WebNovelAING UDIN36.59%

Udin nulungan Icih

Isak ngarénjag,

"Aya naon gan? Pamajikan bos Tianhao ti kulawarga kuat. Bari boga pakait sababaraha proyék jeung kulawarga Subrata sabagé supplier utama. Kumaha ngajelaskeunna mamang ka juragan sepuh?"

Udin ambek,

"Nyawa jeung kahormatan pamajikan kuring dina bahaya, Naha ceuk mamang teu penting?!"

Getih Isak langsung naék, tugas utamana mémang ngajaga kasalametan kulawarga Subrata. Komo deui kajadian ieu aya di wilayah Bandung anu jadi tanggung jawabna. Jadi buburu Isak némbalan,

"Mangga gan, di burudulkeun ayeuna kénéh kabéh kakuatan mamang. Pilari lapangan anu rada lega, mamang badé nyandak hélikopter kanggé ngajemput juragan"

"100 méter kalereun imah kuring aya lapangan bola, Kuring nungguan didinya" ceuk Udin nutup teleponna terus lumpat ka sisi lapang anu di maksud.

Teu lila hiji Super Puma ngaguruh di langit, lalaunan turun, Udin lumpat nyampeurkeun. Méméh ban hélikopter antel kana taneuh, Udin geus luncat asup kana panto anu geus di buka ti jero ku Isak,

"Langsung berangkat!" Ceuk Udin bari ngareretan kabéh jelema anu geus araya di jero hélikopter.

Di jero mémang geus nyampak Isak jeung 10 jelema anu kanéh maké pakéan hideung sarta teregos hideung diuk ngajajar kénca katuhu, sararéa manggut ka Udin. Hélikopter langsung ngabiur ngapung ka arah Majalaya.

"10 dozer ti proyék anu aya di warung peuteuy jeung di Ciparay ogé tos bergerak gan, di perkirakeun dugina bakal sareng sareng urang" ceuk Isak méré laporan.

Udin unggeuk bari ngacungkeun jempolna.

Di kantor anu pantona geus dikonci, leungeun Zoe geus ngaragamang mukaan kancing baju Icih anu geus ngalempréh dina sofa. BH pink anu nutupan dada bodas Icih ogé geus katémbong. Can parat mukaan kancing baju Icih, panto geus ngagubrag lantaran di dobrak ti luar. Saurang awéwé buukna galing jangkung badag asup dituturkeun ku 4 karyawan pabrik anu bieu ngadobrak panto.

"Zoe! Keur naon sia?" Ceuk si awéwé bari metot kaméja Zoe ti tukang terus awak Zoe dibantingkeun.

"Saha palacur ieu ?" Kituna téh bari dampal leungeunna nampiling Icih.

"Ampun nyi, lain akang anu ngimitian, akang dirayu" ceuk Zoe anu bieu dibantingkeun bari diuk undur-unduran nyarandé kana tembok.

Icih anu mémang masih sadar, ngarasa pipina ditampiling sarta disebut palacur, langsung muka panonna terus ngarérét kana kaméjana anu geus muka satengah. Leungeuna hayang menerkeun bajuna, tapi euweuh tanaga pikeun ngalakukeunna. Ahirna panonna peureum deui sabab rasa tunduh anu teu bisa ditahan.

"Sia anjing bikang jeung anjing jalu. Ulah ngarepkeun bisa salamet kaluar ti rohangan ieu" ceuk si awéwé bari ngareret ka Icih jeung ka Zoe.

"Tangtungkeun duanana!" Ceuk si awéwé mére paréntah ka 4 pagawéna.

Duaan langsung maju nangtungkeun Icih, anu dua deui nangtungkeun Zoe. Leungeun Zoe di tilepkeun ka tukang. Kawantu Icih mah dina kaayaan leuleus teu bisa nangtung, jadi cangkéngna kenca katuhu di sangkeh di jungjungkeun, sirah Icih tetep tungkul leuleus sanajan geus nangtung bari panona peureum, malah sukunna masih rada nilep satengah ngagantung.

Awéwé galak anu ngarana Lia langsung nampiling Zoe satarikna.

"Kulawarga aing geus nganggap sia anak. Lamun kahirupan sia teu di jait ku aing. Sia ayeuna masih jadi galandangan anu barang hakan tina ngoréhan runtah. Ayeuna sia khianat ka aing jeung kulawarga aing" kituna téh bari beuteung Zoe ditonjokkan ku leungeuna anu gedé. Nepi ka Zoe Utah getih.

Lia awéwé jangkung badag asli Majalaya, pakulitana hideung, buukna pondok kiriting. Beungeutna pinuh ko bopéng urut cacar air basa dirina keur leutik, jeung mémang kungsi diajar béladiri. Matak wajar tonjokan-tonjokanna kana beuteung zoe anu begang bisa ngakibatkeun Zoe utah getih.

"Nyi, ulah nyalahkeun akang terus, ti iraha akan wani salingkuh satukangeun nyai. Kabéh gara-gara awéwé palacur ieu" ceuk Zoe bari ngalieuk ka icih terus nyiduhan Icih anu keur tungkul leuleus.

"Jelaskeun jujutanna!" Ceuk Lia nyentak ka Zoe.

Zoe ngaréka carita,

"Awéwé ieu datang rék nganjuk barang. Ku akang teu di béré. Tapi maksa rék mayar ku awakna pikeun jaminan. Tapi da akang can ngalakukeun nanaon kaburu nyai datang"

Lia ngaléngkah ka Icih, terus buuk Icih dijenggut di dangheuakkeun sangkan ningali ka manéhna, tapi Icih tetep peureum lantaran pangaruh ubar,

"Kurang ajar, aing moal maéhan anjeun. Tapi beungeut anjeun kudu diruksak" ceuk Lia bari nampilingan pipi Icih bulak balik nepi ka biwir Icih getihan.

Sabab ditampilingan, Icih sadar deui, panona beunta,

"Saha anjeun jeung naon anu rék di lakukeun ka Kuring?" Ceuk Icih nanya.

"Dasar tukang lacur, masih kénéh nanya. Aing rék ngaruksak beungeut sia" ceuk Lia bari nampiling deui Icih sakali.

"Cokot peso cutter dina méja, aing hayang nyisit heula biwirna!" Ceuk Lia nitah ka pagawéna.

Saurang pagawé lalaki anu nyekelan Zoe ngaléngkah nyokot cutter anu ngagolér dina méja kerja Zoe. Terus nangtung di gigireun Lia.

"Ibu teu kudu ngotoran leungeun sorangan, keun ku kuring, béré paréntah wéh kudu di kumahakeun?" Ceuk si lalaki bari ngabijilkeun mata péso ku jempolna.

Lia teu némbalan, tapi ngarebut péso tina leungeun pagawéna,

"Bangsat! Ti iraha sia wani ngatur aing" kituna téh bari molototan si pagawé.

Lalaki anu dipolototan buburu mundur, balik deui kana posisina nyekelan leungeun Zoe,

"Hampura Bu" ceuk si lalaki sieun.

Lia ngantelkeun péso cutter anu seukeut kana biwir Icih. Icih ngadégdég tapi teu bisa ngomong sumawona ngalawan.

"Ragragkeun péso!" Ceuk hiji sora ti tukangeun Lia.

Lia ngarérét, katempo Udin geus ngabedega dina lawang panto sarta satukangeunna ogé aya 10 urang lalaki deui anu kabéh maraké baju sarwa hideung jeung maké teregos hideung.

"Saha anjeun! Wani ulubiung kana urusan aing! Sia nyaho saha aing?" Ceuk Lia ka Udin.

"Kuring teu paduli saha anjeun" ceuk Udin bari ngaléngkah asup ngagusur awak Lia anu jangkung badag terus di balangkeun ka luar.

Ningali Udin datang Icih nyora laun hampir teu kadéngé,

"Kang, salametkeun abdi"

Sakilat peureup Udin langsung di hantemkeun kana beungeut 2 pagawé anu keur nyangkéh Icih. Duanana langsung rubuh ka tukang ngahantem tembok terus rubuh teu sadar. Icih ngarampéol rék rubuh, buburu awakna di tangkeup ku Udin terus di golérkeun dina sofa. Pengawal Isak anu 3 urang langsung ngaringkus Zoe jeung 2 pagawé anu nyekelanna. Sésana kaluar deui pikeun ngajaga bisi aya pagawé séjén anu asup.

Ningali pipi Icih anu geuneuk sarta aya getih tina biwirna, amarah Udin beuki ngaléntab.

“Candak abdi uih kang” Ngan sakitu kecap anu kaluar tina biwir Icih terus Icih peureum deui.

Nempo Icih teu sadar, Udin ngahelas,

"Ulah hariwang nyi, anjeun geus salamet, akang moal ngantep saha waé anu rék nyilakakeun anjeun"

Udin Malik ka Isak,

"Tungguan pamajikan kuring mang" ceuk Udin bari ngagedig ka luar nyampeurkeun Lia anu masih nangkarak sabab dialungkeun tadi.

"Sia geus nampilingan pamajikan aing?" Ceuk Udin bari deku nonjok beungeut Lia.

Irung Lia langsung ngucur getih, Lia ohék-ohékan kabesékan bari nyekelan beuheungna lantaran aya sababaraha huntu anu lésot langsung asup kana tikorona. Lia nyangigir bari ngaburakeun 8 huntu campur jeung getih tina sungutna.

"Sia teu nyaho saha aing!" Ceuk Lia bari oséh-oséhan rék diuk bari nyorowok ngagero pagawé-pagawéna,

"Saha waé anu bisa modaran lalaki ieu, saratus juta hadiahna ti kuring" ceuk Lia.

Sanajan sababaraha pagawé geus daratang ka dinya sabab ngadéngé ayana riributan. Tapi euweuh anu wani maju atawa némbalan pikeun nulungan Lia, sabab kabéh geus di halangan bari ditodong ku péstol ku 7 pangawalna Isak.

Lia ngarérét ka jero kantor Zoe, 4 pangawalna geus ditalian jadi hiji di jaga ku dua pangawal bari duanana narodongkeun péstolna. Sedengkeun Zoe adéprok diuk bari di todong sirahna ku saurang pangawal. Lia kerung bingung, sabab anu daratang lain pulisi, tapi naha baroga péstol.

"Saha anjeun?" Ceuk Lia mencrong ka Udin.

"Aing salakina awéwé anu bieu disiksa ku sia" témbal Udin.

"Anjeun pamuda anu majar kuli ngaduk téa?" Ceuk Zoe ti rohanganna colohok teu percaya.

"Terus naon salahna? Mémang kuring kuli ngaduk" témbal Udin bari neuteup ka Zoe.

Ngadéngé Udin ukur kuli ngaduk, Lia ngarasa reugreug terus diuk, saterusna seuri sinis ka Udin,

"Kuring Lia anakna Éféndi, anjeun kungsi ngadéngé ngaran Éféndi pan? Dunungan bapa Kuring ngarana Agus Subrata, sia nyaho saha Agus Subrata? Geus wani urusan jeung kuring sarua waé jeung anjeun geus ngahina Agus Subrata"

Udin nyakakak,

"Tapi anjeun pasti can nyaho Agus Subrata boga incu tukang kuli ngaduk pan? Éta kuring. Hartina kuring ogé dunungan bapa anjeun"

Lia bingung, tapi karérét ku Lia aya Isak ogé di dinya. Lia langsung leuleus bari melong ka Udin,

"Ajeun incu juragan Agus Subrata? Ti iraha aya kulawarga Agus Subrata anu daék cicing di Bandung jadi kuli ngaduk?"

Isak ngaléngkah ka hareupeun Lia,

"Lia! Hareupeun anjeun juragan Udin Subrata, incuna juragan Agus Subrata. Hartina bener mémang juragan anjeun ogé"

Lia melong ka Isak. Isak anu baheula geus ngawawuhkeun bapana ka Agus Subrata nepi ka bisa ngagedekeun usahana kawas ayeuna. Lia anu tadina diuk langsung sujud bari leungeuna muntang kana suku Udin ménta di hampura.

"Juragan, Kuring salah, lamun kuring nyaho awéwé éta pamajikan anjeun. Kuring moal wani campelak"

Zoe ogé sarua, buburu ngorondang ngadeukeutan Lia terus sujud dina suku Udin,

"Juragan, Kuring ogé salah. Hampura"

"Lamun kuring teu datang, pamajikan Kuring geus dikotoran ku sia, lamun kuring teu datang beungeut pamajikan kuring geus ruksak ku pamajikan sia. Naon anu kudu dihampura ti aranjeun?" Ceuk Udin bari ngadégdég nahan kaambekna bari ngabayangkeun nasib Icih lamun dirina telat datang.

"Témbak, bobogaan lalaki ieu!" Ceuk Udin bari bari nunjuk ka Zoe.

Isak buburu nyokot péstol ti saurang pangawalna. Terus di témbakkeun ka Zoe. Hiji pélor ngabelesat langsung nembus calana Zoe persis keuna kana bobogaanna, getih ngucur maseuhan calana jeung ubin. Zoe ngocéak rubuh nangkarak terus gugulitikan.

"Paéh keur jelema-jelema model kieu can pantes, kangeunahan teuing. Kuring hayang lalaki ieu lumpuh saumurna" ceuk Udin.

Saurang pangawal anu awakna panggedéna maju, terus Zoe ditangkubankeun, cangkéngna di jejek, terus taktak Zoe diranggeum ku dua leungeunna bari di betot satarikna. Krek! Tulang tonggong Zoe kadéngé potong.

Zoe akur ngarasakeun nyeri sakeudeung, saterusna geus teu bisa ngarasakeun nanaon deui. Awakna ti seret beuheung ka handap kawas anu ngadadak leungit, euweuh nu bisa karasa. Padahal calanana geus baseuh ku cai ompol campur getih, Tina bujurna ogé geus kaluar kokotor. Tapi teu karasa nanaon.

Zoe geus keuna ku paraplégia, lumpuh total saawak-awak. Ukur sirah anu masih kénéh bisa luak lieuk. Tong boro nyilakakeun batur, maéhan dirina sorangan ogé geus moal mampu.

Pangawal Isak anu bieu motongkeun tonggong Zoe nanya ka Udin,

"Kumahakeun awéwé ieu gan?"

"Sarua, duanana kudu lumpuh sapanjang hirupna" témbal Udin.

Ngadéngé kitu Lia abrug-abrugan bari jejeritan.

Pangawal anu bieu nanya langsung ngalaksanakeun tugasna.

Isak nyampeurkeun ka Udin,

"Juragan, 10 dozer geus tepi pikeun ngaratakeun tempat ieu. Mamang nungguan paréntah"

Udin unggeuk,

"Gotong sofa panjang ka luar, diukkeun 2 jelema ieu ngaréndéng ngarah nyaksian pabrikna diratakeun. Atur évakuasi pagawé dina 10 menit pikeun maranéhna nyalametkeun diri" ceuk Udin terus asup ka rohangan kantor Zoe mangku Icih terus dibawa ka luar.

Isak mencét bél alarm gudang anu aya di kantor éta sarta nyokot mic anu kahubung ka pengeras suara di masing-masing gudang jeung palataran pabrik.

"Situasi darurat, salametkeun diri anjeun séwang-séwangan dina waktu 10 menit, kaluar ti aréa gudang"

Sora alarm anu disusul ku Sora Isak langsung tepi kana sakabéh ceuli ratusan pagawé di aréa Tianhao, disusul deui ku sora alarm anu ngahiung teu eureun-eureun.

Ratusan pagawé buriak lalaumpatan kaluar ti aréa pabrik. Terus ngumpul di palataran parkir. Sabab disangka aya kahuruan. 10 dozer lalaunan nyebar ka sakuriling pabrik.

Isak ogé buburu kaluar mawa mégaphone pikeun ngomando karyawan anu jadi operator forklift,

"Kerahkeun kabéh forklift anu aya didieu, Bantuan dozer pikeun ngatakeun tempat ieu" ceuk Isak bari terus ngabagikeun duit ka para operator forklift anu geus kumpul. Para operator buburu lalumpat nyokot forkliftna séwang-séwangan terus siaga ngurilingan pabrik ti sagala arah.

Saenggeus nunda Icih dina mobilna, Udin nyampeurkeun ka Zoe jeung Lia anu geus ngaréndéng teu usik dina sofa. Terus Udin nyarita,

"Anjeun kudu nyaksian kabéh kaméwahan pabrik anjeun anu salila ieu geus di gedékeun ku kulawarga Subrata balik deui ka asal, rata jeung taneuh"

Tepi kana waktu anu geus ditangtukeun, Isak nyorowok kana mégaphone anu aya dina leungeuna. "3.. 2..1.. ratakeun!"

Harita kénéh 10 dozer jeung belasan forklift langsung ngarangseg maju ngaratakeun kabéh wangunan gudang anu aya di dinya. Nempona Zoe jeung Lia ukur bisa nyurucudkeun cimata.

Udin nyampeurkeun ka Isak,

"Mang, kuring kudu mawa mobil jeung pamajikan balik. Wéyahna mamang di dieu heula nepi ka bérés. Ulah ngarobohkeun bénténg anu ngurilingan aréa sangkan kajadian di jero teu jadi tongtonan warga"

"Mangga gan" Isak unggeuk.

Dozer ngaguruh, wangunan gudang hiji-hiji mimiti roboh, dozer terus maju ngaleyekkan naon waé anu kaliliwatan ngarangseg ka tengah bari sagala di teunggar. Forklift ogé sarua, garpuhna sudak sodok nyokélan satiap wangunan anu aya di jero aréa.

Udin anu masih aya di dinya ngomong deui ka Zoe jeung Lia.

"Kajadian ieu kudu di inget ku aranjeun, ieu ukur awal lantaran geus wani ngahina kulawarga Subrata. Ku kituna ulah coba-coba ngajieun masalah séjén, ulah ngabongkar idéntitas kuring ka saha waé. Lamun nepi ka bocor tina sungut aranjeun. Kabéh kulawarga Éféndi bakal narima akibatna"

Lian jeung Zoe ukur unggut-unggutan. Nempo satengah pabrik geus rata. Udin ngemplong. Kaambekna geus mimiti leungit. Udin buburu asup kana mobilna terus kaluar ti aréa pabrik. Mobil nyemprung balik ka Bandungkeun.

Tepi ka Imah, Icih anu masih kénéh can sadar dipangku ka kamar terus di golérkeun dina ranjangna. Udin teu nyaho sabaraha dosis obat tidur anu geus di inum ku Icih. Tapi nyabak detak nadi dina leungeuna jeung gerakan nafas Icih anu geus balik normal. Udin yakin sakeudeung deui Icih pasti sadar. Bari nungguan sadar, Udin meresihan getih garing dina juru biwir Icih ku tisu baseuh.

Teu lila panon Icih muka lalaunan,

"Kang" ceuk Icih bari terus nyegruk ceurik.

Udin buburu ngarangkul Icih,

"Teu nanaon nyi, ulah sieun, anjeun geus aya di Imah"

Icih rurat-rérét, karék sadar yén geus aya di kamarna,

"Kang, abdi teu acan di nanaon ku si Zoe?"

Udin gogodeg bari seuri,

"Nyai masih suci"

"Akang henteu laporan ka pulisi?" Icih nanya deui.

Udin gogodeg,

"Zoe jeung pamajikanna geus lumpuh, perusahaana geus rata. Sagala katelengesanna ka nyai geus kabayar. Éta akibat kalakuanna sorangan. Hukum can tangtu bisa bisa nindak adil siga kitu. Anjeun can di kukumaha, euweuh bukti pikeun ngeurad si Zoe salian ti geus ngajieun anjeun teu sadar, hukumanna paling ukur dibui sababaraha taun. Ssanajan hukuman mati ogé masih teu pantes keur maranéhna"

Icih colohok, terus nanya sabab panasaran,

"Saha anu parantos ngalakukeunna kang?"

Udin ngajelaskeun,

"Pas akang narima telepon ti nyai, akang buburu nelepon babaturan para kuli anu keur di garawe di Majalaya pikeun nyalametkeun nyai. Kabeneran pas nyai disalametkeun, pabrik keur kahuruan, si Zoe jeung pamajikana ka kubur ku wangunan anu runtuh. Untung masih bisa disalametkeun, tapi duanana lumpuh. Sabab nyai teu sadar, jadi teu nyaho nanaon. Mobil jeung nyai di anteurkeun ka dieu ku babaturan akang"

Icih kerung,

"Sateuacan abdi teu sadar, abdi asa ningal akang di ditu"

Udin gogodeg,

"Henteu nyi, anu di maksud nyai pasti babaturan akang anu nulungan nyai. Pasti anu katempo ku nyai ukur halusinasi akibat pangaruh ubar. Mobil anu hijina deui pan keur di paké ku bapa. Akang teu bisa ka mamana, akang ukur bisa nungguan nyai di dieu bari haté tagiwur, hariwang"

"Kahuruan, pasti mapay nya kang?" Ceuk Icih.

"Ngarana ogé gudang bahan wangunan, loba material anu gampang kaduruk, seuneuna pasti gancang ngarémbét ka sakabéh aréa pabrik" ceuk Udin.

Saterusna Udin nyarita deui sangkan Icih teu kapapanjangan nanya,

"Nyi, Akang rék ka dapur heula mawa cai nginum keur nyai"

Nyambung....