Jujun jeung Junaédi atoh boga batur sanasib saperjuangan. Teu nyuriga kana niat Firman. Saenggeus sasalaman, tiluanana bubar baralik ka imahna séwang-séwangan.
Tepi ka villa Kulawarga Kusumah, Firman buburu ngagodog mié instan, terus caina dituuskeun. Mié dibuleud-buleud sagedé tai domba sarta dianclomkeun kana cet terus dipoé, jadi mirip ubar ajaib anu katempo ku dirina dina leungeun Tiandi tadi basa teu jadi dibikeun téa. Maksudna, dimana ubar aslina geus beunang, ubar bakal buburu diinum. Sedengkeun ubar paksu jieunanna ieu bakal pura-pura dibagi dua jeung Junaédi.
Sedengkeun di imah Jujun. Junaédi jeung Jujun keur dariuk,
"Pa, kumaha saupama rencanana di oper, isukan beurang maéhan heula si Udin, peutingna kakara maéhan si Tiandi bareng jeung si Firman?" Ceuk Junaédi.
"Satuju" témbal Jujun tanpa mikir panjang.
Saperti biasa isuk kénéh Udin karék balik ti rumah sakit geus maturan Mardi bari dina karanjang sapédahna aya rantang kosong satiir jeung sakérésék seuseuheun urut baju Mardi.
Sedengkeun Lastri geus ginding kaluar ti imah sabab geus aya jangji rék judi di villa babaturanna. Kagiatan Lastri mémang sapopoéna judi jeung judi teu bisa dicarék, daék cicing di imah sotéh lamun duit geus béak. Sabab boga modal gedé anu 1,6 juta téa, jadi geus sababaraha poé tara aya di imah. Balik téh ukur mandi jeung salin baju hungkul, terus indit deui.
Dina taxi, Lastri ditelepon ku Junaédi.
"Jun, aya naon nelepon bibi?" Lastri nanya.
Junaédi mémang geus akrab pisan jeung Lastri, sabab salian ka Iyus jeung ka Frédi. Lastri ogé kungsi rék ngajodokeun Junaédi ka Icih. Sanajan teu laksana tapi hubungan duanana teu putus. Malah lamun teu boga duit keur modal judi, Lastri wani nginjeum ka Junaédi.
3 lalaki anu dimaksud kabéh kungsi jadi korban Udin, usaha Iyus dirungkadkeun maké pangaruh Susi. Frédi jeung Junaédi ruksak ku anak buah kang Bahar. Wajar lamun Lastri ngarasa prihatin ku cacadna suku Junaédi.
"Bi, basa mang Mardi dirawat, kuring sabenerna sarua dibohongan ku Joni. Jadi bibi ulah ngéwa ka kuring" ceuk Junaédi.
"Teu nanaon Jun, Justru bibi anu ngarasa salah, teu bisa ngabela anjeun anu ahirna anjeun kudu ngalaman potong suku" témbal Lastri.
"Bibi teu salah, kuring bisa ngamaklum, kabéh sabenerna kasalahan si Joni. Jadi maksud kuring nelepon, kuring hayang neraktir bibi, sakalian hayang méré duit ka bibi. Keur ngubaran kaéra kuring ka bibi" ceuk Junaédi deui.
Ngadéngé rék dibéré duit, Lastri langsung curinghak.
"Pan ceuk bibi, anjeun jeung si Joni teu salah. Aranjeun duaan ukur korban. Anu salah mah minantu bibi. Si Udin anu geus ngajieun situasi anu ngajadikeun anjeun jeung si Joni ahirna katempuhan. Mémangna bibi rék ditraktir dimana? Iraha? Terus rék méré duit sabaraha?"
"Pokonamah jutaan bi, kabeneran kuring meunang rejeki gedé, hayang kaasaan ku bibi" ceuk Junaédi.
Ngadéngé rék dibéré jutaan, biwir Lastri calawak atoh.
"Buru béjaan bibi, dimana panggihna? Jam sabaraha? Jadi bibi moal dahar heula saméméhna" ceuk Lastri teu sabar.
"Di réstoran seafood Selera Laut, jam 12, ku kuring ditungguan di parkiran. Datang sorangan nya bi, ulah mawa sasaha. Sabab kuring sakalian rék méré duit téa. Éta saupama aya anu nyahoeun" témbal Junaédi.
"Sip, bibi pasti datang tepat waktu" témbal Lastri atoh bari buburu nutup teleponna terus sura-seuri sorangan.
Sabab kajongjonan maén judi, Lastri teu sadar lamun waktu anu geus ditangtukeun jeung Junaédi kaliwat sajam. Jadi Lastri buburu pesen taxi ngajugjug ka Selera Laut, Lastri kaciri sumanget pisan. Salian ti beuteungna anu mémang geus lapar waktuna dahar beurang, ditambah bayangan duit jutaan anu bakal ditarimana ti Junaédi.
Jam 13:30 Lastri geus tepi, terus turun tina taxi sarta lumpat ka parkiran néangan Junaédi. Junaédi nempo Lastri geus datang buburu kaluar tina Mercedes Benz hideung.
"Naha lami bi?" Junaédi nanya.
Junaédi kaciri gagah maké kaméja leungeun panjang rapih, ngan hanjakal sukuna pincang jeung maké kruk. Dua bitisna dibeulit ku perban kandel.
"Bibi nyimpang heula ka rumah sakit nempo salaki, jadi hampura telat" ceuk Lastri ngabohong, padahal iraha teuing Lastri kungsi nempo Mardi saprak sadar tina komana.
Lastri ngarérét kana Mercedes Benz hideung Junaédi,
"Éta mobil anyar deui?"
Junaédi unggeuk,
"Enya Bi, S500, hargana ukur 3 milyar. Bibi kabita? Mobil mang Mardi geus ruksak katabrak, sabenerna kuring meuli mobil ieu keur bibi, ieu koncina, tarima bi" ceuk Junedi bari mikeun konci Mercedes Benz ka Lastri.
Lastri colohok sabab teu ngabayangkeun ti saméméhna bakal dibéré mobil ogé. Jadi tanpa mikir panjang, konci langsung dicokot tina leungeun Junaédi,
"Anjeun bener-bener ngarti kana kahayang bibi. Nuhun pisan Jun. Bibi mémang kungsi ménta mobil ka si Udin, tapi teu méré. Ayeuna kabeneran dibéré ku anjeun. Ngan ari duitna kumaha?"
Junaédi seuri pait, sabab teu nyangka geus dibéré mobil milyaran, Lastri masih mikiran kénéh duit anu jutaan,
"Aya dina jero mobil bi, dina amplop coklat dina laci dashboar, lengkep jeung susuratan mobilna"
"Hayu urang bari dahar bi, didieu mah panas, jaba kuring geus lapar" ceuk Junaédi bari ingkud-ingkudan leumpang tiheula ka rumah makan.
Lastri nuturkeun bari ngasupkeun konci Mercedes kana tasna. Terus sura seuri sorangan sabab haténa bungah kacida. Bisa balik bari mawa mobil weuteuh, duit loba jeung beuteung wareg.
Duanana diuk nyinghareupan méja kosong terus mesen sababaraha porsi seafood sasuai jeung salera séwang-séwangan. Terus dalahar bari uplek ngobrol kawas indung jeung anak anu lila teu panggih
"Bi, sakali deui kuring ménta dihampura sabab geus mawa si Joni ka rumah sakit" ceuk Junaédi bari nyocogan cumi bakar anu geus di keureutan ku garpuh terus dihuapkeun sakeureut-sakeureut.
"Geus disebutkeun ku bibi, anjeun jeung si Joni ukur korban. Anu jelas salah mah si Udin. Jadi teu perlu ngarasa salah jeung teu perlu ménta dihampura" témbal Lastri bari ngosom sabab biwirna pinuh ku kerapu bakar.
Junaédi unggeuk, terus nanya,
"Bi, dina kaayaan kuring anu geus cacad kieu, bibi masih daék ngolo Icih sangkan satuju kawin ka kuring teu?"
Lastri seuri,
"Bibi geus nganggap anjeun minantu, tangtu masih ngarepkeun sanajan ayeuna tanpa daksa ogé. Ampir dina tiap kasempetan bibi pasti ngomong ka Icih sangkan buburu nyeréikeun si Udin"
Junaédi ngeluk sedih,
"Tapi saprak kajadian di rumah sakit, kuring jadi leutik haté bi. Pasti Icih beuki ngéwa ka kuring"
Lastri gogodeg,
"Lamun anjeun boga tempat, bibi bisa ngatur sangkan anjeun bisa panggih jeung Icih. Anjeun bisa ménta dihampura sacara langsung sarta siapkeun hadiah anu hadé. Kabéh awéwé pasti bakal léah haténa lamun geus ditémbongan hadiah. Komo deui Icih anak bibi, bibi nyaho kana sifatna"
Junaédi unggeuk bari seuri,
"Kuring bungah ngadéngéna bi. Kabeneran kulawarga kuring boga bungalow di suku gunung manglayang. Peuting ieu kuring bakal aya di ditu. Kuring rék ngatur makan malam anu romantis pikeun paduduaan jeung Icih. Sarta rék nyiapkeun sasét perhiasan berlian. Pangmawakeun Icih ku bibi, kuring rék ménta dihampura sarta rék nganyatakeun yén kuring bener-bener cinta. Bibi bisa nulungan kuring?"
"Junaédi. Anjeun bener-bener perhatian ka anak bibi, tangtu waé bisa. Bibi kudu buburu ngabéjaan Icih" témbal Lastri bari ngaluarkeun ponsélna rek nelepon.
Ngan Junaedi nyarék,
"Ulah bi. Sangkan jadi kejutan keur icih jadi kudu dirusiahkeun ka sasaha. Sabab Icih pasti curiga kana maksud kuring saupama ku bibi dibéjakeun. Icih tangtu bakal nolak komo bari kudu kaluar peuting mah"
Lastri unggeuk, terus ngasupkeun deui ponsél kana tas. Terus nanya,
"Jadi kudu kumaha cara ngabéjaanna sangkan Icih daék indit jeung bibi?"
"Béjakeun bibi boga babaturan anu rék ngarénovasi bungalow, tapi kudu disurvéy heula. Icih boga naluri usaha anu gedé, pasti moal nolak komo bejana datang ti nini salaku indungna" ceuk Junaédi méré ideu.
"Ideu hadé, kuring satuju" tembal Lastri nyakakak.
Junaédi seuri bungah. Dina fikiranna, saenggeus duanana datang ka bungalow. Duanana bakal ngabius, Junaédi rék ngagadabah kahormatan indung jeung anakna sakaligus di bungalow. Terus bakal ngirim foto-foto taranjang maranéhna ka Udin. Udin pasti bakal datang. Saenggeus Udin datang, Udin bakal langsung dipaéhan.
Réngsé ngagawéan pagawéan di imah jeung masak, Udin nelepon Icih pikeun eureun digawé sarta kudu ka rumah sakit sabab Mardi geus meunang balik. Udin sorangan naék angkot ka béngkél pikeun nyokot mobil Mardi anu geus dioméan sarta geus dilunasan ku pihak asuransi.
Balik ti béngkél, Icih jeung Mardi ogé karék datang ti rumah sakit. Jadi tiluanana asup babarengan ka imah sarta bareng dalahar.
Bérés dahar, keur jongjong ngumbah piring, Udin narima telepon ti Zofia,
"Guru, nuju naon? Hapunten abdi badé ngawagel sakedap"
"Keur ngumbah piring, Aya naon?" Témbal Udin.
"Abdi badé laporan" ceuk Zofia deui.
"Laporan naon?" Udin kerung.
Zofia ngajelaskeun,
"Dinten kamari, Junaédi sareng Firman sumping ka klinik nyuhunkeun dilandongan. Junaédi mah langsung di usir. Nanging kumargi aki teu uninga Firman ogé kantos urusan sareng salira, ampir aki masihkeun landong ti guru anu kantung satengah téa"
"Naha? Sanajan teu nyaho ogé kuduna ubar éta ulah dibikeun ka sasaha?" Ceuk Udin beuki kerung. Sabab Udin nyaho, Tiandi geus nganggap ubar éta harta karun keur dirina, matak rada anéh ngadéngé ampir dibikeun ka Firman.
Zofia ngajelaskeun deui,
"Hubungan Aki sareng ibu rama Firman sapertos sareng wargi nyalira salami 50 taun, janten aki ngaraos kedah mulang tarima kanggé males budi"
Udin ahirna bisa ngamaklum. Tiandi perantauan ti Pakistan. Amprok jeung kulawarga bageur jelas asa panggih jeung dulurna sorangan. Saperti dirina, perasaan ka ma Éméh geus asa ka kolot sorangan, hayang mulang tarima, hayang males Budi. Jadi Udin nanya deui,
"Terus ayeuna kumaha?"
Zofia némbalan,
"Kapaksa kanggé ngusirna abdi kedah nganggé kekerasan. Malih hubungan aki sareng kulawargi Firman langsung diputuskeun ku aki. Nanging tadi énjing AC di klinik aya anu ngareksak. Teras abdi mendakan jarigen eusi bénsin dihandapeun blower AC. Abdi curiga palakuna Junaedi atanapi Firman. Tiasa ogé duanana, margi dendam"
Udin kerung. Ahirna mutuskeun niat rék datang ka klinik pikeun ningali sakalian rék méré ubar deui ka Tiandi. Masih aya sésa 20 ubar deui dina lomarina. Keur Udin, kabageuran kudu dibales ku kabageuran deui, kajahatan kudu narima akibat anu sarua.
Sabab panuju kana sikep Tiandi anu geus nolak Junaédi jeung Firman, Udin kudu méré hadiah. Ngan kusabab ukur boga ubar, ahirna Udin rék méré ubar deui sabagé hadiahna. Dina leungeun Tiandi, ubar-ubar éta tangtu bakal leuwih mangfaat, sarta bakal nambahan panghasilan Tiandi.
"Sore ieu aki anjeun bakal aya di klinik moal?" Udin nanya.
"Aya, salira badé kadieu?" Zofia malik nanya.
"Enya" témbal Udin.
Zofia curinghak atoh,
"Upami Kitu mangga, diantos pisan. Abdi badé masihan uninga ka aki. Tangtos aki bakal bingah badé katamuan ku salira"
Telepon ahirna ditutup ku Udin.
Bérés ngumbahan piring Udin rék ka kamarna pikeun ngawadahan ubar anu rék dibikeun ka Tiandi. Tapi Udin nempo Icih geus saged dangdan Satya siap-siap rék indit deui. Jadi Udin nanya,
"Rék kamana nyi? Ka kantor deui?"
Icih gogodeg,
"Moal kang. Nembé Ema nelepon. Saurna aya réréncanganna anu bungalowna nyuhunkeun di survey ku abdi hoyong dirénovasi, janten abdi kedah kaditu"
"Di daérah mana? Jauh teu?" Udin nanya.
"Ningal dina alamatna mah di suku gunung manglayang, Cibiru wétan" témbal Icih.
"Akang milu sakalian, tapi turunkeun akang di klinik Tiandi. Sabab akang geus jangjian rék kaditu" ceuk Udin bari buburu ngawadahan ubar terus kaluar deui.
Icih bungah ngadéngéna. Dugaanna pasti Udin rék nganuhunkeun ka Tiandi anu geus nulungan Mardi. Jadi Icih nanya,
"Badé mampir heula ka toko souvernir moal kang? Margi abdi ogé hoyong masihan hadiah ka tabib Tiandi anu parantos ngalandongan bapa"
Udin gogodeg,
"Ulah ayeuna, anjeun keur boga urusan. Anggeuskeun heula urusan anjeun"
Icih kerung,
"Naging akang pan badé nepangan anjeunna
Piraku teu ngabantun nanaon pisan?"
Udin seuri bari nungtun Icih ka luar,
"Keun baé, hadiah akang anu ngurus. Hayu" ceuk Udin bari miheulaan asup kana mobil Icih.
"Mangga atuh upami kitu mah, nanging akang kedah ngatur waktos supados tiasa ngajamu tabib Tiandi, saéna mah ajak makan malam" ceuk Icih.
"Siap" témbal Udin bari nutupkeun panto mobil. Icih ogé ahirna asup kana mobil. Terus mobil di bawa ka klinik Tiandi.
Di hareupeun klinik Tiandi, Udin turun. Icih mah langsung ngabiur deui ngajugjug ka bungalowna Junaédi.
Harita Tiandi masih ngalayanan pasién anu ngan kari nyésa hiji. Ngadéngé Udin datang, Tiandi kaluar ti rohangan praktékna langsung ngabagéakeun bari ngajak sasalaman.
"Lamun anjeun masih sibuk, sok anggeuskeun heula, kuring nungguan didieu" ceuk Udin bari diuk dina korsi tunggu pasién anu mémang karosong.
Tiandi unggeuk, terus ngageroan Zofia anu keur mungkusan ubar.
"Zofia, pa Udin geus datang, kadieu baturan"
Zofia buburu kaluar nyampeurkeun ka Udin bari katémbong pipina beureum sabab éra. Tiandi mah asup deui ka rohangan praktékna,
"Pa Udin, wilujeng sumping" ceuk Zofia sorana halimpu dibarengan ku seuri anu matak ngaruntageun jantung lalaki. Seungit samar ramuan ubar melenghir kaambeu tina awak Zofia, tanpa sadar Udin peureum bari nyeuseup sengitna. Jero haté, Udin muji, ti kabéh awéwé anu kungsi wawuh jeung Udin, ukur Zofia anu awakna alami seungit ramuan ubar, lain seungit parfum kimia buatan pabrik anu mahal hargana.
"Aki anjeun keur sibuk, mémangna teu mantuan?" Udin nanya bari seuri.
"Abdi bagéan énjing-énjing, aki sonten" témbal Zofia.
"Pangarti médis anjeun hadé. Kuring yakin, moal lila deui anjeun ogé bakal kasohor kawas aki anjeun" ceuk Udin muji.
"Pangartos abdi déét kénéh, teu tiasa dibandingkeun sareng Aki, komo deui sareng salira" témbal Zofia.
Tiandi kaluar ngiringkeun pasién anu kakara diubaran. Terus pesen ka security,
"Lamun aya pasién deui, wéyahna tolak heula, atawa titah nungguan di luar. Kuring aya tamu"
Saterusna Tiandi nyampeurkeun ka Udin sarta ngabongkokkeun awakna bari seuri.
Udin ogé seuri,
"Tiandi. Ulah manggut waé satiap panggih jeung kuring. Kuring saumuran jeung incu anjeun. Cukup sasalaman jeung sebut ngaran kuring Udin. Ulah maké pa atawa guru"
Tiandi gogodeg,
"Kecuali umur, sagalana anu aya dianjeun, kabéh saluhureun kuring. Kuring teu wani campelak"
Udin unggeuk,
"Oké. Ceuk Zofia si Junaédi jeung si Firman kamari datang kadieu. Bener?"
Tiandi ngarénjag, terus ngarérét ka Zofia saolah ménta penjelasan. Sabab Tiandi geus papadon ti saméméhna ka Zofia sangkan kajadian naon waé di klinik ulah nepikeun ka bébéja ka Udin. Sabab bisi ngaganggu kana waktu jeung kasibukanna Udin.
"Abdi anu ngawartosan pa Udin ki, supados teu aya lepat faham" ceuk Zofia.
"Ulah dibiasakeun sagala bébéja, komo hal leutik kieu. Karunya pa Udin, bisi kaganggu" ceuk Tiandi teu panuju.
Zofia mayun, sabab Akina teu ngarti kana perasaan budak ngora. Zofia ogé nyaho, mémang teu pantes hal sarupa kitu kudu dibéjakeun. Tapi Zofia sono kana sora Udin. Haténa reugreug ngadéngé sora Udin sanajan ukur dina telepon. Ngan piraku kudu nelepon teu pupuguh tanpa alesan. Jadi euweuh salahna bari ngalaporkeun kajadian kamari.
Ningali kasalah fahaman antara aki jeung incu, Udin nyarita,
"Tiandi. Zofia teu salah. Kuring mémang kudu nyaho kaayaan anjeun. Anjeun datang jauh-jauh ti Jakarta netep di Bandung pan demi kuring. Piraku kuring kudu masabodo. Junaédi jeung Firman mémang duanana geus nyinggung kuring. Ngadéngé anjeun nolak ngubaran, kuring jelas bungah sabab ngarasa dihargaan. Kuring nganuhunkeun pisan ka anjeun"
Tiandi unggeuk,
"Musuh anjeun musuh kuring ogé, sobat anjeun sobat kuring ogé. Kuring kataji ku sagala ringkak paripolah anjeun anu mémang pantes diturutan. Éta sababna kuring muka klinik didieu sabab sakalian bari hayang diajar ti anjeun. Sanajan anjeun teu sacara langsung ngawarah kuring, tapi naon anu dilakukeun ku anjeun ku kuring dipulungan mangfaatna"
"Anjeun mulia" ceuk Udin bari ngaluarkeun bungkusan ubar. Terus diasongkeun ka Tiandi,
"Ieu ubar tambahan ti kuring, gunakeun dina kaayaan darurat. Heulakeun keur kabutuhan anjeun, sésana bisa dipaké keur tutulung ka batur. Percumah ngubaran batur lamun kaséhatan diri sorangan teu diperhatikeun" ceuk Udin bari ngeupeulkeun bungkusan ubar kana dampal leungeun Tiandi. Terus nyarita deui,
"Kuring yakin, dina leungeun anjeun ubar ieu bakal leuwih manfaat. Awét-awét sabab teuing iraha kuring boga kasempetan pikeun nyieun deui, salian ti bahanna hararésé jeung mahal, kuring ogé kudu ngaluarkeun énérgi spiritual anu lumayan gedé dina prosés ékstraksina"
Nyambung...