WebNovelAING UDIN93.90%

Udin amprok jeung Baréna

Udin unggeuk, bari merhatikeun Warni nepi ka asup kana lift. Udin mariksa deui satiap rohangan di lantai-15 tiap jeungkalna luhur jeung handap eweuh anu kaliwat, terus turun ka lantéi-14 ngalakukeun hal anu sarua, ka-13, 12, 11 jeung saterusna nepi ka 3 jam geus tepi ka lantéi-2 anu can ditempo saméméhna.

Sacara umum Udin bisa nempo satiap lantai dihias ku dékorasi jeung furniture gaya modern méwah kelas dunia anu dirancang ku designer jago. Sabab Udin ampir teu manggih kalemahanna. Tina segi daya tarik biasa-biasa waé, euweuh aura anu istiméwa.

Tapi ku kabageuran Warni, Udin boga niat ningkatkeun aurana sangkan popularitas gedung terus naék, palanggan loba, ulah nepi ka teu payu anu ahirna jadi gedung paéh.

Saenggeus nyerep kakuatan tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun, Udin manggih sababaraha ideu. Tapi keur husu konséntrasi, saurang awéwé datang ti tukangeunna.

"Udin si runtah bau! Keur naon aya didieu?" Ceu sora saurang awéwé.

Udin ngarénjag terus ngaérét ka tukang. Nyampak aya Unah jeung saurang lalaki maké jas bodas keur ngadeukeutan. Lalaki éta Baréna. Baréna mémang mimiti bogoh ka Unah, matak ngadéngé aya Club House méwah anyar dibuka. Baréna langsung ngajak Unah pikeun nempo.

Awalna Unah ngalayanan Baréna lantaran kapaksa, sabab Baréna bageur jeung béréhan kana rejeki. Malah Unah geus diwowoy ku papakéan jeung dahareun marahal. Ahirna Unah daék jadi kabogohna sarta daék maturan jalan-jalan. Komo dijangjian rék dikawin. Unah geus ngarasa aya panyalindungan anyar, harga dirina saolah balik deui.

Baréna karék meuli kartu mémber senior di Brilliant Club saharga 50 juta. Sarta kahareupna bakal terus mamawa unah pikeun dikenal-kenalkeun ka babaturan bisnisna.

Unah nempo kaméwahan Club langsung ngarasa dirina geus aya di kalangan pengusaha kelas atas. Matak barang nempo aya Udin didinya, langsung bijil niat usilna pikeun ngawiwirang Udin. Ibarat keur ngeunah-ngeunah nginum kopi ari ditempo kopina aya laleuran, nempo aya Udin di dinya, selérana langsung turun.

Pas Baréna ngadéngé Unah ngahina saurang lalaki anu katempona jelema biasa. Baréna langsung nyangkéh cangkéng leutik unah bari nanya,

"Ieu lalaki miskin anu sok diobrolkeun ku anjeun téh?"

"Leres sayang. Pameget ieu kawitna kuli ngaduk anu nikah ka wargi abdi. Nanging ayeuna parantos janten jalmi sombong, angkuh sareng tukang ngabohong. Sapertosna aya didieu ogé nuju milarian mangsa kanggé ditipu, nyaéta pangusaha-pangusaha beunghar anu sumping ka dieu" ceuk Unah.

Baréna anu mémang geus Bogoh ka Unah percaya sarta ngarasa perlu pikeun ngabéla Unah. Jadi Baréna nanya ka Udin,

"Ceuk Unah anjeun lain pengusaha, rék naon datang kadieu?"

"Mémangna aturan timana kuring teu meunang kadieu?" Ceuk Udin kerung.

"Jelas teu meunang, lantaran anjeun teu pantes" ceuk Baréna.

Udin seuri,

"Sok jelaskeun, teu pantes lebah manana?"

Baréna langsung tanggah bari memener dasina,

"Sabenerna geus teu kudu nanyakeun. Dina papakéan ogé katempo, rapih kénéh seragam office boy tibatan dangdanan anjeun"

"Naon anu dipaké ku kuring, éta hak kuring. Tapi lain hartina kuring teu mampu meuli. Euweuh aturan datang ka Brilliant Club kudu maké jas" témbal Udin.

"Kuring teu ngabahas masalah pakéan. Ngan asa piraku jelema anu dangdananna kawas anjeun mampu jadi member didieu. Lamun lain member teu menang asup. Anjeun anggota biasa?" ceuk Baréna.

"Lain" jawab Udin gogodeg.

Baréna kerung,

"Hartina mémber sénior nya? Sabab lamun VIP mustahil. Ceuk Unah, usaha pamajikan anjeun anyar kénéh diresmikeun jeung tanpa modal, pasti asétna can cukup keur meuli mémber VIP kaluhur"

"Lain. Kartu mémber kuring, anu kuring pribadi. Lain anu pamajikan" ceuk Udin gogodeg deui.

"Wah, mimiti ngaulinkeun siah. Bet aing ogé boga pabrik farmasi ukur bisa meuli kartu member sénior. Mémangna sia boga usaha naon? Bisa boga mémber VIP" ceuk Baréna mimiti ambek.

Udin gogodeg deui,

"Ceuk saha VIP, lain, anjeun salah kénéh"

"Koplok! Bener-bener tukang bohong. Ukur pengusaha sakelas Qin Gang jeung Salman Wijaya anu mampu meuli VVIP. Paling ukur aya 10 urang di Bandung" ceuk Baréna.

"VVIP ogé lain" ceuk Udin bari gogodeg terus nepak tarangna.

"Hartina sia lain mémber, montong aya didieu, sabab didieu ngan aya 4 kelas éta" ceuk Baréna.

"Ceuk saha?" Udin nanya.

"Hartina bener dugaan kuring, anjeun datang kadieu ukur néangan mangsa pikeun ditipu. Bener?" Ceuk Unah molotot.

"Anjeun datang ka tempat anu salah. Club ieu husus dijieun keur sarana kelas atas anu dijieun ku kulawarga Nataprawira. Poé ieu karék dibuka, loba pangusaha datang hayang nyaho jeung meuli kartu mémber. Anjeun teu sieun kanyahoan ku security?"

Udin seuri,

"Kuring angota, jeung kuring can kungsi ngarasa sieun ku jelema"

"Lain anggota ti 4 kelas anu aya, tapi ngaku anggota? Hartina tempat anjeun di basement, jadi tukang parkir?" Ceuk Baréna nyakakak, Unah ogé sarua nyakakak sabab ngarasa lucu ku tebakan Baréna.

"Lamun kuring ngomong, Kuring mémber kelas 5 sarta boga hak sarua jeung anu boga Club House ieu, anjeun masih can percaya?" Udin nanya.

"Dasar tukang tipu, euweuh kelas 5 didieu mah Kuya! Sia malah ngajajarkeun diri jeung anu boga Club, teu sieun ku kulawarga Nataprawira?" Ceuk Baréna molotot.

"Anéh, kuring geus jujur tapi anjeun teu percaya kénéh waé" témbal Udin.

"Kudu percaya naon ka manéh tukang tipu! Rék ngabohong dihareupeun Baréna. Nyaho saha aing?" Ceuk Baréna muncereng.

"Mémangna anjeun terkenal?" Ceuk Udin malik nanya.

"Kungsi ngadéngé Triman Pharmaceutical? Tah éta anu aing" ceuk Baréna.

"Teuing, can kungsi ngadéngé" ceuk Udin gogodeg.

"Wah, sia bener-bener néangan masalah jeung aing. Keur mah teu boga kartu mémber, wani asup kadieu, ngaku mémber tingkat-5 deuih. Ngobrol jeung anjeun asa ngobrol jeung jelema idiot" ceuk Baréna.

Udin gogodeg bari ngaluarkeun kartuna,

"Tah tempo, ieu kartu kuring, VVIP husus all access. Ti lantéi-2 nepi ka lantéi 15, kuring bisa maké kabéh"

Baréna melong kana kartu dina leungeun Udin bari nyureng. Kartu Udin alus, sabab tina bahan platinum. Leuwih hadé ti kartu milikna. Tapi Baréna can kungsi ngadéngé Brilliant Club ngaluarkeun kartu VVIP all access Komo bisa maké lantéi-15. Lantéi-15 husus keur kulawarga Nataprawira. Mémangna si Udin saha? Pasti kartuna palsu! Bener-bener tukang tipu, wani ngajieun kartu palsu. Néangan picilakeun.

"Anu ngajieun kartu palsu éta pasti jelema idiot. Leuwih hadé sia ménta dihampura ka aing, terus indit ti dieu! Lamun henteu aing rék ngageroan Boyo, jelema kapercayaan kulawarga Nataprawira. Boyo jeung bapa kuring geus siga adi lanceuk" ceuk Baréna.

Padahal Boyo jeung Atang ukur wawuh biasa pédah babaturan salembur. Jadi mineng panggih ngobrol. Tapi euweuh hubungan dulur. Boyo ogé lain kulawarga Nataprawira, ngan ayeuna geus dipromosikeun naek jabatan anu boga posisi luhur di kulawarga Nataprawira. Anu tadina saurang palayan di imahna Warni, ayeuna jadi kepala rumah tangga Kulawarga anu ngatur sagala urusan rumah tangga Kulawarga Nataprawira. Lamun di kulawarga Subrata mah statusna sarua jeung Asép. Jadi dina hal status di Bandung. Boyo ogé malah leuwih luhur ti raja préman nyaéta Bahar.

Sabab sakumaha beungharna Bahar, Bahar lain ningrat, jadi moal bisa disajajarkeun jeung para gegedén séjénna. Tapi Boyo, manehna bisa jadi juru bicara kulawarga Nataprawira. Jelema luar anu posisina pangluhurna di kulawarga Nataprawira. Jadi Baréna mineng ngajual ngaran Boyo pikeun nyingsieunan batur.

Pas Udin ngadéngé ngaran Boyo, Udin seuri, sabab Udin wawuh. Jadi Udin nyarita,

"Kuring poho méré nyaho ka anjeun. Kartu ieu dibikeun ka kuring langsung ti Warni Nataprawira. Anjeun tadi ngomong anu ngajieun kartu ieu jelema idiot. Naha anu dimaksud idiot ku anjeun néng Warni?"

"Dasar tukang bohong, beuki dilayanan, némbalna ku bohong deui, bener-bener sia mah. Naon manfaatna néng Warni nyieun kartu keur sia?" Ceuk Baréna beuki ijid ka Udin.

"Naha bet anjeun anu kudu riweuh? Rék kuring boga kartu rék henteu, rék kuring aya didieu rék henteu. Naha bet kudu usil? Dijawab teu percaya, ditémbongkeun kartuna malah nuduh kartu palsu. Kahayang anjeun naon?" Ceuk Udin.

"Jelas aing kudu kasinggung. Sia geus nganggap rendah para pangusaha sa Bandung. Saupama néng Warni nyahoeun, tada teuing ngamukna ka anjeun" ceuk Baréna.

"Sok atuh béré nyaho" témbal Udin.

Unah anu fikirana masih karunya kana nasib Firman jeung sarua geus diwiwirang ku Udin, nyarita ka Baréna,

"Kang. Ulah debat teras sareng jalmi belegug kieu. Langkung saé énggal laporkeun ka security, nyuhunkeun diusir. Atanapi sayran Boyo sina disiksa jalmi kieu mah, teukteuk gagaduhanna supados janten banci"

"Tenang nyi, akang rék ngagero security" tembal Baréna. Terus nyorowok tarik,

"Woy, sécurityna mana? Ieu aya galandangan asup sarta ngahina néng Warni Nataprawira!"

Teu lila Boyo datang, diiringkeun ku 4 sécurity.

"Kurang ajar! Saha anu bieu cocorowokan ngageroan security? Aya naon?"

Nempo Boyo datang Baréna langsung nyakakak,

"Modar siah!" Ceuk Baréna ka Udin. Saterusna Baréna manggut ka Boyo bari curukna nunjuk ka Udin,

"Boyo. Jelema ieu geus pura-pura jadi mémber, boga kartu palsu sarta ngahina kulawarga Nataprawira"

Sabab anu ngomong Baréna anak Atang babaturan salemburna, tanpa ngarérét deui ka Udin, Boyo langsung percaya,

"Sécurity! Siksa, terus usir jelema éta" ceuk Boyo nunjuk saliwat ka Udin terus diuk dina sofa jati ukir anu teu jauh ti dinya.

4 sécurity langsung ngepung Udin. Unah atoh nempona, pon kitu deui Baréna.

Udin langsung nyorowok ka Boyo,

"Boyo! Anjeun Inget ka kuring anu kungsi nitah anjeun néangan linggis, nutup keran jeung ménta anduk garing di imahna néng Warni? Teu salah ayeuna anjeun nitah security pikeun nyiksa kuring?"

Kabéh jelema ngarénjag. Sabab teu percaya kana pangakuan udin anu wani campelak ka Boyo. Kungsi wani nitah hal anu sakuduna dilakukeun ku saurang palayan.

Boyo ngarenjag bari ngarérét ka Udin. Pas nempo beunget udin Boyo langsung pias. Buburu nangtung nyampeurkeun ka Udin terus ngabongkokkeun awakna,

"Guru, hampura kuring. Kuring teu nyaho anjeun aya didieu"

Sararéa colohok, sabab disangkana Boyo nyampeurkeun ka Udin kulantaran ambek. Tapi malah ngahormat ménta dihampura bari nyebut guru.

"Boyo. Kuring bungah anjeun geus naék pangkat sarta boga jabatan anyar jadi kepala urusan rumah tangga di kulawarga Nataprawira. Tapi lain hartina kudu ngaluhuran wewenang neng Warni pan? Ku néng Warni kuring dititah kadieu, piraku ku anjeun kuring rék diusir?" ceuk Udin.

Boyo langsung deku,

"Guru. Hampura kuring geus wani campelak ka anjeun"

"Teu nanaon, nangtung. Kahareupna pariksa heula sing bener masalahna sarta tempo jelemana. Ulah asal percaya kana laporan anu sabenernya ukur hayang ngajongklokeun anjeun" ceuk Udin ka Boyo.

"Saleresna aya naon guru?" Boyo nanya.

Udin ngarérét ka Baréna,

"Cenah anjeun jeung bapana jelema ieu geus kawas adi jeung lanceuk. Naha bener?"

"Kuring jeung Atang ukur babaturan sakampung, wawuh biasa, lain dulur sarta teu boga hubungan husus nanaon" témbal Boyo.

"Tapi jelema ieu geus ngajual ngaran anjeun pikeun nyingsieunan kuring, ngancem kuring, ngahina, malah rék maéhan sagala. Kumaha ceuk anjeun?" Udin ngajelaskeun.

Boyo unggut-unggutan mimiti ngarti kana masalahna, terus ngalieuk ka Baréna,

"Anjeun ngahina guru, ménta dihampura ayeuna kénéh" Ceuk Boyo nyentak Baréna.

Baréna kerung, bingung kunaon Boyo nyebut guru ka pamuda miskin kelas bawah sarta pangangguran. Jadi Baréna nyarita,

"Mang. Si Udin runtah miskin, anjeun pasti salah nempo atawa poho. Tempo deui sing bener. Anjeun kepala urusan rumah tangga kulawarga Nataprawira, si Udin geus ngahina néng Warni. Kuduna anjeun ngajaga martabat kulawarga Nataprawira lain ngabéla si Udin"

Leungeun Boyo geus ngeupeul bari ngeleper nahan ambek. Boyo nyaho Nyawa Soni Nataprawira geus disalametkeun ku Udin. Mustahil Udin ngahina Warni. Udin dipihormat ku kulawarga Nataprawira, tapi ku Baréna malah dihina.

Boyo ohé geus nyaho Soni hayang ngajodokeun Warni ka Udin. Hartina Udin bakal jadi dununganna. Saupama Warni diangkat jadi Patriark kulawarga, lamun boga salaki ka Udin. Hartina Udin anu bakal mimpin kabéh kulawarga Nataprawira. Baréna ngajual ngaranna pikeun nyilakakeun Udin? Jelas teu bisa ditarima.

Lantaran geus teu kuat nahan kaambekna, ahirna Boyo nagtung terus nampilingan pipi Baréna bulak balik,

"Security! Titah deku 2 jelema ieu!"

Security langsung najong suku Baréna ti tukang nepi ka andiprek deku. Baréna digusur ka hareupeun Udin, taktakna diteken ku suku. Kitu deui Unah. Duanana diréndéngkeun nyinghareup ka Udin.

Baréna teu nyangka Boyo wani nampiling dirina, tapi euweuh gunana deui ménta penjelasan. Dirina jeung Unah geus deku di hareupeun udin.

"Pa Udin, kuring teu nyangka Atang bakal boga anak anu teu diwarah sopan santun. Ijinkeun kuring ngawarah 2 jelema ieu sangkan nyaho akibat tina kalakuanna anu geus ngahina anjeun" ceuk Boyo ka Udin.

"Mémang geus sakuduna anjeun ngawarah, anjeun jelema nomer hiji anu dipercaya di kulawarga Nataprawira. Pangusaha séjén anu leuwih luhur tingkatana ti Baréna waé pasti ngahormat ka anjeun. Tapi Baréna malah wani nitah anjeun pikeun nyiksa kuring. Sarua waé jeung geus ngahina anjeun ogé pan?" tembal Udin.

"Anjeun bener guru, kuring ambigu" ceuk Boyo.

"Boyo, lamun aya anu ngahina idiot ka néng Warni, anjeun rék kumaha?" Udin nanya.

"Kuring tadi némbongkeun kartu VVIP ieu ka Baréna. Tapi Baréna ngomong yén anu ngajieun kartu ieu jelema idiot. Kartu ieu husus dibikeun ku Warni keur ngahormat kuring"

"Bangsat, anjeun pantes modar!" Ceuk Boyo bari najong cangkéng Baréna sarta nonjokkan sirah Baréna kénca katuhu.

Baréna murungkut sieun teu ngalawan, tapi Baréna ngarasa perlu ngajelaskeun. Jadi Baréna nyarita,

"Mang. Pariksa deui. Kartu dina leungeunna VVIP all access. Si Udin lain kulawarga Nataprawira. Naha bet boga kartu VVIP all access? Hartina kartu éta meunang maok atawa palsu pan?"

Disambung ku Unah,

"Bener. Jelema ieu katelah tukang tipu, tukang bohong, loba pangusaha beunghar anu geus katipu ku manéhna. Nipu geus jadi pagawéanna, jadi keur manéhna tangtu moal hésé ngajieun kartu palsu"

Awak Boyo beuki ngadégdég, amarahna ampir budal kabéh ngadéngé omongan Baréna jeung Unah,

"Déngékeun aing! Aya saurang diluar kulawarga Nataprawira anu boga hak keur sakabéh wangunan gedung ieu, nyaéta guru Udin. Atanjeun ngarti?"

Baréna jeung Unah ngarénjag, terus silih rérét. Sabab nyatana omongan Udin bener. Aya level-5 salian 4 level anu dijual. Nyaéta level anu dihususkeun keur Udin jeung pemilik Brilliant Club.

"Guru, Kuring geus teu sabar hayang nyiksa 2 jelema ieu. Hukuman naon anu pantes. Béjaan kuring guru" ceuk Boyo ka Udin bari kekerot.

"Lantaran sungutna garoréng patut, leuwih bau tibatan cubluk, jadi kudu diberesihan" témbal Udin.

"Lamun kitu rék diinuman parfum ku Kuring" ceuk Boyo.

"Ulah. Parfum cairan kimia konséntrasi tinggi, disemprotkeun saeutik moal nanaon, tapi lamun diinumkeun bisi paéh. Kuring teu hayang aya jelema sakarat terus jadi bangké di gedung anyar anu karek diresmikeun ieu" ceuk Udin.

"Jadi kudu kumaha guru?" Boyo kerung.

Udin ogé kerung mikir. Sedengkeun Baréna jeung Unah beuki sieun, awakna ngadégdég bari leungeunna silih cekel nungguan anu bakal diucapkeun ku Udin. Unah mah malah geus ceurik ngageungeuik pikarunyaeun.

Ahirna Udin ngomong,

"Kieu! Sungutna bau lantaran ucapanna. Sangkan jadi seungit, kudu ngadahar heula anu bau-bau. Lamun geus kitu pasti maranéhna bakal nyeungitkeun sungutna sorangan. Naha disikat atawa nginum parfum, terserah ari dilakukeunna ku manéhna kénéh mah. Jadi bawa duanana ka toilét lalaki, titah ngalamotan urinoir! Lamun teu daék, jejelan sungutna ku tai jelema"

Boyo unggeuk, langsung nangtung sarta ngarérét ka 4 sécurity anu marenganna. Terus nunjuk dua security,

"Anjeun Duaan, tutup toilét lalaki anu paling mineng dipaké di lantéi-1. Alihkeun tamu ka toilét séjén"

Dua security langsung lumpat ngalaksanakeun paréntah Boyo, teu lila kadéngé sora tina HT,

"Toilét clear"

"Bawa dua jelema ieu, sina ngalamotan kabéh urinoirna nepi ka beresih" cek Boyo ka 2 sécurity anu masih aya didinya.

Baréna ngarérét sedih ka Unah anu keur ceurik, duanana pasrah diséréd ka toilét di lantéi-1 bari ngabayangkeun siksaan anu bakal disinghareupan. Saumur hirupna, duanana can kungsi ngimpi kudu ngalaman ngalamotan urinoir.

Urinoir di toilét gedung pasti loba lain ngan ukur hiji. tiap urinoir pasti geus diompolan ku sababaraha jelema, sanajan gedung karék diresmikeun poé éta, lain hartina urinoirna can dipaké. Sababaraha Minggu saacana pasti geus diparaké. Komo ayeuna geus soré, can aya cleaning servis anu ngaberesihanna.

Can deui anu ngarompol teu kabéh jelema séhat. Pasti aya ogé anu boga panyakit kencing manis, atawa panyakit kelamin. Karék ngabayangkeunna ogé duanana geus arongkék rék Utah.

"Mang. Leupaskeun mang. Ngalétakan urinoir teu manusiawi" ceuk Baréna ka Boyo bari ceurik.

"Mémangna manéh ngarasa manusa? Manusa mah moal boga ahlak kawas sia. Maké jeung wani mapatahan aing teu manusiawi sagala" ceuk Boyo bari ngajejek tonggong Baréna.

Nyambung...