WebNovelAING UDIN35.37%

Icih nyinghareupan bahaya

"Élsa ulah salah faham heula, kuring kabur sabenerna narik perhatian anu jarahat sangkan ngudag kuring, Barina ogé jelema anu di incer pan kuring, lain anjeun. Matak teu nyangka malah anjeun anu keuna" ceuk Dudung méré alesan.

Élsa geus haroréam ngomong Jeung Dudung. Sipat asli Dudung ayeuna geus kasakuan. Elsa ukur mikir kumaha carana pikeun ngajauhan Dudung jeung kulawarga Kusumah.

Nempo Élsa cicing teu nyalahkeun deui, Dudung seuri,

"Élsa, Saha anu ahirna nulungan anjeun jeung mawa anjeun kadieu?"

"Teu perlu nyaho" témbal Elsa teugeug.

Rukmini anu karék asup ngadeukeutan ka Élsa,

"Élsa, Mun aya nanaon béjaan Nini. Penjahat anu nyulik anjeun teu ngalakukeun nanaon pan?"

"Salah saurang nusuk pingping kuring ku péso ni, untung kuring ditulungan ku saurang lalaki" témbal Élsa geus teu make adab deui.

"Anu nulungan anjeun Lalaki?" Rukmini nanya deui bari paromanna siga anu curiga.

"Maksud anjeun naon ni? Enya ku lalaki, ngan anu jelas lain incu Nini" témbal Élsa keuheul sabab pananya Rukmini jelas kawas anu nyuriga teu bener ka dirina.

Rukmini kerung ngadéngé lalaki anu nyalametkeun Élsa. Tangtuna lalaki éta ogé anu geus mawa Élsa ka rumah sakit. Jadi Rukmini ngagerentes,

"Cilaka! Saupama Élsa nepi ka resep ka lalaki anu nulunganna. Harepana pikeun ngajodokeun Dudung pasti bakal beuki hésé"

Dudung ogé curiga, terus nanya,

"Élsa, lalaki mana anu daék nulungan anjeun? Anjeun pan anyar aya di Bandung. Mustahil aya anu daék nulungan lamun euweuh pamrih. Jujur, anjeun teu di kukumaha ku lalaki éta pan?"

Ngadéngé Nini jeung incuna ngaromong kitu, Élsa hayang ngajerit satarik-tarikna pikeun ngusir maranéhna kaluar. Haté Dudung mémang keur dibungkus ku rasa timburu, nepi ka teu bisa nyaring omonganna sorangan anu pangrasana mah bener.

Ngan anéhna pikiran Rukmini, Unah, karsidi jeung Isah ogé sarua. Sapamikiran jeung Dudung. Awéwé geulis di tulungan ku lalaki dina kaayaan sukuna tatu parah akibat di tusuk bari kudu nyinghareupan heula 5 penjahat. Katambah ti peuting. Saha lalakina anu wani ngajual nyawa lamun euweuh pamrih.

Di parelong ku 5 jelema anu teuteupana nyuriga pikasebeleun. Élsa ukur bisa meureumkeun panona bari ngeupeulkeun leungeuna tipepereket. Hatena kukulutus,

"Koplok! Si Dudung lain gan ukur kabur, tapi ayeuna datang mawa kulawargana bari kabéh nuduh kuring teu bener"

Saterusna Élsa nyarita tarik lantaran keuheul,

"Kuring teu diculik! Déngékeun ku aranjeun. Dudung geus ngajieun riributan jeung saurang lalaki di réstoran. Nepi ka kuring di cegat diluar sawaktu balik. Anu u nulungan kuring lain jelema hina, manéhna nyaho cara ngajaga harga diri awéwé. Malah sabalikna Dudung, kunaon Dudung kabur saenggeus ngajieun masalah bari ngantep kuring jadi korban. Sifat kitu leuwih hina tibatan jelema panghina-hinana"

Kabeh colohok. Teu nyangka kajadian sabenerna siga kitu. Nyatana Dudung anu geus ngajieun masalah tiheula terus ningalkeun Élsa nepi ka ahirna di tubles. Padahal Dudung bébéjana ka sararéa Élsa ukur diculik tanpa nyaritakeun sabab musababna.

Harita kénéh pipi Dudung langsung dicabok ku Rukmini

"Dasar incu koplok, rék kumaha manéh bisa di pikaresep ku awéwé lamun kalakuan manéh kawas kitu bari ngabohong ka aing"

"Ni, hampura. kuring ngaku salah" ceuk Dudung bari murungkut ngusapan pipina.

Ahirna kabéh baralik kulantaran éra bari teu pamit-pamit acan ka Élsa. Élsa ogé sabenerna geus bisa balik, sukuna teu nanaon jeung geus bérés di jait sarta diperban. Ngan kusabab geus peuting. Kapaksa Élsa ménta ka dokter sangkan diijinan bisa istirahat sapeuting di rumah sakit.

Udin ti Palapa langsung balik ka imah, mikeun berkas ka Icih bari teu nyaritakeun nanaon deui. Icih ogé teu loba tatanya sanajan Udin rada telat balik. Mémang saenggeus pisah imah ti kulawarga Kusumah, kulawarga Mardi geus ampir putus hubungan jeung kulawarga Kusumah, tara aya béja nanaon. Hubunganna ngan sawates urusan Palapa hungkul. Sedengkeun masalah kulawarga geus masing-masing. Padahal Mardi anak cikal Rukmini. Wajar Kulawarga Kusumah ogé teu kabéjaan ngeunaan musibah anu tumiba ka Élsa.

Sabab kapeutingan, Udin teu jadi rék ngetést kai kaboa téa tapi langsung saré. Isukna Icih hudang subuh sabab kahudangkeun ku telepon ti Rukmini.

"Cih, poé ieu wéyahna indit ka toko wangunan Tianhao, olo kumaha carana sangkan bisa nganjuk heula barang 100 jutaeun mah. Béjakeun ngalunasanna lamun Palapa geus dibayar ku Bima Raya"

"Ni, Tianhao sanés matrial alit. Anjeunna supplier bahan wangunan ageung. Sanés mung ukur ngalayanan urang hungkul. Mustahil keresa dianjukan" témbal Icih.

"Kudu bisa, Palapa teu boga modal gedé, lamun teu nganjuk, rék timana bisa meunang barang. Éra atuh ngimitian proyék tapi balanja bahan kudu kasbon heula ka Bima Raya" ceuk Rukmini.

Icih teu némbalan, sabab bingung.

"Cobaan heula, olo Tianhao kumaha carana. Anu penting bisa méré nganjuk" ceuk Rukmini maksa.

Icih ngarahuh pasrah,

"Mangga ni, abdi badé siap-siap heula. Kedah angkat ayeuna kumargi tebih, perjalanan sajam langkung"

"Alus! Nini percaya anjeun bisa" ceuk Rukmini terus nutup teleponna.

Icih buburu bébéja ka Udin anu keur masak di dapur, ngajelaskeun kudu ka luar kota ngadatangan Tianhao. Udin ukur unggeuk, bari nanya,

"Kunaon teu kasbon ka Bima Raya, lamun di jelaskeun ka Bu Susi, pasti bisa ngamaklum, piraku rék ngagawéan proyék teu méré uang muka"

Icih gogodeg,

"Isin atuh kang, teu acan aya anu di pidamel tapi tos wantun nagih uang muka"

Udin hayang ngomong,

"Anjeun pamajikan direktur Bima Raya, saha anu wani nolak kana paménta anjeun?"

Tapi omonganna éta ngan ukur kahayang, teu bisa di kedalkeun.

"Lamun kitu, akang rék maturan" ceuk Udin.

"Kirang saé atuh kang. Piraku bade nyarioskeun bisnis perusahaan kedah nyandak salaki" témbal Icih nolak.

Udin teu bisa maksa. Sabab nyaho sifat Icih anu teges. Tapi Udin bari rék ngadédéngékeun. Saupama Icih gagal, kapaksa Udin kudu nelepon Susi sangkan ngaluarkeun uang muka keur ngamodalan awal Palapa.

Réngsé sarapan Icih nelepon ka Tianhao ngabéjakeun yén dirina rék datang. Tianhao nyaéta perusahaan pamasok bahan wangunan panggedéna jeung pangkumplitna sa Bandung, husus ngalayanan proyék-proyék gede jadi lain matrial écéran biasa. Ngaran anu bogana Zoe Tianhao saurang katurunan China pantar Mardi.

Zoe lain jelema beunghar, tapi pamajikanna anu asalna ti kulawarga jelema beunghar. Pamajikanna lain jelema anu soméah, keur mah goréng patut jeung leuwih kolot ti salakina, pamajikan Zoe ogé boga sifat timburuan jeung galak ka salaki. Matak saumur-umur zoe ngan ulukutek di perusahaanna tara kamamana pisan, malah kabéh karyawanna ogé lalaki kabéh sabab teu meunang aya awéwé. Tapi di lingkunganna zoe kawéntar salaki bageur jeung nurut ka pamajikan.

Perusahaan Tianhao aya dipasisian kota Bandung, nyaéta di Majalaya. Belasan gudang dina lahan héktaran kabéh eusina bahan wangunan hungkul.

Tepi ka anu dituju, mobil Icih langsung diparkir di hareupeun kantor. Lantaran saméméhna geus di yelepon. Nyampak Zoe geus nungguan di lobby kantorna. Tapi katingalina kantor sepi, euweuh jelema séjén salian Zoe. Ningali Icih anu geulis geus asup, Zoe langsung nangtung ngajak sasalaman,

"Wilujeng sumping di Tianhao ibu Icih Kusumah" ceuk Zoe soméah, tapi panona ngarérétan kana awak Icih ti luhur nepi ka handap.

Icih ngarasa teu genah haté awakna di rérétan siga kitu, Komo bari leungeun Zoe pageuh ngaranggeum lengeunna bari teu dilesotkeun. Buburu Icih metot leungeunna.

"Pa Zoe, aya naon ieu?" Ceuk Icih mimiti curiga.

Ditanya ku Icih Zoe buburu sadar,

"Oh, hapunten Bu, parantos lami abri ngadangu di kulawarga Kusumah aya widadari geulis anu nikah ka kuli ngaduk, teu nyangki geuningan salira. Jujur némbé andi kasima ku kageulisan ibu. Mangga calik"

Sabenerna Icih hayang balik deui, ngan kusabab lalampahana pikeun tepi ka Tianhao jauh, jaba meunang tugas pikeun ngolo Tianhao ngarah Palapa bisa nganjuk barang. Ahirna Icih diuk.

"Kumaha upami ngobrolna di rohangan abdi waé, supados langkung lalauasa" ceuk Zoe bari ngajak Icih ka rohangan kantor pinpinan. Zoe ngaléngkah ti heula. Icih rada rada asa-asa, tapi tetep nangtung nuturkeun Zoe ka rohanganna.

Saenggeus nempo Icih asup sarta diuk di sofa pendek anu aya di jero, Zoe buburu nutupkeun panto terus diuk hareupeuna bari panona terus mencrong kana bagian erok pondok Icih.

Sabab ngarasa éra, Icih ngarapetkeun pingpingna bari mindahkeun tas anu nyoléndang dina taktakna kana lahunanna. Leungeun Icih ogé ditilepkeun kana luhur tas pikeun nutupan dadana.

"Bu, bentuk kerjasama kumaha anu badé di badantenkeun sareng abdi?" Ceuk Zoe muka obrolan.

Sanajan éra, tapi Icih kudu ngomong, ahirna Icih ngajelaskeun,

"Pa, perusahaan kuring 'Palapa' ti jaman masih dipimpin ku aki kuring 'Wawan Kusumah', geus taunan kerjasama jeung Tianhao, Sagala kabutuhan bahan kabéh di pasok ti tempat ieu. Jeung tara kungsi aya masalah. Tapi sataun katukang Palapa tara ngagarap proyék deui lantaran aki gering. Tah ayeuna kuring salaku pingpinan anyar di Palapa bakal ngamimitian migawé proyék hotélna Bima Raya. Kukituna lantaran sataun pareum, modal Palapa ipis. Kadatangan kuring kadieu rék ménta kabijaksanaan ka Tianhao pikeun bisa nginjeuman barangna. Dimana kuring narima bayaran ti Bima Raya, pasti langsung dilunasan"

"Nganjuk?" Ceuk Zoe seuri sinis bari ngahuleng. Anu jadi pikiran Zoe nyaéta pamajikanna, Zoe sieun kanyahoan, tada teuing pamajikanna bakal ambek saupama kanyahoan Zoe nganjukkeun barang. Zoé ogé ngajelaskeun,

"Ibu ogé tangtos uninga, Tianhao ti kapungkur tara nambutkeun barang, aya artos aya barang, teu aya artos nya wéyahna"

Icih unggeuk,

"Bener. kuring nyaho sarta ngamaklum pisan. Tapi proyék anu ku kuring digarap ieu proyek gedé anu butuh material loba. Tangtuna kauntunganna keur Tianhao ogé bakal gedé"

Zoe nyakakak seuri,

"Bu, Tianhao sanés mung ngalayanan hiji proyék, nanging puluhan proyék di Bandung hungkul. Malih dugi ka Sumedang sareng Garut. Sadayana kontan teu aya anu nambut. Janten moal aya pangaruhna kanggé Tianhao upami abdi nolak Palapa"

Icih langsung kuciwa,

"Jadi kumaha? Palapa ditolak?"

Zoe unggeuk,

"Mémang penting kanggé Tianhao ngalayanan sapinuhna ka proyék Bima Raya, margi bakal ningkatkeun kapercantenan kontraktor-kontraktor sanésna. Nanging saupami kontraktor sanés uninga abdi nambutkeun barang ka Palapa. Kapayunna tangtos bakal seueur kontraktor anu ahirna wantun nambut ogé. Tah abdi alim kedah nampi akibat éta"

Icih geus béakeun akal, Sagala cara geus buntu. Icih Ngan ukur ngahuleng leuleus. Kumaha deui cara ngolo Zoe sangkan haténa léah. Nempo Icih ngalamun, Zoe ngomong deui,

"Seueur matrial sanés anu ahirna bangkrut margi wantun nambut-nambutkeun barang. Abdi mung ngajagi Tianhao supados tetep jalan. Ibu kedah ngartos kana posisi abdi"

Icih unggeuk leuleus,

"Lamun kitu, kuring rék pamit. Kuring kudu méré laporan ka Nini sarta néangan injeuman duit. Hampura geus ngaganggu anjeun"

Ningali Icih rék nangtung, Zoe buburu ngomong bari seuri cunihin. Tapi nyaritana geus teu maké adab deui,

"Ké heula ulah waka rurusuhan, anjeun can nginum-nginum acan. Béré waktu sakeudeung keur kuring mikir" saterusna Zoe nangtung ngaléngkah ka minibar anu aya didinya.

Icih kerung,

"maksud anjeun kumaha?"

Zoe ngaléngkah kaditu kadieu siga bener anu keur mikir tarik, tapi sabenerna lain mikiran masalah kerjasama. Tapi mikiran kumaha carana hayang ngasaan awak Icih. Ku zoé kabingung Icih rék di manfaatkeun.

Mangtaun-taun Zoe ukur nyaho hiji awéwé, nyaéta pamajikanna di imah anu goreng patut, kolot, galak jeung timburuan. Jauh lamun di bandingkeun jeung Icih anu sopan dina omongan, geulis, ngora kénéh tur pinter. Haténa ngarasa manghanjakalkeun kunaon awéwé sampurna siga Icih bet kudu kawin ka kuli ngaduk. Beuki lila Zoe mikiran Icih, beuki gedé nafsunya pikeun bisa ngasaan awak Icih.

Ahirna Zoe nyarita,

"Aya kénéh cara séjén sangkan kabutuhan anjeun bisa laksana"

"Kumaha?" Icih curinghak atoh.

Zoe malik nanya,

"Sabaraha modal anu ayeuna aya dipalapa? Kuring bisa méré barang saharga duit éta heula keur tahap awal. Barang tepi bayar, ka dituna ogé kitu. Jadi kuring bakal ngalayanan secara bertahap, moal sakaligus. Ieu ogé kulantaran anjeun anu datang, lamun lain anjeun, Kuring pasti moal méré"

Sanajan teu sasuai jeung kahayangna. Icih curinghak bungah, terus unggeuk,

"Oké. Lamun kitu kuring rék nelepon heula Nini anu nyepengan kas kantor, tungguan" saterusna Icih nelepon Rukmini.

Sabot Icih nelepon, Zoe ngajieun 2 cangkir cai entéh di minibarna. Cangkir keur Icih ngahaja dipurulukan 'obat tidur' rada loba. Zoe mémang geus Lila nyetok obat tidur di kantorna anu sabenerna obat éta biasana di paké keur nyekok pamajikanna lamun keur bawél. Sabab saupama diantep sadar dina kaayaan keur ambek. Pamajikanna bakal nyorocos mangjam-jam nyarékan dirina.

Zoe ayeuna nékad hayang ngalaksanakeun niatna ngagadabah Icih bari rék difotoan sarta dividéokeun. Sabab ieu kasempetan langka pikeun bisa nyaréan awéwé séjén salain pamajikanna. Foto jeung vidéo bisa dijadikeun bahan pikeun méla diri atawa ngancem Icih dimana aya masalah saenggeusna. Sakaligus bakal jadi bahan fantasi dirina saupama keur nyaréan pamajikanna atawa saupama pamajikanna keur ambek. Sabab lamun pamajikanna keur ambek, bisa sabulan moal daék ngalayanan salaki.

Icih bérés nelepon, Zoe ogé bérés ngajieun 2 cangkir cai entéh. Cangkir di tunda dina luhur méja, hiji hareupen Icih, hiji deui keur dirina.

"Sok di inum heula caina" Ceuk Zoe bari miheulaan ngangkat cangkir terus ngaregot tiheula

Icih teu curiga nanaon sanajan aya parobahan dina cara ngomong Zoe anu awalna adab ayeuna henteu, Icih ukur ngaduga hal éta disababkeun kulantaran Zoe geus kasinggung sabab rék di injeuman barang. Jadi sangkan Zoe teu terus-terusan kasinggung, bari nganuhunkeun Icih ogé nginum. Bubuhan mémang capé geus nyupiran jarak jauh, katambah bieu rada stress waktu ngadengena Zoe nolak. Matak tikorona asa garing hanaang.

Nempo Icih ngaleguk cai bari rada tanggah, Zoe kumétap nempo beuheung mulus Icih, terus panona turun kana dada Icih anu katempo beuki muncugug sabab keur nginum. Haténa beuki ratug. Kabayang sakeudeung deui awak éndah éta bakal jadi milikna, sakeudeung deui pingping mulus Icih anu ayeuna rapet bakal ngadéngkak keur dirina. Kitu pikiran Zoe harita bari terus-terusan neureuyan ciduhna bari nungguan éfék ubar.

Bérés nginum, Icih sadar aya anu teu bérés. Sabab sirahna ngadadak bareurat jeung lieur. Katambah nempo Zoe anu kumetap bari terus mencrong kana awakna. Sadar aya dina bahaya, Icih rék nangtung hayang lumpat ka luar. Tapi bujurna asa beurat, Icih teu sanggup ngangkat awakna sorangan tina sofa.

Icih buburu mencét nomer Udin dina HP anu masih dicekelan dina leungeun kencana. Tapi leungeuna teu wasa ngangkat HP kana ceulina. Icih Ukur bisa ngarérét kana layarna pikeun mastikeun yén telepon geus nyambung. Jadi pas katempo nyambung, Icih nanya ku sora anu tarik ka Zoe, boga harepan Udin bisa ngadéngéeun kana sorana.

"Naon anu geus diasupkeun ku anjeun kana cai entéh? Anjeun rek ngajieun kuring teu sadar?" Ceuk Icih.

Zoe seuri nyakakak,

"Éta entéh mahal, sigana anjeun can biasa nginum cai entéh mahal"

"Sirah kuring lieur, anjeun bisa muka panto? Kuring butuh hawa seger" ceuk Icih.

Zoe nangtung ngaléngkah kana panto, tapi lain rék dibuka, tapi panto malah dikoncikeun. Saterusna Zoe diuk di gigireun Icih.

"Loba anu nyebutkeun anjeun panggeulisna sa kota Bandung. Ayeuna kuring percaya saenggeus nempo sorangan" bari leungeuna mimiti nyingkahkeun tas Icih anu keur dilahun.

Icih ngageserkeun bujurna ngajauhan bari nangkubkeun HPna sangkan teu katempoeun ku Zoe yén HP keur nyambung.

"Kunaon kawas anu sieun? Tianhao jeung Palapa bakal kerjasama. Naha salah lamun ngobrol leuwih deukeut?" Ceuk Zoe bari nerus mepedkeun awakna kana awak Icih anu beuki undur-unduran baru murungkut. Icih geus meped ka sisi sofa, pikeun nangtung dirina mémang geus teu kuat, kapaksa ukur bisa murungkut.

Sedengkeun Udin harita karék réngsé nyeuseuh, keur moé baju. Lantaran aya telepon ti Icih, buburu diangkat tapi anu kadéngé ukur obrolan antara Icih jeung bos Tianhao. Udin sadar Icih aya dina bahaya, jelas Icih geus dicekok ku inuman sarta aya di hiji rohangan anu pantona nutup jeung dina kaayaan keur dirayu. Getih Udin langsung naék kana sirahna. Awakna ngagidir kulantaran ambek.

Buburu Udin nelepon Isak,

"Mang! Kerahkeun kabéh kakuatan perang anu bisa di mobilisasi ku mamang, langsung kirim ka perusahaan bangunan Tianhao di Majalaya. Kuring hayang ngaratakeunna ayeuna!"

Nyambung....