WebNovelAING UDIN52.44%

Udin ngubaran Mardi

Dudung awalna teu ngarti kana maksud omongan Udin, tapi karasa aya hawa tiis anu asup kana tarang bagana terus nyaliara kana bobogaanna. Dudung ngarasa bobogaanna baal teu bisa ngarasakeun nanaon deui, seolah-olah bobogaanana geus leungit. Tapi calanana ngadadak baseuh, padahal Dudung teu keur ngompol. Sadar bobogaanna geus dol, Dudung langsung ceurik ngageunggeuik. Sabab kabayang saumur hirupna kudu terus mamaké pempers.

Udin buburu nelepon kantor pamasaran,

"Kuring ti A05, kunaon imah kuring bisa kabongkaran! Mana kaamanan double anu dijangjikeun ku pengembang! Keprakkeun kabéh kaamanan anjeun kadieu. Aya 7 bangsat didieu"

Saterusna Udin lumpat ka jero villa néangan Libo. Nyampank Libo keur naghunjar, leungeun jeung sukuna ditalian. Biwirna dijelelan kaos kaki. Untung teu kunanaon, ukur pipina hungkul anu gareuneuk, sigana balas ditampilingan. Tali anu nalian lengeun jeung sukuna dilésotkeun ku Udin. Tapi Libo nolak dibawa ka rumah sakit.

Lantaran Libo teu kunanaon. Jeung Dudung sarta anak buahna ogé geus ditéwak ku fihak kaamanan Bougénvile Villa. Ahirna Udin pamitan balik. Tepi ka Imah geus burit. Nyampak Lastri keur diuk lalajo TV bari beungeutna buni katutupan ku masker kecantikan.

Udin jeung Icih langsung arasup ka kamar. Sedengkeun Mardi sosoloyongan siga anu lieur, buburu diuk di gigireun Lastri. Leungeunna nyingraykeun buukna terus ngusapan tarangna anu masih bonconong kénéh urut dibalédog ku asbak.

Mardi nyarita ka Lastri,

"Lastri. Bawa kuring ka kamar. Kuring hayang ngagolér. Tadi sirah dibalédog ku ema maké asbak. Lieurna karék karasa ayeuna"

Lastri ukur unggeuk bari nyangkéh cangkéng Mardi terus dibawa asup ka kamar.

Di kamar, Udin nanya ka Icih,

"Nyai geus dipecat ti Palapa, naon rencana nyai saterusna?"

"Énjing badé ngawitan milarian damel kang" témbal Icih bari ngajéwang anduk terus asup ka kamar mandi.

Udin ngaléngkah kana jandéla, terus nelepon Salman bari neuteup kaluar,

"Anak anjeun Ibro, masih rék dikawinkeun jeung Unah Kusumah?

"Enya, ayeuna masih dina masa tunangan. Mémangna aya naon guru?" Témbal Salman sakaligus nanya.

"Kuring lain hayang ngatur kana kaputusan anjeun, tapi sakadar hayang ngabéjaan. Kulawarga kuring geus euweuh hubunganna deui jeung kulawarga Kusumah. Kuring ukur ngarasa hariwang lamun kahareupna Ibro bakal kapangaruhan ku sifat goréng kulawarga Kusumah anu resep ngajieun masalah jeung kuring. Kuring teu hayang mumusuhan deui jeung anak anjeun" ceuk Udin.

"Ulah hariwang guru. Ayeuna kénéh kuring bakal ngirim jelema ka kulawarga Kusumah pikeun ngabatalkeun tunangan" témbal Salman.

"Alus" ceuk Udin tetus nutup teleponna.

Udin seuri, dina fikiranna euweuh deui cara anu hadé. Kulawarga Kusumah mémang kudu diwarah kucara anu teu diduga ku maranéhna. Saterusna Udin nelepon Susi,

"Susi, umumkeun ka média yén Bima Raya nangguhkeun proyék. Éta bisa jadi alesan pikeun mutus hubungan kerjasama jeung Palapa, asupkeun Palapa kana perusahaan blacklist"

Susi némbalan,

"Mangga juragan, ditangguhkeun dugi ka iraha? Teras naon masalahna?"

Udin ngajelaskeun,

"Pamajikan Kuring dipecat ti palapa. Proyék tangguhkeun nepi ka pamajikan kuring muka usaha sorangan. Anu penting putuskeun heula kontrak jeung Palapa"

"Mangga juragan. Abdi ngadamel heula draft-na. Dina 15 menit, beritana tangtos parantos dirilis" ceuk Susi. Saterusna Telepon ditutup.

Udin kaluar ti kamar rék nyokot cai nginum ka dapur, ngan kadéngé Mardi keur gegerungan di kamarna. Jadi buburu disampeurkeun. Nyampak Mardi keur digulanggapér ku Lastri. Bonconong dina tarangna beuki geuneuk, sarta mimiti kaciri sakuriling panona ogé geuneuk. Udin nyarita,

"Aya pembekuan darah, kedah énggal dicandak ka rumah sakit Bu kanggé ngajalanan kraniotomi. Upami diantep hématoma intrakranial bakal ngabahayakeun nyawa bapa"

"Ngomong naon ari manéh? Ema teu ngarti" ceuk Lastri.

Sabab bisi Icih jeung Lastri reuwaseun ahirna Udin ngomong deui,

"Abdi badé milari landong sakedap, jagi bapa Bu" ceuk Udin bari buburu kaluar ti imah.

Loba tehnik médis anu dicatet dina buku 9 Élmu Karuhun, aya resép tradisional keur nurunkeun déprési jeung ngalancarkeun darah, ubar ieu bisa dipaké keur nulungan Mardi. Jadi Udin niatna moal ka apoték. Tapi rék ka toko ubar tradisional néangan jenis ubar anu di maksud.

ngan diluar geus nyampak aya Qin Gang jeung asisténna anu ngajingjing kardus. Jadi Udin nanya,

"Aya naon pa Qin Gang bet aya didieu?"

"Guru, kuring ngahaja ngirim bahan ubar. Bisi anjeun butuh keur kaperluan ngadadak" ceuk Qin Gang bari ngalieuk ka asisténna nyokot kardus anu dicekelanna terus dibikeun ka Udin.

"Buka, terus pariksa eusina" ceuk Qin Gang deui.

Udin buburu muka kardus, dijerona aya belasan bungkus palastik akar-akaran jeung beubeutian. Aya ginséng, akar eurih, panglay jeung sajabana. Aya ogé sabaraha bahan ubar séjén anu mémang geus jarang aya.

Sanajan bahan ubarna biasa, tapi Udin bungah pisan, sabab meni asa ku kabeneran. Kakara ogé boga niat rék meuli ubar keur Mardi, ayeuna malah dianteuran bahanna. Jelas kudu ditarima bari sakalieun rék nyobaan dipraktékkeun nyieun ubar sorangan sasuai jeung pituduh anu aya dina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.

"Nuhun pa Qin Gang" ceuk Udin nganuhunkeun.

Qin Gang manggut,

"Kuayana bantuan ti anjeun, ayeuna kuring bisa fokus deui kana usaha. Hasilna lumayan, omset nambahan terus, pelanggan ogé beuki ngalobaan. Usaha kuring mémang nyadiakeun bahan ubar siga kieu. Salian keur nyukupan pangabutuh dalam negri, kuring ogé ngalakukeun éksport ka sababaraha nagara. Saupamana kahareupana anjeun butuh deui bahan ubar, ulah asa-asa ménta ka kuring"

Udin unggeuk.

"Kuring mémang rék nyobaan ngaracik ubar sorangan, saupma butuh, pasti bakal méré nyaho ka anjeun"

Qin Gang ngarénghap reugreug,

"Guru, saupama anjeun aya waktu. Sakali-kali mah kuring hayang kaanjangan ku anjeun"

"Lamun kuring nyalsé, pasti" ceuk Udin seuri.

"Nuhun guru, lamun kitu kuring pamit" ceuk Qin Gang bari ngajak asisténna indit.

Udin asup deui ka imah nunda kardus di kamarna. Terus ka kamar mitohana, nyampak geus aya Icih. Icih nyarita ka Udin,

"Kang, kumaha upami bapa dicandak ka rumah sakit?"

Udin gogodeg,

"Ulah waka nyi. Bapa moal kuat leumpangna. Babaturan akang bieu geus nganteuran bahan ubar. jadi ku akang rék diracik heula keur ngubaran bapa"

Mardi nanya,

"Mémangna manéh bisa ngajieun ubar keur ngubaran bapa?"

"Di panti asuhan kantos diwarah ku ma Éméh pa. Bapa teu kedah salempang" témbal Udin kapaksa ngabohong, sabab lamun disebutkeun diwarahna ku buku 9 Élmu Karuhun sacara ghoib. Pasti Mardi moal percayaeun.

Resép dina pituduh buku 9 Élmu Karuhun mémang resép baheula anu geus tara dipraktékeun deui di jaman kiwari. Sigana geus moal aya jelema anu masih nyaho. Ubar anu rék dijieun ku Udin bisa ogé keur anu geger otak infark selebral jeung stroke. Mardi butuh kombinasi ubar panglancar getih jeung anti déprési.

"Tapi lain diajar tina lalajo TV deui pan Din? Bapa embung dijieun prakték ku anjeun" ceuk Mardi kasieunan.

"Sanés pa" ceuk Udin seuri.

Mardi muringis,

"Bapa geus teu kuat, bapa hayang ka rumah sakit"

"Nya mangga atuh ari maksa hoyong ka Rumah Sakit mah, cobian heula di jajap ku ibu sareng Icih. Mugia aya karaosna" ceuk Udin bari mikeun konci mobil ka Icih. Terus Udin mayang Mardi ditaékeun kana mobil.

Udin balik deui ka kamarna, milihan bahan ubar terus dibawa ka dapur. Saenggeus dipigawé sasuai takaran sarta ngaliwatan sababaraha prosés salila 2 jam. Ahirna ubar 6 guruntul jadi, saukuran tai domba warna coklat. Réngsé ngajieun ubar, Mardi ogé datang. Tapi masih dina kaayaan pupuringisan jeung leumpangna ogé masih dadaligdeugan kénéh.

"Kumaha saur dokter pa?" Udin nanya.

Mardi némbalan, batu nembongkeun ubar ti Rumah Sakit,

"Ngan dipariksa hungkul, nungguan hasil laboratorium, bapa karék dibéré jadwal ka labna, kudu dipariksa getih, urine jeung CT Scan. Hasilna kudu disetorkeun deui ka dokter. Sementara di béré ieu heula, ubar keur nyeri Sirah"

Icih nanya ka Udin,

"Kang asa kaangseu seungit jamu, landong damelan akang parantos janten?"

Udin unggeuk, terus némbongkeun hiji ubar jieunanna dina dampal leungeuna. Langsung diasongkeun ka Mardi,

"Pa landong ieu kanggé ngalancarkeun penyumbatan darah dina mastaka. Mangga dileueut"

Mardi kerung ningali rupa ubar anu teu lumrah, terus diambeuan. Kaambeu seungit jeung seger, liang irungna langsung karasa ngemplong.

"Ieu bener jieunan anjeun? Anu diwarahkeun ku ma Éméh?" Mardi nanya sabab panasaran.

"Muhun pa" témbal unggeuk.

"Yakin anjeun teu salah resép? Bapa moal paéh?" Mardi nanya deui.

"Moal pa, énggal leueut, piraku abdi lepat" ceuk Udin seuri.

"Ké deui lamun barang jieun ubar ulah kawas tai domba" ceuk Mardi bari buburu nunda ubarna dina létah terus diteureuy tanpa ngagunakeun cai nginum.

Sajongjongan kabéh caricing nungguan réaksi Mardi. Ahirna Icih nanya,

"kumaha, aya karaosna pa?"

"Rada leuheung, padahal can 10 menit" témbal Mardi. Bari kerung bingung. Rupa ubar mémang teu katempo alus, tapi kaopatna alus, nyeri dina sirah lalaunan leungit, malah irung ogé karasa ngararemplong.

Mardi nanya ka Udin,

"Saha babaturan anjeun anu geus nganteuran bahan ubar?"

"Qin Gang pa" témbal Udin.

Mardi colohok, terus nanya,

"Qin Gang mémang pangusaha bahan ubar. Naha bet nyahoeun anjeun butuh ubar keur bapa?"

Udin gogodeg,

"Abdi ogé teu uninga. Mung kaleresan panginten, da nyebatkeunna masihan kanggé sasayogian di bumi. Sanés nyarioskeun kanggé bapa"

Mardi unggeuk,

"Qin Gang mémang kawéntar pangusaha bageur jeung soméah. Ngan pédah kadang-kadang kasoméahanna sok diruksak ku anakna sorangan nyaéta si Steven"

Icih ogé unggek ngabenerkeun,

"Muhun, abdi oge parantos lami ngadangu. Sanaos China bari pangusaha. Nanging tiasa ngajagi kasopananna ka sasaha. Nanging abdi ogé ngadangu saurna ahir-ahir ieu usahana nuju seueur masalah"

"Nyi, geus peuting. Tingalkeun bapa sina istirahat. Ema mah tuh geus ngagolér dina korsi. Nyai ogé kudu istirahat. Masalah poé ieu teu kudu difikiran. Pagawéan pasti bakal aya gantina" ceuk Udin bari nungtun Icih kaluar ti kamar Mardi.

Di villa Kusumah. Rukmini, Karsidi, Unah jeung Isah masih can salaré. Kabéhanana keur nungguan béja ti Dudung bari nungguan dijemput. Sabab mobil hiji-hijina keur dipaké ku Dudung. Sababaraha pakéan mah geus dipak sakantong gedé. Kabutuhan pribadi ogé geus disiapkeun dina tasna séwang-séwangan. Sedengkeun parabot imah, rencana rék diangkut isukan nyéwa treuk.

Ngan teu disangka aya béja ti kantor pulisi anu nelepon yén Dudung jeung 6 urang anak buahna geus ditahan ku pulisi sarta ayeuna keur dirawat di rumah sakit pulisi bari dijaga ketat teu meunang ditempo saacan réngsé panyalidikan. Tuduhana ngarampog jeung nganiaya saurang panjaga imah di kawasan Bougenvile villa.

Béja éta jelas ngajadikeun Rukmini ambek.

"Pasti si Udin anu geus ngalaporkeunna, rék saha deui"

Karsido nyarita,

"Tebus Dudung ma, manéhna kaditu pan kulantaran paréntah ti Ema"

Rukmini gogodeg,

"Antep sina calageur heula, geus cageur karék ditebus. Ditebus ayeuna mah angger wé uruseun kénéh. Kudu dikirim deui ka rumah sakit ku ema"

Can bérés ngomongkeun masalah Dudung, tukang kebona asup.

"Bu, di luar aya tamu. Saurna ti kulawarga Wijaya" pokna bari buburu kaluar deui.

Rukmini nangtung terus nempo kaluar. Nyampak aya 2 tamu keur ngajaranteng. Rukmini seuri marahmay, sabab nyatana anu datang Salman jeung Ibro. Jadi Rukmini buburu nyarita,

"Karék ogé kuring ngarencanakeun isukan rék ka imah anjeun pikeun nanyakeun masalah villa Bougénvile. Éta kumaha caritaan bet bisa dibikeun ka si Udin? Lain keur incu kuring si Unah?"

Salman ngarérét ka Ibro bari kerung, terus némbalan panaya Rukmini,

"Anjeun gedé rumasa"

Rukmini teu ngarti maksud omongan Salman, buburu nanya,

"Maksud anjeun kumaha?" Ceuk Rukmini bari ngarérét ka Karsidi anu masih diuk dijero imah,

"Karsidi! Kadieu, ieu calon bésan anjeun datang. Ajak ka jero"

"Kuring moal ka jero" ceuk Salman.

"Naha?" Rukmini kerung.

"Kuring hayang ngobrol didieu masalah rencana kawin Ibro jeung Unah" ceuk Salman.

"Oh masalah éta, lamun geus ditangtukeun tanggalna, iraha waé kulawarga kuring mah geus siap" témbal Rukmini.

Salman seuri sinis,

"Lamun kitu, kuring rék nyarita langsung kana intina. Kuring datang kadieu rék ngabatalkeun tunangan, teu kudu ngabadamikeun nanaon deui. Moal aya acara kawinan antara Ibro jeung Unah"

"Naon?" Rukmini jeung Karsidi anu geus kaluar ti imah langsung colohok reuwas.

Unah ti jero ogé kaluar sabab ngadéngé,

"Kunaon masalahna? Abdi sareng kang Ibro tos ngabadantenkeun tanggalna. Kantun disatujuan"

Terus Unah ogé nyarita ka Ibro,

"Kang, Aya naon ieu?"

Tapi Ibro tungkul teu némbalan. Nempo Ibro malah tungkul. Unah langsung leuleus terus andéprok diuk bari ceurik bari nyekelan suku Rukmini. Geus ampir sataun tunangan, malah kungsi kalepasan tepi ka kudu ngalakukeun aborsi da bisi kanyahoan ku kolotna. Haté Unah nyelekit nyeri dipegatkeun sacara safihak, euweuh obrolan ti saméméhna, komo papaséaan heula mah.

Rukmini ngadégdég nahan rasa kuciwa jeung ambek, terus mencrong ka Salman,

"Salman, naon sababna? Kuring teu nyieun masalah anu matak nyinggung anjeun pan? Ibro geus dianggap incu kuring sorangan. Duanana ampir sataun tunangan"

Salman némbalan,

"Anjeun teu bisa nyalahkeun kuring atawa anak kuring, salahkeun diri anjeun sorangan anu teu boga kaéra"

"Naon kasalahan kuring?" Rukmini nanya bingung.

"Villa Bougenville anu di bikeun ka pa Udin, kunaon bet jadi anjeun anu ngarasa ngapimilik? Éta sarua waé jeung ngahina kuring" témbal Salman.

Rukmini ngarahuh,

"Eta pan masalah kulawarga kuring, antara Kuring jeung si Udin. Naha bet kudu anjeun anu kasinggung?"

Salman seuri sinis,

"Kuring teu hayang ibro anak kuring katepaan ku sifat sarakah anjeun. Hiji-hijina jalan, Ibro kudu dijauhkeun ti anjeun jeung kulawarga anjeun"

Rukmini teu sanggup deui ngabantah omongan Salman. Rukmini langsung nyarandé kana kusén panto bari nyekelan dadana. Karsidi ogé ukur bisa cicing, haté leutikna ngabenerkeun omongan Salman. Sabab kabéh mémang gara-gara Rukmini.

"Kang Ibro, anjeun téga?" Ceuk Unah bari nguniang lumpat langsung ngarangkul suku Ibro bari deku.

Ibro nyarita tanpa neuteup beungeut Unah,

"Ulah nyalahkeun kuring, salahkeun mah kulawarga anjeun. Libo anu ngasuh kuring tileuleutik, tadi disiksa ku si Dudung. Pan kuring kungsi nyarita ka anjeun. Kuring geus nganggap Libo uwa sorangan, Libo anu ngawarah kuring naék kuda, Libo ogé anu ngawarah kuring nyupiran, malah kuring kungsi tilelep rék paéh di talaga. Libo anu nyalametkeun nyawa kueing, Naha kudu Libo anu dikakaya? Kuring teu bisa narima jeung teu bisa ngahampura"

Unah nangtung terus nyampeurkeun ka Rukmini, langsung nyorowok lantaran ambek,

"Nini, anjeun geus ngahancurkeun kabagjaan Kuring!" Ceuk Unah bari terus lumpat ka jero imah bari ngahinghing ceurik terus naék ka kamarna anu aya di lantéi dua.

Rukmini teu nyangka pangaruh Udin gedé pisan nepi ka bisa mangaruhan Salman megatkeun tunangan anakna ka incuna. Rukmini ukur bisa pasrah nempo Salman jeung Ibro baralik tanpa pamit.

Dikamarna, Unah keur diupahan ku Isah, tapi Unah terus terusan ceurik bari nangkuban. Ngarasa kuciwa ku sikep Rukmini, kuciwa ogé ku sikep Ibro anu dianggapna teu boga pamadegan sorangan. Tunangan ampir sataun lain waktu sakeudeung, malah Unah geus nganggap Ibro salaki sahna. Kakara ayeuna Unah ngarasa dirina kotor jeung hina.

Karsidi ogé ukur bisa pasrah, tapi teu bisa sapinuhna nyalahkeun rukmini. Karsidi ogé ngarasa salah jeung ngarasa gagal jadi bapa. Ngarumah tangga nepi ka boga anak dua anu geus dewasa, tapi masih cicing di imah kolot. Anu ahirna kudu nurut kana sagala rupa aturan jeung paréntah Rukmini. Ayeuna Dudung dirawat di rumah sakit bari teu bisa dilongok. Sedengkeun Unah keur rajét haténa. Jelas jadi hiji tekenan batin keur Karsidi.

Karsidi nyarita ka Rukmini bari tungkul,

"Ma, Kuring geus loba nurut kana sagala kahayang ema. Tapi buktina, ayeuna kulawarga kuring malah hancur"

"Teu kudu loba ngeluh. Masih loba jalan. Si Dudung kari ditebus. Si Unah teu kudu leutik haté, rupa geulis, umur ngora kénéh. Pasti masih bisa néangan deui anu leuwih ti si ibro" tembal Rukmini bari asup ka jero imah.

Di jero imah Rukmini ngareret deui ka Karsidi anu masih ngajanteng dina lawang panto.

"Inget, Palapa masih aya kontrak jeung Bima Raya, bantuan ema mikir saha anu kudu maju kahareup pikeun ngaganti si Icih. Lamun proyékna bérés, kondisi Kulawarga urang bakal balik deui kawas baheula. Teu kudu gumantung deui ka jelema beunghar. Teu kudu capé-capé hayang bébésanan jeung kulawarga Wijaya atawa Kulawarga Wisésa. Kulawarga beunghar séjén pasti bakal ngantri anu hayang bébésanan jeung urang"

Nyambung....