Icih ngarérét ka Udin,
"Kang. Haturnuhun. Upami teu digeuing ku akang, sapertosna abdi bakal kapangaruhan ku pangolo Nini"
"Akang salaki nyai, teu kudu nganuhunkeun" témbal Udin bari seuri.
"Sababaraha poé kahareup, bapa sina istirahat heula didieu. Keun baé akang anu nungguan mah, nyai kudu ngamimitian digawé, ulah hayang dicacampah deui ku batur" ceuk Udin nyumangetan Icih.
"Sumuhun kang, ti danget ayeuna, abdi kedah langkung giat didamel" témbal Icih.
Tepi ka Imah, Rukmini geus siga jelema édan. Diuk ngalamun mikiran nasib kukawargana anu asa ngimpi. Asa karék kamari Palapa kerjasama jeung Bima Raya, terus ngayakeun sukuran, tapi ayena justru malah bangkrut. Kerjasama diputuskeun bari diblokir, kas geus béak, barang-barang kantor geus dijualan.
Loba bayareun tapi panghasilan euweuh. Kudu mayar séwa gedung Palapa, ngagajih karyawan sanajan kari sababaraha urang deui, hutang ka bank, ka matrial. Can kabutuhan sapopoé, dahar, listrik, mayar cai ledeng jeung sajabana. Sirah Rukmini asa béjad mikiranna.
Kulawarga Kusumah ayeuna lir ibarat balong bedah, euweuh cai asup tapi bocor dimana-mana. Kari nungguan caina saat, kabéh laukna pasti bakal paraéh. Unah anu sakuduna senang kawin jeung Ibro sarta bisa ngangkat martabat kulawargana, malah ditingalkeun.
Rukmini ukur bisa ceurik, sataun ditingalkeun gering ku salaki, sataun ogé kabéh bandana béak. Gara-gara dirina hayang ngawasa villa Bougenville, Unah disépak ku Ibro. Gara-gara dirina hayang ngawasa villa Bougenville, Icih indit. Gara-gara Icih indit, Bima Raya ogé mutuskeun kontrakna sacara safihak.
Kitu deui anu karasa ku Karsidi, bisnis kulawargana ancur. Kabagjaan anak awéwéna leungit. Dudung geus siga orok, pampersna teu kaop ganti pasti geus jemblong deui ku ciompol. Teuing geus sabaraha kali kulawargana diwiwirang ku Udin.
Sabenerna Mardi jeung Karsidi sarua. Sanajan lalaki tapi duanana teu boga kamampuan pikeun néangan nafkah, sabab geus biasa diogo tileuleutik. Unah ti saprak balik ti rumah sakit, can répéh ceurik, sabab dirina anu ngarasa paling nalangsa.
"Bu, Naha teu aya jalan deui kanggé ngarobih kaayaan?" Isah nanya ka Rukmini.
Rukmini gogodeg terus ngeluk tungkul,
"Euweuh jalan séjén. Palapa kudu ngumumkeun pailit keur ngurangan kawajiban bayareun"
"Ma, babaturan bapa loba. Ema moal nyobaan neleponan maranéhna? Sugan wé atuh aya saurang mah anu daék nunda modal ka perusahaan urang" ceuk Karsidi.
"Nunda modal? Nunda modal kumaha? Saprak diblokir ku Bima Raya geus euweuh anu wani invéstasi deui, anu aya ogé langsung malundur. Babaturan bapa anu baheula deukeut, kabéh geus ngajarauhan teu bisa méré manfaat nanaon deui ka kulawarga urang" témbal Rukmini dumareuda.
Ukur Dudung anu teu katembong sedih, haténa masih digugulung ku rasa ngéwa ka Udin, tapi can bisa males,
"Ni, babaturan aki nyaringkah. Tapi Naha si Udin tukang tipu malah bisa boga babaturan jelema beunghar hungkul, bari maranéhna terus-terusan ngabantu si Udin. Manfaat naon anu dibikeun ku runtah kawas si Udin ka maranéhna?"
Rukmini kekerot,
"Si Udin mémang runtah, tapi otakna licik sarta sungutna seukeut, lihéy dina nipu. Nini ngadéngé kunaon pangna loba jelema beunghar nyampeurkeun ka si Udin, sabab maranéhna nganggap si Udin dukun sakti. Iwal ti kulawarga urang hungkul anu nyaho saha si Udin anu sabenerna, jeung naon pangabisana. Batur mah teu barogaeun tetempoan, padahal si Udin euweuh bédana jeung tukang ngaramal sisi jalan"
Dudung kerung,
"Tapi naha loba jelema beunghar anu percaya?"
"Percaya téh ayeuna, sabab can kapanggih tipu muslihatna. Lamun geus nyarahoeun mah moal. Malah justru bakal malik ngéwa" témbal Rukmini.
"Kuring geus teu sabar Ni, hayang buburu nempo si Udin dibeberik ku jelema beunghar, ditaranjangan, diparabkeun ka anjing. Tukang tipu memang pantes paéh" ceuk Dudung kekerot.
"Enya, pasti bakal aya waktuna" témbal Rukmini.
Keur aranteng ngagibahkeun Udin, dihareupeun imah parkir 2 mobil Rolls-Royce plat Z. 6 urang pangawal turun tina mobil panghareupna bari saurang buburu muka panto mobil anu di tukang. Saurang lalaki pendék gendut umur 50-an turun jeung asisténna bari nyelap padudan dina biwirna. Katempona siga gegedén. Tina plat mobilna kaciri lalaki éta datangna ti wilayah Priangan timur.
Si lalaki nanya ka asisténna,
"Bener villa butut ieu milik kulawarga Wawan Kusumah?"
"Bener juragan, kuring geus mariksa sababaraha sumber, mémang ieu villana" ceuk asisténna.
Sabab panto imah muka. Si lalaki langsung asup bari ngarérétan kabéh beungeut kulawarga Kusumah anu keur ngariung bari sararedih. Terus nyarita,
"Kuring teu nyangka, jauh-jauh datang ukur nempo dulur anu keur saredih bari dina kaayaan balangsak kieu"
Ngan asisténna ngingetan,
"Juragan. Ulah waka langsung nebak jelema-jelema ieu dulur juragan. Saha anu nyaho ukur para pembantu"
Ngadéngé omongan tamu anu langsung asup ka imahna tanpa permisi bari nganggap pembantu, Rukmini nanya teugeug,
"Ieu imah kuring, Imah kulawarga Kusumah, Saha anjeun?"
Ditanya kitu, silalaki malah lujag léjég leuleumpangan bari rurat-rérét kaditu kadieu nempoan kaayaan imah. Terus nyarita,
"Sanajan bapa kuring geus eweuh. Tapi kungsi nyaritakeun boga adi beunghar di Bandung anu ngarana Wawan Kusumah. Teu nyangka gening kaayaanna siga kieu. Baheula bapa kuring hayang pisan panggih jeung adina pikeun nganuhunkeun sabab kungsi disalametkeun sawaktu jaman Jepang. Ngan teu laksana sabab salian alamatna teu nyahoeun, bapa kuring ogé kaburu gering parna. Ngan saméméh maot, bapa talatah sangkan kuring hiji waktu kudu ngadatangan mang Wawan sarta nitipkeun hadiah sabab geus ngarasa kahutangan budi. Ngan hanjakal kuring ngadéngé mang Wawan ogé sarua geus maot. Tapi kuring tetep hayang panggih jeung pamajikan, anak, sarta incu-incuna pikeun nepikeun amanahna"
"Baruk!" Rukmini ngarénjag.
"Salaki kuring mémang kungsi nyebutkeun boga adi anu ngarana Wahyu Kusumah, tapi kahirupanna ripuh jeung teu nyebutkeun dimana cicingna. Jadi anjeun anakna wahyu?"
Si lalaki ngareret ka Rukmini bari seuri sinis,
"Baheula mémang bener. Ceuk bapa kuring, sanajan hirup di lembur leutik di pasisian kota Tasik. Tapi kahirupan mang Wawan mémang keur aya dina puncakna. Béda jeung bapa kuring anu harita can bisa manggihan jalan usaha. Basa Jepang datang sarta perang dimana-mana, kabéh pangeusi lembur ngungsi pikeun nyalametkeun diri. Kaasup mang Wawan jeung bapa kuring. Bapa kuring katémbak sukuna sarta disalametkeun jeung diurus nepi ka cageur ku mang Wawan di Ciamis. Saprak kajadian éta duanana misah lantaran basa balik deui ka Tasik, lemburna béak geus diduruk ku tentara Jepang. Mang Wawan ka Bandung, sedengkeun bapa kuring ka Banjar sarta jadi pangusaha suksés di Banjar. Anjeun saha? Pamajikan mang Wawan?"
"Enya, kuring pamajikanna" ceuk Rukmini kerung.
"Oh. Jadi anjeun bibi kuring. Kuring Firman Kusumah, anak cikal Wahyu Kusumah ti Banjar" ceuk silalaki anu ngarana Firman bari mikeun kartu namana ka Rukmini.
Rukmini nempo kartu nama, terus colohok,
"Anjeun Direktur Mutiara Sagara?"
Rukmini nyaho, Mutiara Sagara nyaéta grup perusahaan anu ngelola sababaraha obyék wisata jeung sababaraha hotél mimiti ti Banjar nepikeun ka Cijulang. Malah boga pabrik triplék Sagala. Tapi Rukmini teu nyaho lamun anu bogana nyatana adi salakina. Sabab Wahyu geus maot, pasti Firman pawarisna.
Rukmini ngarérétan dedegan Firman, sabab ceuk béja, anu boga Mutiara Sagara saurang pamuda kasép anu boga 4 pamajikan bari ngarora kénéh, jeung awéwé simpenanna ogé loba dimana-mana. Tapi lalaki hareupeunna ukur lalaki kolot anu pendék jeung gendut jaba goréng patut. Rukmini ukur gogodeg sabab teu nyangka.
"Ayeuna kuring nyaksian sorangan, nyatana kulawarga mang Wawan teu beunghar saperti anu dicaritakeun ku bapa" ceuk Firman.
"Bari diuk ngobrolna" ceuk Rukmini marahmay bari nunjuk kana korsi kosong.
Firman ngagugu, terus diuk. Firman ngarérétan kabéh jelema anu aya di dinya. Panonna neuteup lila ka Unah anu keur cerik bari tungkul.
"Teu nyangka, nyatana aya wanoja geulis di kulawarga ieu" Gerentes firman bari neureuyan ciduhna sorangan.
Unah teu sadar lamun dirina keur diperhatikeun lila ku sapasang mata ti saurang lalaki kolot anu kumetap kawas anu rék ngerekeb ka dirina. Unah masih terus ceurik bari ngelapan cipanonna ku saputangan.
"Kuring teu nyangka anjeun bakal datang kadieu. Hiji kahormatan pikeun kuring sakulawarga" ceuk Rukmini atoh.
"Geus sakuduna bi, bibi jeung kuring masih katalian dulur ti mang Wawan. Kuring kadieu lantaran aya amanah mangrupa barang ti bapa anu kudu ditepikeun. Sakalian silaturahmi sangkan teu poékeun obor" ceuk Firman seuri.
Ngadéngé Firman rék nepikeun amanah mangrupa barang sarta rék nyambungkeun duduluran. Rukmini bungah, sabab paméré ti kulawarga beunghar pasti aya hargaan. Komo deui anu méré hadiah kungsi disalametkeun nyawana. Rukmini teu nyangka sabab nyatana masih boga dulur beunghar anu bisa dipaké pamuntangan.
"Bapa anjeun mulia, masih inget cara males Budi" ceuk Rukmini.
Firman unggeuk,
"Bener Bi, lamun harita bapa kuring teu ditulungan ku mang Wawan, kuring ogé moal lahir ka dunya ieu" ceuk Firman bari ngaluarkeun cepuk buludru beureum tina sakuna. Terus dibikeun ka Rukmini.
"Ieu amanah ti bapa kuring. Tarima" ceuk Firman.
Leungeun Rukmini ngadarégdég narima cepuk.
"Moal salah, pasti eusina berlian" ceuk pikirna.
Ngan barang tutup cepuk dibuka, Rukmini ngarénjag, sabab eusina ukur proyéktil pélor anu geus karahaan. Mata Rukmini mureleng ka Firman,
"Nanaonan ieu?"
"Éta peluru anu baheula kungsi ditembakeun ku tentara Jepang kana bitis bapa kuring. Terus disimpen keur kenang-kenangan" ceuk Firman ngajelaskeun.
Rukmini buburu nutupan deui cepuk, beuteungna ngadadak murel hayang Utah. Sabab barang hareupeuna tangtuna geus kungsi ngahiji jeung getih jelema. Naon maksud bapana Firman ngaamanahkeun peluru éta sangkan dihadiahkeun ka kulawargana?
"Anjeun ngomong bapa anjeun rék males Budi. Tapi naha bet ku cara ngaamanahkeun pélor anu umurna geus puluhan tauh keur Kuring?" Ceuk Rukmini baeud.
"Jadi bibi moal narima?" Firman malik nanya.
Rukmini ngagerentes,
"Peluru ieu euweuh nilaina, jaba geus kungsi ngambeu getih jelema, naon untungna keur kulawarga Kusumah nyimpen anu kieu. Lamun bener Firman ngaku dulur, komo bari beunghar. Kunaon teu méré duit 200 juta anu tangtuna leuwih manfaat pikeun ngoméan masalah di kulawarga kuring?"
Kusabab sieun Firman ambek, kapaksa cepuk ditunda. Rukmini seuri marahmay,
"Bibi narima, bapa anjeun geus nyimpen puluhan taun pélor ieu. Anu tangtuna keur bapa anjeun pélor ieu boga sajarah anu teu bisa dinilai ku duit. Pélor ieu saksi bisu tina kaakraban adi jeung lanceuk waktu harita. Bener?"
"Bener pisan bi" ceuk Firman seuri sabab pada ahirna Rukmini ngarti kana maksudna tanpa perlu dijelaskeun deui.
"Tapi lamun bapa anjeun nyahoeun yén kulawarga kuring keur ancur, salian pélor ieu, pasti bakal méré duit ogé" ceuk Rukmini.
Ngadéngé omongan Rukmini, Firman kerung. Sabab teu nyangka nyatana bibina teu boga kaéra, wani blak-blakan ngarepkeun dibéré duit. Jadi Firman nanya,
"Bi. Mémangna aya kajadian naon? Saprak asup ka dieu kuring mémang ngarasa rada anéh ningali kaayaan didieu. Sabab anu katempo ku kuring teu saperti anu dicaritakeun ku bapa"
Derekdek Rukmini ahirna nyaritakeun kaayaan di kulawargana,
"kulawarga bibi boga perusahaan dina widang dékorasi interior jeung ékstérior, ngarana Palapa. Nepi ka mamang anjeun keuna ku stroke sataun katukang, Palapa masih aya dina puncak kajayaanna. Ti harita perusahaan mimiti kaleungitan pamorna anu ahirna bangkrut. Tapi kuring can wani ngumumkeun pailit. Sabab masih ngarepkeun bisa jalan deui"
Firman unggeuk bari seuri,
"Kuring percaya, bibi pasti bisa ngawangun deui Palapa" ceuk Firman bari ngarérét ka Unah. Saterusna nanya ka Rukmini,
"Bi. Anjeun moal ngawawuhkeun kuring ka dulur-dulur kuring anu sejen?"
Sabage awéwé, Rukmini nyaho naon anu dipikahayang ku Firman. Sabab ti awal datang Firman katempona resepeun pisan ka Unah. Langsung ngereteg niat dina haté Rukmini hal anu moal kungsi kapikiran ku saurang Nini anu waras. Jadi Rukmini ngawawuhkeun anggota kulawargana.
"Ieu anak kadua kuring, ngarana Karsidi" ceuk Rukmini bari nunjuk ka Karsidi.
Firman unggeuk, tapi teu ngarérék ka Karsidi. Panona terus mencrong ka Unah anu keur tungkul ceurik.
"Anu ieu Dudung, incu kuring" ceuk Rukmini deui.
"Enya, kuring Dudung, incu lalaki hiji-hijina ti kulawarga Wawan Kusumah" ceuk Dudung reueus.
Firman unggeuk, ngarérét sakeudeung ka Dudung terus panona neuteup deui ka Unah.
"Anu ieu minantu kuring isah, anu keur ceurik Unah, incu kuring, lanceukna Dudung" ceuk Rukmini.
Firman ngarénghap reugreug, sabab saacana ngaduga Unah pamajikanna Dudung. Tapi nyatana Unah lanceukna Dudung, jelas Firman bungah. Dimata Firman, Unah lir ibarat widadari, kakara ayeuna Firman nempo wanoja anu sakitu geulisna. Bener ceuk batur, kageulisan mojang Bandung mémang moal aya bandingna. Tapi dasar Firman, sanajan haténa muji bébéakan ka Unah, panona masih ngarérét kénéh ka Isah.
"Indung jeung anak sarua geulisna sanajan béda umur" gerentesna
Sabab kacirina Firman resepeun, tanpa ditanya, Rukmini langsung ngajelaskeun,
"Firman. Umur Unah 24 taun, tapi can boga kabogoh. Lamun anjeun boga anak saumuran, iraha-iraha bawa kadieu, wawuheun ka Unah" ceuk Rukmini, padahal niat sabenerna mah ukur rék ngajelaskeun status Unah, tapi rada disamarkeun sangkan Unah teu nyuriga kana niatna, tapi Rukmini yakin Firman mah bakal ngarti.
Firman padahal geus boga 4 pamajikan anu geus dikawin resmi, jeung masih loba kénéh awéwé-awéwé simpenan séjén anu teu dikawin tapi geus saimah sarta dibiayaan ku dirina. Teu anéh, nempo kageulisan Unah firman ogé langsung bogoh.
"Unah. Anjeun geulis. Kunaon can boga kabogoh?" Ceuk Firman nyéréngéh seuri.
Ditanya kitu ku lalaki kolot saumuran bapana, ceurik Unah beuki tarik. Komo bari disebut teu boga kabogoh. Unah ngarasa can lila diputuskeun ku Ibro, jadi masih nganggap Ibro kabogohna.
"Eh, Naha bet narikan ceurikna. Aya naon geulis?" Ceuk Firman nanya deui cunihin.
Buburu Rukmini ngajelaskeun, sabab bisi Unah némbalan sangeunahna terus nyebut ngaran Ibro. Rukmini sieun Firman kaleungitan minat ka incuna,
"Firman. Unah incu kuring anu paling mikiran Palapa. Ayeuna Palapa rék bangkrut, geus pasti Unah paling sedih. Geus 2 poé manéhna ceurik siga kieu euweuh anu bisa ngupahan. Malah maksa kuring sangkan néangan jelema anu daék mantuan modal keur ngahirupkeun deui Palapa"
Firman langsung pindah diuk ka gigireun Unah, leungeuna nyekelan leungeun Unah,
"Unah, naon anu dibutuhkeun ku anjeun keur Palapa? Usaha kuring keur maju, Saha anu nyaho kuring bisa mantuan nganggeuskeun masalah anjeun"
Rukmini langsung curinghak ngadéngéna. Tapi Unah mah lain atoh, haténa beuki rajét, sabab anu aya dina pikiran Unah mah kumaha carana bisa balik deui ka Ibro. Unah teu paduli kana masalah di Palapa.
Nempo Unah can eureun waé ceurikna, Rukmini nyentak,
"Unah! Kunaon ditanya kawas anu linglung? Buburu tembakan terus nganuhunkeun ka Firman!"
Unah neuteup ka Rukmini,
"Kedah nganuhunkeun naon abdi ni?"
Nyambung...