WebNovelAING UDIN59.76%

Icih nolak balik deui ka Palapa

Udin meuntasan jalan terus diuk deui dina trotoar bari tanggah nempo ka lantéi dua warung baso hareupeunna, nyérangkeun Icih bari nelepon Asep anu geus aya di Jakarta.

"Wa. Pariksa data pabrik aci milik Mei di Banjaran Bandung. Proyék naon waé anu keur digarapna"

"Mangga dén" témbal Asép terus kadéngé sora kutrak-ketrék keyboard komputer dipencétan.

Teu lila Asép nyarita deui,

"Pabrik aci Mei salah sawios anu nyupplai kabutuhan éksport aci Subrata Group diantawis 6 supplier sanésna. Mei ayeuna ngesub proyék pearumahan menengah ke bawah bersubsidi ti Bima Raya. Adén diréktur Bima Raya, piraku teu uninga?" Ceuk Asép ngehkéh seuri.

"Piraku wa?" Udin colohok sakaligus atoh sabab nyatana Mei kokoréh rejeki ti perusahaana. Udin langsung ngabarakatak seuseurian. Kitu deui wa Asép dina telepon. Terus Udin nyarita serieus,

"Wa bantuan kuring ngawarah Mei sabab geus ngaganggu pamajikan kuring"

"Hoyong dikumahakeun dsn? Peryogi diala nyawana?" Wa Asép nanya.

Udin némbalan,

"Teu kabéh masalah kudu diréngsékeun ku cara maéhan wa. Kasalahan jelema ieu ukur sombong ku pangaboga jeung resep ngaganggu pamajikan batur. Cukup pegatkeun kabéh liang rejekina. Sangkan kahareupna euweuh anu bisa dipaké sombong sarta euweuh kakuatan pikeun pamér ka pamajikan batur"

"Mangga dén, pengiriman Acina tiasa langsung disetop ku uwa ayeuna kénéh. Nanging masalah proyék perumahan, uwa kedah nelepon Susi. Pasihan uwa waktos sababaraha menit" ceuk Asép saterusna telepon ditutup.

Asép mémang jadi tulang tonggong kabéh usaha milik kulawarga Subrata ti baheula. Rajin mantau perkembangan informasi Subrata Group sadunya katut perusahaan-perusahaan anu ngadukungna. Sarta boga databasena sorangan. Ampir sarua jeung Isak, ngan ruang lingkup Isak mah leuwih leutik.

Di warung baso Katempo Icih keur meresihan beungeut Mei ku serbét baseuh bari sababaraha kali ménta dihampura. Udin gereget nempona. Sabab Mei makah beuki ngahajakeun nyokot kasempetan pikeun leuwih deukeut deui nempoan dada Icih.

Bari angger diuk, Udin ménta cai mineral ka kios roko gigireunna, terus nginum. Batur mah moal aya anu nyangka, pamuda anu keur diuk bari ukur maké calana pondok jeung sendal capit sarta nyekelan kerésék eusi deungeun sangu bari diuk dina trotoar sabenerna bos Bima Raya.

Teu lila Mei jeung Icih kalaluar ti warung baso. Mei ngarérét ka Udin anu keur diuk dina trotoar peuntaseun jalan. Terus nyarita ka Icih,

"Bu, kuring bisa ngahampura kasalahan salaki anjeun. Asal ibu daék neruskeun obrolan engké peuting jeung kuring. Kuring bakal nungguan di lobi hotél Lugina jakan Pasteur sarta nyiapkeun dana invéstasi awal 500 juta jeung surat perjanjian kerjasama anu kudu ditandatangan ku duaan"

Saterusna Mei nelepon ngabéjaan baturna sangkan ngabatalkeun rencanana ngawarah Udin. Tapi Mei boga rencana séjén. Réngsé ngasaan awak Icih peuting ieu. Mei bakal langsung nyandera Icih sangkan Udin datang ka hitél, kakara Udin bakal bener-bener disiksa.

Lantaran Icih geus kaluar. Udin buburu meuntas nyampeurkeun ka Icih, terus nyarita.

"Hayu nyi balik, teu kudu akrab jeung jelema anu sakeudeung deui bakal bangkrut. Moal aya modal nanaon anu bisa diharepkeun ti jelema siga kieu"

"Cuih! Geus sangsara, loba bacot. Dijieun tina naon otak sia? Bet bisa nyebutkeun aing bakal bangrut Sagala" ceuk Mei bari kumecrot nyiduh.

"Teu kudu maké otak mikiran nasib sia mah, cukup dipikiran ku ieu yeuh" ceuk Udin bari nyabokan bujurna sorangan.

"Akang nanaonan? Cekap atuh ulah diteraskeun" ceuk Icih.

Anu dipikasieun ku Icih lain masalah kagagalan usahana Din anjangan dana. Tapi hariwang kana kasalametan Udin sorangan. Sabab pasti bakal terus dikakalakeun ku Mei saupama Mei bener-bener kasinggung.

Ningali Udin anu teu eureun-eureun ngahina. Mei ahirna kapancing.

"Udin, aing geus jangjian jeung pamajikan manéh rék panggih deui peuting ieu di hotél pikeun méré dana keur usahana, tapi kuring ogé rek nitip saham dina rahimna. Sangkan anak kuring jaga ngarasa bagja, bisa lahir tina beuteung awéwé geulis" ceuk Mei bari nyakakak bangun anu bungah.

Ngadéngé omongan Mei, Dampal leungeun Icih langsung ngalayang nyabok pipi Mei.

"Kurang ajar, jadi kitu niat sia?" Ceuk Icih ambek. Terus ngaheumbatkeun tuurna kana parabot Mei. Mei jelas langsung muringis bari nyekelan parabotna anu karasa seueul.

Nempo icih ambek, Udin ogé maju. Terus ngadegung-degungkeun tarang Mei nepi ka mundur sababaraha léngkah.

"Rek bangrut ogé masih gedé haté ngaganggu pamajikan batur siah. Ti ayeuna kahareup sia bakal jadi galandangan anu leuwih hina tibatan aing. Moal aya anu ngarérét deui"

Teu lila telepon Mei disada sabab ditelepon ku asisténna. Mei buburu narima teleponna,

"Aya naon?"

Asisténna némbalan,

"Pa, supplai aci ka Jakarta di setop, kontainer urang anu geus siap dimuat kana kapal ogé kabéh dikirim balik deui ka Banjaran ti Tanjung Priuk. Mesin produksi jeung mesin packaging ditarik deui ku Subrata Group. Pabrik ogé ayeuna disegel ku Bank pikeun jaminan hutang, sarta bakal di lélang teu meunang operasi deui. Bandar-bandar pengepul sampeu ménta naék harga. Terus ibu Susi nyabut kontrak perumahan pikeun dipasrahkeun ka pemborong séjén. Perusahaan urang ayeuna di blacklist ku Bima Raya. Kudu kumaha pa?"

Suku Mei ngadadak leuleus, ponsélna ragrag tina leungeuna, késang tiis langsung barijil tina tarangna, beungeutna ogé pias. Terus Mei ngarangkul kana tihang listrik nahan awakna sangkan teu roboh.

Nempo parobahan Mei, Icih reuwas.

"Kang. Kunaon pa Mei sapertos anu teu damang?"

Udin gogodeg,

"Teuing atuh nyi. Paling salatri, sigana teu sarapan heula méméh ka dieu. Atawa geus lila teu manggihan awéwé, matak tihang listrik ogé dirangkul sabab katempona geulis"

Udin jeung Icih mundur ngajauhan. Ngan Udin bari nanya ka Mei,

"Kunaon anjeun Mei? Hayang ngising?"

Panon Mei anu ceuleuyeu lalaunan ngarérét ka Udin. Terus nanya, sorana ngageter,

"Saha anjeun? Kuring ayeuna bener-bener bangkrut. Ieu pasti kalakuan anjeun. Hampura kuring, balikeun deui perusahaan kuring"

Saterusna Mei deku terus ngorondang rék muntangan kana suku Udin. Tapi Udin langsung nungtun leungeun Icih ngajauhan,

"Hayu nyi, buburu balik. Mei geus teu waras. Sigana kuah baso anu loba pécinan geus nyerep kana otakna"

Teu lila saurang lalaki maké baju supir datang nyampeurkeun ka Mei anu keur ngorondang.

"Pa. Alphard bapa nembé di candak ku debt koléktor. Abdi teu tiasa nahan"

Ngadéngéna Mei langsung nangkuban dina trotoar bari ngageungeuik ceurik. Udin anu can jauh langsung balik deui nyampeurkeun ka Mei. Udin nagog gigireun Mei anu nangkuban terus Udin ngusapan tonggongna bari nyarita,

"Sagala kahirupan aya sabab jeung akibat, anjeung geus ngajieun sabab, jadi kudu bisa narima kana akibatna. Lenyepan!" Ceuk Udin bari Buburu nangtung deui nyampeurkeun ka Icih langsung indit nuju kana mobil Icih anu di parkir rada jauh.

Sanajan loba jelema, tapi euweuh hiji ogé anu nulungan Mei. Malah anu laleumpang dina trotoar ogé jadi nguriling leumpangna ngajauhan Mei sabab disangkana Mei keur mabok.

Dina mobil bari nyupiran Icih nanya,

"Kang, geuning leres pa Mei bangkrut. Ari akang uninga ti mana?"

Udin seuri,

"Mémangna nyai poho? Akang pan dukun"

Icih jamedud,

"Akang ulah heureuy waé atuh, abdi naros anu saleresna, kunaon nembé pa Mei sapertos janten sieun ka akang. Akang parantos galakukeun naon?"

Udin gogodeg,

"Akang teu nyaho nyi, pan nyai ogé meureun nempo. Sakaluarna ti warung baso akang langsung diuk nungguan nyai dina trotoar teu ngalakukeun nanaon. Si Mei mah paling loba teuing ngajieun kasalahan ka batur, ahirna aya anu hayang males. Jadi euweuh pakaitna jeung akang atawa nyai. Jadi teu perlu difikiran"

Icih ahirna unggeuk,

"Pameget purunyus kitu mah mémang pantes aya anu ngabangrutkeun ogé. Kapaksa abdi kedah milarian deui pengusaha sanés anu sadia ngadukung usaha abdi"

Tepi ka imah, nyampak Mardi keur nguyung diuk dina téras imah. Jadi sakaluarna tina mobil Icih buburu nanya,

"Aya naon pa? Katawisna sapertos anu sedih"

"Cih, indung anjeun nitah anjeun balik deui digawé di Palapa" tembal Mardi.

"Alim pa" Tembal Icih.

Udin nanya ka Mardi,

"Mémangna ku bapa teu dijelaskeun ka ema kajantenan di villa Kusumah?"

Mardi gogodeg,

"Bapa geus teu bisa ngajelaskeun nanaon deui. Bapa capé kudu paséa waé tiap poé gara-gara teu sapamikiran"

Icih langsung asup ka imah bari nyorowok ka Lastri anu nyampak keur lalajo TV,

"Ma! Nini tos ngusir bapa, teras badé ngarebut villa Bougenville ti kang udin. Nini ogé miwarang abdi nyuhunkeun ceréi ti kang udin. Naon anu janten alesan ema miwarang abdi mulih deui ka Palapa?"

Lastri nangtung mareuman TV terus malik ka Icih bari nyorongot ambek,

"Alesanna lantaran manéh incuna. Nini manéh ogé geus ménta di hampura ka Ema, Naha can cukup?"

Icih nanya,

"Naha bet nyuhunkeun dihapuntenna ka Ema? Anu dinyenyeri ku Nini pan sanés Ema. Naging abdi, kang Udin sareng bapa"

"Cukup. Ulah megatkeun duduluran, manéh incuna, titik!" ceuk Lastri teugeug.

Icih némbalan,

"Anu mégatkeun hubungan kulawargi Nini. Ema kamana waé atuh? Waktos kajantenan teu aya ari ayeuna riweuh nyalira. Pokona abdi moal keresa didamel deui di Palapa"

Lastri molotot,

"Jadi kahayang manéh kumaha? Nini manéh anu kudu datang kadieu terus sujud nyembah kana suku manéh. Kitu?"

Cipanon Icih langsung nyurulung. Terus Icih diuk dina korsi bari galamun. Dina pamikirna, mun seug dekorasi villa Bougénvile geus bérés dipigawé ku Libo. Icih hayang buburu ngajak Udin pindah pikeun ngajauhan indungna.

Nempo ngahuleng, Lastri ngaléngkah ka kamar nyokot kangkalung jeung geulang, terus ditunda di hareupeun Icih,

"Tah ti Nini manéh keur ema, bukti yén Nini bener-bener geus sadar kana kasalahanna" ceuk Lastri.

"Oh. Janten Ema disogok ku Nini nganggé perhiasan ieu anu ahirna ema wantun maksa abdi. Pédah abdi murangkalih Ema, Ema ngaraos tiasa bébas ngatur abdi. Muhun?" Ceuk Icih terus lumpat ka kamarna langsung ngadapang dina kasur ngageungeuik ceurik kanyenyerian.

Nempo Icih lumpat ka kamar bari ngahinghing ceurik. Udin nyampeurkeun terus ngupahan Icih bari ngusapan tonggongna.

Sedengkeun Lastri malik nyangangang ka Mardi,

"Mardi. Tempo tuh anak sia, ti iraha jadi wani campelak kitu ka indung. Tibatan mikir malah léwéh"

Mardi némbalan tina téras,

"Ema nyaho sia piduit, jadi ngahaja ngamangfaatkeun sia. Kuduna sia ulah maksa icih anu mikir. Sia sorangan anu kuduna mikir"

Di kamar, Udin nyarita laun ka Icih,

"Nyi. Ema teu nyaho masalahna, jadi wajar lamun nyarita kitu"

"Janten abdi kedah kumaha atuh kang?" Ceuk Icih.

"Kabéh kaputusan aya di nyai. Naon waé anu jadi kaputusan nyai. Akang pasti bakal ngadukung" ceuk Udin.

"Abdi alim mulih deui ka Palapa" ceuk Icih.

"Alus, teruskeun rencana nyieun usaha sorangan. Asal keyeng pasti pareng. Sing percaya diri" ceuk Udin nyumangetan.

Saterusna Udin pamitan lantaran rék marin-marinkeun deungeun sangu kana piring. Jadi Udin langsung ka dapur bari ngajingjing kérésék balanjaanna.

Udin mémang geus boga rencana rék ngumpulkeun kabéh jelema beunghar anu bisa ngadukung Icih. Sakalian rék nitipkeun Icih sangkan dibingbing ku sararéa. Isak, Salman, Qin Gang, Warni jeung kang Bahar. Kabéh bakal dibaréjaan.

Teu lila ponsél Udin disada sabab. Aya telepon ti Warni. Warni nanya,

"Guru, abdi Warni. Salira nuju rineh?"

"Mémangna aya naon?" Ceuk Udin.

Warni ngajelaskeun,

"Pun aki, Soni Nataprawira. Anjeunna tos lami nuju udur. Pa Udin tiasa sumping ka bumi pun Aki? Marios kaayaanna sakantenan pangalandongankeun? Margi anjeunna alim dibantun ka rumah sakit"

Udin teu buburu némbalan, sabab can kungsi wawuh jeung Soni Nataprawira. Euweuh kawajibanna kudu nulungan. Ngan kusabab udin keur butuh dukungan ti kulawarga Nataprawira pikeun ngabantu Icih. Ahirna Udin nyanggupan.

"Guru, teu kédah salempang masalah biaya" ceuk Warni deui.

Udin seuri,

"Ulah ngomongkeun masalah bayaran, bada Maghrib jemput kuring ka imah" terus telepon ditutup.

Udin asup deui ka kamar langsung nyarita ka Icih anu geus teu ceurik deui,

"Nyi, peuting ieu akang moal dahar di imah, sabab aya perlu"

Icih unggeuk bari seuri,

"Mangga. Nanging ulah ngadukun deui nya kang"

"Moal" témbal Udin seuri bari nyusut sésa cimata dina pipi Icih ku jempol leungeunna.

Bada magrib Warni datang ngajemput Udin. Bari gabongkokkeun awakna Warni nyarita,

"Hapunten parantos kumawantun guru"

"Teu masalah" ceuk Udin seuri. Terus Udin nunjuk kana beuheung warni,

"Éta kangkalung anu leungit teh?"

Warni unggeuk,

"Muhun guru. Kangkalung hiji-hijina titinggal almarhumah pun biang anu aya seratan nami abdi. Sanaos pangaosna teu pira, nanging kangkalung ieu harta abdi anu teu kenging leupas ti abdi. Upami sanes jasa salira, tangtos ayeuna abdi masih sedih"

Udin gogodeg,

"Lain lantaran kuring. Sanajan euweuh kuring, kangkalung éta tetep bakal balik deui ka anjeun"

"Salira mémang guru anu kudu ditiru jeung digugu. Teu adigung ku pangartos" ceuk Warni muji.

"Ulah loba basa-basi, hayu, bisi kapeutingan" ceuk Udin bari leumpang kana mobil Rolls-Royce Warni anu di parkir di sisi jalan.

Warni miheulaan lumpat terus mangmukakeun panto kénca mobil keur Udin,

"Mangga lebet guru"

Imah kulawarga Nataprawira mangrupakeun gedong sigrong anu aya di puseur kota tapi boga lahan anu lega. Wangunanna arsitéktur Walanda, aya sababaraha wangunan sarta kabéh dipulas cét sarwa bodas. Mirip jeung istana. Hal éta wajar, sabab Kulawarga Nataprawira mémang pangbeungharna sa Bandung.

Udin leumpang nuturkeun warni nuju ka wangunan tengah anu panggedéna. Naék sababaraha umpak tangga anu ahirna anjog ka hiji rohangan tamu anu lega pisan. Saterusna ka rohangan tengah anu leuwih lega deui.

Nempo Warni datang bari mawa lalaki saumuranna. Saurang pamuda maké setélan jas sarta sapatu kulit nyampeurkeun. Terus nanya ka Warni,

"Ceu, ieu saha?"

"Guru Udin, rék nempo kaayaan aki" témbal Warni bari ngenalkeun alona ka Udin.

"Pa Udin, ieu alo abdi, namina Héndri"

Udin manggut ka Héndri. Tapi Héndri malah ngarérétan sakujur awak Udin ti luhur nepi ka handap. Terus nyarita deui ka Warni,

"Teu salah euceu nyebut guru ka pa Udin terus rék diajak nempo aki?"

Udin teu maliré ka Héndri, tapi manggut ka lalaki Pakistan kolot jeung saurang budak awéwé Pakistan geulis anu diuk dina korsi teu jauh ti dinya. Anu lalaki Udin asa kungsi nyaho, ngan poho deui iraha jeung dimana.

Soni Nataprawira sabenerna geus lila gering parna. Kaayaanna ukur bisa ngagolér dina ranjang. Bisa disebutkeun geus dina kaayaan sakarat sanajan can koma. Ngan saumur hirupna Soni teu percaya ka dokter, matak embung dibawa ka rumah sakit.

Kabéh anak incuna geus béakeun akal néangan ahli pangobatan alternatif pikeun datang ka imahna, tapi can aya hasil anu hadé. Lalaki kolot jeung budak awéwé Pakistan anu aya didinya ogé tabib anu ngahaja di ondang ti Jakarta.

Warni ngajelaskeun,

"Héndri, pa Udin saurang ahli. Usaha euceu kungsi disalametkeun ku kakuatan supranatural pa Udin. Nya Alhamdulillah, kabéh bisa balik deui normal saperti biasana"

"Tapi Ceu, aki butuh dokter atawa tabib, lain dukun" ceuk Héndri.

Udin ngarasa mimiti teu betah ngadéngé satiap omongan Héndri. Tapi warni ngabéla,

"Héndri. Anjeun euweuh hak nganilai kamampuan batur"

Héndri némbalan,

"Ceu. Aki butuh ahli anu geus loba pangalamanna dina ngubaran, lain pamuda anu pura-pura jadi dukun"

Saterusna Héndri nunjuk ka dua tamuna,

"Ieu pa Tiandi jeung incuna Zofia. Tabib paling kasohor di Jakarta. Jadi geus teu perlu deui euceu mawa pa Udin ka dieu"

Udin ngagebeg ngadéngé ngaran Tiandi. Sabab Tiandi mémang geus lila kasohor. Paingan Udin asa wawuh, sabab mémang kungsi nempo malah masih inget kénéh baheula kulawarga Subrata ogé mineng ngondang tabib Tiandi pikeun nambaan kulawargana anu gering. Teu nyangka ayeuna saenggeus 18 taun bakal panggih deui bari mawa incuna anu geulis.

Nyambung...