WebNovelAING UDIN23.17%

Udin meuli deui mobil

Duanana kerung bingung, weléh teu kapikir iraha datangna mobil ujug-ujug nyampak di buruan imahna. Sedengkeun Udin jeung Icih pamikir maranéhna can baralik.

"Tungguan anak urang baralik wéh, urang tanya" ceuk Mardi bari nempoan mobil BMW anyar hareupeuna, dikurilingan bari ditoongan jerona tina kaca mobil anu nutup. Terus duanana arasup ka Imah.

Ampir tengah peuting, Icih jeung Udin ahirna balik. Dina taxi Icih katémbong masih ngalamun bari sura-seuri bungah. Terus Icih nyarandékeun sirahna kana taktak Udin bari nanya,

"Kumaha cariosna akang tiasa mesen tempat di Taman Gantung. Sedengkeun salami ieu tempat éta tara tiasa dianggé acara pribadi?"

Udin ngajelaskeun,

"Diréktur Taman Gantung anak angkat ma Éméh ogé anu kungsi ku akang dicaritakeun ka nyai téa, manéhna anu mayaran biaya rumah sakit sarta ngirim ma Éméh ka Jakarta. Manéhna ogé anu geus nginjeumkeun Taman Gantung ka akang lantaran nganggap akang asa ka adina sorangan"

"Kunaon akang teu nyarios sateacanna ka abdi? Ceuk Icih nanya deui

"Atuh lain ogé kejutan ari kudu diobrolkeun heula mah" ceuk Udin seuri,

"Loba anak angkat ma Éméh saacan akang, anu bareng jeung akang, jeung saenggeus akang. Sigana aya puluhan saupama ditataan hiji-hiji mah. Ma Éméh ibarat panti asuhan anu teu boga yayasan, kabéh dikelola ku sorangan katut sababaraha pembantuna. Ma éméh ukur ngamanfaatkeun Imah sarta pakarangan lega titinggal salakina. Meureum daripada dicicingan ku sorangan leuwih hadé ngukut budak. Ngan tepi ka ayeuna akang can nyaho saha anu geus ngabiayaan ma Éméh, naha tina hartana sorangan atawa aya donatur tetep. Akang can wani tatanya ngeunaan hal éta"

Turun tina taxi, Lastri langsung kaluar ti imah nyampeurkeun bari buburu metot leungeun Icih ngadeukeutan BMW dituturkeun ku Udin.

"Béjakeun ka ema, ieu mobil Saha? Manéh anu meuli?"

"Sanes ma, kang Udin nu ngagaleuh" témbal Icih.

"Udin anu meuli? Timana Udin bisa boga duit pikeun meuli mobil? Duit Saha?" Ceuk Mardi anu geus kaluar ogé.

"Muhun abdi nu ngagaleuh, Tina tabungan abdi nyalira" ceuk Udin némbalan.

Lastri colohok bungah terus ngadapang dina kap BMW. Leungeuna dibeberkeun kawas anu hayang nangkeup mobil,

"Minantu anu sapopoé ukur nyusahkeun, kabisa ngan ukur masak jeung balanja, tapi tabunganna dipaké meuli mobil keur Ema, Alhamdulillah"

"Ceuk saha keur maneh? Mémangna manéh bisa nyupiran?" ceuk Mardi ka Lastri,

"Paling gé keur kuring nya Din?" Ceuk Mardi deui bari ngarérét ka Udin.

Udin ukur seuri nempo polah dua mitohana,

"Abdi ngagaleuh kanggé Icih, bojo abdi. Hawatos anjeuna tiap dinten naék angkot ka kantor"

"Terus rék iraha meuli mobil keur bapa?" Ceuk Mardi.

Udin ngahuleng, teu nyangka mitohana bakal wani ménta mobil. Udin rék némbalan, ngan Icih buburu miheulaan,

"Atos atuh pa, hiji ogé cekap, hawatos kang udin. Upami abdi teu nganggé, bapa tiasa nganggé. Upami liburan, tiasa dianggé ku urang opatan"

Udin unggeuk terus nyarita,

"Leres pa, ieu BMW 520, teu saé dianggé ku pameget margi teu aya tanagian, cocokna ku Icih kanggé damel uah-uih ti bumi ka kantor. Upami dianggéna ku bapa, engké bapa pada nyaleungserikeun"

"Terus rék iraha anjeun meuli mobil keur bapa?" Ceuk Mardi ngulang deui pananya anu can ditémbalan.

Udin unggeuk deui,

"Mangga, énjing ku abdi dipangagaleuhkeun hiji deui, BMW 530"

Lastri buburu nanya,

"Mémangna tabungan manéh masih cukup keur meuli 1 deui?

Udin seuri,

"Upami kanggé mésér kontan mah masih kirang, nanging kanggé DP mah InshaAllah masih cekap"

Ngadéngé Udin ngajangjikeun rék meuli hiji deui isukan. Mardi jeung Lastri saleuseurian silih rangkul bari ajrag-ajragan lantaran bungah. Udin mah ukur gogodeg bari ngagéndéng Icih asup ka Imah langsung ka kamarna. Sabab kudu salin baju ku baju saré.

Réngsé salin baju, Icih nanya ka Udin, anu keur ngampar samak,

"Akang leres masih kagungan artos kanggé DP mobil? Upami teu aya atanapi teu cekap. Di abdi aya bilih akang peryogi. Mangga anggé"

Icih teu nyahoeun lamun mobil BMW mah teu bisa di kiridit, jadi Udin némbalan,

"Aya nyi, ukur keur pamanjer mah, cukup kénéh"

"Hapunten nya kang, abdi teu nyangki sepuh abdi bakal kumawantun ka akang" ceuk Icih tungkul ngarasa karunya ka Udin.

"Kolot nyai sarua kolot akang kénéh, akang ogé boga kawajiban kudu méré. Jadi Nyai teu perlu ménta di hampura" ceuk Udin bari ngagolér dina samak terus mentot simbut keur nutupan awakna.

Terus Udin meureumkeun panonna bari nyarita deui,

"Akang kudu saré, isuk pan rék ka dealer deui"

"Nuhun nya kang" ceuk Icih bari sarua ngagolér dina ranjang.

Udin ukur unggeuk. Ngan Icih nanya deui bari nyangigir dina ranjangna neuteup ka Udin anu keur nangkarak di handap,

"Akang teu tiris unggal wengi kulem dihandap?"

"Henteu nyi, akang geus biasa, di bédéng proyék ogé sarua saré dina samak" témbal Udin

"Upami teu tiris mah peureum, ulah ngawaler" ceuk Icih jamedud ambek bari malik nonggongan.

Udin curinghak, sabab karék sadar yen ucapan bieu téh kodeu ti icih, ngan Udin telat mikir. Jadi buburu Udin nyarita deui,

"Tiris nyi, akang tiris pisan"

Belewer teh Icih malédogkeun simbut,

"Tah, rangkepkeun simbutna tiris mah"

"Nyi, akang bener-bener katirisan. Sawaréh awak akang geus mimiti heuras" ceuk Udin sorana ngadarégdég pura-pura ngahodhod.

Icih nangtung terus muka panto lomari, ngabetot simbut hiji deui tina jero lomari terus dialungkeun ka Udin,

"Tah, tambihan deui, upami masih kirang, dobel ku jakét" ceuk Icih bari ngalungkeun jakét ogé.

Udin geus teu némbalan deui, sanajan pasti bakal hareudang, kabéh ahirna dipaké, simbut jadi 3 rangkep. Jakét mah ditunda di sisi. Terus Udin ngaréngkol peureum.

Isukna Icih geus dangdan siap-siap rék indit digawé. Sedengkeun Udin kakara réngsé mangmasakeun sangu goréng keur Icih. Udin nyorowok ka Icih anu masih di kamar,

"Nyi sarapan heula yeuh. Ieu konci mobilna sakalian" ceuk Udin ka Icih bari diuk nungguan dina méja makan bari ngagolérkeun konci mobil dina méja makan.

Icih kaluar terus diuk, duanana dalahar balakécrakan. Disela-sela dahar Icih nanya

"Kang, yakin abdi kedah nyandak BMW ka kantor?"

"Naha maké teu yakin? Mobil ngahaja dibeuli keur nyai" témbal udin

Icih unggeuk, buburu ngaréngsékeun daharna, terus nyokot konci mobil. Icih nantung bari nyium heula pipi Udin,

"Nuhun nya kang, muah" terus Icih lumpat kaluar ti imah.

Mardi anu kakara kaluar ti kamar langsung nyampeurkeun ka Udin anu masih dahar,

"Din, buru atuh daharna, lain rék meuli mobil keur bapa téa?"

"Sabar atuh pa, abdi teu acan sasapu, teu acan ngepél, seuseuheun numpuk, piring wasuheun ogé seueur" témbal Udin

"Poé ieu kabéh dipigawé ku bapa. Buburu indit. Ulah poho, BMW 530" ceuk Mardi teu sabar.

Udin unggeuk terus nginum sanajan daharna can réngsé. Langsung lumpat ngabecir kaluar maksudna ngudag Icih anu geus asup kana mobi. Nempo Udin ngudag, Icih muka kaca jandéla,

"Aya naon kang?"

"Buka bahasi nyi, Harley akang aya dina bahasi" Ceuk Udin terus nguriling ka tukangeun mobil nungguan bahasi di buka. Saenggeus bahasi muka Udin nyokot sapédahna.

"Ati-ati nyi" ceuk Udin saenggeus nutupkeun bahasi.

"Mangga kang nuhun" ceuk Icih unggeuk terus majukeun mobilna kaluar ti buruan imah terus mobil ngageuleuyeung maju nuju ka Palapa. Udin ogé langsung ngaboséh sapédahna nuju ka dealer BMW.

Siga saméméhna Udin markirkeun heula sapédahna langsung dihareupeun dealer BMW. Ti dealer Audi para pagawéna ronghok narempokeun tina kaca jandéla,

"Tempo, jelema itu datang deui, buru sampeurkeun tawaran Audi A8" ceuk manager Audi ka saurang salesna.

"Mangga Bu" ceuk sales langsung kaluar lumpat meuntasan jalan nyampeurkeun ka Udin bari mawa brosur a8. Terus nyarita,

"Pa, aya Audi A8 top-match terbaru, mesin sareng qualitas langkung unggul ti BMW 760. Téknologi hibryd, mesin tiasa dipareuman satengah kanggé ngirit bénsin"

"Éta lain téknologi, tapi nyusahkeun, Mesin 12 silinder bisa dipareuman 6 pikeun ngahémat bénsin. Nya mending meuli anu 6 silinder wé langsung. Naon bédana?" ceuk Udin seuri sinis bari ngaléngkah rék asup ka showroom BMW teu maliré deui ka sales Audi anu colohok.

Saurang sales BMW kaluar,

"Aya naon ieu? Anjeun sales Audi nanaonan di dieu. Rék ngarebut palanggan kuring? Kaciri meureum parkirna dimana. Indit, indit!" Ceuk sales BMW ngusir sales Audi terus rengkuh hormat ka Udin nitah asup.

Sales Audi ngaléos kuciwa. Sales BMW mawa Udin ka jero langsung diajak diuk dina korsi hareupeun méja dealing,

"Pa Udin badé ngagaleuh deui mobil? Atanapi aya anu teu panuju kana mobil anu parantos digaleuh kamari?"

Udin seuri,

"Rék meuli deui. Aya kénéh stock BMW 530? Lamun aya kaluarkeun ayeuna"

"Itu pa, anu tengah" ceuk sales nunjuk terus nangtung leumpang tiheula nuju kana mobil anu dimaksud. Mobil langsung ditempoan ku Udin luar jero. Ti luar teu béda jeung séri 7 anu geus dibeuli ku dirina, Ngan intériorna mémang béda. Jadi Udin asup nyobaan diuk.

"Deal" ceuk Udin bari mikeun kartu ATM Tina jandéla mobil.

Sales curinghak bungah, leungeuna narima kartu ti Udin terus indit rék ngagésékeun kartu. Ti luar sapasang palanggan séjén asup, terus kadéngé sora cempréng nah awéwé nyarita manja ka pasanganna,

"Wow!, Aya x6. Sayang, kuring hayang x6"

Udin kerung, sabab sidik pisan éta sora Lili, ngan pas dirérét udin ngagebeg sabab anu jeung Lili lain Darwin. Anu anéh, Lili nyebut sayang ka si lalaki. Bari leungeunna muntang pageuh kana leungeun si lalaki. Buburu kaca mobil ditutupan ku Udin ti jero sangkan Lili teu nempoeun, tapi teu ditutupan rapet, masih méléngé saeutik sangkan obrolan diluar tetep kadéngé.

Lili anu awakna pendék ngagusur leungeun si lalaki ka lebah BMW x6. Udin kekerot keuheul nempona, sabab nyaho sobatna keur disalingkuhan. Darwin pasti keur sibuk diréstoran, sedengkeun Lili malah jalan-jalan jeung lalaki séjén ka showroom mobil.

"Saupama akang mangmeulikeun x6 ieu keur anjeun ayeuna. Kumaha lamun Darwin nanya?" ceuk si lalaki.

"Darwin mah jelema polos sayang, gampang dibobodo. Ditingalkeun unggal poé ogé pan tara curiga. Jadi saupama kuring balik mawa x6, yakin si Darwin moal tatanya nanaon" ceuk Lili

Si lalaki ngajembél gemes pipi lili anu Kembu,

"Geus 3 bulan hubungan anjeun jeung akang, tapi peutingna pasti balik ka si Darwin. Rék tepi ka iraha urang kikieuan?

"Ulah hariwang atuh sayang, sanajan peuting balik, beurang mah awak ieu pan tetep keur akang, salila hubungan jeung akang, Darwin mah can kungsi dibéré ngasaan deui" ceuk Lili

Saterusna Lili nyarita deui,

"Sayang, sabenerna kuring hayang pisan ngusir si Darwin ti réstoran. Tapi kuring can manggihan carana"

"Gampang, ajak paséa wé, terus usir. Bila perlu anjeun mayar batur pikeun nyilakakeunna" ceuk si lalaki.

Lili seuri bari unggut-unggutan ngarasa dibéré jalan. Terus nanya,

"Sayang, kumaha x6 na?"

"Ulah ayeuna. Ayeuna urang balik heula ka Imah akang, béré akang jatah 3x beurang ieu, geus kitu anjeun balik terus usir si Darwin. Isukan akang rek datang ka réstoran bari mawa x6 ieu keur anjeun" ceuk si lalaki bari ngarangkul awak gendut Lili anu leuwih mirip ball beliter.

"Sayang, Ulah bohong nya" ceuk Lili gumeulis.

Si lalaki unggeuk bari seuri tuluy duanana kaluar ti showroom bari pacekel-cekel leungeun. Udin ngaluarkeun HP nelepon Darwin,

"Din, kumaha kabarna? Aya naon yeuh? Sisinarieun nelepon" ceuk Darwin.

"Win, keur naon anjeun ayeuna?" Ceuk Udin malik nanya.

"Keur sibuk Din, ngabantuan koki, palanggan keur loba, jadi kudu dibantuan masakna" témbal Darwin.

"Sibuk unggal poé?" Udin nanya deui.

Darwin ngajelaskeun,

"Ari narima palanggan mah kakara ayeuna, pan karék kamari dibukana ogé. Ngan poé-poé saméméhna mémang sibuk terus, sabab loba anu kudu disiapkeun keur acara launching. Kuring mémang moal bisa cicing sabab satengah modal pan ti mitoha. Lamun Kuring teu milu digawé, éra. Jadi nya saterusna ogé tangtu bakal sibuk unggal poé"

"Pamajikan anjeun keur kamana?" Udin nyelok.

Darwin ngarahuh,

"Geus 3 bulan saprak wangunan ieu dirénovasi jadi réstoran jarang aya di imah, balikna pasti peting waé, subuh kénéh téh geus indit deui. Bari unggal poé kituna téh. Rada lila di imahna téh ukur kamari wé basa acara peresmian"

"Sabaraha anjeun nunda modal di réstoran?" Udin panasaran.

"Saratus juta, éta kabéh duit tabungan kuring" témbal Darwin.

"Atas nama saha réstoranna?" Ceuk Udin deui.

"Lili" témbal Darwin.

"kabéh perijinan usaha, kapamilikan jeung sajabana, ngaran Lili ogé?" Udin beuki panasaran.

"Enya kabéh. Ukur tanah jeung wangunan anu atas nama motoha mah" témbal Darwin.

"Kana rekening bank saha hasil réstoran asupna?" Ceuk Udin.

"Ka mitoha" ceuk Darwin.

Udin ngarénghap panjang,

"Bodo, hartina anjeun ukur dimanfaatkeun. Nyaho anjeun ayeuna Lili keur aya dimana?"

"Paling ogé keur di salon" ceuk Darwin.

"Jadi ka anjeun pamitna rék ka salon?" Udin nanya.

"Enya" témbal Darwin.

Udin kerung,

"Terus anjeun percaya?"

Darwin ngarasa aya anu teu bérés. Jadi Darwin nanya,

"Sabenerna aya naon Din? jelaskeun wé ka kuring. Ulah asa-asa"

Udin ahirna ngajelaskeun,

"Kuring ningali Lili jeung saurang lalaki di dealer BMW. Nyebut sayang ka si lalaki bari duanana pacekel-cekel leungeun"

"Kuring teu percaya, anjeun pasti salah nempo Din" ceuk Darwin.

Udin ngarahuh,

"Ngan 3 méter jarakna ti kuring Win, Jaba karék kamari kuring nempo beungeut Lili, piraku kuring poho deui jeung salah nempo"

Darwin kekerot,

"Din, anjeun sobat kuring. Ulah mawa béja anu teu bener"

Udin ngarahuh deui,

"Lantaran anjeun sobat kuring. Jadi Kuring kudu ngabéjaan. Lili ayeuna keur di imah lalaki éta lantaran dijangjian rék dipangmeulikeun BMW x6. Engké bakal balik sarta rék ngajieun masalah jeung anjeun, anjeun rék di usir ku Lili"

Teu nungguan jawaban di Darwin, Udin ngomong deui,

"Win, Amankeun lukisan anu ti kuring téa terus simpen, éta cukup keur anjeun hirup saupama peuting ieu anjeun diusir. Tapi saupama anjeun teu ngagugu, anjeun bakal indit bari teu mawa nanaon pisan"

Darwin masih can percaya, jadi nyarita deui,

"Din, kuring jeung anjeun geus lila silih percaya. Saupama kabéh anu dicaritakeun ku anjeun bohong. Kuring teu sudi wawuh deui jeung anjeun"

"Win, tadi geus disebutkeun, kuring ukur ngingetan, saterusna mah terserah anjeun" ceuk Udin bari langsung nutup teleponna. Udin ngarasa keuheul ka dirina sorangan, sabab poho bieu teu motrét atawa ngarékam vidéona keur bukti ka Darwin.

Sales ngetrokan kaca mobil,

"Pa sadayana parantos réngsé"

Udin unggeuk terus kaluar tina mobil. Terus rurat-rérét ka luhur.

"Kaluarkeun BMW 530 nu séjén, ulah anu ieu. terus geroan manager anjeun ayeuna, kuring aya perlu" ceuk Udin ka sales.

Sales unggeuk bari indit ka hiji rohangan. Teu lila kaluar deui dibarengan ku lalaki maké jas.

"Anjeun managerna?" Ceuk Udin nanya bari ngajak sasalaman.

"Muhun, Aya anu tiasa di bantos?" Ceuk manager.

"Kuring ménta rékaman CCTV tina kaméra anu itu, ti mimiti kuring asup kana mobil ieu nepi ka kuring kaluar tina mobil, asupkeun kana HP kuring" ceuk Udin bari nunjuk kaméra CCTV terus mikeun HP na.

"Mangga pa" manager teu loba mikir sabab nyaho Udin lain palanggan anyar jaba rékaman anu dibutuhkeun ukur anu nyorot ka Udin hungkul. Euweuh anu kudu dicuriga.

Teu lila manager geus datang deui bari mikeun HP jeung kartu ATM Udin. Nempo mobil ogé geus ngajagrag diluar, Udin pamit. Sapédah langsung diasupkeun kana bahasi, terus Udin balik. Dijalan Udin muka rékaman CCTV dina HPna. Di dinya jelas kabéh katempo Lili jeung si lalaki. Ti mimiti asup tepi ka balik. Udin seuri. Terus ngagerentes,

"Ieu cukup keur bukti ka Darwin"

Asup ka pakarang imah nyampak mitohana keur dariuk dina téras hareup. Nempo Udin datang bari nyupiran mobil weuteuh, duanana langsung nyampeurkeun bari suka seuri bungah nempoan mobil

"Ahirna boga mobil" ceuk Mardi bari ngarangkul Udin anu kakara kaluar tina mobil.

"Lunas mobil ieu, bapa kedah kagungan Férrari" ceuk Udin nyungkun.

"Éta mah kumaha anjeun anu nyicilanna, bapa mah geus teu sanggup néangan duit" ceuk Mardi seuri.

Mardi ngarebut konci tina leungeun Udin terus asup kana mobil. Mobil dihirupan deui langsung diputerkeun diburuan terus ngabiur kaluar.

Udin ukur seuri di gigireun Lastri. Lastri nyarita,

"Mun seug Ema bisa nyupiran, Ema ogé hayang Din"

Udin ukur ngarérét ku juru panona tanpa némbalan. Teu lila Mardi geus datang deui langsung kaluar tina mobil terus nyampeurkeun ka Udin.

"Mobilna alus, tanagana ogé bedas, ngan hanjakal bodyna panjang teuing, masih hésé ngendalikeuna komo pas muter. Wéyahna anjeun jadi supir bapa heula nya saminggueun waé mah"

Udin unggeuk,

"Mangga pa"

Lastri ogé nyarita,

"Sakali-sakali anteur ema ogé ka salon atawa ka arisan nya Din. Ema rék pamér yén ema ayeuna boga BMW"

Udin unggeuk deui,

"Mangga Bu"

Nyambung....