Udin nutup teleponna buburu ngarawél konci BMW Mardi anu ngagantung dina témbok langsung ngabiur ka bungalow sasuai alamat anu sihare ku Junaédi. Kabeneran peuting, jadi jalan lancar. Mobil dikebut satarikna, nafsu maéhan Udin geus ngagedur. Hayang buburu ngancurkeun sirah Junaédi.
Di bungalow, Junaédi keur babarakatakan jeung bapana. Sabab ngarasa yakin bakal bisa maéhan Udin. Rencanana pas Udin datang, suku Udin bakal ditémbak heula duanana. Terus rék sina ngalalajoan heula pertunjukan déwasa anu rék diperankeun ku Junaédi jeung Icih. Pasti Udin bakal leuwih nalangsa.
Jujun nangtung ngadeukeutan Lastri, terus nyarita ka Junaédi,
"Jun, bapa rék tiheula. Anjeun didieu jaga Icih bari nungguan salakina datang" pokna bari mikeun péstolna. Sakilat leungeuna ngangkat awak lintuh Lastri terus dipanggul rék dibawa ka kamar teu paduli érok Lastri baseuh ku ciompol.
Lastri jejeritan bari tétéjéh,
Junaédi nyarita,
"Pa, sabar heula. Saha anu rék ngaméra, pan butuh videoo jeung fotona. Meuning kénéh engké dimana cokor si Udin geus dipéngkoran, jadi kumplit dina vidéona bakal aya minantu anu keur ngalalajoan mitohana ditaranjang"
"Ideu alus. Tapi bisa dilakukeun di rondeu kadua" ceuk Jujun bari ngabantingkeun Lastri sabab teu eureun terus jejeritan bari tétéjéh. Padahal can tepi ka kamar.
Lastri ngocéak, bari gugulitikan. Saurang awéwé anu umurna geus kolot dibantingkeun langsung kana ubin. Puguh wé awakna asa rémék. Jujun ngajenggut buuk Lastri terus digusur ka kamar. Nempo Lastri di gusur, Icih rék nangtung nulungan, tapi beuheungna dibabuk maké kruk ku Junaédi.
Jujun teu nyangka Lastri bakal terus ngalawan. Padahal buukna dijenggut bari digusur. Tapi leungeunna tuluy ngopépang néangan pamuntangan, sukuna ngahaja dikait kaitkeun kana suku méja atawa suku korsi anu kaliliwatan. Nepi ka Jujun ngarasa kawalahan.
Nempo bapana masih can hasil mawa Lastri ka kamar, Junaédi nyarita,
"Pa. Si Udin bisa datang iraha waé, lamun bapa teu buburu, kuring moal sanggup nyinghareupanna sorangan"
Jujun ahirna ngalésotkeun buuk Lastri, cangkéng Lastri ditalapung satarikna terus Jujun nagog bari molotot ka Lastri,
"Ngajedog! Tungguan aing modaran si Udin heula"
Lastri ngadégdég terus ngoréjat diuk bari murungkut ngésod undur-unduran ka sisi nyarande tungkul kana tembok bari nangkeup harigu bari terus-terusan ceurik. Lastri jeung Icih ukur bisa pasrah bari méménta ka anu maha kawasa sangkan Udin buburu datang. Malah saumpama Udin teu datang, icih geus boga niat rek maéhan manéh saacan awakna digadabah ku dua jelema biadab ieu.
Icih ngorondang nyampeurkeun ka Lastri terus diuk ngaréndéng, sarua tungkul nyarandé kana tembok bari terus-terusan ceurik.
Mobil Udin geus asup ka jero gerbang. Nempo mobil Icih, Udin beuki yakin Icih mémang aya didinya. Jadi Udin turun terus nelepon HP Icih.
"Kuring geus tepi, dimana anjeun?
"Anjeun sorangan?" Témbal Junaédi.
"Enya" ceuk Udin.
Junaédi buburu nempoan kaluar tina jandéla mastikeun yén di luar bener euweuh sasaha. Lampu taman mémang caraang, jadi bakal jelas katempo lamun aya jelema séjén.
"Leumpang ka tonggoh, tuturkeun lampu taman. Ukur aya hiji wangunan, panto teu dikonci. Kuring bakal nalingakeun tina jandéla, angkat leungeun duanana kana luhureun sirah. Lamun henteu, hulu si Icih bakal ditémbak" ceuk Junaédi langsung nutup teleponna terus nyokot sirit konci panto anu tadi dibalangkeun ka juru rohangan. Junaédi balik deui kana panto sarta muka tulakna.
Udin lumpat nuturkeun lampu taman, saenggeus bungalowna katempo. Udin leumpang bari nunda dua dampal leungeunna dina sirah.
Nempo Udin mémang datang sorangan, Junaédi muka panto bari ngalungkeun borgol anu ngagantel dina cangkéngna ku leungeun kéncana ka Udin. Sedengkeun leungeun katuhuna nodongkeun pestol kana sirah Udin.
"Borgolkeun kana leungeun anjeun" ceuk Junaédi.
Icih anu ngadéngé Udin geus datang, langsung curinghak. Buburu Icih nyorowok,
"Kabur kang, salira badé dipaéhan"
Bari masangkeun borgol kana leungeunna, Udin ngaérét ka jero, nyampak Icih jeung Lastri keur nagog bari nyarandé kana tembok keur dijaga ku Jujun. Udin reugreug terus seuri bari ngacungkeun dua leungeunna anu geus diborgol ka Junaédi,
"Borgolna geus dipasang"
Junaédi nyakakak. Jujun ningalkeun Icih jeung Lastri terus nyokot péstol tina leungeun Junaédi sarta ngaléngkah kaluar. Congo péstol diantelkeun kana sirah tukang Udin.
"Asup!"
Udin ngagugu, bari tetep seuri Udin asup ka bungalow kalawan tenang teu kaciri sieun. Senggeus Udin jeung Jujun asup, panto buburu ditutupkeur sarta ditulakan deui ku Junaédi.
"Sia anu ngarana Udin? Anu geus nitah Bahar ngalungkeun anak aing tina jandéla rumah sakit? Aing Jujun, bapana Junaédi" ceuk Jujun bari molotot ka Udin.
Udin teu némbalan, tapi ngarérét ka Icih anu masih ceurik,
"Nyi. Hampura akang telat"
Icih maksakeun seuri. Rada reugreug Udin datang kalawan tenang teu katembong sieun. Tapi haténa mah tetep hariwang. Sanajan Icih nyaho Udin bisa ngagiwar tina serangan péso basa nyalametkeun Élsa. Tapi Icih teu yakin Udin bisa ngahindar tina pélor anu ditémbakeun komo bari kaayaan leungeunna diborgol. Jadi Icih nyarita laun,
"Kang. Kunaon bet sumping kadieu?"
Lastri langsung ngorondang nangkeup suku Udin bari ceurik,
"Udin, salametkeun Ema. Ema rék digadabah. Hampura Ema lantaran geus mawa Icih ka tempat ieu, Ema geus dibohongan"
Udin kerung, sabab yakin Lastri anu salah. Sabab nitah Icih datang pikeun survéy bungalow babaturanna anu rék direnovasi. Nyatana anu didatangan ku Icih bungalowna Junaédi.
Udin geus geregeteun hayang najong Lastri, tapi sadar lain waktuna pikeun ngawarah Lastri. Aya Junaédi jeung Jujun anu kudu dibérésan leuwih tiheula.
Jadi Udin ngarérét ka Icih,
"Nyi. Bawa ema ngajauhan ti akang, tetep tenang. Cicing di dinya"
Icih unggeuk, buburu ngorondang ngabetot leungeun Lastri anu keur muntangan suku Udin terus balik deui andéprok nyarandé kana témbok.
"Kang, kunaon akang sumping kadieu? Icih nanya deui.
Udin seuri,
"Ulah hariwang Nyi. Moal aya jelema anu bisa maéhan akang. Ku batur akang geus dilandi 'maung Bandung'. Bandung kudu dijaga ku akang. Jadi ukur Allah anu bisa nyabut nyawa akang"
Ngadéngéna Junaédi jeung Jujun nyakakak.
"Naon? Maung Bandung? Tugas maung ngajaga leuweung. Ti iraha aya maung ngajaga kota Bandung? Ngajaga pamajikan jeung mitoha waé teu becus!" Ceuk Junaédi.
Udin seuri sinis,
"Urusan anjeun jeung kuring. Lalaki lawanna kudu lalaki deui. Anu ukur bisa nyiksa awéwé disebutna banci. Ayeuna kuring geus aya didieu. Lamun anjeun rumasa lain banci, leupaskeun pamajikan jeung mitoha kuring ti bungalow ieu. Terus singhareupan kuring"
Junaédi nyakakak,
"Justru alesan aing terus-terusan ngaganggu Icih lantaran aing resep. Kabeneran bapa aing ogé resepeun ka mitoha sia. Jadi dua anjing bikang ieu moal dileupaskeun, bakal terus dikukut pikeun ngalayanan aing jeung bapa aing. Sedengkeun sia kudu modar sangkan teu ngagamahan waé kana niat aing"
"Anjeun, lain kuring anu bakal paéh" ceuk Udin.
Jujun nodongkeun péstolna kana tarang Udin,
"Wah gedé haté siah! Sakali témbak, hulu sia bisa bolong!"
"Aranjeun teu percaya?" Udin nanya.
Junaédi nyarita ka Jujun,
"Ulah waka dipaéhan pa, kangeunahan. Péngkoran heula sukuna"
Jujun ngagugu, péstol tina tarang lalaunan diturunkeun kana pingping Udin. Udin ngarérét terus neuteup kana panon Lastri jeung Icih bari dina haténa mapatkeun aji pangnyirep tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun bari ngaluarkeun énérgi spiritualna. Anu ngakibatkeun Lastri jeung Icih langsung ngulahék saré tibra. Udin embung Lastri jeung Icih nyaksian naon anu bakal dilakukeunna pikeun ngawarah Junaédi jeung Jujun.
Jujun jeung Junaédi ngarénjag reuwas nempo Lastri Jeung Icih anu disangkana kapaéhan. Jadi Jujun nyakakak, terus nyarita ka Udin,
"Méntal awéwé mémang lemah, kakara nempo sia rék dipéngkoran langsung teu sadar. Tadina péngkorna suku sia hayang kasaksikan ku pamajikan jeung mitoha sia. Tapi keun baé sabab duanana malah teu sadar" Pokna bari metot pelatuk péstol ku curukna.
Udin nyalurkeun tanaga jero kana dua leungeunna. Ngan sakilat ranté borgol pegat. Leungeun Udin ngéprét péstol anu kakara dibekaskeun bari ngageserkeun sukuna saeutik. Pélor ngabelesat kana ubin persis gigireun pingping udin, sedengkeun péstol ngacleng jauh.
Jujun muringis, sabab leungeun Jujun anu bieu dipaké nyekelan péstol karasa kompér. Padahal Udin ukur ngéprét péstolna, teu keuna kana leungeunna.
Udin buburu ngodok saku ngaluarkeun kai kaboa terus dikeupeul sarta diavungkeun ka luhur,
"Sir! Zat! Sifat!" Ceuk Udin nyorowok.
Junaédi jeung Jujun colohok. Manusa naon anu bisa megatkeun borgol bari ngagiwar tina pélor anu geus dibekaskeun ukur sabaraha centi deui keuna. Maranéhna ogé teu nyaho naon anu keur dikeupeul ku Udin, anu jelas pastina senjata. Ngan lain granat, sabab ukuranna leutik sarta kakeupeul kabéh.
Teu lila saenggeus 3 kecap sakti bieu di ucapkeun ku Udin. Diluar katempo tatangkalan mimiti pating pelendoy malah aya anu nepi ka rungkad, kingkilaban pating buricak ti langit dibarengan ku sora guludug anu ngaguruh. Angin handaruan ngagelebug tarik pisan meupeuskeun kabéh kaca jandéla bungalow. Angin tiis mimiti norobos kajero terus muter ngahiberkeun barang-barang hampang naon waé terus disapukeun kaluar.
"Pa, Aya naon ieu? Lampu ditanam pareum kabéh. Buru podaran si Udin" ceuk Junaédi anu nangtungna geus mimiti teu bener kawas jelema mabok lantaran nahan tiupan angin anu muter dijero bungalow.
Suku Jujun ogé ngadégdeg nahan tebakan angin,
"Suku jeung leungeun bapa teu bisa usik. Si Udin lain jelema" ceuk Jujun mimiti sieun.
"Jujun, panyabab anjeun paéh lain kuring. Tapi anak anjeun sorangan. Junaédi anu geus mawa anjeun kudu paadu hareupan jeung kuring" ceuk Udin bari nunjukeun leungeuna anu ngeupeul ka Jujun.
"Wujud!"
Sakilat cahaya bodas tiluar norobos asup ka jero ngaliwatan jandéla dibarengan ku sora ngajelegér tarik anu ngakibatkeun kabéh rohangan jadi caang pisan ngaburinyay matak sérab. Junaédi teu bisa nempo nanaon. Jadi teu kaciri lamun tungtung cahaya geus nyamber sirah Jujun.
Saenggeus cahaya leungit, Junaedi karék bisa nempo bapana masih nangtung dina tempatna tapi geus hideung kawas areng anu laun-laun awakna béak jadi lebu hiber kabawa angin anu terus muter dijero bungalow terus kabawa kaluar nepi ka teu nyésa nanaon pisan.
Suku Junaédi langsung ngarampéol leuleus, terus deku. Bapana anu geus paéh teu ningalkeun jasad saeutik-eutik acan. Kunaon ukur bapana anu keuna? Kunaon euweuh barang anu ruksak atawa tutung? Jelas anu asup bieu bentar. Naha Udin bisa ngondang béntar ka jero imah? Sagala rupa pertanyaan muter dina sirahna.
Loba jelema anu teu percaya béntar bisa diondang. Malah teu saeutik anu nganggapna ukur tahayul kulantaran pangartina deet. Tapi ku kayakinan, sarta haté muntang ka anu maha kawasa. Kabéh mahluk bisa silih bantu. Angin mahluk, béntar mahluk, jin mahluk, manusa mahluk, anjing mahluk. Lamun anjing atawa jin waé bisa diparéntah, kunaon béntar teu bisa? Éta anu jadi kayakinan Udin sarta mémang dijelaskeun ogé dina kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.
Udin ngarérét ka Junaédi anu keur ngeleper kasieunan,
"Junaédi, kumaha? Anjeun geus nyaksian sorangan nyatana aya kakuatan nu leuwih matih tibatan péstol. Péstol jieunan jelema, tapi bentar jieunan alam. Péstol diciptakeun ku kapinteran jelema tapi béntar diciptakeun ku kapinteran anu maha pinter"
Junaédi colohok nempo Udin kawas anu keur nempo jurig. Awakna leuleus biwirna ngonci, malah panon ogé teu bisa dikiceupkeun.
Karék ayeuna Junaédi sadar kunaon kabéh jelema tunduk ka Udin. Nyatana harta teu bisa dijadikeun patokan yén hiji jelema kuat sarta boga kawasa. Qin Gang beunghar tapi teu kuat, kang bahar kuat tapi teu kawasa. Udin teu beunghar, teu kuat teu boga kawasa. Tapi bisa maréntah mahluk anu ngarana béntar. Hartina anu jadi andelan Udin nyaéta anu maha beunghar, maha kuat jeung maha kawasa.
Udin lain jelema anu bisa disinggung haténa, Udin lain jelema anu bisa gampang dipaéhan. Udin bisa nyimpen sagala hinaan, dikumpulkeun jadi hiji terus dibitukeun dina sakali amarah.
Junaédi geus teu boga tangan pangawasa, dirina geus bener-bener pasrah.
"Udin. Kuring sadar kuring salah, tapi Kuring can hayang paéh"
Udin seuri,.leungeunna anu ngeupeul kai kaboa masih ngacung,
"Naha dikira ku manéh kuring hayang paéh? Icih hayang paéh? Sarua jeung maneh, kabéh manusa euweuh anu hayang paéh. Tapi kunaon manéh hayang maéhan batur? Wujud!"
Béntar leutik langsung ngabelesat nyamber suku Junaédi. Junaedi peureum bari ngocéak sabab sukuna panas. Pas panonna beunta, Junaédi nempo sukuna geus hideung jiga suluh ngebul. Buburu leungeuna nyekelan pingpingna, tapi anu karanggeum ukur lebu hideung, ngeprul muruluk lalaunan leungit kabawa angin. Sukuna geus leungit duanana teu ningalkeun tapak.
Junaédi ngahinghing ceurik. Terus nyarita ka Udin,
"Kunaon bet dieutik-eutik? Kunaon teu langsung ancurkeun kabéh awak kuring? Anjeun masih karunya ka Kuring?"
Udin seuri sinis,
"Karunya? Naon anu kudu dipikarunya ti manéh? Sakadar manéh nyaho, anu teu bisa dihampura ku kuring nyaéta maéhan jelema anu teu salah. Kawajiban kuring ngajaga diri, kulawarga jeung sobat-sobat kuring anu teu boga salah. Manéh lain ukur ngahina, tapi geus nyebutkeun rék maéhan kuring , pamajikan kuring sarta mitoha kuring. Lamun kuring teu ngalawan, 3 nyawa bakal paéh peuting ieu ku manéh. Jelas akibatna ogé manéh kudu paéh"
"Embung, cukup, kuring teu hayang paeh" ceuk Junaédi anu geus euweuh sukuan bari ngésod mundur maké leungeunna.
"Milih mana hirup cacad, jeung paeh?" Udin nanya.
"Cacad, keun baé kuring cacad, asal hirup" ceuk Junaédi.
"Oké. Wujud!" Ceuk Udin
3 cahaya leutik norobos deui ngahantem 2 leungeunma jeung kana bobogaanna.
Junaédi ngocéak bari nempo kana palangkakanna. Tina satukangeun calanana anu mémang geus rangsak saprak béntar anu mimiti, katempo bobogaanna geus jadi lebu. Junaédi rek mundur deui, tapi teu bisa sabab ayeuna mah dua leungeunna ogé geus euweuh. Jadi awakna tiguling ngagolér terus ngagulutuk siga guguling.
"Baé cacadna siga kitu? Lamun baé, sok indit ayeuna, anjeun bébas" ceuk Udin
"Kumaha kuring bisa indit? kumaha kuring bisa hirup lamun kaayaanna siga kieu?" Ceuk Junaédi.
Udin seuri,
"Leungeun jeung suku anjeun mémang kudu dileungitkeun lantaran sok dipaké teuteunggeul jeung tatajong ka batur. Bobogaan anjeun ogé kudu leungit lantaran rék dipaké ngaruksak kahormatan pamajikan jeung mitoha kuring. Malah sabenerna sungut anjeun ogé kudu leungit da sok loba ngahina batur. Tah ayeuna awak anjeun ampir beresih, bagéan-bagéan awak anu geus lamokot ku dosa geus dipiceunan ku kuring. Jig indit"
Junaédi beuki ngahinghing ceurik, cimata jeung leho pacampur lantaran geus teu bisa disusutan deui.
"Ku leungitna kuring jeung bapa kuring ti dunya ieu, pasti bakal ngageunjleungkeun kulawarga kuring. Anjeun pasti bakal diuudag ku pulisi"
Udin sila di gigireun Junaédi,
"Anjeun hayang nyaho saha kuring?"
Junaédi gogodeg.
"Anjeun pasti nyangka kuring ukur jelema miskin, galandangan sarta euweuh gunana pan?" Udin nanya deui.
Junaédi teu wani némbal, tapi kaciri tina paroman beungeutna neundeun kapanasaran gedé hayang ngadéngékeun.
Ahirna Udin nyarita,
"Kuring rék wakca ka anjeun kalayan jujur, sabab anjeun rék paéh, bisi paéh panasaran. Sabenerna ngaran kuring Radén Udin Subrata, incu lalaki ti anak ka dua Raden Agus Subrata, kuring anu ngabogaan Bima Raya, dina awak kuring ngalir getih nigrat Pajajaran. Kai anu dicekel ku kuring ieu ngarana kai kaboa, tangkal anu ngan ukur aya di leuweung Sancang tempat tilemna buyut kuring Prabu Siliwangi"
Junaédi ngarénjag,
"Anjeun katurunan Agus Subrata? Konglomerat nomer dua sa Indonésia? Kunaon anjeun hirup di Bandung sarta daék jadi minantu kulawarga sangsara? Kuring teu ngarti, bener-bener teu ngarti"
Udin ngarérét kana arlojina, terus nyarita deui,
"Teu kabéh jelema hayang dipihormat, tapi jelas embung dihina. Salah sahijina kuring. Kuring katurunan maung Pajajaran anu kiwari masih kénéh nyésa. Imah kuring lain ngan saukur Bandung, Tanah Pasundan jeung Priangan kabéh imah kuring. Maung tara milih tempat alus keur cicing. Ulah anéh lamun kuring daék cicing di imah kulawarga miskin. Sabab kakayaan lain keur pamérkeuneun. Lantaran geus tengah peuting, waktuna kuring kudu balik, wéyahna anjeun kudu buburu indit nyusulan bapa anjeun. Wujud!"
Cahaya bodas datang deui langsung ngahantem awak Junaédi nepi ka rénghék tutung jadi lebu. Terus leungit katiup kabawa angin anu masih muter kaluar.
Udin nyakuan kai kaboana terus nangtung. Angin tarik lalaunan leungit, kaayaan diluar ogé kaciri tenang deui. Langit lenglang béngras, béntang mimiti kaciri deui patingkaretip.
Udin ngaérét ka Icih jeung Lastri anu masih kénéh saré tibra, tuluy seuri bari ngaluarkeun ponsélna terus nelepon Bahar.
Nyambung...