

Ibro nyakakak,

"Anu éléh deku ménta dihampura. Kumaha?"

Udin gogodeg,

"Tarohan budak leutik atuh éta mah. Kumaha saupama..."

Can kebat Udin nyarita, Darwin kaluar maké jas rapih bari mawa sakérésék gedé pepetasan rantuy. Terus seuri ka Udin,

"Hei Din, geus datang ning?" saterusna ngajak sasalaman.

"Suksés lur" ceuk Udin sarua seuri bari tipepereket nyalaman leungeun Darwin.

"Nuhun" témbal Darwin.

Ngan kadéngé Ibro nyambung caritaan anu tadi siga anu geus teu sabar,

"Din, ulah kamana mendi waé, obrolan urang can réngsé, kahayang manéh tarohan naon? Duit?"

Darwin kerung terus nanya ka Udin,

"Mémangna rék naraon, maké jeung aya tarohan sagala?"

Udin seri bari nempo eusi kerésék dina leungeun Darwin, terus nanya,

"Aya sabaraha runtuy pepetasanna?"

"Ngan 2 gantung, sagantungna eusi 100 pepetasan. Ngahaja meunang mesen. Ayeuna rék digantungkeun diditu, réngsé acara rék dibeuleum" témbal Darwin bari nunjuk kana tihang awi anu geus disiapkeun saméméhna.

Udin ngalieuk ka Ibro,

"Oké bro. Tarohanna, saha anu éléh, pepetasan ieu bakal di beuleum dina jero mobil bari panto jeung kacana ditutupan. Kumaha wani?"

Sabab yakin bakal meunang, Ibro geus teu mikir panjang deui, jadi langsung nyanggupan. Ibro seuri nyakakak bari ngabayangkeun mobil Udin diasupan 200 pepetasan dina kaayaan hurung, geus moal salah, jok sarta intérior séjénna pasti bakal amburadul.

"Kasempetan alus pikeun ngawiwirang si Udin" gerentesna.

Saterusna Ibro nyarita ka sararéa,

"Kabéh nu aya didieu kudu nyaksian, kuring rék balap jeung si Udin, saha anu éléh, pepetasan anu ayeuna aya dina leungeun Darwin bakal dibeuleum dina jero mobilna"

Saterusna Ibro ngarérét ka Udin,

"Hayu Din, start dihareup, di parapatan Dipatiukur balik deui. Saha anu pangheulana tepi deui kadieu. Éta anu meunang"

Udin unggeuk. Saterusna Ibro jeung Udin asup kana mobilna séwang-séwangan. Sabab aya anu ngabéjaan, babaturan séjén anu harita geus aya dijero réstoran ogé rabul kalaluar hayang milu lalajo. Atuh kaayaan jadi beuki ramé, jelema hareupeun Sans Co beuki ngagimbung. Sareréa ngarasa panasaran hayang nempo balapan 2 mobil anu dianggapna teu saimbang.

Élsa ngarangkul taktak Icih bari ngabeberah. Élsa jelema beunghar, jadi nyaho kana qualitas sagala jenis mobil méwah,

"Sing sabar nya Cih, sanajan kuring ogé teu yakin, tapi mudah-mudahan kang Udin anu meunang"

Tapi Icih kalah lumpat nyampeurkeun ka Udin anu geus rék nyetater mobilna, terus nyarita tina kaca jandéla anu muka pinuh ku rasa kahariwang,

"Batalkeun kang, ulah dilayanan"

"Moal nanaon nyi, akang pasti bakal meunang. Nyai mawa saputangan pan? Ayeuna ka tengah jalan. Saputangan éta acungkeun dimana akang jeung si Ibro geus siap, pikeun tanda start" tembal Udin bari nyetater mobilna terus kaluar ti parkiran.

Mobil Ibro ogé kaluar dituturkeun ku jelema loba anu langsung ngabaris di sisi jalan. Jeung ku kabeneran jalan harita rada sepi, ukur aya sababaraha kendaraan anu ngaliwat. Kawantu lain poé libur jeung masih dina jam kerja.

Sabab can ngarti carana jeung bingung, Icih ngaluarkeun saputangan tina tasna terus dibikeun ka Élsa. Élsa ngarti, saputangan ditarima terus Élsa ngaléngkah ka tengah jalan bari ngajiwir saputangan. Reg 2 mobil eureun kénca jeung katuhueun Élsa. Lalaunan Élsa mundur 5 léngkah sangkan tanda start ti dirina katémpoeun ku 2 supir.

Ibro kawas anu teu sabar, haben ngagerung-gerung mesin mobilna bari ngarérétan ka udin, tapi Udin mah kalem teu némbongkeun éksprési nanaon. Sedengkeun leungeun Élsa geus ngacung duanana, anu kénca ngacungkeun 3 ramo, sedengkeun anu katuhu nyepengan saputangan anu geus siap dikebetkeun. Ramo Eélsa mimiti ditilepkeun hiji-hiji.. Tina 3 jadi 2 terus 1. Bari dituturkeun ku leungeun katuhuna anu ngebétkeun saputangan.

Sanajan boga kayakinan bakal meunang, tapi Ibro langsung ngajejek pedal gasna nepi ka pol. Ibro hayang méré jarak sajauh-jauhna sangkan Udin leuwih wirang. Ngan teu disangka, sakolebat kalangkang hideung nyiap ti katuhueunna nyemprung ningalkeun mobilna. Sanajan ukur saliwat, Ibro sempet ningali tulisan 520 Dina buntutna, ibro geus bisa mastikeun yén éta mobil Udin. Ibro ukur bisa molohok, sabab teu nyangka mobil boyot kitu tapi bisa ngabelesat nyiap mobilna, padahal can nepi-nepi acan ka parapatan tempat muter balik anu geus jadi kamufakatan.

Méméh mobil Ibro muter balik di parapatan, mobil Udin mah geus nyemprung balik deui ka lebah Sans Co. Suku Ibro ngadadak leuleus, mustahil maksakeun ngudag ogé sabab yakin moal ka udag, Komo balikna mah jalan rada nanjak. Jadi ibro balik deui ka Sans Co lalaunan.

Nempo mobil Udin geus datang, kabéh surak bungah. Komo Élsa jeung Icih mah. Nepi ka ajrag-ajragan jejeritan bari pacekel-cekel leungeun. Udin langsung asup deui ka parkiran terus kaluar tina mobilna. Saterusna nyokot keresek eusi pepetasan tina leungeun Darwin.

Teu lila mobil Ibro ogé asup ka parkiran, Ibro turun langsung ngagedig nyampeurkeun ka Udin anu keur nangtung bari nyekelan keresek. Ibro muncereng ambek lantaran teu tarima,

"Dasar licik! mobil manéh pasti geus dimodifikasi"

Udin seuri,

"Saméméhna pan geus mupakat, jenis mobil teu masalah. Anu penting cara nyupiran jeung kawani, hartina euweuh pakuat pakaitna jeung mobil. Bieu asli ngadu skill anu mawana. Naha bet nyalahkeun mobil?"

Saterusna Udin ngarérét ka sararéa,

"Kumaha miturut aranjeun? Ucapan kuring bener pan?"

"Bener!" ceuk sararéa ampir babarengan.

"Dasar tukang tipu" ceuk Ibro kukulutus bari téténjrag.

Élsa nyarita ka Ibro,

"Balapan geus réngsé, anu meunang geus jelas, jadi ulah dipaké hanjakal. Sok, tinggal témbongkeun tarohanna ka sararéa. Buru beuleum pepetasanna"

Saurang awéwé séjén ogé ngomong,

"Sok bro, jadi lalaki kudu jéntel. Kudu éra ku jangji"

Sabab Ibro cicing waé, Darwin ahirna nyarita ka sararéa,

"Sabab katémbongna Ibro teu wani meuleum pepetasan dina mobilna, jadi urang arasup wéh ka réstoran, ulah maksa anu embung. Anu penting kabéh ayeuna geus pada nyaho kumaha hasil balapanna, urang saruka bungah wéh di réstoran kuring bari makan-makan"

Kabéh jelema ahirna ngaguruh kuciwa. Icih ogé milu nyarita pikeun nyairkeun suasana anu geus mimiti tegang.

"Kabéh didieu sarua babaturan, Jeung kabéh ogé pada nyaho mobilna mahal, tong boro diasupan pepetasan, kagorés saeutik ogé pasti lebar. Matak saran kuring keur saha waé, saacan tarohan, kudu dipikirkeun heula akibatna. Lamun teu wani ngabuktikeunna, nya ulah nyatujuan"

Ngadéngéna harga diri Ibro justru asa dilécéhkeun, jadi buburu nyarita,

"ceuk saha aing teu wani, mana pepetasanna, kadieukeun!"

Udin ngalungkeun kerésék terus disanggap ku Ibro. Ibro nyoéhkeun kérésék, eusina dicokot. Buburu Ibro asup kana mobilna. Sarantuy diamparkeun dina jok tukang, sarantuy deui diamparkeun dina jok hareup. Nempo Ibro siga anu geus kaleungitan akal séhatna, jelema anu ngarasa mobilna padeukeut jeung mobil Ibro buburu mindah-mindahkeun mobilna ngajauhan.

Saenggeus pepetasan diamparkeun, Ibro mariksa kabéh panto mobil jeung kacana. Geus yakin kabéh nutup rapet, sesuai jeung jangji tarohan. Ibro metot dua sumbu tina rantunyan pepetasan anu hareup jeung anu tukang, dipurilitkeun sangkan ngahiji terus dibeuleum, geblug panto terahir ditutupkeun, terus ibro mundur ngajauhan.

Teu lila kaciri kokolébatan seuneu sarta sora pating beledugna pepetasan dina jero mobilna. Kawantu mobil mahal anu boga peredam alus. Sora pepetasan téh teu matak ngagareuwahkeun jelema anu jauh.

Awalna tina kaca mobil ukur kaciri seuneu leutik bari patingburisatna busa barijil tina jero jok mobil. Tapi lila kalilaan, dijero mobil geus teu katempo nanaon deui, ukur warna bodas anu asalna tina haseup pepetasan anu terus-terusan bitu. Sajongjongan sakur anu lalajo caricing merhatikeun, sedengkeun Ibro mah terus ngudupruk diuk na taneuh bari tungkul.

Sababaraha jelema mimiti mantengkeun HPna ka lebah mobil pikeun ngarékam sarta boga niat rék mosting kajadian langka éta kana YouTube atawa platform séjénna.

Ahirna sora pepetasan lila-lila mimiti ereun. ukur hiji dua anu masih bitu. Jadi saraéa surak. Ngan teu disangka hiji kaca mobil peupeus, haseup bodas anu tadi ukur katempo dijero ayeuna mimiti ngelun kaluar dituturkeun ku seuneu beureum ngagulidag tina lebah dashboard, jok jeung intérior séjenna anu keur ka beuleum.

Ibro ngarénjag, buburu ngoréjat hudang bari nyorowok,

"Telepon pemadam! Telepon pemadam!" Pokna bari lulumpatan ngurilingan mobilna. Dua leungeuna dipaké ngarames buuk sabab mémang euweuh anu bisa dilakukeun ku dirina. Saterusna Ibro mundur sabab kabéh kaca mobil ahirna peupeus.

Ibro teu nyangka éfék tina pepetasan bakal ngaduruk sagala rupa anu aya dijero mobil sarta meupeuskeun kabéh kacana. Saméméhna Ibro boga anggapan paling jokna hungkul anu bakal rangsak.

Seuneu terus ngarémbét ka bagéan luar mobil, cét mobil geus hurung, ban ogé mimiti kaduruk. Bau karét kabeuleum sarta haseup hideung mimiti ngumbul ka langit. Ahirna mobil kateureuy ku seuneu gedé saenggeus téng bénsin ogé bitu. Jadi pas mobil damkar datang, mobilna geus jadi rongsokan. Geus teu katempo deui gagahna BMW 530.

Ibro ceurik kokoséhan dina taneuh ningali mobilna disemprot ku damkar. Saterusna bangké mobil digusur ku mobil dérék kaluar ti parkiran pikeun dibawa indit. Euweuh éksprési nanaon dina beungeut Darwin sanajan kajadianna aya dilingkungan réstoranna. Malah Darwin ngarasa lucu, bari tanpa sakanyaho batur ngacungkeun jempolna ka Udin tanda panuju. Terus Darwin nyampeurkeun ka Ibro, leungeunna disodorkeun sangkan Ibro nangtung,

"Geus tong dipaké hanjakal, waktu beuki nyérélék, yu ka jero"

Ibro sabenerna hayang langsung balik kusabab éra. Tapi Udin pasti bakal leuwih atoh saupama dirina balik. Ahirna muntangan leungeun Darwin terus nangtung bari neger-neger manéh,

"ukur kaleungitan mobil hiji, teu nanaon" ceuk Ibro bari ngeprukan kokotor dina calanana.

"Bener, Ibro beunghar, naon hartina ukur hiji BMW" ceuk saurang baturna.

Ahirna saraéa laleumpang ngabring nuturkeun Darwin asup ka jero réstoran anu geus disulap jadi rohangan acara keur peresmian. Di rohangan geus nyampak sababaraha méja buleud anu masing-masing dikuriling ku 4 korsi, tiap méja pinuh ku sagala rupa dahareun. Dijuru rohangan aya panggung leutik sarta spanduk anu digantung, tulisanna reuni jeung peresmian réstoran.

Darwin nitah sararéa diuk. Sedengkeun dirina langsung naék kana panggung. Saméméh dariuk, kabéh ondangan hiji-hiji nyalampeurkeun ka Darwin, mikeun kadona séwang-séwangan bari sasalaman ngucapkeun salamet. Udin jeung Icih ogé maju mikeun kadona,

"Suksés terus nya win, ieu hadiah ti kuring duaan" ceuk Udin

Icih ogé ngomong,

"Suksés nya win, mudah-mudahan usahana maju sarta bisa muka cabang dimana-mana"

"Hatur nuhun" témbal Darwin bari ngadeukeutkeun biwirna kana ceuli Udin, terus ngaharewos,

"Geus sataun anjeun kawin, rék iraha batian?"

Sanajan ukur ngaharéwos, tapi ku Icih anu deukeut kadéngé jelas. Atuh Udin jeung Icih ukur silih rérét bari seuri. Saterusna Icih némbalan,

"Can waktuna win, can kafikiran boga budak, fokus heula néangan duit jeung boga Imah. Maenya rék ngagedékeun anak di Imah kolot"

"Bener pisan, sapimikiran jeung Kuring" ceuk Darwin bari ngagupayan saurang awéwé pendék gendut sarta maké makeup kandel anu keur ngobrol jeung Élsa,

"Itu pamajikan kuring" ceuk Darwin nunjuk reueus. Saterusna Darwin ngagupayan ka awéwé anu di maksud.

Udin jeung Icih ngalieuk terus duanana kerung nempo awéwé butikeuk nyampeurkeun anu ceuk Darwin éta téh pamajikanna. Sabab meni asa nararumpang. Asa manglebarkeun Darwin anu jangkung tur kasép bisa meunangkeun pamajikan siga kitu. Tapi rasa éta teu ditémbongkeun, Udin jeung Icih buburu manggut ka si awéwé bari imut.

"Darwin, Saha ieu?" Ceuk si awéwé nanya ka Darwin.

"Ieu Batur sakola, ngarana Icih, anu ieu Udin, salakina" ceuk Darwin ngajelaskeun. Terus malik ka Udin,

"Din, Cih, ieu pamajikan kuring, ngarana Lili"

"Oh, anu baheula dijodokeun ku Akina téa lain?" Ceuk Lili.

Beungeut Dawin ngadadak beureum ngadéngé pananya Lili. Terus ngarérét ka Udin jeung ka Icih bari muringis éra. Untung Udin jeung Icih Surti duanana teu némbongkeun riuk kasinggung. Malah Icih mah langsung unggeuk,

"Muhun pisan, éta abdi"

Sabab éra. Darwin buburu nitah Icih jeung Udin sangkan diuk. Saterusna Darwin narimaan deui kado jeung ucapan salamet ti batur-baturna anu séjén anu geus ngantri satukangeun Udin jeung Icih.

Karék ogé Udin jeung Icih ngaléngkah turun tina panggung. Lili langsung mencrong kana tumpukan kado dina méja, néangan kado ti Udin. Saenggeus kapanggih kado dicokot terus dibuka. Katempo aya gulungan kaén heuras dijerona.

"Ieu naon?" Ceuk Lili nanya ka Darwin anu harita masih sibuk kénéh narimaan kado jeung ucapan selamat ti 5 urang deui anu masih nyésa dina antrian.

"Cik dagoan sakeudeung atuh, ieu can bérés" témbal Darwin bari ngadelek ambek.

Ditémbalan kitu ku Darwin, Lili baeud, terus ngodok eusi kado, gulungan kaén dibébérkeun, bréh hiji lukisan abstrak katémbong. Lili langsung nyarita teugeug ngarasa teu suka,

"Nanaonan ieu? Méré lukisan budak ukur curat-corét, nya bau cét, nya warna kaéna geus kusem Jaba teu maké pigura. Paling hargana ujur sapuluh rébu"

"Montong nganilai paméré tina harga, ieu simbol kanyaah ti babaturan ka kuring" ceuk Darwin bari ngarebut lukisan tina leungeun Lili terus digulungkeun deui.

Lili kukulutus,

"Babaturan sakelas siga kitu teu kudu dideukeutan, euweuh untungna. Tempo tuh kana méja makan, sabaraha biaya hidangan anu ku urang disadiakeun. Anu didahar ku maranéhna teu sabanding jeung paméréna, pan rugi. Jelema naon anu téga ngarugikeun babaturanna sorangan?"

Darwin medenghel ambek, terus molotot ka Lili,

"Katerlaluan. Dina acara kieu anjeun masih ngitung untung rugi?"

Lili males molotot bari nulak cangkéng,

"Nya jelas atuh, sabab bapa kuring anu ngamodalan réstoran ieu, anjeun nyumbang naon?"

Darwin cicing bari luak-lieuk ngarasa hariwang aya babaturanna anu merhatikeun. Darwin teu némbalan deui omongan Lili sangkan teu kapapanjangan.

Kurunyung Ibro naék kana panggung sarta kacirina geus bisa mopohokeun kajadian tadi. Ibro mémang ngahaja maneurikeun manéh. Sabab kadona milu kaduruk dina bahasi mobil. Ngan untung tas pingganna anu eusina duit mah masih meulit dina cangkéngna. Katambah kabeneran aya duit tagihan perusahaan anu masih diamplopan kénéh.

Jadi Ibro nyarita ka Darwin bari ngeupeulkeun amplop,

"Win, restoran anjeun geus diresmikeun, tapi kuring bingung rek méré barang naon ka anjeun sabab kado anu geus disiapkeun ku kuring tadi kaduruk dina bahasi mobil. Jadi wéyahna tarima ieu mangrupa duit"

Lili langsung ngajéwang amplop tina leungeun Ibro, terus ditimang-timang bari dirampaan. Ngarasa amplop téh beurat, Lili seuri ka Ibro,

"Nuhun ya kang"

Nyambung....