WebNovelAING UDIN65.85%

Udin sadia jadi pangawal

Sabab kahalangan ku cai hujan anu ngagebrét gedé, Udin teu bisa sidik timana asalna péso. Teu disangka 2 péso ngabelesat deui nyuruwuk ka Élsa. Udin buburu nutupkeun payungna dipaké nangkis 2 péso ku sakali sabetan. Péso langsung mecleng jauh saacan keuna ka Élsa. Élsa bingung campur sieun. Teu nyangka bakal aya jelema anu ngahaja rék nyilakakeun dirina. Jadi Élsa ukur bisa tungkul murungkut kana taktak icih.

Icih ogé luak lieuk. Samar-samar kaciri mobil Jeep parkir di peutaseun jalan. Sarta aya 2 lalaki keur ngabedega gigireun Jeep bari huhujanan. Panon dua lalaki neuteup seukeut ka lebah maranéhna.

"Itu kang" ceuk icih ka Udin bari nunjuk ku curukna.

Dua lalaki anu ditunjuk ku Icih langsung ngagedig meuntasan jalan bari mencrong seukeut ka Udin. Anu nyampeurkeun pangheulana saurang lalaki maké baju parasit bodas anti air. Kaciri cai ukur ngalir ngagorolong saliwat teu ningalkeun tapak baseuh kana bajuna.

Saléngkah tukangeunna, aya deui saurang lalaki baju hideung anu bahanna sarua. Awakna lewih badag leumpang ngagégag kawas gorila. Sareret ku udin langsung kanyahoan yén duanana ahli béla diri.

Érwin anu nempo tina jero mobil langsung muka panto rék lumpat, tapi dijéwang leungeunna ku Udin bari ditanya,

"Rék kamana? Anjeun wawuh ka jelema-jelema ieu?"

"Éta Oliv jeung Viki pa. Buru leupaskeun kuring, kuring embung paéh di dieu" ceuk Érwin bari adug-adugan hayang dilésotkeun ku Udin.

Dua lalaki ngarandeg 3 léngkah ti Udin,

"Alus aya anu wahuh ka aing, maranéh moal aya anu bisa kabur" Ceuk Viki anu maké baju hideung.

Udin kerung bari neuteup beungeut maranéhna. Udin mémang kungsi nempo duanana dina berita buronan anu keur ditéangan ku pulisi, disiarkeun dina TV satun ka tukang.

Dua penjahat ieu cénah kungsi nyulik anak pajabat di Karawang. Di sandera di gedong kosong sarta ménta tebusan 800 juta. Tapi si pajabat teu nebus anakna, malah nyéwa sarta ngeprakkeun puluhan ahli béladiri pikeun ngepung gedong anu dimaksud terus méré sayémbara mangrupa hadiah duit samilyar keur saha waé anu bisa nyalametkeun anakna sarta néwak 2 palakuna.

Tapi teu nyangka 2 penjahat ieu mampu ngerahkeun jelema lewih loba deui ti golongan préman anu datang timana-mana. Akibatna jadi malikan. Anu ngepung malah jadi dikepung.

Ahirna ceuli budak anu disandera disapatkeun sabeulah bari ningkatkeun nilai tebusanna jadi 3 milyar. Sabab hariwang anakna dipaéhan. Ahirna paménta 3 milyar ditedunan ku si pajabat. Ngan penjahatna kabur. Tina kajadian éta, geus bisa sipastikeun yén pangaruh Oliv jeung Viki gedé pisan di kalangan préman. Sigana mirip jeung Bahar lamun di Bandung mah.

Ti harita mineng kadéngé kasus budak diculik anu dilakukeun ku dua penjahat ieu di sababaraha kota. Teu jarang maranéhna téga maéhan sandera lamun kulawargana teu mampu nebus. Tapi anu berwajib teu bisa ngalacak dimana matuhna penjahat-penjahat ieu. Ayeuna duanana aya di hareupeun Udin. Jadi dugaan Udin, pasti maranéhna ogé rék nyulik Élsa.

Élsa nanya ka Oliv,

"Saprak kuring cicing di Bandung, kuring tara ngajieun masalah. Kunaon anjeun rék nyilakakeun kuring?"

"Aing dibayar" ceuk Oliv némbalan pondok.

Élsa ngarénjag,

"Saha anu mayar?" Élsa panasaran.

"Anjeun rék modar, teu kudu loba tatanya" témbal Oliv.

Udin ngaléngkah maju bari ngahalangan Élsa jeung Icih. Terus mencrong seukeut ka Oliv,

"Anjeun wani maéhan awéwé di hareupeun kuring?"

Oliv seuri sinis,

"Kuring can kungsi ningalkeun saksi dina maéhan jelema, sabab ayeuna aranjeun aya opatan, jadi kabéh kudu modar!"

"Nyi, Élsa, Érwin, arasup kana mobil. Jelema sombong kieu mah urusan kuring" ceuk Udin bari mencrong ka Oliv.

Icih gogodeg,

"Abdi badé di dieu sareng akang"

"Asup! Akang teu hayang nyai kapécrétan getih najis tina anjing-anjing ieu" ceuk Udin.

Élsa buburu nyokot tasna anu tadi talina pegat terus ngalipet payung sarta asup kana mobil di tuturkeun ku Icih jeung Érwin. Érwin asup ngaliwatan panto hareup sedengkeun Icih jeung Élsa kana panto tukang. Sawaktu tas dicokot, tina tas Élsa aya anu murag batu bodas. Tapi Élsa teu nyahoeun.

Sabab disebut anjing ku Udin, Viki langsung narajang ngaheumbatkeun peureupna anu gedé kana beungeut Udin. Tapi payung dina leungeun Udin lewih gancang notog kana bobogaan Viki. Leungeun Viki anu dipaké nonjok dibetot deui dipaké nyekelan bobogaana anu seueul jeung peurih. Congo payung nanceb nyoéhkeun calana jeung kantong semarna. Getih langsung ngucur mapay calana kana sapatu terus kaalireun ku cai hujan. Payung anu kacapit dina sela-sela pingping Viki dicabut sakaligus ku Udin. Viki ngajerit bari langsung deku dina aspal jalan.

"Oliv, Endog aing peupeus" ceuk Viki bari muringis nahan nyeri.

Oliv colohok teu percaya nempo Viki anu jangkung badag langsung bisa dilumpuhkeun ku Udin ukur ku payung. Jelas kamampuan Udin lain bantrak-bantrakeun. Payung anu dicolokeun pasti dibarengan ku tanaga jero. Sabab lamun henteu, mustahil congo payung anu teu seukeut bisa nanceb.

Udin ngaléngkah ka tukangeun Viki anu keur deku, terus sirahna dijejek nepi ka Viki sujud nyuuh, sirahna ditincak ku sapatu Udin kana leutak sisi jalan. Sabeulah Pipina langsung bararéd sabab digesruk-gesrukkeun ku sapatu udin kana batu-batu laleutik anu balatak.

"Oliv, tulungan" ceuk Viki, sorana beberekbekan lantaran sawaréh sirahna kakeueum ku aliran cai hujan. Leungeun jeung sukuna roroésan hayang nangtung, tapi suku Udin siga anu napel dina sirahna.

Oliv anu kasima nempo Viki diperlakukeun siga kitu, langsung nyabut 2 péso balati tina cangkéngna,

"Ku aing disisit siah!" Ceuk Oliv bari maju nyodokkeun 2 péso anu aya dina leungeun kénca jeung katuhuna gantian ka lebah awak Udin.

Udin ukur ngagilek-gilekkeun cangkéngna ngagiwar tina serangan péso anu but bet dipaké nyehcer awakna. Tapi Udin teu ingkah tina tempatna, sabeulah sukuna masih ngajejek sirah viki. Euweuh hiji ogé péso anu keuna, tong boro kana awak Udin, baju Udin ogé euweuh anu katoél.

Di jero mobil. Élsa, Icih jeung Érwin kacida sieunna, hariwang Udin keuna ku péso. Élsa beuki pageuh ngarangkul Icih, sedengkeun Érwin ngagolosor tina jok terus nonggéng nyuuh jana karpét mobil bari nutupan sirahna ku dua leungeunna.

Ngarasa pésona sababaraha kali euweuh anu keuna. Oliv ahirna metot seranganna bari rék mudur. Kasempetan éta dimanfaatkeun ku Udin pikeun nyabetkeun payung kana 2 pigeulang leungeun Oliv. Balukarna dua pigeulang leungeun Oliv langsung ngabeletrok potong terus ngaplék, otomais 2 péso anu dicekelna ogé langsung murag.

Oliv ngocéak lantaran nyeri. Tapi angenna karasa seueul sabab suku Udin anu tadi dipaké ngajejek sirah Viki geus asup kana dadana tanpa kanyahoan. Awak Oliv langsung ngadayagdag terus rubuh nangkarak béngkang.

Viki anu geus bisa nangtung sabab sirahna geus teu ditincak deui lansung hudang. Tapi karék ogé cengkat payung anu dicekel ku Udin geus ngababuk sirahna ti gigir anu ngajadikeun awakna ngabangkieung deui tibeubeut ka gigir neunggar akar tangkal mahoni sisi jalan. Viki rubuh nangkuban ngusek sakeudeung terus teu usik deui dina kaayaan sirahna geus beulah, getih jeung polona ngalir kabawa ku Cileuncang.

Ningali baturna geus binasa, sanajan dua pigeulang leungeunna geus potong, Oliv maksakeun hudang. Terus nyerenteng bari ngajleng luhur ngajejekkeun sukuna lempeng kana beuheung Udin. Udin ngaragragkeun payungna, sakilat suku Oliv ditéwak diranggeum ku dua leungeunna. Terus diayunkeun kana tangkal mahoni. Awak Oliv teu sempet napak heula kana taneuh tapi langsung ngalayang tarik. Sirahna neunggar kai mahoni, awakna ragrag numpuk luhureun awak Viki dina kaayaan anu sarua.

Icih anu terus merhatikeun ka luar ngaliwatan kaca jandéla mobil ngagisik panonna. Sabab teu percaya kana tetempoanna. Buronan anu geus satun ditéangan pulisi ayeuna geus jadi bangké ku leungeun Udin.

Ngadéngé diluar geus jempling, ukur kadéngé sora hujan anu masih séah. Érwin lalaunan cengkat ngintip tina kaca mobil. Kaciri Udin masih nangtung ngarénghap bari tungkul nempo kana 2 layon anu numpuk handapeun tangkal mahoni. Élsa ukur bisa colohok, gerakan Udin anu gancang jeung teu méré ampun ka musuhna ngingetkeun dirina ka pamuda anu kungsi nulungan dirina.

Udin nagog nyokot HP tina saku calana Oliv, terus mariksa chat jeung riwayat teleponna. Di dinya aya obrolan anu maréntahkeun sangkan Oliv maéhan Élsa sarta dibayar tunai samilyar anu geus ditransfer. Teu disangka, ngaran anu maréntah boga ngaran tukang Wisésa. Hartina anu boga niat maéhan Élsa masih dulurna Elsa kénéh. Buburu ku Udin HP diasupkeun deui kana saku calana Oliv.

Érwin anu masih nempoan kaayaan disaluareun mobil, ningali aya batu bodas ngagolér dina taneuh. Tarangna langsung kerung, sabab asa wahuh kana batu éta. Kawas batu anu kungsi dibeuli ku Udin saharga 20 rébu ti dirina. Buburu Érwin muka panto terus kaluar mulung batu terus ditempoan. Dugaanna teu salah, tapi naha batu bet ngagolér dina urut tas Élsa murag? Boa-boa asalna tina jero tas Élsa. Jadi Erwin ngarérét ka Élsa anu sarua geus kaluar tina mobil. Terus nanya bari némbongkeun batu anu aya dina dampal leungeunna,

"Bu, Kuring kungsi ngajual batu ieu. Kunaon bet ragrag tina tas anjeun?"

"Anjeun nyaho kana batu ieu? Saha anu meulina ti anjeun?" Ceuk Élsa reuwas tapi bungah. Sabab hartina pamuda anu keur ditéangan ku dirina geus deukeut.

"Pa Udin anu meulina ti kuring, tapi cenah geus leungit teuing dimana. Pa Udin kungsi datang nanyakeun ka kuring sugan aya deui batu anu sarupa di kuring. Maksudna saupama aya rék dibeuli deui. Ngan hanjakalna kuring ngan boga hiji-hijina nyaéta ieu" ceuk Érwin.

Élsa colohok, panonna molotot bari dampal leungeunna nutupan biwirna. Terus ngarérét ka Icih sabab bisi ngadéngéeun, Ngan untungna Icih geus kaluar tina panto sisi séjén.

"Kira-kira aya sabaraha batu siga kieu di dunya?" ceuk Élsa nanya ka Érwin sabab panasaran.

"Ari batu anu mirip mah loba, ngan tulisan Sunda dina batu anu dipahat ku leungeun moal aya duana. Anu leuwih ngayakinkeun kuring yén batu ieu asalna ti kuring nyaéta tina gurat abu-abu dina batu. Ieu mémang batu pa Udin" ceuk Érwin.

Teu karasa cimata Élsa merebey, ngan untungna cihujan anu ngucur tina buukna nyamarkeunna. Haténa ngagerentes,

"Jadi kang Udin anu geus nulungan kuring di hareupeun Papandayan. Kang Udin ogé anu ayeuna nyalametkeun nyawa Kuring. Teu nyangka lalaki anu salila ieu ditéangan sarta dipikabohoh nyatana salaki sobat kuring sorangan. Naha bet kudu kang Udin?"

Élsa ngarerét ka Udin, kabageuran jeung kasoméahanna bieu geus leungit, Udin geus robah jadi mesin pembunuh anu téga maéhan dua penjahat ku cara anu kéjem. Aya rasa sieun dina haté Élsa.

Ningali Icih nyampeurkeun, Udin ngahalangan.

"Asup deui kana mobil nyi" ceuk Udin bari ngagéndéng Icih balik deui kana mobil terus Udin ngarérét ka Élsa.

"Élsa, anu rék maéhan anjeun nyatana dulur anjeun sorangan. Tapi ulah waka gujrud, sabab saksina geus paéh. Barang bukti ukur obrolan chat dina ponsélna. Ulah bébéja ogé ka lingkungan kulawarga anjeun. Bisi dulur anjeun ieu masih aya pakaitna jeung dulur-dulur anjeun anu séjénna. Wéyahna ti mimiti ayeuna anjeun kudu ati-ati, bila perlu séwa bodyguard keur maturan anjeun"

Élsa ngajenghok, teu nyangka salila dirina aya di Bandung, nyawana ogé keur diincer ku kulawargana sorangan. Jadi Élsa nanya,

"Dimana Kuring nyéwa bodyguard anu bisa dipercaya. Ieu Bandung, kuring teu nyaho"

Dua kanyataan pait pabeulit dina pikiran Élsa. Kahiji, Lalaki anu dipikabohohna nyatana Udin, salaki Icih. Kadua, anu rék maéhan dirina nyatana ti kulawargana sorangan. Batin Élsa ngarasa disiksa ku dua masalah. Kumaha saupama Icih nyahoeun dirina bogoh ka Udin. Kumaha ogé nasibna kahareupna sabab Élsa jelas moal bisa ngahindar ti kulawargana sorangan.

Sabot keur mikiran Udin, Icih ujug-ujug ngarangkul ngupahan.

"Elsa, teu kudu néanga bodyguard, kang Udin bisa ngajaga anjeun. Lamun iraha-iraha anjeun butuh di kawal, ulah asa-asa telepon kang Udin. Kang Udin tara kamana-mana jeung tara boga kasibukan. Pasti daék marengan anjeun"

Élsa beuki sedih, ceurikna narikan. Sabab Icih bisa nyarita kitu lantaran teu nyaho. Piraku Élsa kudu hianat ka sobatna sorangan anu sakitu bageurna. Jelas moal téga. Tapi Élsa teu bisa nolak. Komo deui anu diomongkeun ku Icih lain urusan haté. Ahirna Élsa unggeuk,

"Lamun geus aya ijin ti anjeun, nya teu nanaon. Wéyahna kang Udin bakal diririweuh ku Kuring"

"Teu nanaon" ceuk Icih. Udin ogé unggeuk nyanggupan bari seuri.

Nempo seuri Udin, haté Élsa langsung nyeblak, haténa ngadadak pating serédét bungah, padahal Élsa mineng ningali Udin seuri. Tapi seuri anu ayeuna karasana béda saeungeus kanyahoan yén Udin anu geus nyalametkeun nyawana 2 kali.

Élsa jangji ka dirina sorangan bakal terus ngajaga rusiah haténa ka Icih. Mémang aya fikiran teu hadé ngolébat mudah-mudahan kahareupna Udin jeung Icih pipisahan. Sabab kalah kumaha ogé kawinan maranéhna akibat paksaan ti kolot lain dumasar ku Bogoh. Tapi buburu pikiran éta dipiceun. Sabab Icih sobatna, Élsa teu meunang hianat.

Sabab hujan geus raat. Élsa ngaluarkeun ponsélna tina tasna terus dibikeun ka Udin,

"Lebetkeun nomer telepon akang kana HP abdi supados gampil ngahubungi"

Udin teu mikiran anu lain-lain, buburu ngetikkein nomer kontaknba dina HP Élsa bari diaranan 'Ultramen' saacan disimpen. Ponsél dibikeun deui ka Élsa. Terus Udin ngarérét ka Érwin,

"Érwin. Kunaon tadi anjeun rék kabur? teu yakin kuring bakal meunang?"

Érwin gogodeg,

"Henteu pa, tadi kuring ukur bingung, ulah salah faham, ulah diasupkeun kana haté. Hampura"

Icih nanya ka Udin,

"Kang, badé nelepon pulisi moal?"

"Akang anu nelepon. Tarungguan wéh dina mobil" ceuk Udin bari ngajauhan terus nelepon Isak.

"Juragan, Aya naon?" Ceuk Isak nanya.

"Mang, kapaksa kuring kudu maéhan 2 anjing anu ngarana Oliv jeung Viki sabab geus ngagogog ka kuring bari rék ngégél. Sarta aya 2 mobil, anu Mercedes kudu didérék terus asupkeun ka béngkél, éta milik babaturan kuring. Anu Jeep milik si Oliv jeung Viki. Beresihan kabéh ti lokasi ieu nya mang, alamatna bakal dishareloc ku kuring"

Isak ngagebeg,

"Naon? Agan geus maéhan 2 buronan anu salila ieu diboro ku pulisi? Mamang teu salah déngé? Lamun juragan sepuh nyahoeun, pasti bakal reueus ngadéngéna. Sabab euweuh di kulawarga Subrata anu bisa gelut ngalawan musuh nyata, salian ti almarhum bapa juragan jeung juragan sorangan"

"Ulah geruh mang, cukup mamang anu nyaho, omat aki atawa kulawarga Subrata anu séjén ulah aya anu nyaho" ceuk Udin.

"Pasti juragan, mamang moal wani cumarita. Ayeuna Mamang rék ngirim jelema ka dinya jeung mobil dérék Shareloc ka mamang lokasina"

"Oké" ceuk Udin langsung nutup teleponna, terus ngirimkeun shareloc kana WA Isak.

Udin buburu asup kana mobil terus indit. Élsa anu diuk dina jok tukang maling-maling ngarérétan spion tengah nempo beungeut Udin anu keur nyupiran. Élsa ngarasa reueus sakaligus beuki bogoh.

Langit mimiti caang deui ningalkeun katumbiri anu melengkung éndah kasorot ku cahaya panon poé.

Udin nurunkeun Érwin di hareupeun kantor pos pusat.

"Nuhun pa" ceuk Érwin bari ngabongkokkeun awakna ka Udin ngaliwatan kaca jandéla saenggeus kaluar tina mobil.

"Ulah gujrud ka sasaha masalah kajadian bieu" Ceuk Udin.

"Bérés pa. Sing percaya ka kuring" ceuk Érwin seuri.

Udin unggeuk tuluy majukeun deui mobilna. Érwin tetep nangtung nempokeun nepi ka mobil Udin ngiles dina péngkolan.

Nyambung...