Nepi ka BCC, Udin jeung Mardi nuturkeun Warni asup ka aula paméran. Kaligrafi sarta lukisan-lukisan aralus ngagarantung rapih di sakuriling témbok rohangan.
Ditengah aya méja lélang di taplakan ku kaén buludru warna beureum. Sakurilingna ngabaris sofa sigle ngajajar, tiap 4 sofa dihareupnna aya hiji méja anu pinuh ku inuman sarta bubuahan seger.
Tiap baris korsi aya dina hiji dék anu nge-trap beuki ka tukang beuki luhur, jadi sanajan diuk dina korsi barisan pangtukangna. Masih bisa nempo barang anu bakal aya dina méja lélang. Korsi geus ampir pinuh ku tamu anu daratang leuwih tiheula. Pamandangan ieu béda pisan jeung basa terahir Udin datang. Ku harga séwa gedung jeung penataan anu sarupa kitu, jelas Kulawarga Nataprawira geus ngaluarkeun biaya gedé.
Warni, Udin jeung Mardi dariuk dina korsi jajaran panghareupna. Karék ogé maranéhna diuk, di luar aula ramé sora jelema anu surak. Kabéh jelema ngarérét kana lawang asup hayang nyaho. Nyampak sababaraha pangawal anu lain pagawé BCC keur muka space row terus ngabaris kénca katuhueun jajalaneun anu bakal kaliliwatan. Tapi kabéh kerung, sabab teu nyaho saha sabenerna anu bakal asup?
Teu lila Katempo Ki Waja ngaléngkah, langsung nuju ka barisan korsi hareup.
"Ki Waja ogé datang?!" Warni ngarénjag, sabab Warni geus masrahkeun masalah ondangan ka Barda tanpa kudu méré laporan deui ka Warni. Wajar Warni teu nyahoeun Ki Waja bakal datang.
Beungeut Ki Waja tiis, euweuh gurat soméah dina beungeutna. Tapi sima anu kaluar tina panonna mémang gedé. Teu anéh lamun rohangan langsung ngadadak simpé. Sawaréh jelema narangtung bari ngacungkeun HPna séwang-séwangan. Aya anu midéokeun kadatangan ki Waja, aya ogé anu motrét.
Ki Waja ngarandeg bari ngaluarkeun 5 isim mangrupa kaén hideung anu geus ditilep-tilep terus dijait sisina, ukuranna ngan sagedé bungkus korék api. Terus nyarita ka sararéa,
"Sabab Kuring kakara ayeuna datang ka Bandung, Kuring rék ngabagikeun 5 jimat gratis ka urang Bandung" saterusna jimat anu dimaksud dibikeunan ka 5 ondangan anu deukeut jeung kaliliwatan ku manéhna.
Jelas hal ieu ngadatangkeun katimburuan keur para ondangan anu diukna jauh. Sabab teu kabagéan. Atuh Sora tiditu tidieu ngaguruh pada marénta anu nadanya sarua "Ki! Keur kuring mana?"
Asistén Ki Waja anu nuturkeun tukangeun Ki Waja buburu ngagkat leungeuna. Sora tamu anu ngaguruh langsung jempling deui,
"Ki Waja ukur méré 5 anu gratis. Saleuwihna aranjeun kudu mayar mahar, hiji isim Maharna 500 rébu. Barangna aya dina tas Kuring" ceuk asistén, bari némbongkeun eusi tasna anu pinuh ku isim.
Maklum ondangan jelema beunghar hungkul, ngadéngé harga jimat ukur 500 rébu, ngadadak kabéh narangtung terus nyalampeurkeun ka asistén Ki Waja pasedek-sedek, siga budak keur meuli peremén, kabéh ngaracungkeun duit kontan. Asistén ogé jadi sibuk ngaladangan, malah siga anu kawalahan. Puluhan isim sapada harita langsung ludes payu. Tamu anu teu mawa duit cash ogé sibuk transferkeun duitna tina HP milikna kana HP milik asisténna ki Waja.
Nempo kajadian kitu Udin kerung bari nyarita laun,
"Rek miluan lélang atawa rék dagang. Ngacowkeun katertiban waé. Meni asa babari pisan néangan duit ku cara nipu batur. jimat nanahaon siga kitu?"
Sanajan ngomong laun tapi Ki Waja kawas anu ngadéngéeun, sabab langsung muncereng ka Udin bari nyampeurkeun.
"Héh budak ngora! Ati-ati lamun ngomong. Manéh teu nyaho kana hasiat jimat ieu?"
Udin anu teu nyangka bakal disampeurkeun bari langsung ditanya tipoporongos jelas reuwas. Jadi buburu némbalan,
"Teu. Teu katempo aya hasiat nanaon. Ukur kaén hideung anu ditilep-tilep"
Saurang ondangan anu diuk di tukangeun Udin nyarita bari ngacungkeun jimat anu geus dibeulina,
"Ieu jimat kasalametan, harga 500 rébu jelas murah pisan"
Anu séjén ogé aya anu milu nyarita,
"Biasana maharna 2 juta, jaba kudu dicokot ka Banten"
Ki Waja ngarérét ka jelema-jelema anu bieu ngomong bari nyéréngéh panuju sabab geus milu ngajelaskeun, terus ki Waja ngarérét deui ka Udin,
"Tuh kadéngé pan? Sabab batur mah mikir jeung ngomongna maké otak. Sedengkeun otak anjeun mah dipaké ngomong waé salah, komo dipaké mikir. Ulah ngomong teu bener lamun teu ngarti"
Saterusna Ki Waja ngaléngkah kana korsi kosong terus diuk. Korsi Udin ka korsi Ki Waja ukur kapisah ku gang sakorsieun. Udin teu némbalan deui, tapi metik cau muli dina luhur méja hareupeunna terus dipesék langsung disamualkeun kana sungutna sorangan.
Warni anu diuk di gigireun Udin ngaharéwos,
"Kang, ulah dilebetkeun kana manah, Ki Waja kagungan pangaruh ageung"
Udin némbalan ku unggeuk bari nyapék cau muji dina sungutna. Saacan acara dimimitian, Barda salaku wawakil ti kulawarga Nataprawira anu nyeponsoran lélang biantara, tapi teu lila. Acara lélang langsung dimimitian.
Barang Kahiji dibawa ku dua awéwé SPG mangrupa gentong tambaga. Gentong ditunda dina méja léléng. Juru lélang ngenalkeun barang,
"Ieu gentong titinggal karajaan Sumedang Larang. Dijieun tina tambaga murni sarta ukiran diluarna. Gentong ieu aslina aya ceulian kénca katuhu, ngan kusabab umurna geus ratusan taun, sabeulah ceulina semplék. Sesemplékanna nepi ka kiwari can kapanggih. Gentong ieu dipercaya bisa ningkatkeu rejeki lamun ditunda di rohangan tamu"
Juru lélang ngetok palu dua kali,
"Panawaran awal 8 juta, lélang naék per sajuta"
Sababaraha tamu ngangkat leungeuna, bari nawar patembalan, anu ahirna kajual 11 juta. Saterusna 6 lot séjénna ditampilkeun hiji-hiji, kabéh barang antik hungkul. Suasana palelangan beuki ramé ku sora tawaran ti ditu ti dieu. Mardi ogé sumanget sanajan ukur lalajo. Sabenerna Mardi kumejot hayang meuli, ngan harga barang euweuh anu murah.
Udin masih tenang bari terus dahar bubuahan dina méja. Sabab can aya barang anu cocok. Kabéh barang anu geus dijual ngan sawates koléksi, euweuh anu ngandung energi spiritual saperti anu dipiharepna.
Lot ka-7 nyaéta kangkalung mutiara warna ungu, cahayanya moncorong sabab katojo ku lampu gedung. Juru lélang nyarita,
"Ieu mutiara alami tina kerang-kerang liar di samudra hindia, hasil nyortir tina rébuan mutiara anu ahirna kakumpul anu warna jeung ukuranna sarua. Dibuka 3 juta"
Udin curinghak. Salian alus, saupama dipaké ku icih jelas cocok. Batu éta ogé ngandung aura ipis anu manfaatna pikeun ngendorkeun urat saraf jeung nenangkeun fikiran. Cocok pisan keur Icih anu sapopoe digawé dikantor. Matak Udin buburu ngacungkeun leungeuna nawar,
"4 juta!"
Mardi ngarénjag, terus nyarita ka Udin,
"Di Cikapundung mutiara kitu ukur 800 rébu, nanaonan ditawar Din? Ké lamun Qin Gang teu tarima tuluy ambek kumaha?"
"Kanggé Icih pa" témbal Udin.
Ngadéngé Udin nawar keur Icih, Mardi langsung cicing. Lantaran lila euweuh anu nawar deui lian ti Udin. Juru lélang rék ninggangkeun paluna kana méja. Tapi aya saurang anu nyorowok ti korsi barisan ka tilu,
"kuring 6 juta!"
Udin ngarérét, singhoréng anu nawar Steven, anak cikalna Qin Gang. Steven nyarita ka Udin bari seuri,
"Haunten pa Udin, abdi ogé bogoh kana kangkalungna"
Udin kerung. Haténa ngagerentes,
"Cenah ceuk Qin Gang Steven dikerem di kamarna sarta teu meunang kaluar, tapi naha bet aya di palélangan?"
Steven mémang keur meunang hukuman ti bapana, salian ti geus diteunggeulan, oge dikonci di kamarna. Ngan kusabab resep kana barang antik. Ahirna kabur tina jandéla terus naék taxi ka BCC tanpa sakanyaho bapana. Jadi teu nyahoeun lamun Udin geus katitipan duit keur meuli barang ku bapana.
Steven teu nyangka bakal panggih jeung Udin. Tapi Steven geus ningali sorangan kamampuan Udin. Matak boga niat sakur barang anu ditawar ku Udin, Steven ogé bakal milu nawar, sabab nyaho barang anu ditawar ku Udin pasti asli. Moal kabobodo deui. Jeung nyaho tingkat ékonomi Udin moal sabanding jeung dirina.
"7 juta" Ceuk Udin naékkeun panawaranna.
"8 juta" Ceuk Steven embung éléh.
Mardi mimiti geumpeur,
"Din, ulah diteruskeun, leupaskeun, ulah dilayanan"
Udin seuri,
"Tingal wé pa, ulah seueur carios" témbal udin. Saterusna Udin naékkeun deui panawaranna,
"16 juta"
Kabéh colohok, sabab Udin langsung nikelkeun penawaranna 2 kali ti harga panawaran Steven. Steven ogé ngarénjag, aturan lélang kanaékan ngan sajuta, kuduna Udin naék jadi 9 juta. Mémang teu salah nawar saluhureunna asal ulah kurang ti sajuta. Tapi ieu langsung 16 juta. Jelas teu asup akal.
Udin ngarérét ka Steven, terus mapanas,
"Steven, teunggeul harga kuring"
"Moal, sok wé kanggé pa Udin" témbal Steven leuleus.
Udin seuri sinis,
"Piraku karék digebug sakali geus ngéléhan. Cenah resep ngokéksi barang antik"
Para ondangan séjén surak nyaleungseurikeun Steven anu keur dilédék ku Udin. Steven nyarita ka Udin,
"Abdi hoyong uninga, sabaraha kandel artos salira pa. Mangga dibayar"
Sabab euweuh anu nawar deui, juru lelang ngadagorkeun paluna kana méja 3 kali,
"16 juta mufakat kanggé bapa Udin"
Teu lila surang awéwé datang nyampeurkeun ka Udin bari mawa mesin gésék. Si awéwé manggut terus nyarita ka Udin,
"Mangga anggé kartu salira kanggé mayarna"
Steven nyakakak,
"Pa Udin sabaraha eusi kartu salura. Mémangna kagungan 16 juta?"
Ngadéngé ucapan Steven, tamu séjén ogé jadi panasaran hayang nyaho. Udin seuri bari ngagesekeun kartu ti Qin Gang. Sarta mencet pin 212121.
Nempo transaksina berhasil. Si awéwé nyarita,
"Pa Udin, barangna bakal katampi di ahir acara"
"Oké" ceuk Udin bari seuri.
Para ondangan anu tadi kurang yakin sabab kapancing ku omongan Steven anu nyapélékeun Udin ahirna caricing. Sabab nyatana kartu Udin aya eusian. Sawaréh ondangan bingung, kangkalung anu dibuka harga 3 juta. Tapi Udin wani meuli 16 juta.
Udin ngarérét deui ka Steven,
"Kumaha Steven. Rumasa éléh ku kuring?"
Tamu langsung sareuri, nyaleungseurikeun deui Steven anu langsung baketut haseum.
"Pa Udin, abdi moal mundur di lot saterasna" témbal Steven.
Aya saurang ondangan anu nyorowok
"Steven, kulawarga anjeun nomer dua sa Bandung. Piraku dipeupeuh ku minantuna Mardi Kusumah?"
Ger ondangan séjén saleuseurian. Beungeut Steven langsung karasa panas. Sungutna kumerot nahan ambek sarta niat rék ngalawanan Udin di lot-lot saterusna. Haténa ngagerentes,
"Dasar apes, timana si Udin gableg duit loba. Aing éra"
Steven moal nyangka lamun kartu anu dipaké balanja ku Udin sabenerna kartu milik bapana.
Lot ka-8 jeung ka-9 Udin teu nawar, sabab lain barang anu dibutuhkeun. Tapi dina lot ka-10. Panitia lélang mawa émbrio giok satengah jadi. Satengah tina émbrio giok masih mangrupa batu anu can di asah sangkan leuwih katempo kaaslianna. Harga dibuka 8 juta.
Ceuk buku 9 Élmu Karuhun, satiap Émbrio batu murni, dibentuk ku prosés alam sarta nyedot sababaraha énérgi spiritual bumi. Jadi Udin boga anggapan batu éta bisa dipaké keur nulungan Qin Gang. Jadi buburu Udin ngangkat leungeuna muka panawaran,
"9 juta"
Langsung di peupeuh ku Steven,
"10 juta"
Udin ngalieuk ka Steven bari seuri. Haténa ngagerentes,
"Baé teu kabeuli ku kuring asal ku Steven kabeuli. Keur kaperluan kulawargana ieuh"
Jadi Udin ngacungkeun leungeunna deui,
"11 juta"
"110 juta" Ceuk Steven teu euleum-euleum.
Sararéa jelas reuwas, sabab Steven langsung naékkeun panawaran 10 kali ti panawaran Udin. Jadi kabéh mimiti serieus nyimak, sabab Steven geus mimiti wani. Pasti dina panawaran saterusna bakal leuwih ramé. Ayeuna kabéh panon melong ka Udin, nungguan sabaraha tawaran ti Udin pikeun meupeuh Steven.
Ahirna Udin ngacung,
"200 juta"
Kabéh surak. Euweuh anu nyangka kurang ti 10 menit harga 8 juta geus naék jadi 200 juta. Steven rada asa-asa pikeun nawar deui, tapi géngsi. Steven teu nyangka Udin bakal wani nawar nepi ka 200 juta. Duit timana? Duitna sorangan atawa aya anu ngahaja nyeponsoran? Tapi saha anu wani nyeponsoran? Steven bingung jeung serba salah. Lamun milu pasti bakal katanyaan ku bapana, teu milu dirina bakal disaleungseurikeun deui.
Ahirna Steven nyorowok bari sorana ngageter,
"201 juta"
Sanajan ukur naék sajuta, tapi sabenerna keur Steven harga sakutu samasakali geus teu asup akal.
Tanpa disangka Udin masih nawar,
"300 juta" Ceuk Udin seuri bari ngarérét ka tukang ngiceupan Steven.
Para ondangan atawa peserta lélang mimiti ngarasakeun jajantungna gegebegan lantaran tawaran-tawaran ti Udin anu naékna teu asa-asa, cukup pikeun némbongkeun yén duit Udin mémang geus teu kawadahan.
Steven sorangan anu ti tadi hohoak nangtang, ayeuna ngarasa geus teu genah diuk. Bujurna asa panas. Késang tiis ngagarajag tina tonggongna.
"Steven, peupeuh deui!" Ceuk Udin terus mapanas.
Nigali Steven asa-asa, juru lelang mimiti ngitung mundur,
"3"
"2"
"Steven tawar!" Ceuk saurang ondangan.
Ditémbal ku ondangan séjén.
"Teunggeul sing tarik!"
Aya deui anu nyorowok bari nangtung,
"Steven, anjeun ngan kuat sakitu?"
Udin nyarita,
"Steven, lamun ajeun teu nawar deui. Anjeun éléh"
Saenggeus mikir sababaraha balikan, ahirna Steven nyarita leuleus,
"Kuring mundur"
"Ngérakeun!" Ceuk para ondangan ngalédék. Aula lélang langsung ngaguruh ku anu nyaleungserikeun Steven, sedengkeun Steven langsung tungkul sabab éra. Haténa ngagerentes,
"Hanjakal aing kabur ti kamar, lamun cicing di imah pasti moal panggih deui jeung si Udin"
Udin masih melong ka Steven bari ngelelan. Nempona Steven langsung nangtung tina korsina terus nyampeurkeun ka Udin.
"Udin! Anjeun ngahaja rék ngera-ngera kuring?" Ceuk Steven ngomongna geus teu maké adab deui sabab keuheul.
Méméh némbalan Udin nyokot heula cai mineral dina luhur méja, terus caina diregot,
"Euweuh anu maksa anjeun kudu adu tawar jeung Kuring, éta kahayang anjeun sorangan pan? Bijil tina biwir anjeun sorangan. Lamun gara-gara hal éta anjeun ambek, Kuduna ambek ka diri sorangan. Kunaon malah ambek ka Kuring?"
Warni oge milu ngomong,
"Steven, aturan lélang dimana-mana mémang kitu, salila wani nawar nya tawar. Anu teu nawar deui hartina éléh"
Steven kekerot, tapi teu wani némbal ka Warni. Panonna mencrong ka Udin,
"Oke, lantaran lélangna can di tutup, hayu teruskeun!" Ceuk Steven terus balik deui kana korsina.
Bari diparelong ku jelema loba, Udin ngagésékeun deui kartu kawas tadi. Transaksi berhasil. Udin atoh sabab barang anu diperlukeun geus kabeuli. Jadi saupama katanyaan ku Qin Gang lantaran harga kamahalan. Éta kulantaran kalakuan Steven anu terus ngagamahan. Loba saksina. Da lamun Steven teu pipilueun nawar mah. Hargana moal sakitu.
Ngan saenggeus sababaraha Lot. Steven teu nawar-nawar deui. Alesanna lantaran geus euweuh deui barang anu ditawar ku Udin. Ngan saupama Udin milu nawar ogé Steven geus mutuskeun moal miluan. Sabab sieun éléh deui jeung sieun kaéraan.
Dina Lot panutup, ahirna barang anu keur ditutungguan ku sararéa dibawa kana méja lélang. Barangna masih ditutupan ku kaén hideung. Udin neuteup barang anu masih ditutupan, tarangna kerung sabab karasa aya aura gedé tina barang éta. Saprak boga kamampuan ngaditéksi barang antik alatan kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun. Kakara ayeuna Udin nyinghareupan aura gedé siga kitu.Ki Waja anu ti tadi cicing ogé nempo barang éta mah langsung curinghak.
Pas kaén panutup dibuka. Sararéa colohok, sabab rupa barang teu sasuai jeung anu dibayangkeunna. Biasana barang panutup acara pasti barang méwah, tapi ieu ngan saukur batu karang sagedé helm. Bari di sakurilingna masih narapel lukut laut jeung kerang ukuran laleutik.
Anu teu ngarti kana barang saleuseurian ngarasa lucu. Kunaon BCC ngalélang batu karang anu dilaut ogé jumlahnya teu kaitung. Tapi pikeun Udin jeung Ki Waja mah béda. Duanana ngarasakeun aura anu sarua.
Barda nyokot mic, terus nyarita,
"Ieu barang panutup, ieu lain batu karang. Tapi kerang alam. Kerang ieu geus paéh, dicokot ti dasar laut Sulawesi. Sarta geus di idéntifikasi ku para ahli. Kerang ieu umur hirupna 100 taun. Sarta geus kakubur di dasar laut salila 1000 taun. Cangkangnya nunjukkeun pola unik anu ngajadikeunna langka"
Saurang SPG maju terus nyikat kokotor di salah sahiji bagéan pikeun ditémbongkeun ka para ondangan. Bener wé, langsung katémbong kulit kerang ukuran gedé warnana beureum semu emas tebus kawas gambar 4D mirip jeung batu amber anu éndah. Ditambah ku sorot cahaya lampu gedung. Atuh cahayana beuki gugurilapan.
Para ondangan silih rérét, euweuh anu teu kabita. Kabéh pada hayang jeung pada nungguan sabaraha juru lélang bakal muka harga.
Nyambung....