Qin Gang seuri,
"Néng, salira sareng abdi kenal tos lami. Sawios abdi anu ngintunna. Sakantenan abdi ogé badé nyuhunkeun landongna. Kumargi bahan landong ieu kanggé pa Udin, néng Warni ogé teu kedah mayar ka abdi"
Warni ahirna ngéléhan,
"Nya teu nanaon ari kitu mah, tapi sing taliti nyiapkeunna. Ulah aya kasalahan"
"Bérés néng, sing percanten ka abdi" témbal Qin Gang. Ahirna telepon ditutup.
Qing Gang teu talangké ,langsung maréntahkeun pagawéna nyiapkeun bahan ubar anu di maksud.
"Aya naon pa, katingalna bingah pisan" Auxe nanya.
Qin Gang ngajelaskeun,
"Pa Udin rék ngajieun ubar ajaib. Néng Warni bieu nitah bapa nyiapkeun bahan ubarna. Saupama geus jadi, bapa kudu menta hiji"
Saprak nyaho kahébatan Udin, sifat Auxe mimiti robah, anu tadina galak jeung rada playboy, ayeuna jadi kalem jeung mimiti resep dangdan. Di imah Salman, Auxe geus nempo kakuatan Udin, katambah ayeuna kanyahoan bisa ngajieun ubar, haténa beuki resep sanajan bujurna kungsi ditalapung ku Udin. Tapi ku Auxé dijieun hiji kenangan anu moal bisa dipopohokeun.
Auxé saurang atlit beladiri, nempo Udin jago silat sarta kamampuanna jauh ti ukuran jelema biasa. Udin geus jadi idolana anu kudu diconto.
Qin Gang nyarita deui ka Auxé,
"Steven dibéjaan ku Héndri. Tabib Tiandi waé ngaku dirina éléh ku kamampuan pak Udin dina hal ngubaran jeung ngajieun ubar. Juragan Soni anu geus 3 bulan teu bisa hudang tina ranjangna, ayeuna geus jagjag waringkas deui"
Auxe colohok ngadéngéna. Kulawargana geus puluhan taun usaha bahan ubar, tapi can nyaho cara ngajieun ubar. Udin mémang luar biasa. Tabib kasohor Tiandi waé anu geus pangalaman sarta diakui ku sasaha, tukang ngubaran para konglomerat sarta bayarana mahal, ayeuna tunduk kana pangabisa Udin. Wajar Auxe beuki resep. Lalaki kasép, ngora kénéh bari sagala bisa, saha awéwéna anu teu resep.
Saurang bapa nempo anak awéwéna ujug-ujug ngalamun bari sura seuri sorangan saenggeus nyaritakeun kahébatan Udin. Jelas langsung bisa nebak naon anu difikiran ku anakna.
"Auxe, Pagawé keur nyiapkeun bahan ubarna. Saupama geus réngsé, isukan kirimkeun ka imah pa Udin" ceuk Qin Gang nitah bari sakalian hayang nyaho réaksi Auxé.
"Ku abdi? Naha kedah ku abdi?" Auxe nanya.
"Anjeun ngora kénéh, sanajan leuwih ngora, umur anjeun teu béda jauh jeung pa Udin. Jadi dina nyarita ogé moal kararagok ari sarua ngora mah. Bahasa kolot jeung bahasa budak ngora béda, teu pantes lamun bapa anu nganteurkeunna" ceuk Qin Gang méré alesan.
Saterusna Qin Gang nyarita deui,
"Ulah éra, pa Udin ogé jelema biasa, moal nanaon. Komo deui bapa kungsi ngadéngé pa Udin anak yatim, beuki loba batur anu saumuran tangtu beuki hadé keur pa Udin"
"Muhun pa, abdi ogé kantos ngadangu. Malih nikahna ogé kumargi dijodokeun. Hawatos nya pa?" Ceuk Auxe.
Qin Gang unggeuk,
"Lain ukur éta, pa Udin ogé cicing di imah mitohana sarta ukur di babukeun. Masak, ngepél, nyeuseuh, kabéh tugas imah dibikeun ka pa Udin kabéh. Hal éta geus jadi rusiah umum sabab batur ogé nyarahoeun"
"Katerlaluan!" Ceuk Auxe ujug-ujug kekerot ambek.
Qin Gang seuri,
"Pasti mitohana can nyarahoeun saha sabenerna pa Udin. Atawa mémang kitu cara pak Udin sangkan jadi jago. Kudu loba khidmat. Loba jawara anu kudu tapa, puasa jeung sajabana. Pa Udin mah jigana luhung élmu ku cara ngalayanan jelema tanpa pamrih"
Auxe unggut-unggutan,
"Khidmat ku cara anu teu biasa, ngahasilkeun kamampuan anu luar biasa"
Qin gang satuju kana ucapan Auxé,
"Bapa yakin sababaraha taun ka hareup, pa Udin bakal jadi jelema gedé anu dipikasérab ku sasaha. Moal saeutik awéwé anu hayang jadi pamajikanna. Bisa waé pada ahirna diparebutkeun. Anjeun ogé ulah cicingeun, anteurkeun bahan ubar isukan isuk-isuk kénéh. Dangdan sing geulis"
"Kah?" Auxe pura-pura reuwas.
Qin Gang nyakakak,
"Ulah pura-pura teu ngarti, bapa ogé boga mata, anjeun resep ka pa Udin pan?"
Auxé tungkul éra,
"Bapa nyarios naon? Sakola ogé abdi némbé naék ka kelas 3 SMA, bujeng-bujeng mikiran pameget. Abdi hoyong fokus kana karir, hoyong janten juara dunia atanapi ngiringan olimpiade"
"Jadi embung nganteurkeun bahan ubar isukan?" Qin Gang nanya.
"Badé, wios ku abdi" ceuk Auxe seuri.
"Alus, firasat Bapa maung moal kuat lila cicing di kandang hayam. Hiji waktu pasti bakal pindah ka kandang beusi anu leuwih gedé. Sifat pa Udin patukang tonggong jeung mitohana" ceuk Qin Gang bari ngusapan janggotna. Saterusna nyarita deui,
"Saupama pa Udin daék jadi minantu bapa. Bapa yakin usahana urang bakal beuki maju. Pa Udin lain ukur pinter, tapi sopan, bageur, jeung ahli dina sagala hal. Béda étnis sarta béda agama lain panghalang"
Auxé bungah ngadéngé omongan bapana, sabab hartina ngadukung kana kahayang haténa. Jadi Auxé langsung ngagabrug Qin gang nganuhunkeun, leungit rasa kaéra jeung kapura-puraana anu tadi disumputkeunna.
Terus Auxé nyarita,
"Masalah cinta sanés masalah sederhana kanggé abdi anu teu acan katos papacangan. Nanging mémang leres, kulawarga urang peryogi penerus anu kiat méntal sareng pinter. Hiji-hijina cara mung ngarékrut maung ka kulawarga urang"
Qin Gang ngacungkeun jempolna nyumangetan,
"Ajeun kudu leuwih giat latihan béladiri, témbongkeun préstasi anjeun ka pa Udin. Anjeun ogé kudu leuwih rajin di sakola, kudu jadi awéwé anu pinter sangkan pa Udin ogé resepeun"
Auxé unggeuk,
"Wartosan abdi upami bahan landingna patantos siap. Enjing ku abdi dicandak ka pa Udin"
Qin Gang nyakakak deui,
"Anjeun can kungsi katempo dangdan, isukan mah dangdan sing geluis, paké baju awéwé, ulah kawas jalu waé"
Pipi Auxe anu bodas ngadadak bareureum. Ngan Qin Gang nyarita deui,
"Béjakeun ka pa Udin, lamun butuh bahan ubar deui, ulah kasasaha. Kabéh milik bapa gratis keur pa Udin. Ulah poho, saupama ubarna geus jadi, bapa ménta hiji"
Pas panon poé kakara bijil. Udin geus siap rék indit ka pasar, ngan aya telepon ti Auxé,
"Pa, abdi Auxé. salira aya di bumi?"
"Aya, kunaon? Rék ménta ditalapung bujur deui?" Ceuk Udin ngaheureuyan.
Auxé nyikikik seuri,
"Sanés, pédah wé bumi pa Udin katawisna sepi. Teu aya mobil, teu aya jalmi anu katingal. Pun Bapa miwarang abdi ngintun bahan landong pesenan téh Warni kanggé salira. Upami teu ngaganggu, ku abdi badé dilungsurkeun ayeuna"
Udin kerung, naha Auxé bet nyaho di imah euweuh sasaha. Jeung mémang mobil duanana keur kaluar. Anu hiji dipaké ku Icih anu rék nepungan klien, anu hiji deui dipaké ku Mardi jeung Lastri nempo villa di Bougenville, duana indit ba'da subuh. Jadi Udin nanya,
"Ari kitu ayeuna anjeun aya dimana?" Udin panasaran bari nempo kana jandéla. Kaciri di sisi jalan Auxé keur nyarandé kana mobilna bari ngadadahan ka Udin.
Udin gogodeg bari nutup telepon terus muka panto. Auxé masih nangtung maké gaun awéwé rok panjang kelir krem, buuk lempengna anu biasana dibeungkeut ayeuna dirumbaykeun. Anu ngajieun Udin colohok jeung hayang seuri, Auxe katembong jiga anu geus umur 25, padahal paling karék umur 17 taun. Make makeup sarta selop hak jangkung, padahal datangna maké mobil Range Rover.
Sabab Udin geus kaluar, Auxe buburu muka panto tukang mobilna, terus ngagusur kopér gedé tina jero mobil bari tibeberegég. Sabab katempona siga anu hésé. Udin nyampeurkeun rék mantuan. Enya wé koper téh gedé, leuwih gedé ti awak Auxe.
"Pa Udin, abot" ceuk Auxe nyengir éra.
Udin seuri, koper dibedol terus dipanggul ka jero imah. Auxé nuturkeun tapi teu milu asup ka imah. Réngsé nunda koper di kamarna, Udin kaluar deui.
Méméh subuh Auxé mémang geus siap-siap, sapeupeuting teu bisa saré hayang buburu isuk. Sabab bahan ubar geus ditaékeun ti peuting kénéh ku pagawéna. Auxé teu ngecék deui sagedé kumaha barangna. Méméh indit karék kanyahoan koperna gedé pisan jeung aya dina Range Rover. Rek dipindahkeun kana mobil séjén sieun kabeurangan. Matak saméméh panon poé bijil geus nyampak di hareupeun imah Udin.
Udin kerung ku penampilan Auxé anu béda sarta kaciri geumpeur. Béda jeung biasana anu galak, tomboy sarta tara seuri. Jadi bari nangtung dina lawang panto, Udin nanya,
"Kunaon anjeun béda ti sasari, geus bisa seuri sarta dangdan kawas awéwé? Basa nonjok kuring di Cikapundung sarta panggih di Imahna Salman Wijaya mah asa teu kieu"
Auxé tungkul éra,
"Abdi mémang istri pa, sanes pameget. Piraku teu kéngeng dangdan. Sateuacanna mémang abdi bodo sareng gagabah. Hapunten nya pa"
"Hayu kajero" ceuk Udin bari nyisi méré jalan sangkan Auxé asup.
Auxe buburu asup tuluy diuk tungkul dina korsi.
"Naon eusina koper téh? Meni asa beurat-beurat teuing?" Ceuk Udin nanya.
"Sadayana bahan landong anu dipesen ku téh Warni, qualitas pangsaéna. Teras jumlahna ogé ditambihan janten 5 kali lipet tina pesenan" témbal Auxé.
Udin colohok,
"Paingan, timana pa Qin Gang bisa ngumpulkeun bahan-bahan ubar sakutu lobana?"
Auxé ngajelaskeun,
"Kulawarga abdi turun tumurun mémang janten pengepul bahan landong ti satiap propinsi di Indonesia. Kerjasamana sareng koperasi désa kalih para bandar lokal. Indonésia beunghar ku sagala rupi tutuwuhan anu ageung hasiatna. Ti Sumatra aya pasak bumi, akar eurih. Ti Jawa aya cabé areuy, cengkéh, kapol, batrawali, kumis ucing sareng beubeutian sanésna. Pokona ti tiap daérah aya rupi-rupi bahan landong sabagé ciri khasna. Bahan landong anu teu aya di nagara urang, nembé diimport, sapertos ginséng, edog caviar anu parantos digaringkeun, sareng sajabina"
Ngadéngé penjelasan ti Auxe Udin atoh. Ti saprak dirina manggihan Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu ayeuna geus ngahiji jeung awakna. Rasa kapanasaranna beuki gedé, sagala hayang nyaho, sagala hayang ngulik. Tapi ngeunaan ubar, loba bahan anu udin karék nyaho ngaranna tapi can nyaho rupana. Ayeuna reugreug sabab sagala bahan nyatana aya di Qin Gang. Jadi Udin nyarita,
"Alus. Hartina kahareupna kuring moal hésé nyiar bahan ubar"
Ngan teu disangka Auxé malah ngoléséd turun tina korsi langsung deku. Nepi ka sora tuurna kadéngé ngageduk tarik kana ubin. Udin jelas reuwas, jadi buburu nanya,
"Auxe kunaon anjeun?"
Auxe ngarapetkeun dua dampal leungeuna terus diacungkeun luhureun sirahna,
"Pun bapa ngadangu salira tiasa ngadamel landong ajaib, anjeunna hoyongeung pisan. Upami teu kaabotan, saparantos landongna janten, widian abdi badé sumping deui kadieu, bade nyuhunkeun hiji kanggé pun bapa"
"Enya teu nanaon, tapi kunaon bet kudu kikieuan" ceuk Udin bari metot leungeun euxe sangkan diuk deui dina korsi.
"Sanaos abdi lahir di Bandung, kabiasaan dinagara China asal abdi, upami nyuhunkeun naon waé mémang kedah kieu. Hapunten upami salira teu acan biasa" ceuk Auxe bari buburu diuk deui dina korsi.
Udin gogodeg bari seuri, ubar anu dimaksud ku Auxé babari dijieun, moal méakeun waktu lila sarta teu nguras tanaga. Jadi teu masalah lamun Qin Gang ogé ménta, pasti bakal dibéré. Komo kahareupna pasti Udin bakal butuh deui bantuan ti Qin Gang pikeun nyiapkeun bahan ubar séjénna, teu kudu nyiar sorangan.
"Béjakeun ka bapa anjeun, pasti dibéré" ceuk Udin ka Auxe.
"Leres pa?" Ceuk Auxe atoh.
Udin unggeuk bari seuri,
"Bener, sanajan teu ménta ogé pasti dibéré. Komo saenggeus ningali parobahan tina sikep jeung penampilan anjeun, euweuh alesan pikeun kuring nolak. Malah kuring rék méré 2 ubar anu geus dimurnikeun"
Ngadéngé rék dibéré dua, Auxe teu kuat nahan cipanonna. Dibéré hiji ogé geus mangrupakeun berkah gedé, tapi Udin ngajangjikeun rék méré dua. Jelas Auxé bungah, tada teuing bapana ogé bakal bungah pisan ngadéngéna.
"Pa Udin leres badé masihan dua?" Auxe nanya kawas anu teu yakin bari nyusut cipanonna.
Udin seuri,
"Naha katempona kuring keur bohong?"
Auxé gogodeg, cai panon merebey deui mapay pipina anu bodas.
"Hatur nuhun pa" ceuk Auxé bari ngoléséd tina korsi rék deku deui, tapi taktakna buburu ditahan ku Udin.
"Cukup, Teu kudu ngalakukeun anu anéh-anéh"
Ahirna Auxe ukur ngabongkokkeun awakna bari nganuhunkeun deui.
Saterusna Udin nyarita,
"Kusabab kuring rék ka pasar, béjakeun ka bapa anjeun kuring nganuhunkeun kana kirimanna. Saenggeus ubar dimurnikeun, pasti kuring bakal ngabéjaan. Syaratna hiji, lamun kuring butuh deui bahan ubar, bapa anjeun kudu bisa nyiapkeunna"
Auxé unggeuk terus nangtung,
"Abdi ngartos pa, haturnuhun"
Sabab atoh, Auxe buburu ka luar langsung naék kana Range Rover, saméméh maju manggut deui ka Udin terus ngabiur indit. Udin nyakakak teu kuat nahan seuri, sabab bieu némpo Auxé leumpang rusuh bari siga anu kararagok sabab di erok panjang bari maké sapatu hak jangkung.
Saterusna Udin nutupkeun panto imah terus ngoréléng ka pipir nyokot sapédahna. Sapédah langsung diboséh nuju ka pasar bari héhéotan.
Turun tina mobil Auxe buburu muka sapatu terus dialungkeun kana wadah runtah. Bari nyingsatkeun erokna Auxe lumpat ka Imah néangan Qin Gang bari cocorowokan bakat ku bungah.
Qin Gang mémang teu kamamana, ngahaja diuk nungguan Auxe balik bari mikiran cara ngiket hubungan jeung Udin kahareupna sangkan leuwih deukeut. Sabab teu nyangka salian wawuh jeung Salman, Udin ogé wawuh jeung Warni. Sanajan sarua beunghar, Qin masih sahandapeun Warni tapi saluhureun Salman. Salman geus wani méré villa ka Udin. Jadi Qin ogé hayang méré hadiah anu pantes keur Udin. Ngan naon? Anu jelas kudu leuwih alus sarta leuwih mahal ti Salman.
Nempo Auxé datang, Qin Gang buburu nangtung.
"Auxe, kumaha?" Qin Gang teu sabar hayang ngadéngé béja ti Auxé.
Auxe malah ceurik bari unggeuk sababaraha kali.
"Pa Udin Badé masihan dua landong"
Qin Gang colohok ngadéngéna. Terus nyekelan taktak Auxe,
"Anjeun teu salah déngé?"
Auxe gogodeg. Bari nyusutan cimatana.
"Terus kumaha saenggeus ningali penampilan anjeun?" Qin nanya deui.
Pipi Auxé langsung bareureum.
"Pa Udin muji kana parobihan penampilan abdi"
"Alus, hartina aya harepan" ceuk Qin Gang nyakakak bungah.
"Harepan naon pa?" Auxe nanya éra.
"Harepan jadi minantu bapa. Sagalana aya dina usaha anjeun. Bapa geus kolot, Steven teu bisa diandelkeun, rék saha deui anu neruskeun usaha bapa salian ti anjeun? Lamun anjeun salah milih pisalakieun, bapa teu yakin usaha urang bakal manjang. Pa Udin bisa ngajieun ubar, butuh bahan ubar. Cocok jeung usaha anu dijalankeun ku urang" ceuk Qin Gang bari nyakakak deui.
Saterusna Qin Gang diuk, terus nyarita deui,
"Pak Udin boga kakuatan, prilakuna ogé béda jeung pamuda séjén. Teu paduli kana masalah dunya, akrab jeung saha waé. Katurunan anjeun pasti bakal boga sifat anu sarua"
"Bapa katerlaluan, abdi alit kénéh parantos nyarioskeun katurunan" ceuk Auxe seuri maur terus lumpat ka kamarna sabab hayang buburu ganti baju sabab karasana teu nyaman.
Kamampuan Udin ngajieun ubar ajaib langsung sumebar dikalangan para gegedén di Bandung. Salman anu boga Kiki. Kang Bahar anu boga Rumah Klasik. Jeung loba deui anu séjénna. Diantara kabéh, Salman anu leuwih wani ménta sacara langsung, sabab geus ngarasa leuwih deukeut, Udin ogé geus daék narima villa ti dirina. Jadi pasosoré Salman datang ka imah Udin pikeun ménta ubar. Udin ogé teu hésé, langsung nyanggupan.
Kalolobaan jelema beunghar sieun paéh. Jadi ubar ajaib Udin anu bisa nyageurkeun panyakit beurat jelas pada mikahayang.
Saenggeus Salman balik. Udin mimiti ngaracik ubar anu sarua jeung 6 ubar saméméhna. Ngan bédana ubar anu ayeuna mah dimurnikeun deui. Nyaéta diracik kucata ngalibatkeun énérgi spiritualna. Jadi tina sakoper bahan anu dibawa ku Auxé. Saenggeus saripatina dicokot ukur bisa ngahasilkeun 30 ubar. Sakitu ogé geus ngajadikeun awakna lungsé ngalempréh sabab kudu meres énérgi spiritual anu loba. Salian ubar anu dihasilkeun ngandung énérgi spiritual, bahanna ogé leuwih kumplit. Jadi hasiatna ogé jadi ningkat 10 kali lipet leuwih matih ti ubar saacanna.
Lamun ubar saméméhna ukur bisa nurunkeun déprési jeung ngalancarkeun aliran darah. Ubar anu ayeuna mah bisa ngoméan organ akibat luka dalam anu parah jeung karuksakan fungsi. Panyakit Tiandi kuduna bisa cageur cukup ku ½ ubar.
Udin misahkeun 10 ubar pikeun dibagikeun, 20 deui disimpen. Bari nungguan awakna jagjag deui, Udin ngirim chat ka Tiandi, Warni, Qin Gang sarta Salman pikeun ngumpul peuting ayeuna di Rumah Klasik. Udin ogé ngabéjaan kang Bahar sangkan nyiapkeun tempatna.
Kabéh anu dichat ku Udin ngarasakeun kabungahan anu sarua. Kabéh sumanget pikeun datang. Warni jeung Qin anu saméméhna nyangka bakal nungguan lila reuwas, sabab ubar anggeus dijieun dina sapoé. Anu leuwih reuwas deui Salman, sabab karék oge tepi ka imah balik ti Udin, geus di chat yén ubar geus jadi.
Nyambung...