WebNovelAING UDIN21.95%

Kongkorong dibikeun ka icih

Udin buburu némbalan,

"Teu bisa. Kuring geus mesen tempat anu leuwih alus ti Platinum"

Ngan Nikén siga anu teu panuju ku jawaban Udin. Sabab langsung negor ka Icih,

"Cih, salaki anjeun kudu diwarah deui masalah tatakrama. Kuring keur nanya ka anjeun, tapi salaki anjeun anu nyamber némbalan. Keur kuring anu sapopoé hirup dilingkungan jelema beunghar, sikep kitu jelas teu sopan jeung nyinggung perasaan"

Jéjén ngarérét sinis ka Udin

"Nikén, martabat jelema bisa katingali tina omonganna. Ku nolak pangajak kahadéan batur ogé geus némbongkeun kasombonganna. Ka jelema model kieu kuring teu sudi nginjeumkeun kartu mémber Platinum ka manéhna"

Nikén unggeuk terus nyarita deui ka Icih,

"Icih, Kuring manglebarkeun anjeun kawin ka kuli ngaduk bari sombong siga kieu. Pasti bakal jadi mangandeuh keur kahirupan anjeun kahareupna. Leuwih hadé talapung salaki kieu mah. Néangan deui anu leuwih berkelas"

Icih anu geus nahan-nahan teu hayang ambek, ahirna muncereng,

"Niken! Euweuh hak anjeun nganilai salaki kuring. Teu kudu mére koméntar anu matak pikanyerieun haté kuring"

Nikén ngarahuh,

"Anjeun euweuh robahna tibaheula Cih. Jaman kuliah diajak nuturkeun cara hirup kuring sangkan bisa senang embung. Ayeuna meunangkeun salaki kieu disarankeun pipisahan ogé embung. Kunaon satiap kahadéan anu ditawarkeun ku kuring katarimana ku anjeun salah waé?"

Sirah Udin mimiti jangar ngadéngéna. Ahirna Udin ngaluarkeun HP ngirim chat ka Isak sangkan néangan informasi lengkep ngeunaan Nikén minantuna hajah Dédéh bos Budiman.

3 menit sagala rupa informasi ngeunaan Nikén geus asup kana ponsélna Udin. Jadi ku Udin dibaca kalawan taliti. Kadéngé sora Niken nyarita deui ka Icih,

"Tempo tuh salaki anjeun, kuring keur ngajejeléh anjeun, salaki anjeun malah sibuk nyo'o HP. Euweuh kanyaah sama sakali ka pamajikan"

Udin seuri, terus nyarita bari neuteup beungeut Nikén jeung Jéjén,

"Kuring boga informasi penting, aranjeun hayang nyaho?"

Niken kerung,

"Info naon?"

Udin maca tulisan dina layar HP,

"Niken umur 26 taun, lulusan ITB jurusan ékonomi bisnis. Di tahun kahiji kuliah kungsi 4 kali kaperego ku kaamanan asrama lantaran ngasupkeun lalaki ka kamar nyaéta Béni, Idrus, Tatang jeung Endang"

Nikén calangap,

"Ngomong naon manéh, dilaporkeun ka pulisi siah geus wani mitenah kuring"

Jéjén oge ngarénjag, tapi ukur kerung.

"Kéheula can bérés" ceuk Udin, saterusna nyarita deui,

"Sakali pernah kaperego lantaran ngasupkeun sakaligus dua lalaki kembar, Dino jeung Doni"

"Bohong! Éta informasi Bohong!" Ceuk Niken bari jejebris keuheul.

Udin teu paduli tapi neruskeun deui maca,

"Ahirna anjeun diusir ti asrama terus dirawatan dihiji apartmént ku saurang bos diskotik sarta narima gajih 5 juta sabulan salila dua taun, anjeun ogé kungsi 4x ngagugurkeun kandungan. Aborsi ka-4 anjeun ngalaman pendarahan anu ahirna kudu dirawat di rumah sakit pikeun ngajalanan operasi pengangkatan rahim, anu hartina anjeun geus mustahil boga katurunan saumur hirup. Taun terahir dimeunangkeun deui cicing di asrama sarta sakamar jeung pamajikan kuring salila sataun"

Saterusna Udin nanya ka Jéjén,

"Jéjén, geus sabaraha taun anjeun kawin ka Niken jeung geus boga budak sabaraha ayeuna?"

Jéjén molotot ka Nikén,

"Niken! Informasi éta bener?"

Nikén ngalengis bari neuteup beungeut Jéjén,

"Ulah percaya kang, akang inget waktu malam pertama, abdi masih parawan pan? Ieu jelas fitnah"

"Ulah waka geumpeur, informasina can anggeus" ceuk Udin.

"Hayu kang nyingkah ti dieu, ulah didéngé deui, ayeuna geus waktuna makan malam" ceuk Nikén bari metot leungeun Jéjén, tapi Jéjén merod.

Jéjén neuteup ka Udin teu maliré deui ka Nikén sabab panasaran kana informasi saterusna,

"Baca deui tuluyanna"

"Tah anu ieu pasti bakal ngayakinkeun anjeun" ceuk Udin ka Jéjén. Saterusna ku Udin dibaca,

"Lulus ti ITB Nikén indit ka Singapura pikeun operasi palastik selaput dara. Balikna, digawé di perusahaan beus Budiman sarta ngadeukeutan Jéjén ku cara ngabaréd mobil Bentley Jéjén ku setang motorna"

Udin ngarénghap panjang, terus neuteup ka jéjén,

"Informasi panutup bieu lain bohong pan? Bener kungsi aya kajadian kitu?"

Jéjén unggeuk,

"Anu dibacakeun ku anjeun bener, Harita mobil Bentley Kuring memang disérémpét ku motor Nikén tepi ka baréd panjang"

Saterusna Jéjén ngarérét ka Nikén. Nikén ngalengis pikarunyaeun bari neuteup beungeut Udin,

"Udin, ulah dibaca deui, hampura kuring geus ngahina anjeun"

"Geus dibolékérkeun karék ménta dihampura, sok aya-aya waé" ceuk udin bari maca deui tulisan dina layar HPna.

"Sabulan Nikén digawé di Budiman, perusahaan ngayakeun tour wisata karyawan ka Bali, di hotél Grand Indonesia, kaparawanan palsu Nikén dibikeun ka Jéjén, saminggu balik ti Bali, duanana kawin"

Nikén langsung andéprok ceurik, teu ngarti timana Udin bisa meunang informasi detail sarupa Kitu.

Jéjén ngalieuk ka Nikén bari molotot,

"jadi salila ieu aing dibohongan? Téga manéh"

"Kabéh fitnah, éta fitnah" ceuk Nikén bari ngagukguk ceurik

Udin seuri,

"Lamun can percaya kénéh, Kuring bisa némbongkeun laporan médis sawaktu Nikén ngalakukeun operasi selaput dara di Singapura jeung operasi pengangkatan rahim di Bandung. Kumaha?"

Jéjén langsung ngajéwang leungeun Nikén rék digusur kaluar ti lobi hotél.

"Hayu balik ayeuna kénéh, urang béréskeun kabéhanana"

"Jén, Bisi anjeun butuh bukti mangrupa foto-foto ti kaamanan asrama saacan digerebeg, éta aya di kuring kabéh. Lamun anjeun kuat nempona bisa dikirim Kana WA anjeun. Jeung aya hiji vidéo durasi 27 menit nu ngahaja direkam ku bos diskotik di aperteménna" ceuk Udin deui

Nikén ngajerit bari muntangan kana suku Jéjén,

"Kang, Kuring mémang salah, Harita kuring masih bodo can ngarti nanaon, ayeuna kuring rék robah, ampun. Kuring can kungsi ngalakukeun deui saenggeus kawin ka akang"

Udin ngomong deui ka Jéjén,

"Ulah percaya, ieu aya sababaraha foto teu pantes anu dilakukeun pamajikan anjeun jeung sababaraha oknum supir Budiman, padahal geus jadi pamajikan anjeun"

"Enggeus Din, Kuring 100% percaya, kirimkeun ka nomer ieu kabéh bukti foto jeung vidéo anu bieu disebutkeun ku anjeun keur disodorkeun ka pangadilan agama. Kuring kudu buburu nyeréikeun awéwé ieu" ceuk Jéjén bari mikeun kartu namana terus ngagusur Nikén anu andéprok diuk kaluar ti lobi.

"Hayu nyi, urang naék" ceuk Udin nungtun Icih asup kana lift teu madulikeun Nikén jeung Jéjén deui.

Dina lift Icih beuki reueus ka Udin, nepi ka nyaho detail latar belakang jeung masa lalu Nikén.

"Akang ngahajakeun milarian info Nikén tina internét?"

"Akang teu boga kamampuan nepi ka lebah dinya, dina enyana ogé ngoréhan dina internét moal tepi ka sakumplit éta, jeung pasti kudu ti sababaraha sumber sarta butuh waktu lila pikeun ngumpulkeun datana" témbal udin

"Teras akang kénging timana?" Icih nanya deui.

"Babaturan facebook akang kungsi dinyenyeri ku Nikén, nepi ka manéhna ngahajakeun salila 8 bulan ngumpulkeun informasi kagoréngan Nikén pikeun males kanyerina. Teu sangka info éta bakal aya gunana keur akang ayeuna" témbal Udin deui.

Icih kakara sadar tadi Udin mencét tombol lift anu nuju ka lantéi pangluhurna. Jadi Icih negor lantaran bingung,

"Kang naha akang mencét tombol anu ka Taman Gantung? Pan teu kénging, Taman Gantung ditutup total wengi ieu"

"Urang pan mémang rék ka Taman Gantung" témbal Udin bari seuri.

Icih colohok sabab reuwas,

"Ulah milarian masalah kang, urang pasti diusir ku kaamanan"

Buburu Icih dirangkul ku Udin,

"Tenang Nyi, pamohalan akang nyilakakeun pamajikan sorangan"

Dina jero haté, Icih mikir. Boa-boa Udin anu salila ieu jadi obrolan jelema loba, boa Udin anu geus nyéwa Taman Gantung. Tapi Udin lain mémber, jelas mustahil. Sabab panasaran Icih nanya,

"Janten, akang anu parantos nyéwa Taman Gantung?"

Udin tungkul melong beungeut Icih bari seuri deui,

"Enya, akang anu nyéwa pikeun nyugemakeun nyai. Mémangna kunaon?"

Icih colohok deui, ngarasa otakna asa konslét, naon anu kadéngéna bieu tina biwir Udin ngajadikeun dirina kawas jelema idiot, molohok calangap bari teu bisa ngomong nanaon. Aya bungah anu taya papadana, aya reuwas tapi lain reuwas biasa. Lalaunan cipanonna ngucur, cipanon kabungah anu can kungsi karasa saacana. Icih ngarangkul awak udin tipepereket. Hayang ngucapkeun sukur jeung nuhun tapi biwirna teu bisa ngucapkeun nanaon.

Lalaunan fanto lift muka, diluar geus nyampak ngajajar 3 palayan awéwé jeung 3 palayan lalaki kénca katuhu.

"Nyonya Icih sareng tuan Udin, hotél Padma ngucapkeun selamet kanggé ulang taun pernikahan salira duaan" Ceuk saurang palayan lalaki.

2 urang palayan awéwé jeung lalaki maju bari ngongkorongkeun kangkalung kembang ka Udin jeung ka Icih.

"Mangga teras kalebet" Ceuk genepanna bari rengkuh hormat. Terus kabéh ngaraleos indit saenggeus Udin jeung Icih ngaléngkah asup ka jero Taman Gantung.

Di taman gantung anu sakitu legana, biasana réa jelema. Tapi ayeuna mah Ukur Aya Udin jeung Icih duaan. Icih asa ngimpi bari rurat rérét ka sakuriling Taman Gantung anu ayeuna dékorasina geus robah, teu kawas basa manéhna datang kadinya dahar jeung Élsa mangkukna.

Bulan anu katembong tina lalangit kaca kaciri éndah. Jempling, Ukur sora musik piano tina soundsystem anu kadéngé lalaunan dibarung ku kucap-kiceupna rantuyan lampu léd warna-warni pating karetip di tiap juru rohangan nuturkeun sora piano.

Aya tétésan cai anu ngucur di luar di satiap kaca jandéla disabudeuren Taman Gantung, cai ngalémbéréh mapay kaca nyiptakeun suasana saolah diluar keur girimis leutik. Kabéh rasa capé, kakeuheul, kuciwa, langsung leungit. Anu nyésa ukur rasa bagja anu teu bisa dicaritakeun. Rupa-rupa kekembangan anu mekar tur saleger nyambuagkeun seungit alami minuhan rohangan Taman Gantung.

Panon Icih peureum, imut dina gurat biwirna ngagambarkeun yén haténa keur bener-bener ngararasakeun katenangan jeung kabagjaan anu luar biasa. Tepi ka teu sadar harita Udin geus ngaganti jasna ku jas mahal pikeun ngimbangan gaun anu dipaké ku Icih, terus Udin nangtung rada anggang di hareupeun Icih bari nyekelan kembang.

Sora piano robah ritmeuna leuwih tenang, Lalaunan panon Icih muka, neutep Udin anu maju ka dirina saléngkah demi saléngkah. Tiap Udin maju saléngkah, lampion mangrupa kembang kuncup anu ngagantung dina lalangit taman gantung ogé kelopakna muka hiji bari ngaluarkeun ratusan kelopak kembang asli anu warna warni terus murudul raragragan.

Nepi ka léngkah panutup, Udin ngarandeg saléngkah hareupen Icih. Lampion nu ngagantung ogé geus mekar sampurna lir ibarat kembang raksasa anu éndah.

Diluar, ratusan jelema keur lalajo. Anu di handap taranggah, anu digedung séjén ogé ronghok ngajajar tina jandéla. Kabeh neuteup ka lebah Taman Gantung. Tapi kabeh teu bisa nempo jelas, lantaran kaca disakurilingeunna geus katutupan ku cai anu diséting siga éfék hujan. Kabéh kuciwa tapi tetep lalajo sabab panasaran. Kaayaan diijero tetep kaciri éndah sanajan teu jelas, masih katempo ngelemengna sapasang lalaki jeung awéwé keur nangtung pahareup-hareup.

"Romantis, sapanjang hirup, kuring can kungsi nempo adegan kieu sacara nyata. Lamun kuring anu jadi awéwéna. Pasti langsung ngelepek moal kuat nangtung" ceuk saurang awéwé ka lalaki di gigireunna.

"Teu salah dugaan jelema loba, dedegan lalakina sarua pisan jeung anu di Émily" jawab si lalaki.

"Ngan hanjakal ayeuna ogé teu sidik beungeutna. Boh anu awéwé boh anu lalaki" ceuk si awéwé

Adegan Icih jeung Udin di Taman Gantung, nyiptakeun ilusi Éndah dina masing-masing fikiran kabéh jelema anu nempona. Lantéi gedung dihandapeun Taman Gantung poék anu ngajadikeun Taman Gantung siga anu keur ngalayang di awang-awang. Loba awéwé anu ceurik kagagas, dibarengan ku rasa timburu, pada-pada hayang jadi Icih.

"Nyi, akang bogoh ka anjeun, akang nyaah ka anjeun. Hampura sataun katukang akan teu bisa nyugemakeun nyai. Karék ayeuna akang bisa nembongkeunna ka nyai, nyai suka ka akang?" Ceuk Udin bari deku terus mikeun kembang dina leungeunna.

Ramo icih nutupan biwirna, cai hérang ngucur tina konglolak panona terus nyurulung mapay pipi, ragrag lir ibarat inten. Ieu lain ceurik kasedih, tapi ceurik kabungah.

"Abdi suka kang, abdi suka. Nuhun" ceuk Icih biwirna ngadarégdég bari narima kembang ti Udin.

Icih geus haroréam mikir kumaha Udin bisa ngalakukeun hal kieu. Icih teu paduli. Haténa geus katutup ku kabungahan. Lalaunan Udin nangtung, ngaleupaskeun rangkéan kembang tina beuheung Icih. Terus dialungkeun. Udin ngodok saku ngaluarkeun cepuk buludru beureum anu eusina kongkorong ti Émily téa.

"Ieu hadiah ti akang keur nyai" bari muka cepuk kongkorong dina leungeunna.

Icih colohok,

"Ieu sapertos kongkorong anu digaleuh ku saurang pamuda di Émily. Timana akang kénging kongkorong ieu?" Ceuk icih bari mundur saléngkah.

Udin geus ngageremet hayang ngaku yén mémang dirina jelema beunghar anu salila ieu diaromongkeun ku Batur. Tapi Udin asa-asa, lantaran aya hal anu leuwih penting deui kudu dibéréskeun, can waktuna Udin muka jati dirina ka Icih.

Udin masih can yakin ka Akina, sabab lain ukur Udin sorangan incuna. Masih loba anak-anak jeung incu-incu Agus Subrata anu séjénna, kabéh sarua ahli warisna. Maranéhna pasti bakal nganggap Udin ukur cucuk anu iraha-iraha bisa ngajieun saha waé kacugak.

Rusiah maot idung bapana ogé masih can kaungkap. Udin masih nyangka kacilakaan indung bapana ukur sétingan batur anu mémang hayang nyilakakeun.

Daratangna sababaraha jelema di sakurilingeunna ti mimiti Wawan Kusumah anu ujug-ujug ngawinkeun dirina ka Icih, datangna Asép anu méré banda sakitu lobana, Isak anu siga dihaja ditempatkeun di Bandung pikeun ngajaga dirina, sarta Élsa, Susi jeung sajabana. Éta kabéh siga sétingan, boga péran séwang-séwangan anu karasana ku Udin mah teu Real.

Jadi Udin can siap muka jatidirina, Udin masih kudu waspada ngajaga kasalametan dirina jeung Icih. Sabab jelema beunghar pasti boga sagala rupa cara pikeun nyiptakeun hiji drama di hahirupan Batur. Udin rék nuturkeun heula aliran cai palidna rék kamana, moal waka ngalawan arus anu résikona can bisa kairong.

"Kongkorong ieu memang sarupa. Tapi ieu ukur barang tiruan anu murah, akang ngahaja pesen ka tukang emas pikeun ngajieun anu mirip jeung anu dibeuli ku pamuda di Émily. Anjeun teu suka?" Ceuk Udin ngajelaskeun bari nanya.

Haté Icih ngemplong bari seuri,

"Suka atuh kang, akang parantos ngalakukeun sagalana kanggé nyugemakeun abdi. Sanaos kangkalungna mung tina karet geulang anu diuntun, upami asalna ti akang, abdi tangtos nampi"

Udin ngemplong, buburu kongkorong dipasangkeun kana beuheung Icih.

Sabot kabéh perhatian jelema keur kasirep ku kajadian di Taman Gantung. Di pakarangan Imah, Mardi jeung Lastri anu kakara balik ka imah ker hog hag ngadebatkeun BMW anu parkir di pakarangan.

"Kuring kudu nelepon pulisi, ieu pasti mobil meunang maling terus ku malingna ditunda didieu pikeun miceun jejak ngarah teu kapaluruh, cilaka, bisa katempuhan urang kang" ceuk Lastri

"Montong waka nelepon pulisi, saha anu nyaho ieu mobil meunang ngaréntal anak urang" témbal Mardi.

"Pamohalan, saupama anak urang anu ngaréntal. Pasti bakal dipaké, moal di tunda didieu" ceuk Lastri deui.

"Atawa babaturana meureum mihapé" ceuk Mardi.

"Eta ogé sarua pamohalan, Imah urang can aya garasian. Piraku mobil méwah dijagragkeun di dieu sangeunahna. Teu lebar-lebareun" témbal Lastri.

Nyambung....