Karsidi jeung Isah ngarénjag, buburu kaluar ti kamarna, maksudna rék langsung ka lantéi-2. Ngan kakara ogé tepi ka rohangan makan, kaciri Unah tituturubun turun rusuh tina tangga dina kaayaan taranjang bari ngawiwiw ceurik. Dina pipina aya tapak dampal leungeun ngageleng beureum. Unah langsung lumpat ngagabrug ka Isah.
"Aya naon? Anjeun dicabok ku si Firman" Isah nanya.
"Pa, ma. Gagaduhanna teu tiasa gugah, padahal ku abdi tos digulang gapér ku sagala rupi cara, nanging anggér ngulahék. Kang Firman bendu ka abdi, pipi abdi ditampiling" ceuk Unah bari nyegruk ceurik dina dada Isah.
"Naha kunaon?" Ceuk Isah teu ngarti, sabab saméméhna Unah mumuji terus kana kagagahan bpbogaanna Firman.
Unah geus teu maliré deui kana awakna anu masih kénéh taranjang.
"Duka atuh ma, da uplak aplék bari teras-terasan pipis"
Karsidi buburu ngajéwang taplak méja makan pikeun nutupan awak Unah, terus dibawa diuk dina korsi.
"Moal gara-gara umurna geus kolot teuing? Jadi geus waktuna bobogaanna leungit kakuatan" Ceuk Karsidi kerung.
"Sanés pa, tadi énjing gagaduhanna masih gagah. Abdi ogé teu ngartos kunaon ayeuna bet janten lenyéd sapertos balon kempés" témbal Unah.
Karsidi unggut-unggutan mimiti ngarti kunaon anakna ditampiling. Pasti Firman keur keuheul kana bobogaanna anu ahirna murang maring ka anakna. Firman ogé katempo turun bari ukur mamaké kolor jeung kaos sangsang.
Isah jelas langsung muncereng ambek,
"Firman, kunaon anjeun nampiling anak Kuring? Lamun aya masalah. Anjeun bisa ngobrol anu hadé ulah maén tampiling"
"Ulah loba tatanya, saha anu bisa nyupiran? bawa kuring ka rumah sakit" ceuk Firman.
Rukmini anu mémang masih aya di rohangan tamu ogé geus datang sarta geus ngadéngé kabéh obrolan. Jadi buburu nyarita ka karsidi,
"Karsidi! Nunguan naon deui? buru bawa Firman ka rumah sakit!"
Karsidi buburu nyokot konci mobil, terus mawa Firman ka rumah sakit. Sapanjang jalan Firman samutut, haténa ambek ka Udin. Firman karék ngarti naon anu dimaksud ku Udin. Bobogaanna bener-bener geus aduy. Teuing Élmu naon anu geus dipaké ku Udin anu bisa ngajieun bibogaanna jadi teu guna tanpa ngaruksak rupana.
Beuki dipikiran Firman beuki sieun, sieun bobogaanna buruk terus lésot tina tempatna saperti anu diomongkeun ku Udin. Rék jadi naon dirina lamun dina tempat éta geus euweuh nanaon, meureun jadi rata, awéwé lain lalaki lain. Firman bibirigidigan lantaran ngarasa baluas.
Sabab geus peuting, klinik rumah sakit tutup, kapaksa karsidi mawa Firman ka IGD, sarta dilayanan ku dokter jaga,
"Keluhana naon?" Dokter nanya ka Firman.
Saméméh Firman némbalan, Firman mureleng heula ka Karsidi. Karsidi surti, jadi buburu kaluar.
Saenggeus ukur paduduaan jeung dokter, Firman ngajelaskeun,
"Onderdil Kuring ruksak dok" ceuk Firman.
"Onderdil? Maksud anjeun bobogaan anjeun? Éta panyakit andrologis, IGD teu bisa ngubaran. Anjeun kudu datang deui isukan langsung konsultasi ka dokter andrologi, IGD ukur ngalayanan pasién anu bener-bener keur gawat jeung dina kaayaan darurat butuh buburu ditulungan" témbal dokter.
Firman ambek, terus nangtung bari ngagebrag méja,
"Dok, ieu ogé sarua gawat jeung darurat. Sabab kajadianna ngadadak!"
Dokter IGD gogodeg bari seuri,
"Mustahil. Kuring dokter senior di dieu, mangtaun taun tugas di IGD, salila éta can kungsi ngadéngé aya disfungsi anu ngadadak, disfungsi butuh prosés, tina kaayaan normal laun-laun ruksak nepi ka teu bisa digunakeun sama sakali. Euweuh anu ngadadak, komo bari tanpa sabab"
Ngadéngé dokter IGD ngajelaskeun panjang lebar, Firman malah beuki ambek,
"Dok, Kuring datang ménta diubaran, lain hayang ngadéngékeun ceramah anjeun"
Ahirna dokter IGD oge jadi kesel,
"Kuring geus ngomong, IGD lain keur ngubaran panyakit kitu. Lamun anjeun teu tarima sarta terus amuk-amukan didieu. Wéyahna kudu diusir"
Firman geus béakeun cara kumaha ngarayu dokter sangkan daék mariksa sarta ngubaran panyakitna. Bari teu nyapélekeun ka dirina. Ahirna Firman ngalieuk kana komputer dina méja dokter,
"Dok buka website Mutiara Sagara"
"Rék naon?" Dokter kerung.
"Tempo heula" ceuk Firman maksa.
Sabab panasaran, dokter ahirna ngagugu. Saenggeus dibuka, dokter ningali aya foto Firman sabagé Présiden Diréktur. Dokter ngarénjag bari melong Firman anu ukur dikokolor sarta maké kaos singlét hungkul. Dokter teu nyangka nyatana lalaki pendék hareupeunna saurang Présiden Diréktur perusahaan gedé.
Dokter ahirna ngomong leuleuy,
"Pak Firman, kuring teu nyaho anjeun pengusaha suksés. Hampura kuring pa. Coba jelaskeun riwayat kajadiana nepi ka onderdil bapa bisa ruksak ngadadak, sangkan kuring nyaho, ka bagéan mana anjeun kudu dirujuk"
Firman ngarahuh,
"Kuring teu boga riwayat panyakit nanaon, malah tadi isuk-isuk masih normal kénéh, tapi bieu samasakali teu bisa cengkat"
"Sabaraha parah? Bener-bener teu bisa dipaké atawa kumaha?" Dokter kerung.
"Enya, Kuring teu bisa ngarasakeun nanaon, malah klepna ogé geus bocor, ayeuna kuring maké calana jero nepi ka 4 rangkep" ceuk Firman ngajelaskeun.
Dokter IGD colohok, hayang seuri tapi sieun, jadi ditahan,
"Sigana aya karuksakan syaraf, kuring rék ngajieun pengantar ka ahli syaraf. Kumaha?"
"Teu nanaon, burukeun" témbal Firman.
"Sabab klinik tutup, dokter syaraf keur aya di bangsal rawat inap. Tungguan, ku kuring digero heula" ceuk dokter IGD bari langsung nelepon ka bangsal rawat inap.
Kabeneran dokter syaraf anu dimaksud keur aya, nyaéta dokter anu kungsi ngubaran jeung nyaksian Mardi basa cageur tina paraplégia.
Saenggeus dokter ahli syaraf datang, Firman langsung dititah ngagolér dina ranjang pamariksaan sarta langsung dipariksa. Salila mariksa dokter kerung. Sabab dirina ogé kakara manggihan kaanéhan kawas kitu.
Nempo paroman beungeut dokter, Firman tugenah rasa. Baluas sok sieun panyakitna teu bisa diubaran.
"Kumaha kondisina dok?"
Dokter gogodeg bari ngarénghap heula,
"Pa Firman, panyakit anjeun teu bisa dicageurkeun ku alat anu aya di rumah sakit ieu. Syaraf anjeun geus nékrotik, euweuh ubarna"
"Sabaraha parah panyakit kuring?" Firman nanya panasaran.
"Ku metode médis ayeuna. Karuksakan syaraf biasa mémang bisa diubaran lalaunan. Tapi nékrotik teu bisa disambungkeun deui, hartina bobogaan anjeun geus lumpuh total sabab syarafna geus pegat" ceuk dokter syaraf ngajelaskeun.
"Jadi, rumah sakit mana anu bisa ngubaran kuring?" Firman nanya.
"Rék ka nagara mana waé anjeun indit, can aya dokter atawa rumah sakit sadunya anu bisa nyageurkeun nékrotik" témbal dokter.
Beungeut Firman pias, awakna langsung leuleus,
"Kuring loba duit, samilyar cukup moal pikeun ngubaranna?"
"Lain masalah duit pa, sanajan anjeun boga satriliun, mémang can kungsi aya béja panyakit siga kieu bisa dicageurkeun. Sarua jeung umur jelema, lamun geus paéh, nya paéh. Moal aya anu bisa ngahirupkeunna deui" témbal dokter.
Firman ahirna ngangsrodkeun deui calanana terus diuk dina sisi ranjang bari ngageunggeuik ceurik.
Dokter syaraf jeung dokter IGD silih rérét, ngarasa mangwatirkeun kana nasib Firman. Sabagé sasama lalaki, dokter ogé milu ngarasakeun kumaha tekénan batin anu bakal tumiba lamun meunang cocoba siga kitu. Keur naon hirup ogé, lamun salila hirupna ukur bisa nempo pamajikan bari teu bisa dikukumaha.
Dokter syaraf ahirna manggih bongbolongan. Buburu nyampeurkeun ka Firman bari seuri.
"Kuring karék inget, aya hiji jelema anu bisa nyageurkeun panyakit anjeun"
Firman curinghak bari nyusutan cimatana,
"Saha dok? Di rumah sakit mana? Buru sebutkeun ka kuring"
"Tapi jelema ieu lain dokter, jeung lain ti nagara urang" ceuk dokter.
"Timana anjeun nyaho manéhna bisa nyageurkeun nékrosis? Lain bieu anjeun nyebutkeun euweuh dokter atawa rumah sakit sadunya anu bisa nyageurkeunna?" Firman nanya.
Dokter syaraf némbalan,
"Mémang enya teu bisa dicageurkeun. Tapi manéhna bisa, manéhna geus nyageurkeun pasieun kuring anu boga paraplégia, lumpuh total tina beuheung kahandap. Anjeun ukur salahsahiji tina kasus gangguan syaraf parah. Kuring yakin anjeun bisa ogé dicageurkeun ku manéhna"
"Saha? Dimana? Buru béjaan kuring ngaran jeung alamatna" ceuk Firman teu sabar bari buburu ngodok saku kolorna nyokot buku cék terus nulis angka sajuta. Terus cék anu geus ditulisan disoéhkeun langsung dibikeun ka dokter,
"Ieu keur anjeun duaan"
Bari narima cék, dokter seuri,
"Jelemana aya di Bandung, saurang tabib katurunan Pakistan asal Jakarta. Tapi muka prakték di Bandung"
Firman colohok,
"Maksud anjeun tabib Tiandi?"
Dokter unggeuk.
"Anjeun nyaho?"
"Lain saukur nyaho, tapi bapa kuring kungsi jadi pasién manéhna. Oh, jadi ayeuna muka klinik di Bandung?" Firman atoh bari buburu turun tina ranjang terus kaluar langsung ngajak Karsidi.
"Buru bawa kuring ka klinik tabib Tiandi!"
Dina mobil Karsidi néangan heula alamat tabib Tiandi tina HPna. Terus langsung ngabelenyeng ka alamat anu dimaksud. Tepi ka hareupeun klinik, Firman langung turun, sedengkeun Karsidi markirkeun mobilna heula. Ahirna duanana asup ka rohangan tunggu klinik.
Ngan di rohangan tunggu klinik, kaciri saurang lalaki ngora maké kruk keur diusir kaluar ku satpam klinik,
"Tulungan kuring, kuring sanggup mayar 50 juta asal suku kuring diubaran" ceuk si lalaki ngalengis.
Satpam klinik némbalan,
"Pa Junaédi. Tabib Tiandi geus ngajelaskeun, moal bisa ngubaran anjeun sabab anjeun geus nyinggung juragan Udin. Anjeun geus 3 poé datang terus kadieu, poé ieu geus kaopat kalina anjeun datang ngaganggu pelayanan klinik. Ayeuna anjeun malah teu daék balik padahal klinik geus tutup. kapaksa kuring kudu ngalaporkeun anjeun ka pulisi"
Junaédi ngalengis deui bari nahan nyeri,
"Coba anjeun ngomong sakali deui, ieu duit sajuta keur anjeun asal tabib Tiandi daék kaluar ngubaran kuring" bari nyodorkeun duit sajuta ka satpam.
Satpam kapaksa kasar, Junaedi disurungkeun kaluar tepi ka labuh,
"Indit! Ulah datang deui!"
Karsidi ngarénjag nempo Junaédi diusir ku satpam klinik. Karsidi nyaho ti béja yén Junaédi kungsi nyinggung Udin dina acara paméran mobil nepi ka disiksa ripuh ku para pangawalna Qin Gang. Terus dialungkeun ku anak buahna kang Bahar ti lantéi-3 rumahsakit basa mawa dulurna rék ngubaran Mardi nepi ka sukuna potong jeung kudu diamputasi. Tapi Junaédi embungeun kaleungitan sukuna, anu ahirna kabur ti bangsal parawatan. Jadi karsidi nanya,
"Junaedi, aya naon anjeun didieu?"
"Mang Karsidi?" Junaédi reuwas sabab teu nyangka bakal panggih jeung Karsidi ti kulawarga Kusumah.
"Anjeun teu kudu nanya mang, tempo suku kuring potong, malah tulangna nyunghid kaluar. Suku kuring kudu diteukteuk, tapi aya anu ngabéjaan tabib Tiandi jago, matak kueing datang ka dieu. Tapi teu nyangka tabib Tiandi embung ngubaran suku kuring lantaran si Udin"
Karsidi colohok,
"Hah! Gara-gara si Udin tabib Tiandi embung ngubaran anjeun?"
Junaédi unggeuk,
"Kuring teu nyangka tabib Tiandi ogé nyatana bisa kapangaruhan ku si Udin"
Firman anu ngadéngéna langsung leuleus, sabab sarua, panyakitna ogé gara-gara geus nyinggung Udin.
"Kuring teu ngarti, kunaon ayeuna di Bandung jelema-jelema beunghar sarta jelema anu gedé pangaruhna bisa tunduk kabéh ka si Udin" ceuk Karsidi ngarahuh.
Firman nyarita ka Karsidi,
"Kuduna Tiandi moal wani nolak kuring, sabab bapa kuring salila 50 taun uubar terus ka manéhna sawaktu Tiandi masih kénéh prakték di Jakarta. Hubungan kulawarga kuring ka Tiandi leuwih deukeut tibatan si udin"
"Tabib Tiandi, kuring Firman Kusumah, anak Wahyu Kusumah, anjeun inget?" Ceuk Firman cocorowokan di rohangan tunggu anu mémang geus kosong.
Satpam buburu negor,
"Pa ieu geus peuting, lain jam prakték, anjeun kudu balik deui isukan. Ulah cocorowokan kitu"
Firman mureleng ka satpam,
"Kulawarga kuring ka tabib Tiandi geus ngalanggan salila 50 taun, rék jam sabaraha waé kuring datang, tabib Tiandi pasti bakal kaluar lamun nyaho kuring anu datang"
Sabab aya anu cocorowokan, Tiandi anu mémang geus istirahat ngurunyung ti lantéi-2 bari heuay sarta geus maké piyama saré,
"Firman, Aya naon anjeun di Bandung?" Ceuk Tiandi nanya.
Firman buburu némbalan,,
"Lamun dicaritakeun mah panjang, ayeuna kuring butuh ditulungan ku anjeun nyageurkeun panyakit dadakan"
"Sok diuk heula, caritakeun naon anu dikeluhkeun jeung naon sabab musababna" ceuk Tiandi bari diuk dina korsi rohangan tunggu.
Firman ogé ahirna diuk terus nyaritakeun panyakitna sasuai hasil pamariksaan dokter syaraf di rumahsakit.
"Nékrosis?" Tiandi kerung, terus nanya deui,
"Naon panyababna? Sabab mustahil aya jelema ujug-ujug keuna nékrosis bari eweuh gejala ti saméméhna"
"Kuring ogé teu ngarti, dokter rumah sakit ukur nyebutkeun yén ieu gejala neurologis" témbal Firman.
"Kuring teu bisa" ceuk Tiandi gogodeg.
"Tapi, ceuk dokter rumah sakit, anjeun kungsi nyageurkeun paraplégia. Ieu pan sarua lumpuh, naon bédana? Piraku teu bisa" ceuk Firman.
"Kuring ngarti, mémang kuring kungsi nyageurkeun paraplégia, tapi lain ku kamampuan kuring, tapi ku ubar ajaib kueing anu ngan ukur aya hiji-hijina, kuring masih boga satengah tablet deui. Sabenerna eta geus cukup keur ngubaran anjeun" ceuk Tiandi.
Firman bungah kacida ngadéngéna,
"Mana ubarna, 100 juta ku Kuring dibeuli ayeuna kénéh"
Tiandi seuri,
"Firman. Sabab ubarna euweuh deui, sésa ubar éta keur diri kuring sorangan. Kuring geus kolot, sanajan ayeuna katempo jagjag, tapi babari kaserang panyakit. Kuring hayang bisa babakti ngubaran jelema di Bandung leuwih lila. Jadi dimana kuring gering, kuring kudu cageur deui. Anjeun kudu bisa ngamaklum"
Firman langsung deku,
"Kulawarga kuring geus 50 taun jadi langganan anjeun. Piraku ayeuna kuring gering anjeun embung nulungan?"
Tiandi ngahuleng ngarasa bimbang. Sanajan dirina butuh ku ubar ti Udin, tapi lantaran nalurina sabagé saurang tabib anu kudu nulungan batur, komo deui ayeuna anu butuh Firman anak Wahyu Kusumah anu geus jadi langgananna salila 50 taun. Daék teu daék ahirna Tiandi pasrah,
"Hayu ka rohangan prakték, kuring rék mikeun ubarna ka anjeun"
Firman atoh pisan sarta nganuhunkeun terus nuturkeun Tiandi asup ka rohangan praktékna.
Karék ogé tiandi rék ngaluarkeun ubarna, Zofia datang bari ngarérét ceuceub ka firman. Terus Zofia ngaharéwos ka Tiandi anu keur diuk pahareup-hareup jeung Firman.
Lantaran dirérét ku Zofia, daék teu daék Firman ngarasa ngaruy nempo kageulisan Zofia anu anyar panggih. Firman mencrong bari kumétap kana bujur Zofia anu posisina keur rada nonggéng sabab keur ngaharéwos ka Tiandi. Matana terus mencrong ngarérétan awak Zofia ti luhur tepi ka handap, utamana lebah bujur jeung dada Zofia. Panon firman nepi ka peureum sabab kaambeu awak Zofia anu seger, seungit ramuan ubar.
Saenggeus ngadéngé anu diharewoskeun ku Zofia, Tiandi ngagebeg. Buburu ngagusur Zofia ka rohangan séjén. Terus nanya,
"Maksud anjeun si Firman geus nyinggung guru Udin?"
Zofia unggeuk,
"Muhun Ki, Firman parantos ngahina ibu icih. Sanés mung ngahina, Firman ogé ngagoda ibu Icih supados keresa ngiring ka anjeunna bari di bibita ku artos 100 juta"
Tiandi ngagedur nafsu, ambek pisan ngadéngéna,
"Musuh guru Udin sarua jeung musuh aing!" Pokna bari kekerot ngagedig deui ka rohangan prakték.
Tiandi langsung diuk sarta nanya teugeug ka Firman,
"Poe ieu, anjeung geus nyinggung jelema anu ngarana Udin Subrata?"
Firman unggeuk, bari seuri,
"Oh, tabib ogé nyaho? Enya, si Udin geus ngawiwirang kuring. Tapi anjeun teu kudu hariwang, kuring bakal bisa ngabales, iraha-iraha si udin pasti bakal dipaéhan sarta pamajikanna kudu jadi pamajikan kuring"
Tiandi langsung nangtung bari ngagebrag méja,
"Kaluar ayeuna kénéh!"
"Tabib, anjeun kunaon?" Firman colohok.
"Montong nanya kunaon, kaluar!" Ceuk Tiandi ambek.
"Naon salah Kuring?" Ceuk Firman bingung.
Tiandi bener-bener ambek,
"Anjeun geus ngaganggu maung saré, anjeun ngahina pa Udin jeung pamajikanna sarua waé jeung nyabok beungeut kuring. Ulah wani-wani datang deui kadieu. Kaluar!"
Firman colohok,
"Maung saré? Maung saré naon? Ukur lalaki pangangguran anu ngagawékeun pamajikanna pikeun nganafkahan dirina, anu kitu disebut maung saré? Kuring datang ka Bandung dipihormat ku kulawarga Wawan Kusumah, malah dibéré incuna keur ngabaturan kuring saré. Tapi naha ku anu séjén kuring dianggap runtah, kaasup ku anjeun. Aya naon sabenerna?"
"Bangsat! Lain ngarumasakeun salah tapi malah beuki ngahina pa Udin, kaluar!" Tiandi nyorowok bari malédogkeun stémpel klinik kana sirah Firman
Firman teu sempet ngagiwar, stémpel ngabeletak kana tarangna, Harita kénéh tarangna langsung menyendol sagedé Endog.
Nyambung...