WebNovelAING UDIN19.51%

Hadiah keur Darwin

Tanpa sadar Ibro ngabirigidig nempo awéwé butikeuk bari maké makeup kandel nyéréngéh seuri ka dirina. Jadi buburu nyarita deui ka Darwin,

"Win, Tadi kacirina hadiah ti si Udin geus dibuka. Naon eusina?"

Darwin geus calangap rék némbalan. Ngan dipiheulaan ku Lili,

"Ukur rongsokan lukisan, paling hargana ngan 10 rébu"

Ibro seuri sinis,

"Jelema miskin mah nya kitu, geus teu aneh" pokna bari pamitan turun tina panggung terus rurat-rérét néangan korsi kosong.

Udin diuk saméja jeung Icih katut Élsa. Sabab masih kénéh aya hiji bangku kosong, Ibro ahirna milu diuk didinya. Saenggeus diuk, Ibro nanya ka Élsa,

"Élsa, majar ayeuna anjeun digawé di Bima Raya. Bener?"

"Enya, karék asup" Élsa unggeuk.

Ibro seuri,

"Kabeneran atuh, indung kuring ogé digawé di Bima Raya. Jabatanna wakil manager di divisi umum"

Sababaraha urang anu ngadéngé omongan Ibro curinghak. Saurang lalaki muji,

"Wah hébat, wakil manager umum di Bima Raya?"

Ibro ngarérét ka anu nyarita,

"Enya, karék sataun dipromosikeun jadi wakil manager. Saacanna mah ukur staf administrasi"

Si lalaki nyarita deui,

"Gajih wakil manager di Bima Raya mah pasti gedé atuh"

Ibro gogodeg,

"Ah, ukur belasan juta ari gajih mah. Ngan sampinganna loba, utamana tina proyék. Ayeuna Bima Raya keur boga proyék ngawangun hotél tahap awal. Tina proyék éta waé indung kuring geus kacéprétan sakitar 20 jutaan. Can tina proyék séjénna"

"Pantesan anjeun beunghar. Bapa usaha, indung ogé wakil manager" ceuk si lalaki beuki muji.

Ibro unggeuk,

"Perusahaan bapa kuring rada pareum saprak di blacklist ku Bima Raya, ngan untungna indung kuring masih digawé di dinya. Jadi tina satiap proyék anu ditenderkeun ku Bima Raya. Bapa kuring masih kabagéan keur pengadaan barangna ngaliwatan jalur jero, jadi lumayan lah, sanajan di blacklist, teu pati karasa"

Si lalaki nyarita deui,

"Kuring ogé sabenerna hayang digawé di Bima Raya, malah geus ngirimkeun lamaranna, ngan geus sababaraha minggu can aya kabarna. Bisa teu indung anjeun nulungan sangkan kuring ditarima?"

Ibro unggeuk,

"Siap, jieun wéh lamaran anyar, kirim kana émail kuring, ké ditémbongkeun ka indung kuring"

Udin kerung ngadéngéna. Jadi buburu Udin nanya,

"Kulantaran indung anjeun bisa nulungan Batur digawé, Naha teu ngasupkeun anjeun ka Bima Raya?"

Ibro seuri,

"Teu hadé indung jeung anak aya di hiji perusahaan anu sarua, atuh bakal jadi perhatian batur. Indung kuring ogé pasti moal ngarasa nyaman"

"Jadi anjeun ayeuna digawé naon?" Udin panasaran.

Ibro ngajelaskeun,

"Saprak perusahaan bapa kuring di blacklist, ayeuna mah geus teu ngagawéan deui téhnik konstruksi, tapi jadi pemasok bahan wangunanna ngaliwatan indung kuring. Tah ayeuna kuring babantu bapa néangan bahan wangunan anu dimaksud"

"Kuring ngarti, hartina kulawarga anjeun meunang kauntungan double tina proyék anu sarua" Ceuk Icih,

"Proyékna pan dibagi jadi 2 tender, konstruksi jeung dékorasi. Pasti Indung anjeun ngarékoméndasikeun perusahaan bapa anjeun ka kontraktor konstruksi dina hal pengadaan bahan wangunanna pan? Jadi kauntungan bapa anjeun tina selisih harga bahan, terus indung anjeun ogé meunang komisi ti kontraktor. Eta sababna bisa kacéprétan 20 juta. Bener?"

Ibro ngacungkeun jempolna,

"Pinter, bener pisan. Ieu karék tina hiji proyék hotél anu kakara dimimitian. Can tina proyék-proyék séjénna. Kari itung wé sabaraha kauntungan anu bisa di kedukan ku indung jeung bapa kuring ti Bima Raya"

Ibro inget basa panggih jeung Udin di Bima Raya rék ngalamar gawé, anu tangtuna langsung ditolak ku Bima Raya,

"Manéh sorangan kumaha Din, jadi lalaki teh kapokan, rék iraha ngalamar gawé deui?"

Udin teu buburu némbalan. Dina fikirnana, Udin nyarita sorangan.

"Duh euweuh robahna ieu jelema, geus diusir ti Bima Raya bari diteunggeulan ku satpam terus perusahaan bapana di blacklist, adina malah disiksa ku anak buahna kang Bahar, bieu mobilna kaduruk masih sempet kénéh ngabolékérkeun prakték curang indungna di Bima Raya. Ayeuna mimiti muka masalah deui jeung aing"

Ahirna Udin némbalan,

"Euweuh waktu Bro, sapopoé waktu kuring béak dipaké ngurus Imah mitoha, nyeuseuh, masak, balanja sayuran jeung sajabana. Ditambah ayeuna kudu antar jemput icih ngantor, saacan indit kudu pangistrikakeun heula baju Icih, balikna kudu mencétan Icih. Hésé keur ijazah SMP hayang digawé merenah salian balik deui jadi kuli ngaduk" ceuk Udin. Ngajawab kitu téh ngahaja ngarah Ibro sugema, tepi kamana manéhna ngahina, rék terus dilayanan.

Anu ngadéngé jawaban udin, kabeh pating cakakak nyeungseurikeun kaasup Ibro. Iwal ti Darwin, Élsa jeung Icih. Komo Icih mah langsung tungkul, beungeutna bareureum balas era. Leungeun Icih nyepengan kana leungeun Udin bari ngomong lalaunan,

"Tos atuh kang, ulah dijéntrékeun teuing"

"Dasar kandel beungeut, euweuh ka éra, sapopoé ukur jadi beban pamajikan" ceuk Ibro

"Tapi kan kuring teu maling, teu ngarampas, teu ménta. Jeung Icihna ogé ikhlas. Naha maké kudu éra?" Ceuk Udin.

Anu séjén masih saleuseurian ngadéngé satiap jawaban ti Udin. Karék ayeuna manggihan lalaki siga Udin. Bisa meunangkeun pamajikan geulis bari sagalana dicukupan ku pamajikan. Intina, kabeh ngarasa sirik, iri, jeung geuleuh ku cara kahirupan Udin.

Harita Darwin jeung Lili naék deui kana panggung. Pasangan anu nararumpang ieu kaciri kontras pisan boh dina dedegan ogé dina sifat. Darwin anu jangkung bodas jeung sopan nangtung pagigir-gigir jeung Lili anu pendek gendut kawas anu euweuh beuheungan bari angkuh.

Dawin maju saléngkah mimiti biantara,

"Haturnuhun geus daratang nyumponan kana ondangan kuring bari méré kado anu sakieu lobana. Lili jeung kuring bungah, sakali deui hatur nuhun" terus mundur deui salégkah bari nitah Lili maju.

Lili maju,

"Kanggé ngahormat ka anu parantos masihan kado, abdi badé ngumumkeun detail eusi kado anu parantos katampi"

Kabéh ngarénjag, ngarasa reuwas yén eusi kado bakal diumumkeun. Padahal teu lumrah dilakukeun di acara naon waé, sabab sarua jeung muka aib batur. Tapi aya ogé anu kaciri bungah sarta ngeprokan tanda satuju. Jelema kieu biasana pupujieun. Salah saurang anu ngeprokan nyaéta Ibro. Darwin sorangan teu nyangka Lili bakal ngumumkeun eusi kado di hareupeun anu méréna.

Bari nyekelan keretas, Lili ngamimitian,

"Sadayana aya 25 kado, Haturnuhun ka Toni anu parantos masihan artos 500 rébu, haturnuhun ka Dian anu parantos masihan 2 gram geulang emas, haturnuhun ka Ling-Ling anu parantos masihan ukiran patung naga tina kai jati, haturnuhun anu kacida ageungna ka saderek Ibro anu parantos masihan artos sajuta, ieu mangrupikeun hadiah pangageungna" ceuk Lili bari keprok heula saacan neruskeun macakeun daftar saterusna. Dituturkeun ku sora keprok ti kabéh jelema. Sawaréh pada muji ka Ibro.

Ibro anu ngarasa dirina keur diperhatikeun ku sareréa, buburu nangtung bari manggut. Terus diuk deui.

"Nuhun ogé ka Udin sareng Icih anu parantos masihan lukisan" ceuk Lili neruskeun macakeun daftar, ngan teu kebat maca daftar saterusna lantaran kaburu ngaguruh sora seuri patingcakakak diruangan nyilep sora Lili. Udin pada nyurakan.

"Udin, anjeun mampu meuli BMW 520, mampu ogé ngamodifna. Tapi kunaon méré kado ka babaturan sorangan ukur lukisan anu hargana tangtu teu sabaraha" ceuk Ibro anu mémang diuk saméja jeung Udin.

Jep ruangan jempling ngadéngé ibro nyarita ka Udin, kabéh hayang nyaho naon jawaban ti Udin.

"Anjeun teu nyaho nilai barangna, kunaon geus bisa ngira-ngira harga?" Témbal Udin kalem.

"Kuring nyaho alesan manéh meuli lukisan, sabab harga lukisan mémang teu bisa ditebak. Tapi mustahil jaman kiwari masih aya karya orisinil hasil seniman top anu masih dijual di toko. Paling ukur duplikatna. Lukisan asli mun teu dijual dipaméran pasti dipalélangan. Moal sagawayah" ceuk Ibro.

"Saleresna sabaraha pangaos lukisan éta kang?" Ceuk Icih anu mémang teu nyaho sabaraha Udin meuli lukisan.

"Pokona hargana moal sabanding jeung barang-barang anu geus disebutkeun bieu ku Lili, sanajan kabéh dijumlahkeun moal bisa ngéléhkeun harga lukisan éta" témbal Udin.

Ibro nyakakak,

"Geus jelas ceuk Lili Kuring anu panggedéna méré sajuta, manéh henteu keur ngimpi mah? Aya 25 kado anu tadi disebutkeun, hartina 24 anu kudu diitung, ti Kuring sajuta, saupama anu 23 kado deui dirata-ratakeun 500 rébuan, 24 kado éta nilaina geus 12,5 juta. Mémangna aya harga lukisan anu saluhureun 12,5 juta?"

Kabéh saleuseurian deui ngadéngé penjelasan Ibro anu dianggapna bener. Lili ti luhur panggung nanya ka Udin,

"Udin, saleresna éta lukisan saha?"

"Lukisa karya seniman top di Jogja" témbal udin

"Oh, kaleresan pun bapa ahli seni ogé, seueur ngoléksi barang antik, anjeuna tiasa nganilai pangaos barang mung tina ningal rupana. Pun bapa namina Hérman Wiranata, sadayana tangtos pada uninga kana namina pan? Ké urang sauran heula, kaleresan anjeunna aya didieu" ceuk Lili bari turun tina panggung terus naék kana tangga nuju ka lantéi dua ngageroan bapana.

Élsa ngarénjag,

"Herman Wiranata? Saurang Arkéolog, Ahli dina widang arkeologi sareng peninggalan budaya. Abdi kantos ningal anjeunna dina TV"

"Leres. Tah ieu pun bapa" Ceuk Lili anu keur turun dina tangga dituturkeun ku saurang aki-aki maké kacapanon kandel.

"Lamun kitu, yu urang saksian sabaraha sabenerna harga lukisan ti Udin, lamun bener hargana bisa ngaleuwihan harga kado ti 24 urang, kuring rék ngadahar méja ieu" ceuk Ibro nangtung bari nepak méja hareupeuna. Terus diuk deui.

"Hag siah! Manéh bakal neunggar cadas Din, teu nyangka pan bakal aya ahli budaya didieu?" ceuk Ibro lalaunan ka Udin.

Dihandapeun méja leungeun Icih tipepereket nyekelan leungeun Udin sieun Udin kawiwirangan, tapi ku Udin leungeun Icih buburu diusapan méré kode sangkan Icih tenang.

Icih rék teu hariwang kumaha, sabab dina mobil basa indit kadieu, Udin nyebutkeun yén harga lukisan téh mémang murah. Malah nyarita, harga teu penting, anu penting méréna ikhlas.

"Lantaran anjeun teu percaya, urang pasrahkeun ka ahlinya. Siap-siap wéh kabéh nyaksian anjeun ngadahar meja" ceuk Udin énteng.

"Ulah gede haté, Aing tadi diwiwirang dina balap, ayeuna bagéan anjeun kudu wirang" ceuk Ibro ka Udin

Toko asal lukisan dibeuli lain toko biasa, Garasi Opa pamohalan ngajual barang palsu. Éta anu jadi kayakinan Udin. Élsa kerung bari melong beungeut Udin. Haténa ngagerentes,

"Kang Udin pinuh ku kayakinan satiap nyinghareupan masalah. Kajadian di Rumah Klasik, dina balapan mobil, terus ayeuna masalah lukisan. Kabeh disinghareupan ku kayakinan tanpa kaciri hariwang"

Harita Hérman Wiranata geus aya diluhur panggung nangtung diantara Darwin jeung Lili anu aya di kénca katuhueunna. Terus nyarita,

"Nuhun ka kabéh anu geus ngahadiran acara peresmian restoran anak jeung minantu kuring. Kuring turun kadieu kulantaran ngadéngé béja aya hiji hadiah lukisan kuno anu kudu dinilai jeung diidentifikasi hargana. Kadorong ku profésionalisme Kuring sabagé ahli budaya. Kuring hayang nempo lukisanna"

"Pa, ieu lukisana, sadayana naksir hargina mung puluhan rébu. Naha leres?" Ceuk Lili bari ngasongkeung gulungan lukisan ka Hérman Wiranata.

Hérman Wiranata narima lukisan tina leungeun Lili, ngagusur korsi terus diuk. Lukisan lalaunan dibuka dibébérkeun. Bari ngangsrodkeun kacamatana, Hérman mariksa detail lukisan, ti mimiti jenis kaén, cét anu dipakéna jeung sababaraha bagéan séjén ogé dipariksa, euweuh anu kaliwat. Kabéh cicing bari marelong ka Hérman, teu sabar narungguan hasil penilaianna.

Katempo Herman ngarénjag, tapi ahirna seuri. Lukisan digulung deui ati-ati pisan kawas memperlakukeun harta anu kalintang mahalna. Saterusna dibikeun deui ka Lili.

"Jaga lukisan ieu ulah nepi ka ruksak"

Anu saterusna Hérman Wiranata nangtung,

"Ti saha lukisan éta kuring moal tumanya. Tapi anu méré lukisan tangtu jelema sederhana anu embung némbongkeun gedéna kanyaah ka babaturan. Sobat anu teu bisa dimomorékeun" ceuk Hérman Wiranata, terus ngarenghap jero.

Hadirin silih rérét, bari ngalenyepan arti tina omongan Hérman. Herman harita deui,

"Lukisan ieu henteu kuno, umurna karék sababaraha taun, tapi dilukis ku pelukis terkenal Jogja anu ngarana Syam Térrajana. Lukisan Syam rata-rata dijual harga jutaan, malah dina hiji pelélangan lukisanna kungsi aya anu tembus hampir samilyar. Keur lukisan ieu, Kuring naksir hargana sakitar 60 nepi ka 80 juta, 4 atawa 5 taun kahareup, bisa naék deui jadi ratusan juta" ceuk Hérman bari turun tina panggung terus leumpang naék deui ka lantéi dua.

Kabéh colohok bari ngarérét ka Udin. Rata-rata neuteup ku teuteupan reueus. Ukur Ibro jeung Lili anu kaciri teu panuju.

"Din, keur naon anjeun méré barang mahal ka kuring padahal anjeun sorangan lain jelema mampu?" Ceuk Darwin ngarasa kagagas ku Udin.

"Win, kado masalah haté, kuring teu paduli ku harga. Kaikhlasan kuring anu méré jeung kaikhlasan anjeun anu narima éta geus cukup nembongkeun yén hubungan antara anjeun jeung kuring lain sakadar babaturan biasa, tapi mémang bener-bener sobat" témbal Udin bari seuri ka Darwin.

Kabeh unggut-unggutan, euweuh deui anu wani ngahina Udin komo nyeungseurikeun. Lili anu nyaho saha bapana, pamohalan bapana bohong. Jadi Lili ogé tungkul, sabab éra ku omongan Udin bieu jeung ku panilaian dirina sorangan saméméhna.

Icih noél ka Udin bari nanya lalaunan

"Saleresna sabaraha akang ngagaleuh?"

"Akang teu meuli nyi, éta paméré ti babaturan" témbal Udin

"Lukisan puluhan juta dipasihkeun cuma-cuma ka akang?" Ceuk Icih melong beungeut Udin teu percaya.

"Nya meureum babaturan akang sarua jeung si Ibro, disangka lukisanna euweuh hargaan anu ahirna dibikeun ka akang" témbal Udin.

Udin nangtung bari neuteup ka Ibro

"Jadi kumaha cara anjeun neureuy méja anu sakieu gedéna, Naha kudu diragajian heula jadi laleutik sangkan kateureuy?"

Ibro bener-bener éra, sirahna ngeluk kawas bueuk meunang mabuk. Haténa ngagerentes,

"Aing teu ngimpi modol, tapi naha poé ieu bet ngalaman sabaraha kali kawiwirangan ku jelema anu paling dipikageuleuh? Mobil kaduruk bisa meuli deui, tapi Ngadahar méja jelas Mustahil"

"Bro, anjeun sorangan anu ngajangjikeun rék ngadahar méja. Naha bet cicing? Hanjakal?" Ceuk saurang lalaki.

"Enya, kabéh keur narungguan yeuh" ceuk saurang deui.

Ibro nangtung bari matana bareureum,

"Aranjeun kabéh babaturan kuring, tapi kunaon teu baroga perasaan?"

"Hor. Anjeun nu geus ngajieun jangji sorangan, témpona ditagih kuanaon jadi nuduh ka batur teu boga perasaan?" Ceuk Élsa kasinggung ku omongan Ibro.

"Kuring ngaku salah sarta ménta dihampura ka saréréa, hususna ka Udin jeung Icih. Naha teu bisa maranéh ngahampura ka Kuring?" Ceuk Ibro carindakdak.

Ningali Ibro ménta dihampura kabéh cicing. Jeung mémang mustahil saurang jelema kudu ngahakan méja. Udin nyarita ka sararéa,

"Teu gampang keur saurang Ibro anak jelema beunghar ménta dihampura. Jelas kajadian langka. Jadi hargaan. Ulah diparaksa deui ngadahar méja. Kuring jeung Icih tangtu bisa ngahampura. Kumaha aranjeun?" Ceuk Udin.

"Satuju, anggap euweuh kajadian nanaon. Leuwih hadé urang dalahar, béakeun kabéh hidangan dina méja. Ngan omat, Ulah didahar jeung méjana" ceuk Darwin bari seuri nyakakak.

Kabéh ahirna milu saleuseurian ngadéngé omongan Darwin. Ibro ngarasa ngemplong, terus diuk. Tapi lalaunan ngaharewos ka Udin,

"Din, ieu can réngsé, iraha-iraha pasti dibales ku kuring"

Udin ukur seuri bari ngaluarkeun HPna ngirim pesen ka Susi. "Susi, cék wakil manager bagian umum, audit hasil pagawéanna, sabab kuring curiga aya kongkalikong jeung usaha salakina dina masalah pengadaan bahan bangunan. Lamun kabukti aya panyimpangan. Geus teu kudu loba tatanya deui ka kuring. Langsung pecat"

Nyambung....