Leungeun Tiandi anu ngeupeul ubar nepi ka ngadaregdeg bakat ku bungah. Sababaraha kali biwirna ngucapkeun syukur jeung nganuhunkeun ka Udin.
"Guru geus méré hiji pikeun diinum langsung ku kuring, terus satengah di rumah sakit, ayeuna ieu, kudu kucara naon kuring mulangtarima"
Jelema anu paling nyaho kamujaraban ubar ti Udin mémang ukur Tiandi jeung Zofia. Jadi Zofia ogé milu bungah, cipanon kabungah ngalir dina pipi Zofia.
"Hatur nuhun Guru" ceuk Zofia.
Udin ngarérét ka Zofia,
"Zofia. Alusna anu satengah inum ku anjeun. Éta bisa ningkatkeun kamampuan otak anjeun pikeun diajar deui Élmu médis leuwih jero, sarta ningkatkeun kamampuan silat anjeun. Jaga kasalametan aki anjeun keur kuring"
"hatur nuhun pa Udin" ceuk Zofia nganuhunkeun deui.
Harita Icih geus tepi di gerbang bungalow milik Junaédi dumasar kana alamat anu dikirim ku Lastri kana ponsélna. Terus Icih nelepon Lastri,
"Ma dimana bungalowna, abdi parantos aya dipayuneun gerbang sasuai alamat ti Ema. Nanging teu katingal aya wangunan"
Lastri némbalan,
"Bungalowna jauh di tukang, asupkeun mobilna ka jero gerbang terus parkirkeun didinya, mobil teu bisa nepi ka bungalow. Ema nyampeurkeun kadinya"
"Mangga ma, ku abdi diantosan" témbal icib terus nutup teleponna.
Di bungalow harita geus aya Junaédi, Jujun jeung Lastri. Lastri nyarita ka Junaédi,
"Jun, Icih geus aya di hareup, bibi rék ngajemput heula"
"Enya Bi, bawa ka méja makan anu ku kuring geus disiapkeun, ulah bébéja kuring aya didieu" ceuk Junaédi bari nunjuk kana méja anu geus dihias éndah. Aya lilin jeung kembang Eros beureum anu geus dirangkai siga daun écéng.
Lastri ngacungkeun jempolna ka Junaédi terus lumpat kaluar. Jujun jeung Junaédi euweuh anu nyarita, tapi panon duanana melong ka Lastri anu lumpat. Sanajan geus umuran tapi awak Lastri sanjan lintuh tapi ngarareusi, bujurna anu lumpat kaciri éplok cendol. Jujun mah nepikeun ka neureuyan ciduhna sababara kali.
"Indungna sakitu geulisna, kumaha anakna? Hanjakal duanana kudu paéh" Ceuk Jujun anu memang can kungsi nempo beungeut Icih.
"Pa, inget jangji bapa. Awewe ieu duanana kudu hirup, keur mancing si Udin datang, ulah Aya anu dipaéhan heula" ceuk Junaedi ngingetan Jujun.
"Justru kudu diparaéhan tiheula saméméh si Udin datang, bisi ngariweuhkeun" témbal Jujun.
"Pokona kudu seuai rencana, keur naon ngobrolkeun rencana ari prak-prakana béda" ceuk Junaédi teu panuju kana pendapat bapana.
Lastri mah teu boga pikiran yén dirina jeung anakna keur dijebak, matak sapanjang jalan ngajemput Icih terus sura-seuri sitangan sabab bungah. Padahal musibah geus deukeut pisan.
"Pa, sabar, ulah gagabah, bisi kaburu curigaeun terus duanana kalabur. Anu penting kumaha carana si Udin sina datang heula terus paéhan. Tapi anu awéwé, bisa jadi cocooan urang heula, kerem didieu sabulan atawa dua bulan mah, geus bosen karék duanana paehan" ceuk Junaédi.
Jujun nyakakak ngadéngé ideu anakna,
"Tah mun kitu bapa satuju pisan, keun baé bapa indungna. Manéh anakna. Aya ruang bawah tanah di handapeun bungalow ieu. Simpen didinya, kari maraban, ngabajuan, terus paké sakadaék urang"
Junaédi anu titadi fikiranna spaneng ahirna nyakakak seuri. Seuri lantaran nempo bapana anu masih karoohan ku awéwé séjén, padahal di Imah aya indungna.
"Sanajan geus bosen, anu nyusahkeun mah bisa dipaéhan tiheula. Anu rada lindeuk urang urus bila perlu sataun atawa dua taun deui mah. Bisi sakali waktu hayang. Boh kuring boh bapa bisa maké" ceuk Junaédi beuki édan.
Jujun mariksa péstol anu nyelap dina cangkéngna, terus nyarita,
"Bapa anu bakal maéhan si Udin, keur males kanyeri anjeun"
Icih masih nungguan Lastri bari nangtung gigireun mobilna anu geus diparkirkeun di jero gerbang. Panona rurat-rérét nempoan kaéndahan di sabudeureunna. Sanajan geus reup-reupan Maghrib, tapi suasana didinya masih kaciri éndah. Komo lamun dia kaayaan caang.
Rentang-rentang Lastri datang satengah lumpat bari seuri.
"Hayu tuturkeun Ema"
Icih leumpang nuturkeun Lastri.
"Ma, kunaon abdi némbé uninga aya réréncangan Ema anu kagungan bungalow didieu?"
"Babaturan Ema karék balik ti luar negri, jadi anjeun moal nyaho. Manéhna hayang ngainvéstasikeun duitna pikeun meuli bungalow ieu keur sakalieun butuh niis. Tapi Aya anu kudu rénovasi saeutik, dana anu geus disiapkeunna 80 juta" témbal Lastri
"Cekap sakitu ogé ma ari rénovasina teu seueur mah" témbal Icih.
Tepi ka bungalow, Icih jeung Lastri nangtung hareupeun panto. Terus Lastri mencét bél. Teu lila panto dibuka, anu muka panto Junaédi, geus maké jas rapih sarta dasi kukupu. Tapi tetep maké kruk jeung ingkud-ingkudan.
"Icih. Wilujeung sumping" ceuk Junaédi bari méré jalan sangkan Icih jeung Lastri asup.
Icih colohok, sabab teu nyangka bakal nempo deui beungeut Junaedi. Terus Icih ngarérét teu suka ka Lastri,
"Ma, naha Junaédi aya didieu? Atanapi Junaédi anu dimaksad réréncangan ku Ema?"
"Sabar Cih. Ieu kejutan anu geus disiapkeun ku Ema jeung Junaédi keur anjeun" tembal Lastri bari nyurungkeun tonggong Icih ka jero.
Junaédi buburu deku bari ngasongkeun sabeungkeut kembang Eros beureum ka Icih.
Icih masih neuteup ambek ka Lastri,
"Ma. Salira sareng Junaédi ngajebak abdi?"
"Lain ngajebak. Junaédi bener-bener bogoh ka anjeun" témbal Lastri
Junaédi buburu milu ngajelaskeun,
"Cih. Ulah nyalahkeun bibi. Bibi ukur ngabantu kuring mawa anjeun kadieu, saleuwihna kuring anu ngarencanakeun"
Icih molotot ka Lastri,
"Ma, abdi leres-leres kuciwa ka Ema" ceuk Icih bari malik rék indit.
Lastri buburu ngahalangan,
"Ema moal nyilakakeun anjeun. Kabéh keur kabagjaan anjeun kénéh. Katambah Junaédi mémang rék ngarénovasi bungalow ieu. Jadi butuh ngobrol jeung anjeun"
"Teu sudi ma!" Ceuk Icih bari tetep ka luar ngaliwatan Lastri.
Ngan leungeun Icih dijewang tarik ku Lastri bari molotot,
"Saha anu ngawarah manéh teu sopan? Junaédi iklas rék ménta di hampura ka anjeun. Rék méré pagawéan. Ku naon manéh kawas anu linglung? Sok ngobrol heula duaan, lamun mémang manéh teu cocok ka Junaédi. Obrolkeun masalah pagawéanna. Manéh kudu narima pagawéan rénovasina sangkan meunang duit" ceuk Lastri bari metot leungeun Icih ka jero bungalow, terus didiukeun dina korsi hareupeun méja anu geus aya lilin jeung buket Eros beureum.
Lastri can sadar, ngusrukeun Icih bari dirina sorangan sabenerna keur tikusruk. Harepan Lastri, Icih bisa narima Junaédi sarta nyeréikeun Udin.
Diperlakukeun kasar ku paksaan Lastri anu samasakali teu sasuai jeung haténa, Icih ambek. Gara-gara duit jeung judi Lastri nepikeun ka teu boga moral. Téga ngaraheutan haté anak anu geus boga salaki sangkan narima lalaki séjén.
Icih nangtung rék lumpat ka luar, tapi Junaédi buburu nulakan panto, terus koncina dialungkeun jauh ka juru rohangan. Kembang Eros beureum sabeungkeut ogé ahirna dibalangkeun.
Icih muncereng,
"Junaedi! Naon maksudna panto maké dikonci Sagala?"
Junaédi nyéréngéh seuri,
"Teu boga maksud nanaon, indung anjeun aya didieu, hayu diuk deui, urang ngobrol"
Dimata Junaédi, sanajan tara dangdan. Beungeut Icih anu keur sieun, katembongna malah beuki geulis. Sukuna anu lenjang, cangkéng anu leutik sarta bujur jeung dada anu ngarareusi ngajieun jajantungna ratug tutunggulan.
"Kuring euweuh waktu pikeun ngobrol jeung anjeun. Buka panto!" Ceuk Icih nyorowok ka Junaédi.
"Icih. Sieun kunaon manéh? Pan aya Ema didieu. Diuk!" Ceuk Lastri ka Icih.
Icih colohok bari mureleng ka Lastri,
"Ma, salira sadar? Tingal niatna anu teu saé. Naon maksadna ngoci panto? Teu sudi abdi kedah ngobrol sareng jalmi kieu"
Saterusna Icih ngarérét deui ka Junaédi,
"Junaedi. Buka panto, lamun henteu kuring rék ngajerit"
Junaedi nyakakak seuri,
"Sok ngajerit satarikna. Bungalow ieu teu boga tatangga sarta jauh ti jalan raya. Anjeun geus datang kadieu jeung geus aya dijero. Ulah ngarepkeun bisa kaluar kalayan salamet"
"Junaedi. Naon kahayang anjeun?" Ceuk Icih.
"Kahayang?" Junaedi nyakakak deui,
"Rék naon deui lalaki ngondang awéwé geulis ka tempat tiiseun kieu jaba ti peuting lamun lain hayang nyaréan"
Ngadéngé Junaédi boga niat ngalécéhkeun dirina. Icih lumpat kaditu kadieu nyurung-nyurungkeun jandéla jeung panto sangkan bisa kabur, tapi kabéh nyatana geus dikaroncian.
Buburu Junaédi ngudag bari ingkud-ingkudan sanajan suku nyeri, terus ngaranggeum pigeulang leungeun kénca Icih pageuh pisan.
Icih adug-adugan hayang lésot, bari nampilingan beungeut Junaédi ku leungeun katuhuna. Tapi tibatan lésot, ranggeuman leungeun Junaedi malah beuki pageuh.
"Lesotkeun!" Ceuk Icih ngajerit.
Nempo kajadian kitu, Lastri kerung. Sabab karék sadar Icih keur aya dina bahaya. Tapi masih asa-asa pikeun ngabéla Icih.
"Icih. Lamun keur ambek kieu, anjeun beuki geulis" ceuk Junaédi bari ngaragragkeun krukna terus ngrarangkul cangkéng Icih sarta dibetot adek kana awakna.
Beungeut Junaédi ku Icih diciduhan, tapi Junaédi malah beuki babarakatakan seuri. Posisi sabeulah leungeun Icih masih dicekelan sarta cangkéngna dirangkul persis saperti adegan pasangan anu keur dansa. Tapi teu katingali kaéndahanna. Sabab anu lalaki sukuna péngkor bari neuteup beungeut Icih ku tetepan cunihin. Sedengkeun anu awéwé keur ambek bari ti teterejel hayang lésot.
Sanajan beungeutna geus lamokot ku ciduh icih, Junaédi terus nyéréngéh seuri bari melong mata Icih anu mimiti ngaluarkeun cimata.
Lastri nyampeurkeun,
"Junaédi! Aya naon ieu? Anjeung ngabohongan bibi?"
"Dasar belegug!" Ceuk Junaédi bari nyurungkeun Lastri ku leungeunna anu keur ngarangkul cangkéng Icih. Nepi ka Lastri langsung ngagubrag nangkarak sabab selopnya tikudawet kana kruk anu ngagolér dihandap.
"Lastri. Sia awéwé anu matana geus dilolongkeun ku mobil jeung duit. Sifat sarakah sia anu ngakibatkeun otak sia teu bisa mikir jejeg. Mémangna aing sudi jadi minantu sia? Aing hayang ngasaan awak Icih, lain ukur aing, bapa aing ogé hayangeun ka sia" ceuk Junaédi bari cacalakatakan deui.
Jujun anu titadi keur nungguan di jero kamar bari ngadédéngékeun ahirna kaluar bari nyekelan péstol. Jujun ngarandeg colohok nempo Icih. Paingan Junaédi nepi kabungbulengan da mémang Icih geulis pisan. Biwirna langsung kumétap terus nyarita ka Junaédi,
"Junaédi. Anjeun bener. Tapi salian ti indungna, bapa ogé hayang ngasaan anakna"
Lastri ngarénjag, bari buburu hudang,
"Bangsat, anjeun anak jeung bapa katurunan iblis"
"Sia ogé iblis. Saurang indung mustahil masih boga fikiran masih hayang ngajodokeun anakna anu geus boga salaki ka lalaki séjén lamun sia lain iblis" ceuk Jujun bari ngajenggut buuk Lastri sarta nodongkeun pestolna kana tarang Lastri.
Ngadéngé omongan bapana, Junaedi nyakakak deui. Terus nyarita ka Lastri jeung Icih,
"Saacan aing jeung bapa aing ngasaan awak maranéh, aya hadéna ngalalajoan heula si Udin dipodaran didieu"
Lastri némbalan,
"Junaédi. Lamun anjeun dendam ka si Udin. Kunaon kudu ngorbankeun kuring jeung Icih? Masalah si Udin kudu paéh, kuring moal paduli. Ayeuna bébaskeun heula kuring jeung anak kuring"
"Ceuk aing tadi naon? sakali asup kadieu, moal aya anu bisa kaluar kalawan salamet. Masih can ngarti?" Témbal Junaédi nyorowok ka Lastri.
"Bibi ngarti Junaédi. Anjeun sabenerna pamuda bageur. Anjeun pasti dendam ka si Udin lantaran geus ngajieun suku anjeun potong. Tapi salah bibi jeung Icih ka anjeun naon?" Ceuk Lastri bari mimiti ngahinghing ceurik.
Junaédi molotot,
"Ceuk sia aing pamuda bageur? Bageur timana? Aing anu mayar 2 juta ka supir treuk runtah sangkan nabrak mobil sia. Ngan hanjakal sia jeung salaki sia teu modar"
Icih ngarénjag ngadéngéna,
"Oh, jadi anjeun biang kérokna? Salah naon kolot kuring ka anjeun make jeung kudu paéh duanana?"
Junaédi seuri sinis,
"Duanana teu salah. Tapi sia anu salah. Aing bogoh tibaheula ka sia tapi sia teu daék muka haté keur aing. Lamun kolot sia duanana geus modar. Terus si Udin ogé modar. Hartina kari sia anu nyésa. Lamun kabéh geus euweuh, moal aya alesan sia kudu nolak aing pan?"
Lastri buburu nanya,
"Terus naon maksud manéh nawaran rék ngubaran salaki kuring bari mawa si Joni? Manéh anu nyilakakeun, kunaon manéh ogé anu rék nyageurkeun?"
Junaédi nyéréngéh,
"Sabab teu modar. Lamun teu modar, nya kudu dicageurkeun sangkan si Icih nganuhunkeun ka aing sarta daék narima aing. Ngan hanjakan digagalkeun ku si Udin"
"Jun, tong loba carita deui. Kumaha lamun suku si Lastri dipéngkoran ayeuna ku bapa, manéh satuju?" ceuk Jujun ka Junaédi bari nodongkeun péstolna kana pingping Lastri.
Junaédi gogodeg,
"Ké heula pa, sabar. Kulantaran si Udin, kabéh rencana kuring gagal. Si Udin anu nitah kang Bahar ngabalangkeun kuring tina jandéla rumah sakit nepi ka suku kuring cacad. Harita, hiji ogé euweuh anu ngabéla kueing, jadi lain ukur suku si Lastri, suku si Icih ogé kudu péngkor, da kabéh saruana. Tapi saenggeus modaran si Udin"
"Anjeun teu sieun dibui?" Icih nanya.
"Asal geus ngasaan awak anjeun, tong boro dibui, sanajan paéh aing moal panasaran" témbal Junaédi.
Awak Icih mimiti ngadégdég ku kanékadan Junaédi, Lastri ogé sarua. Malah Lastri mah nepi ka ngompolan manéh sagala, sabab péstol dina pingpingna beuki ditekenkeun ku Jujun. Aya rasa hanjakal dina haté Lastri, tapi kabeh geus telat. Jadi Lastri neuteup ka Icih,
"Cih, Hampura Ema, gara-gara Ema anjeun kudu aya didieu"
Icih teu némbalan sabab masih keuheul. Sukuna langsung leuleus terus ngagolosor andréprok diuk bari ngageunggeuik ceurik.
Nempo Icih geus teu ngalawan deui, Junaédi ngaleupaskeun ranggeumanna tina pigeulang leungeun Icih. Terus ngadeukeutan ka Lastri.
"Leuwih hadé sia ogé diuk ulah loba ngalawan. Tungguan si Udin datang kadieu" ceuk Junaédi bari muringis terus nagog nyokot krukna sabab sukuna karasa nyeri jeung cangkeul.
Lastri ahirna diuk, terus ngorondang ngadeukeutan ka Icih. Duanana langsung silih rangkul ceurik paungku-ungku.
Lastri nyarita ka Icih bari nginghak,
"Kurang kumaha Ema geus ngingetan ka anjeun. Si Udin ukur runtah anu ngan bisa nyilakakeun kulawarga. Kunaon manéh meni beurat-beurat teuing ka si Udin?"
Lastri disurungkeun ku Icih,
"Dina kaayaan kieu Ema masih ngalepatkeun kang Udin? Kacida Ema mah!"
Lastri morongos,
"Jadi miturut anjeun, si Udin leuwih aya hargana tibatan Ema. Kitu maksud maneh?"
Junaédi ngabantingkeun krukna,
"Gandeng! sia maraséakeun naon? Sia duaan rék modar. Urusan sia ayeuna siap-siap ngalayanan aing jeung bapa aing. Masalah si Udin geus jadi urusan aing, lain urusan sia deui"
Terus Junaédi ngadeukeutan ka Lastri langsung nagog,
"Bi, kuring hayang ngadéngé. Rék anjeun heula atawa Icih heula anu rék ngalayanan kuring ayeuna? Kuring geus teu sabar"
Lastri langsung pias. Lastri teu nyangka nyatana Junaédi ogé hayang ngagadabah dirina.
"Dasar anjing, cuih!" Lastri nyiduhan beungeut Junaédi anu nampeu dina beungeutna.
"Umur aing sarua jeung umur indung sia, kunaon teu indung sia waé hakan?"
Junaédi nampiling pipi Lastri satarikna nepi ka Lastri langsung ngagolér.
"Koplok! Dasar iblis, ngomong ogé siga iblis. Ukur sia anu daék ngahakan getih anak, ngagorogotan rejeki anak. Wani nyebut aing anjing padahal sia leuwih hina ti anjing"
Saterusna buuk Lastri dijenggut sangkan diuk deui.
"Ayeuna si Udin rék ditelepon ku aing sangkan datang kadieu. Dua sukuna rék dipéngkoran terus rék sina lalajo pamajikanna disaréan ku kuring. Geus kitu sirahna rék dibitukeun ku péstol" ceuk Junaédi bari nyokot HP dina tas Icih, dipaké nelepon Udin.
Udin karék tepi ka Imah balik ti klinik Tiandi. Nempo aya telepon ti Icih, buburu ditarima, tapi anu kadéngé sora Junaédi,
"Reuwas ngadéngé sora aing?"
Udin ngarénjag,
"Junaedi? Kunaon nelepon maké HP Icih bari ngomong kasar ka kuring?"
Junaédi nyakakak,
"Lantaran pamajikan sia keur ditangkeup ku aing, rék ditaranjangan terus disaréan. Sia geus kawin sataun tapi teu bisa ngahasilkeun budak. Jadi ku aing rék dibantuan, ayeuna aing rék ngamimitian ngajieun ceulina heula keur anjeun"
Udin langsung nyorowok,
"Junaédi. Lamun wani ngalakukeunna, ulah ngarepkeun isukan manéh jeung kabéh kulawarga manéh masih kénéh aya anu hirup"
Junaédi nyakakak,
"Anjeun boga waktu 20 menit pikeun datang kadieu nyalametkeun Icih. Alamatna ayeuna ku aing di shareloc"
Kadéngé sora Icih,
"Kang ulah kadieu. Junaédi duaan sareng bapana bari kagungan péstol"
Kadéngé sora pipi Icih dicabok disusul ku sora Junaedi anu nyorowok,
"Bangsat! Saha anu nitah sia milu ngomong? Lamun si Udin teu datang, sia bakal modar"
Ngadéngéna Udin langsung ngagidir ambek,
"Kuring pasti datang, tungguan"
"Sorangan, montong mawa batur atawa pulisi. Katempo anjeun mawa anu séjén. Icih pasti modar" ceuk Junaédi.
Nyambung...