WebNovelAING UDIN86.59%

Firman jeung Junaédi sakongkol

Firman nangtung bari molotot,

"Nasib anjeun bakal sarua jeung si Udin, ulah tenang hirup. Anjeun kudu paéh sarta incu anjeun kudu daék jadi pamajikan kuring" ceuk Firman bari ngangkat korsi terus diheumbatkeun kana sirah Tiandi.

Sanajan geus kolot, Tiandi ogé kungsi diajar silat. Komo deui ayeuna kondisi awakna geus jagjag saprak diubaran ku Udin. Firman anu pendék jaba gendut lain lawanna. Tiandi ngagiwar, korsi ukur ngababuk angin.

Lantaran teu keuna, Firman ngaheumbatkeun deui korsina.

"Bikeun ubarna ka aing!"

Tapi dadana ngadadak eungap sabab suku Zofia geus leuwih tiheula asup ngahantem dadana bari ngarebut korsi tina leungeunna. Awak Firman ngajoprak nangkarak bengkang.

Zofia ngaléngkah bari ngejejekeun sukuna kana beuheung Firman.

"Mantog!" Ceuk Zofia bari nunjuk kaluar.

Satpam anu ngadéngé aya riributan di rohangan prakték buburu asup sarta ngagusur Firman langsung dibalangkeun kaluar. Nempo Firman digusur sukuna kaluar sarta dialungkeun ku satpam. Karsidi ogé sieun, buburu lumpat nyusul kaluar.

"Inget omongan aing bieu Tiandi! sia bakal paéh, incu sia bakal dipaksa ngalayanan bobogaan aing!" Ceuk Firman bari ugal-ugil nangtung dibantuan ku Karsidi.

Zofia rék ngudag kaluar, tapi ditahan ku Tiandi.

Karsidi anu mémang teu nyaho masalahna nanya,

"Aya naon Firman, Aya kajadian naon di rohangan prakték?"

"Gara-gara si Udin, si Tiandi mumul ngubaran aing" ceuk Firman.

Karsidi colohok,

"Udin deui Udin deui" gerentesna.

"Si Udin jeung Tiandi. Duanana kudu modar dina leungeun aing, duanana kudu masrahkeun awéwéna ka aing" ceuk Firman kukulutus.

Karsidi kasinggung,

"Terus kumaha anak kuring si Unah?"

"Béda deui, si Unah tetep pamajikan utama kuring" ceuk Firman muncereng ka Karsidi.

Karsidi ahirna ngarasa reugreug,

"Firman. Anjeun bener, si Udin kudu buburu dipaéhan. Lamun si Udin paéh, anjeun jeung si Unah bisa cicing di villa Bougenville, éta kuduna villa milik Unah anu geus dirampog ku si Udin"

Firman ngarasa dihina ku Tiandi, geus sidik ubarna aya dimanéhna, tapi teu daék mikeun. Malah Firman diusir ku cara teu sopan. Kapaksa peuting ieu Firman moal bisa ngasaan deui ngeunahna palayanan Unah. Isukan Firman boga niat rék neleponan sababaraha paguron, sarta rék nyéwa sababaraha ahli silat pikeun maéhan Udin.

Karsidi inget isukan bakal ngajak Isah néangan Imah téa, jadi daék teu daék kudu nanya ka firman,

"Firman, peuting ieu Unah can bisa ngalayanan anjeun. Anjeun masih rék méré duit?"

Firman mureleng ka Karsidi,

"Salila panyakit kuring can cageur, kabéh disetop heula. Isukan si Unah kudu maturan kuring manggihan babaturan anu boga pabrik farmasi. Susuganan manéhna bisa nyadiakeun ubar keur panyakit kuring"

"Alus! Salila masih aya jalan, tetep ubaran kumaha waé carana" témbal Karsidi.

"Ayeuna balik, tapi nyimpang heula ka apoték. Pangmeulimeun kuring ubar kuat, rék dicobaan ku ubar kuat heula keur peuting ieu" ceuk firman bari buburu naék kana mobil.

Karsidi ukur unggeuk. Terus naék ogé kana mobil. Di jalan, Karsidi markirkeun heula mobilna di hareupeun apoték 24 jam, sabab Firman ukur dikokolor, jadi Karsidi anu turun meuli ubarna. Sanajan éra ngomongna, ahirna meunang ogé ubar mangrupa jamu tinyuh jeung tisu mégic.

"Hayu burukeun gas mobilna sangkan gancang tepi ka imah. Bejaan Unah sangkan ngalayanan kuring peuting ieu" ceuk Firman bari narima kerésék ubar ti Karsidi.

Karsidi ukur gogodeg pasrah. Sabagé bapana Unah, diparéntah ku Firman meuli ubar kuat keur dipraktékkeun ka anakna. Bari anu nitah saumuran jeung dirina jeung can sah jadi salaki. Sanajan hayang nyabok Firman, tapi Karsidi neger-neger manéh, kapaksa nurut sabab keur butuh duit keur meuli imah.

Di villa Kusumah, harita Unah geus balik ka kamarna. Geus dibaju sarta geus teu ceurik deui sanajan tapak cabokan leungeun Firman dina pipina can leungit. Unah keur dipatahkan ku Isah cara ngalayanan lalaki sangkan bobogaanna gancang hudang, bari ditémbongan sababaraha vidéo déwasa tina ponsélna. Unah unggut-unggutan ngadéngé pangajaran ti indungna.

Teu lila kadéngé mobil eureun.

"Tuh, sigana Firman balik, Ema turun heula, manéh tungguan didieu, inget pesen Ema, layanan Firman sing bener. Ulah poho ménta deui duit"

Tiandi masih ambek, dua jelema geus datang lain dina jam prakték bari duanana mawa masalah anu sarua, hayang dicageurkeun saenggeus boga urusan jeung Udin.

Junaédi mah leuheung, Tiandi bisa langsung nolak sabab nyaksian kajadianna di rumah sakit. Tapi ku Firman, ampir Tiandi mikeun ubarna lamun teu dibéjaan ku Zofia. Saupama ubar kaburu kabikeun ka Firman sarta panyakit Firman cageur, tada teuing Udin bakal ambek ka dirina.

"Untung anjeun datang sarta buburu ngabéjaan aki, lamun henteu, ubar ajaib pa Udin anu ngan ukur satengah pasti geus diteureuy ku si bebengok Firman" ceuk Tiandi ka Zofia.

"Abdi ningal dina sosméd, aya anu posting vidéo riributan di pertemuan Ikatan Pengusaha Jawa Barat. Firman mémang diicalkeun kamampuan kalalakianna ku guru" témbal Zofia.

Tiandi unggeuk,

"Aki ogé rada anéh urat syaraf bisa dipegatkeun tanpa aya karuksakan diluar. Ukur guru anu bisa ngalakukeunna. Hanjakalna ku aki tadi teu kapikiran"

"Saha waé anu parantos nyinggung guru, hukuman naon waé ogé pasti pantes. Margi guru saupami masihan hukuman tara sagawayah, pasti satimpal sareng kalepatanna" témbal Zofia.

Tiandi kaciri bingung,

"Naon anu kudu di lakukeun ku aki ayeuna? aki sieun guru ambek"

"Aki Kedah nelepon kulawarga Wahyu Kusumah di Banjar. Carioskeun terus terang yén Firman didieu ngadamel masalah ageung" ceuk Zofia.

Tiandi unggeuk, buburu nyokot ponsélna anu ngagolér dina méja. Tiandi rék nelepon Bihaéni Kusumah, indungna Firman. Taun kamari, Bihaéni anu umurna 83 taun keur sakarat, Tiandi anu ngubaran. Sanajan jauh ti Jakarta kudu ka Banjar, tetep ku Tiandi dijugjug, sarta kudu cicing saminggu di Banjar pikeun narékahan panyakitna, anu ahirna cageur.

Saenggeus telepon nyambung, tiandi nyarita,

"Bihaéni, kuring Tiandi"

"Tiandi, syukur anjeun nelepon. Tadina kuring anu rék ngabéjaan yén bulan hareup kuring ulang taun anu ka 84, anjeun boga waktu datang ka Banjar?"

Tiandi ngarahuh, terus nyarita deui,

"Bihaéni. Kuring geus 50 taun ngubaran kulawarga anjeun, ti mimiti kolot anjeun, mitoha anjeun nepi ka salaki anjeun sawaktu masih hirup. Taun kamari nyawa anjeun ogé disalametkeun ku kuring. Malah kuring geus nganggap kulawarga anjeun saperti kulawarga kuring sorangan. Tapi poé ieu kuring ngarasa kuciwa sarta ngarasa dikhianatan. Kapaksa mimiti poé ieu jeung saterusna kuring moal bisa ngalayanan kulawarga anjeun deui"

Bihaéni ngarénjag,

"Tiandi. Aya naon? Kunaon maké rék megatkeun babarayaan?"

Tiandi ngarahuh deui,

"Sabab kolot anjeun bageur tibaheula, kuring ogé geus mulangtarima ku ngubaran kabéh kulawarga anjeun tanpa ngarepkeun imbalan nanaon. Sanajan jauh tetep dijugjug tanpa loba ngeluh"

"Enya, terus naon masalahna? Naha kuring ngalakukeun kasalahan? Sok nyarita, ulah asa-asa" ceuk Bihaéni.

"Lain anjeun anu salah, tapi Firman, anak anjeun" témbal Tiandi.

"Firman? Firman ngajieun masalah ka anjeun? Tapi si Firman ayeuna keur di Bandung, lain di Jakarta" ceuk Bihaéni colohok.

Tiandi ngajelaskeun,

"Kuring muka klinik di Bandung, sarta geus netep di Bandung sangkan bisa leuwih deukeut ka guru kuring. Firman mémang teu ngajieun masalah ka kuring sacara langsung. Tapi geus ngahina guru kuring. Jadi hampura kuring. Kuring teu bisa narima perlakuan siga kieu"

Sajongjongan euweuh jawaban deui ti Bihaéni. Tapi kadéngé Bihaeni ceurik. Teu lila Bihaéni nyarita deui,

"Tiandi. Kalakuan Firman ulah diasupkeun kana haté. Ayeuna kénéh ku kuring rek di tegor sangkan datang ka anjeun ménta dihampura"

"Bihaeni, teu perlu. Lamun kuring anu dihina, kuring masih bisa ngahampura. Tapi anu dihina ku Firman guru kuring, anu geus ngajarkeun loba Élmu ka kuring. Kuring teu tarima" ceuk Tiandi bari langsung nutup teleponna.

"Zofia, konci panto terus saré" ceuk Tiandi bari mareuman HP sangkan Bihaéni teu nelepon balik.

Tepi ka villa Kusumah Firman langsung ménta cai haneut sagelas jeung sendok keur ninyuh jamu. Terus diuyup bari disaksikan ku Rukmini, Isah jeung Karsidi.

Rukmini kerung nempo gambar awéwé ngadéngkak dina bungkus jamu.

"Ieu jamu keur ngubaran tarang anjeun anu bénjol?" Rukmini nanya panasaran bari nempo tarang Firman anu bénjol urut dibalédog ku Tiandi.

Firman ukur ngarérét keuheul, tapi teu némbalan. Sedengkeun Isah anu nyaho, ngélémés éra terus asup ka kamarna. Karsidi mah ngadayagdag nyarandé dina korsi sabab ngarasa capé geus ngaganteur Firman.

Dina jero haté, kabéh kulawarga Kusumah boga harepan anu sarua. Kudu ngabantu Firman sangkan bisa cageur deui. Sabab lamun panyakitna katutuluyan. Tong boro uang jajan keur Unah, invéstasina anu 700 juta deui ogé can karuhan bisa kaluar. Kabéh kasieunan Firman balik ka Banjar tanpa ningalkeun nanaon deui.

Ayeuna karék 100 juta anu katarima ku Palapa, éta ukur cukup keur mayaran bunga tagihan hutang ka bank jeung gajih karyawan hungkul. Jauh kénéh lamun hayang bener-bener ngangkat Palapa ka puncakna saperti jaman Wawan Kusumah masih mimpin.

Firman buburu pamitan terus naék ka lantéi dua. Terus noong heula ka kamar Unah,

"Unah, ka kamar akang ayeuna" ceuk Firman ka Unah anu harita mémang keur nungguan.

"Mangga Sayang, kumaha parantos dilandongan?" Témbal Unah bari cengkat terus nyusul Firman ka kamarna.

Firman langsung nangkarak dina ranjang muka kolorna bari nitah Unah ngagunakeun sagala pangartina pikeun mantuan ngahudangkeun si jagurna. Tapi sanajan sagala rupa cara geus dibudalkeun kabéh ku Unah, ditambahan ku pangarti anyar anu diwarahkeun ku Isah jeung nempo tutorialna tina vidéo. Si jagur milik Firman masih kénéh ngulahék tibra.

Sajam euweuh hasil, firman turun pikeun ninyuh jamu deui. Malah disakalikeun 2 bungkus. Tapi angger euweuh hasilna. Firman ahirna ceurik ngagukguk kanyenyerian, ngarasa nalangsa ku nasibna. Tapi sanajan Firman ceurik, Unah masih kénéh ngotélan si jagur sangkan hudang. Ahirna bakat ku keuheul, Unah anu keur anteng ngoprék si jagur. Dijejek ku Firman nepi ka nyuksruk ragrag tina ranjang,

"Kaluar! Aing teu butuh ku sia!" Ceuk Firman nyorowok.

Unah sieun Firman katutuluyan ambek, sanajan sirahna tidagor kana karpét jeung bujurna nyeri lantaran dijejek. Unah nérékél deui kana ranjang,

"Sayang, ulah bendu atuh, abdi masih aya cara"

"Ceuk aing kaluar!" Firman ngajejek deui taktak Unah nepi ka ngajéngkang nangkarak, terus dibalédog ku bantal.

Unah teu wani ngadeukeutan deui, buburu cengkat terus lumpat ka kamarna. Firman terus ngageungeuik ceurik. Fikirana dibungkus ku rasa nalangsa jeung kabingung. Saurang lalaki suksés anu keur aya dina puncakna, ayeuna kudu nandangan kasedih anu taya papadana. Harta loba ogé euweuh gunana ari kudu kaleungitan kalalakianna mah.

Keur ngalamunkeun nasibna bari ceurik, ponsélna disada sabab aya telepon ti indungna, Bihaéni. Buburu ku Firman ditarima,

"Aya naon ma? Kunaon wayah kieu can saré? Ieu geus tengah peuting"

"Dasar anak doraka! Sia rék maéhan aing?" Ceuk Bihaéni ambek.

"Ma, aya naon ujug-ujug nyarékan kuring?" Témbal Firman bingung.

Bihaéni nyorowok,

"Koplok siah pura-pura teu ngarti. Kunaon sia nyieun masalah jeung Tiandi? Tiandi geus moal datang deui pikeun ngubaran kulawarga urang"

Firman ngarénjag ngadéngéna. Lantaran urusanna jeung Udin, Tiandi lain ngan ukur teu daék ngubaran dirina, tapi nelepon indungna ogé, embung ngubaran deui kulawargana.

"Si Tiandi bener-bener geus kapangaruhan ku si Udin" ceuk Firman ngagerentes bari huntuna kekerot.

Terus Firman nyarita,

"Ma, naon maké kudu mikiran si Tiandi. Loba kénéh tabib jeung dokter séjén anu bisa ngarawat kulawarga urang"

Bihaéni muncereng,

"Dasar anak kacingcalang! Pokona Ema teu hayang nyaho, manéh kudu ménta dihampura sarta kudu bisa mawa Tiandi ngahadiran ulang taun Ema anu ka 84 bulan hareup. Lamun henteu, aing moal ngahampura manéh!"

Firman bisa ngamaklum kana kahayang indungna, sabab taun kamari nyawana kungsi disalametkeun ku Tiandi. Firman hayang ngajelaskeun masalahna sarta hayang ngobrolkeun panyakitna. Tapi Bihaéni teu méré kasempetan Firman ngajelaskeun nanaon sabab teleponna langsung ditutup.

Firman ngoréjat hudang, terus ngamuk sagala dibanting-bantingkeun nepi ka kamar jadi acak-acakan. Terus nyokot telepon rék nelepon Tiandi, tapi telepon Tiandi dipareuman. Ahirna buburu dibaju sarta kaluar, indit sorangan ka klinikna Tiandi.

Tepi ka klinik, klinik geus tutup, sanajan digedoran angger euweuh anu muka. Ahirna Firman balik deui ngadeukeutan mobilna. Bari nyarandé dina mobil Firman ngahuleng, teu lila Firman nempo 2 lalaki keur keketeyepan ngadeukeutan klinik. Anu saurang leumpangna ingkud-ingkudan maké kruk, jelas éta Junaédi anu tadi panggih di klinik keur diusir satpam.

Firman buburu nyalingker ka tukangeun mobil terus ngintip. Lalaki anu maturan Junaédi saumuran jeung Firman. Dina leungeuna ngajingjing jarigén sarta corong anu geus dipanjangan ku selang. Katempona maranéhna rék ngaduruk klinik Tiandi.

Saprak di usir ku satpam ti klinik. Junaédi langsung balik sarta bébéja ka bapana anu ngarana Jujun. Ngarasa watir ku nasib anakna, ahirna Jujun boga ideu pikeun ngaduruk tempat praktékna Tiandi. Saenggeus ngaduruk klinik, duanana rék nyulik Icih atawa Lastri pikeun dijadikeun Sandera. Sangkan Udin datang néangan, tuluy Udin rék dipaéhan ku duaan.

"Pa, kira-kira si Tiandi saré di klinik teu?" Ceuk Junaédi nanya ka Jujun.

"Har! Nyao. Lamun saré didieu nya alus, bisa langsung modar kabeuleum" témbal Jujun.

"Pa, kumaha cara ngucurkeun bénsinna sangkan bisa asup kajero" Junaédi nanya deui.

Jujun teu némbalan, tapi nunda jarigén anu dijingjingna. Terus rurat-rérét saolah aya anu di téangan. Ahirna Jujun nyokot bangku kai ti kios roko anu geus tutup. Bangku disimpen dina handapeun blower AC, terus Jujun nété kana bangku sarta ngabedol pipa AC anu nyambung ka jero. Tina urut liang pipa AC selang anu geus nyambung kana corong diasupkeun.

"Dieukeun jarigéna" ceuk Jujun ka Junaédi.

Junaédi mikeun jarigén ka bapana,

"Duruk pa, sina malodar duanana. Beres ieu urang podaran si Udin" ceuk Junaédi ka Jujun.

Jujun nékad rék ngaduruk klinik Tiandi, sanajan posisi klinik Tiandi aya di jajaran ruko-ruko padet di jalan utama. Jujun teu paduli ku bahayana anu bakal ngarémbét ka ruko-ruko séjén. Saha bapana anu bakal cicing nempo anakna dijieun cacad bari euweuh anu daék ngubaran. Komo deui Junaédi anak lalaki hiji-hijina anu diogo ti bubudak.

Malah basa Junaédi masih sakola SD. Jujun ogé kungsi motongkeun leungeun guru ukur ku gara-gara dampal leungeun Junaédi digebugan ku jidar alatan kukunya paranjang. Harita Jujun kudu dibui 3 bulan.

Waktu Junaédi SMP ogé sarua, Jujun kungsi neunggeulan babaturan Junaédi nepi ka koma sarta dibawa ka rumah sakit alatan buuk Junaédi ditundaan peremen karét anu ahirna buukna kudu digundulan. Ku kajadian éta ogé Jujun kudu ngalaman dibui deui salila 3 bulan.

Jadi lain sakali dua kali Jujun nyilakakeun batur akibat nyaah teuing ka anak, tanpa naliti deui kasalahana aya disaha. Wajar lamun kalakuan Junaédi teu robah-robah, sabab aya andelan bapana anu pastina bakal ngabéla. Réngsé maéhan Tiandi, Jujun boga niat rek males kanyeri anakna ka Udin.

Firman anu keur ngintip, ngadéngé kabéh obrolan sarta niat bapa jeung anak. Buburu Firman nyampeurkeun,

"Dasar jelema barodo!" Ceuk Firman.

Jujun jeung Junaédi ngarénjag bari bareng ngalieuk ka Firman. Maranéhna teu nyangka kalakuanna bakal aya anu nempokeun.

Nepo Firman, Junaédi kerung.

"Anjeun anu datang jeung mang Karsidi tadi pan? Rék ngabéla si Tiandi?"

Firman gogodeg,

"Moal, kuring teu paduli ku hirup jeung paéhna Tiandi. Tapi aranjeun bodo, sabab ubar ajaib anu bisa nyageurkeun suku anjeun jeung panyakit kuring aya dijero. Lamun klinik diduruk, anjeun moal cageur, kuring ogé sarua"

Junaedi karék sadar, buburu unggeuk bari ngarebut jarigén anu geus dibikeun ka Jujun, terus ditunda dihandap. Jujun ogé ahirna turun tina bangku. Tiluanana mémang nyaho, Tiandi boga ubar ajaib anu bisa ngubaran paraplégia, teu mustahil ubar éta bisa ogé dipaké keur ngubaran suku anu potong jeung ruksakna kalalakian Firman.

"Ulah diduruk klinikna, leuwih hadé urang rampog. Podaran jelemana, téangan ubarna, terus bagi dua jeung kuring" ceuk Firman méré ideu.

"Naha anjeun bet méré ideu kitu? Anjeun ogé sarua butuh ubarna?" Jujun nanya ka Firman.

"Lain ukur butuh ubar, kuring ogé hayang modaran si Tiandi. Tapi lain ku cara ngaduruk" témbal Firman.

"Lamun kitu, tujuan urang sarua. Kumaha lamun babarengan. Tapi ulah ayeuna sabab sakeudeung deui subuh" ceuk Junaédi.

"Oké, isukan. Kadieukeun nomer kontak anjeun sangkan bisa ngabadamikeun rencanana kalawan leuwih rapih" ceuk Firman bari ngaluarkeun ponsélna.

Jujun jeung Junaédi teu nyahoeun Tiandi ukur boga ubar satengah tablét deui. Tapi Firman nyaho. Ngan kusabab Firman teu wani gagabah, jadi rék ngamanfaatkeun kawani Jujun jeung Junaédi pikeun maéhan Tiandi, Firman mah ukur butuh ubarna hungkul.

Nyambung...