Beungeut Baréna langsung robah lantaran kuciwa. Sabab nyatana Unah lain alona Firman tapi kabogohna. Sanajan resep ka Unah, ahirna Baréna ukur bisa cicing.
Firman jelas nyaho eusi haté Baréna, jadi ukur seuri,
"Kumaha kabar pa Atang, séhat?"
Baréna ngarahuh,
"Nyéta atuh, keur ngorana maceuh teuing ka awéwé, jadi beuki dieu panyakitna beuki ripuh"
"Baruk! Naha kuring karék nyaho?" Firman kerung.
"Nya pasti ka Batur mah moal loba omong" témbal Baréna.
"Keur ngorana bapa kawas kuring jeung anjeun. Beunghar, pamajikan dimana-mana, nepi ka palosok daérah aya"
"Teu sangka" ceuk Firman nyakakak.
Baréna nyarita deui,
"Pamuda kriting bieu, éta sabenerna adi téré kuring, ngarana Ilyas. Anak bapa kuring ti suku Amungme atawa amui, kacamatan Tembagapura deukeut puncak jaya Papua. Baheula bapa mineng kaditu nyiar bahan ubar anu ngarana akar bajakah. Kawin ka urang ditu sarta boga budak. Ngan ku sabab indungna maot, dumasar paréntah ti aki, jadi budakna dicokot dibawa kadieu sarta disakolakeun Farmasi didieu. Ayeuna babantu ka kuring di pabrik. Lain ukur kuring anu teu resep, tapi bapa kuring ogé. Pédah ngaragangan aki wé terus diurus nepi ka ayeuna"
Geus Lila Firman mémang kungsi ngadéngé Atang boga 2 anak lalaki béda indung. Tapi nyaho jujutana mah karék ayeuna.
Baréna jeung Ilyas mémang béda, salian tina beubeungeutan, tina sifat ogé jauh pisan. Ilyas bageur, cicingeun, tara loba ngomong tapi pinter. Ngan kusabab perlakuan kulawarga anu kurang hadé, jarang jelema anu nyaho ka Ilyas sacara persis. Kabéh nyangkana Ilyas ukur asisténna Baréna.
"Mémangna ubar alus naon anu bisa dijieun tina akar bajakah nepi ka pa Atang jauh-jauh nyiar kaditu?" Firman nanya.
"Aya resép anu bisa diramu, akar bajakah ukur salahsahiji campuranna hungkul. Hasilna aya sababaraha jenis ubar. Keur panyakit gula, keur nguatkeun otot, nyéhatkeun ginjel, impotén, jeung sajabana" témbal Baréna.
Firman curinghak ngadéngéna,
"Hadé teu hasiatna?"
Baréna ngarahuh deui,
"Justru resép éta andelan bapa matak bisa boga pamajikan loba dimana-mana ogé. Nepi ka bapa kuring nelah boga landian raja surabi. Tapi ubarna can diproduksi massal, resépna kudu disampurnakeun deui, sabab senggeus diparika farmakokinetik boga éfék ngaruksak haté jeung néfrotoksisitas. Anu jadi panyabab panyakit bapa kuring ayeuna. Haté jeung ginjelna geus parah"
Beungeut Firman anu tadina atoh alum deui. Baréna kerung nempona,
"Firman, kunaon anjeun? gering?"
Firman unggeuk leuleus,
"Kuring ayeuna impotén, dokter geus teu bisa ngubaran. Pangna kuring ngondang anjeun datang kadieu lantaran masalah éta. Bieu kuring atoh sugan téh ubar anu dimaksud teu boga éfék samping nanaon"
"Saran kuring ulah dicoba, kauntungana teu sabanding jeung akibatna. Kecuali anjeun daék nungguan nepi ka panalitianna rengsé sarta kapanggih campuran keur nganétralisir racunna, jadi moal nimbulkeun akibat goréng" ceuk Baréna.
"Nepi ka iraha kuring bisa nungguan?" Firman nanya.
"Nepi ka bahan keur nganétralisir racunna aya. Mun teu salah tilu poé deui bakal aya paméran bahan ubar, kuring geus nitah staf ahli ti pabrik pikeun datang" témbal Baréna.
Firman atoh,
"Senggeus bahana aya sarta formulana cocok, omat heulakeun ngajieun keur kuring"
Baréna ngahuleng,
"Sanajan geus aya bahan keur nganétralisir racunna, tapi bahan inti ubar ieu tetep akar bajakah, stok kuring teu loba paling ukur bisa jadi 2-3 tablét. Salian ngalana jauh, harga akar bajakah ogé mahal. Kecuali..." ceuk Baréna teu kebat bari ngarérét ka Unah.
"Kecuali naon?" Ceuk Firman teu sabar.
"Salila ubar ieu can dijieun, awéwé ieu moal bisa dipaké ku anjeun pan? Kumaha lamun bari nungguan, injeumkeun heula ka kuring. ubar keur anjeun bakal diheulakeun sarta gratis" Ceuk Baréna bari seuri.
Firman ngarérét ka Unah,
"Geulis, anjeun ngadéngé pan? Wéyahna demi akang, anjeun jeung Baréna heula. Layanan Baréna saperti anjeun ngalayanan akang. Daék?"
Unah ngajenghok, teu nyangka Firman bakal marabkeun dirina ka Baréna. Unah bingung, Naha salila jeung Baréna, Firman masih tetep bisa nyepengan jangjina rék ngawin sarta méré duit anu 700 juta deui keur Palapa atawa moal? Terus sabaraha lila kudu ngalayanan Baréna?
Impian Unah hayang jadi Diréktur Palapa, sakaligus bisa jadi pamajikan Firman anu beunghar. Lain hayang jadi awéwé bangor.
"Sayang, salira calon carogé abdi. Piraku abdi kedah kulem sareng anu sanés?"
Firman ambek, Firman geus teu resep ka Unah. Komo nempo kabéh kulawargana anu piduit. Firman ngarasa dirina keur diporotan. Matak euweuh deui jalan iwal ti dibikeun ka Baréna. Hubungan jeung dirina bakal dipegatkeun kaasup jangjina mantuan Palapa. Cukup 150 juta anu kapiceun, teu meunang aya duit anu kaluar deui. Sakitu ogé geus kawilang mahal teuing keur ukuran awéwé siga Unah. Leuwih Hadé néangan awéwé séjén. Anu leuwih penting keur Firman ayeuna ukur ubar.
"Calon pamajikan tapi teu nurut ka calon salaki. Komo engké mun geus jadi pamajikan resmi. Lamun bener masih ngarepkeun akang, sok baturan Baréna. Ulah hararésé jeung loba alesan" ceuk Firman muncereng ka Unah.
Cimata kasedih Unah merebey,
"Sayang, salira bogoh ka abdi dumasar cinta pan? Nanging naha teu karunya ka abdi?"
Nempo Unah ceurik, Baréna ngomong ka Firman,
"Firman. Unah kacirina bogoh pisan ka anjeun. Ulah dipaksa"
Firman ngangkat leungeuna terus nampiling Unah,
"Sia ukur bonéka ruksak tapi wani jual mahal. Layanan Baréna! Lamun henteu, aing rék ka luar ti villa Kusumah sarta moal neruskeun deui ngabantu kulawarga anjeun"
Unah ngarénjag bari ngusapan pipina anu peureus akibat ditampiling ku Firman. Unah ahirna unggeuk. Naon hartina nolak, Unah rumasa geus kotor, geus biasa dihina jeung dilécéhkeun ku lalaki. Satungtung teu kuluyuran kawas ublag dijalan. Jeung satungtung kulawargana masih dibantu, eweuh alesan keur nolak. Malah ahirna Unah boga niat rék morotan Baréna ogé.
"Mangga kang, abdi keresa"
"Tah kitu atuh, sok pindah diukna gigireun Baréna. Ti mimiti ayeuna, milu ka Baréna, cicing jeung baturan terus. Masalah kumaha ngajelaskeunna ka Nini jeung kolot anjeun. Éta urusan akang" ceuk Firman bari nyurungkeun Unah.
Baréna atoh, awak Unah langsung ditangkeup didiukeun dina lahunanna bari diciuman beuheungna.
"Akang rék muka kamar hotél keur cicing anjeun, balik tidieu urang balanja heula baju keur salin anjeun"
Unah nyusut cipanonna bari melong ka Firman. Cipanonna beuki ngucur sabab leungeun Baréna geus mimiti kokodok ka handap ngoprék bobogaanna. Tapi Firman pura-pura teu nempo.
Unah baheula jadi gadis impian kabéh pamuda, malah Ibro anak Salman Kusumah waé nepi kabungbulengan ku dirina sarta wani ngalamar. Malah saenggeus Icih kawin ka Udin, Unah anu diandelkeun pisan ku kulawarga Kusumah sangkan bisa meunangkeun kulawarga beunghar. Teu nyangka ayeuna bakal jadi cocooan aki-aki. Ti Ibro, ka Firman, terus ayeuna ka Baréna, lamun Baréna geus bosen teuing rék dioper kasaha deui. Euweuh anu bisa diharepkeun pikeun jadi salaki sahna.
Dina kondisi kitu, Unah ngabayangkeun Icih. Sanajan Icih can kungsi ngalaman bobogohan sarta kawin ka kuli ngaduk. Tapi Icih teu ngalaman kahirupan pait kawas dirina. Udin pamohalan mikeun Icih pikeun jadi hinaan lalaki séjén. Naon anu rék diagulkeun ku Unah di hareupeun Icih?
Baréna ngarérét ka Firman,
"Anjeun ulah hariwang, kuring pasti bakal ngaramu ubar hadé keur anjeun. Lamun ubarna geus aya, kuring pasti ngabéjaan bari mulangkeun deui Unah"
"Alus, kuring rék nungguan. Leuwih gancang leuwih alus" ceuk Firman bungah.
"Hampura Firman, Kuring moal bisa lila-lila didieu, Kuring hayang buburu murak Unah" ceuk Baréna teu sabar bari ngalamotan ramona anu geus baseuh ku leuleuer tina barang Unah.
Firman unggeuk. Dina haténa Firman kukulutus ngarasa sirik ka Baréna anu masih boga pakarang matih, teu kawas milik dirina anu geus paéh.
"Sok sing alakur, keun baé tingalkeun kuring didieu. Kuring keur hayang sorangan"
"Unah, ulah nguciwakeun akang, layanan Baréna sing bener" ceuk Firman ka Unah.
"Mangga kang, abdi ngartos" ceuk Unah bari nangtung. Terus nuturkeun Baréna kaluar.
Peutingna,
Di hotél Baréna ngarasa sugema ku palayanan Unah,
"Unah. Leuwih hadé ulah hayang balik deui ka Firman, kumaha lamun dikawin ku akang?"
"Mangga kang, badé diemut heula ku abdi" ceuk Unah. Sanajan dina urusan ranjang Baréna kurang jago dibanding Firman, tapi dedegan Baréna leuwih alus tibatan Firman, umurna ogé leuwih ngora. Lamun Baréna bisa milu ngabantu kulawargana, teu masalah Unah kudu leupas ti Firman ogé.
Isukna,
Béja leungitna Junaédi jeung Jujun beuki ramé. Saémbara ogé geus ditaékeun jadi 100 juta. Loba anu milu néangan lantaran kabongroy ku hadiahna.
Téngsé sarapan, Icih ngantor, Mardi ka asosiasi kaligrafi jeung lukisan, sedengkeun Lastri indit judi. Sanajan ukur judi, tapi dangdanan mah saperti rék ka ondangan, baju hadé, perhiasan reunceum, makeup ogé kandel.
Udin anu harita keur ngepél narima telepon ti Warni,
"Akang nuju dibumi?"
"Enya, Aya naon?"
"Kulawargi abdi nembé ngaresmikeun club énggal di jalan Dipati ukur. Abbdi badé masihkeun kartu member full aksés kanggé akang. Ayeuna abdi tos dipayuneun bumi akang"
"Asup wéh, panto teu dikonci, kuring kagok keur ngepél" témbal Udin bari nutup teleponna terus buburu nganggeuskeun pagawéanna.
Warni muka panto sarta nangtung dina lawang bari nempo Udin anu keur ngepél.
Udin colohok nempo Warni anu geulis keur nangtung, buukna disanggulkeun ka luhur maké baju hideung anu katembong taktakna tapi ngepas awak dihias ku bros kukupu. Erokna hareup satuur tapi tukangna panjang, némbongkeun sapasang bitis bodasna anu lenjang. Ditambah ku riasan ipis dina beungeut jeung anting mutiara hideung beuki nambahan kageulisan sarta kharismana.
Nempo Udin colohok, Warni nanya,
"Kang!"
Udin ngarénjag, buburu nunda embér jeung elap pél ka dapur terus balik deui nyampeurkeun ka warni bari nyusutkeun leungeuna anu baseuh kana bajuna.
"Diuk" ceuk Udin ka Warni bari nunjuk kana sofa tamu.
Warni buburu diuk dina sofa. Udin ogé diuk pahareup-hareup. Warni ngodok tas leutikna terus ngaluarkeun karu VVIP tina bahan platinum murni. Terus dibikeun ka Udin ku dua leungeuna.
"Kang, ieu kartu member all aksés kanggé salira, salira tiasa ngagunakeun sadaya kelas di brilliant Club abdi, berlaku seumur hirup tanpa kedah nyimpen deposit"
Ahir-ahir ieu Brilliant Club mémang keur jadi obrolan di kalangan pengusaha kelas atas Bandung. Bubuhan Udin mah tara gaul sapinuhna di dunya bisnis, jadi teu nyaho. Club bisnis ieu mémang ditujukeun keur tempat ngumpulna pabisnis-pabisnis Bandung atawa luar Bandung. Pikeun ngarobrol biasa, reuni, meeting, narima tamu jauh atawa ngarencanakeun kerjasama. Privasina bakal kajaga sabab mangrupa rohangan-rohangan pertemuan saperti aula leutik tapi dilengkepan ku fasilitas-fasilitas méwah. Sasuai standar kelasna.
Jadi teu kabéh jelema bisa asup. Ukur pangusaha anu geus jadi anggota anu bisa ngagunakeun tempat éta.
Member dibagi jadi 4 tingkatan, biasa, senior, VIP jeung VVIP. Anu dibikeun ka Udin nyaéta all aksés, ukur kulawarga Nataprawira jeung Udin hungkul anu boga. Teu ditawarkeun kaluar. Soni geus nganggap Udin minantuna, matak ngahaja nitah Warni pikeun mikeun kartu éta ka Udin.
Deposit bulanan keur member biasa 10 juta, senior 50 juta, VIP 100 juta. Member biasa kudu pangusaha anu boga asét 100 milyar. Senior, VIP jeung VVIP tangtuna kudu leuwih luhur deui. Tina kartu éta bakal kaciri, mana pangusaha lemah jeung mana pengusaha kuat.
Udin teu pati kabita, sabab keur naon? Geus aya Susi anu ngajalankeun Bima Raya. Tapi tetep teu bisa nolak kartu anu geus diamanatkeun ku Soni ka Warni. Lamun teu ditarima pasti bakal kasinggung.
"Nuhun Warni" ceuk Udin bari nyakuan kartu.
"Salian masihkeun kartu, abdi ogé aya pamundut" ceuk Warni rada asa-asa.
"Naon?" Udin nanya.
"Kulawarga Nataprawira parantos ngainvéstasikeun 10 milyar dina club ieu. Tangtosna ogé anu diharepkeun kauntungan. Sapertos hotél, anu diical ukur penggunaan tempat sareng palayanan. Kukituna abdi nyuhunkeun dibantos dinilai prospék kapayuna. Akang kedah sumping kaditu kanggé ningal sacara langsung. Naon waé kakiranganna" ceuk Warni ngajelaskeun bari rada geumpeur, sok sieun Udin nolak.
"Ayeuna?" Udin nanya.
"Upami teu kaabotan" ceuk Warni unggeuk.
"Hayu, tapi kuring rék salin baju heula" ceuk Udin bari ngaleos ka kamarna.
"Abdi ngantosan dina mobil nya kang" ceuk Warni bari nangtung terus kaluar tanpa nungguan jawaban ti Udin.
Teu lila Udin jeung Warni geus tepi ka hareupeun Brilliant Club. Wangunan Club arsitéktur modern kaciri méwah jeung elegan anu geus diwangun salila 4 taun, tapi kakara diresmikeun pikeun dioperasikeun. Kartu memberna ogé geus loba anu kajual dibeuli ku pangusaha-pangusaha beunghar.
Saurang pagawé nyampeurkeun muka panto mobil. Saenggeus Warni jeung Udin kaluar, pqgawe langsung mawa mobil Warni ka parkiran anu aya di basement.
"Mangga ngiring ka abdi" ceuk Warni manggut ka Udin terus leumpang tiheula. Udin nuturkeun bari luak lieuk nempoan luar gedung. Anu ditempo éksteériorna bari ngerahkeun kamampuan spiritualna. Dua pilar marmer motif pola maung kaciri gagah jeung nambahan kawibawaan gedung.
Asup ka panto utama aya hiji lobi lega diamparan karpét wol kandel jeung mahal. Lalangitna luhur dihias ku rangkéan lampu kristal gedé anu ngagantung di tengah, caangna ngempray éndah siga tibeurang. Dina témbok sisi ngajajar hiasan sapasag lampu dinding pola maung tiap 2 meter. Geus jelas keur ngahias lobi waé pasti méakeun samilyar leuwih, sabab kabéh furniture tina bahan ukiran kai jati kolot anu hadé.
"Kang mural-mural dina tembok ieu ngagambarkeun kakayaan budaya dunya. Satiap mural nilaina ratusan juta" ceuk Warni ngajelaskeun.
"Enya. Aya mesjid agung di Abu Dhabi dihias ku mural siga kieu pinuh ke pesan moral agama, wajar lantaran tempat ibadah. Tapi didieu ngusung tema budaya, keur tujuan bisnis. Éta alus" Ceuk Udin.
"Kang. Abot lampu kristal ieu 8 ton. Didamel tina kristal asli. Digaleuh ti Éropa dicandak jadieu nganggé pesawat kargo khusus ti Austria langsung ka Husén, lajeng dirakit didieu" ceuk Warni bari nunjuk lampu kristal gedé anu ngagantung di luhur.
"Pas. Keur urusan bisnis memang kudu caang. Anjeun hébat" ceuk Udin muji.
"Nuhun kang. Nanging upami aya anu kirang, wartosan abdi" ceuk Warni manggut. Terus nuluykeun deui omonganna,
"Kang. Lantéi pangluhurna teu dibuka kanggé umum, éta husus kanggé kulawarga Nataprawira sareng salira, lebetna nganggé kartu anu tadi dipasihkeun ku abdi"
Udin unggeuk. Brilliant Club kabéhna aya 15 lantéi. Lantéi-1 lobi, 2 nepi ka 9 rohangan pertemuan. Dibagi jadi sababaraha rohangan anu ukuran jeung gaya anu béda-béda. 10 nepi ka 14 kolam rénang, sauna, fasilitas fitnes, taman, aréna bilyard jeung hiburan séjénna.
Ayeuna Warni geus némbongkeun lantéi-15. Kakara kaluar tina lift ogé geus katempo kaméwahanna anu béda jeung lantéi-lantéi saacanna. Megah kawas istana raja. Kabéh interiorna selera kelas atas jeung langka.
"Kang, di lantéi ieu paling méwah. Aya semi outdoor infinity pool, présidéntial suite, rohangan makan pribadi, aya ogé panggung hiburan méwah. Akang tiasa ngagunakeun sadaya fasilitas didieu iraha waé"
Udin gogodeg, bari seuri.
"Keur kuring pribadi teu kapikiran iraha bisa ngagunakeun fasilitas méwah kieu. Sabab Ieu lain gaya kuring. Tapi bisa waé iraha-iraha kuring butuh saupama kuring kadatangan tamu istiméwa. Tapi teuing iraha. Nuhun saacanna"
Warni unggeuk,
"Intina, akang teu kedah asa-asa, bilih peryogi fasilitas didieu, gunakeun kartu atanapi telepon abdi upami aya kahoyong husus. Saupamina salira hoyong karaokéan atanapi dihibur ku artis top nasional, abdi tiasa ngahadirkeun kanggé akang"
Warni sabenerna keur ngungkapkeun kasukana sacara samar ka Udin kucara hayang méré pelayanan anu sampurna. Pepeuriheun teu bisa ngurus Udin sapopoéna, manéhna hayang nyenangkeun Udin ku fasilitas-fasilitas anu aya didinya.
Ngan Udin teu bisa nangkep nanaon kana maksud Warni. Udin fokus kana tugasna anu dipénta pikeun nganilai prospék usaha Warni sarta méré saran-saran saupama masih aya anu kurang,
"Sajauh ieu kuring can manggih aya anu anéh, kuring kudu balik deui mapayan satiap lantéi sarta mariksa deui leuwih detail tiap jeungkalna jeung perlu sorangan, sabab lamun bari ngobrol kuring teu bisa ngonsétrasikeun fikiran sarta kamampuan kuring sacara pol"
Warni unggeuk,
"Mangga kang. Upami kitu ku abdi di kantun heula, kantor pribadi abdi aya pengkereun resépsionis lantéi-1. Upami aya nanaon, wartosan abdi. Akang sing tenang"
Nyambung...