WebNovelAING UDIN97.56%

Bahar ngukir tarang Salim

Udin jelas ambek. Sababaraha kali disebut sangsara Udin masih bisa narima, tapi ayeuna Salim geus mimiti ngahina Icih jeung Élsa. Jadi Udin ngaléngkah ka hareupeun Salim bari molotot,

"Matog ti hareupeun kuring lamun hayang salamet!"

"Rék naon hah! Wani ka kuring?" Ceuk Salim bari nyurungkeun dada Udin.

"Salim. Ulah ngotoran leungeun anjeun. Pasrahkeun ka kuring" ceuk Acéng ka Salim.

"Sécurity, siksa pamuda ieu" pokna maréntah para sécurity bari nunjuk ka Udin.

6 sécurity langsung maju ngepung Udin. Lantaran dikepung, Udin nitah Élsa jeung Icih sangkan duanana asup kana mobil. Udin ngangkat sukuna langsung dijejekeun kana beuteung Salim satarikna.

Salim ngocéak bari ngalayang katukang, tonggongna langsung ngahantem mobilna sorangan. Salim muringis bari nyekelan angena anu seueul.

"Manager Acéng, podaran, kuring anu tanggungjawab"

Tapi ti lebah lobi résort kaluar saurang lalaki séjén nyampeurkeun,

"Tahan! Aya naon ieu?"

Acéng ngarénjag bari ngalieuk ka lebah sora,

"Kang Bahar. Mémangna geus bérés ngeueumna?"

"Enggeus. Kakara rék balik tapi nempo aya anu ngarariung didieu, aya naon?" Ceuk Bahar ka Acéng.

Sanajan Udin keur nukangan, lantaran kudu waspada ka 6 urang sécurity anu ngepungna, jadi Udin teu malikkeun awakna pikeun nempo. Tapi tina sorana, jelas Udin nyaho yén lalaki anu anyar datang mémang bahar. Raja préman sakaligus pamilik Rumah klasik. Bahar teu sorangan, aya 4 préman deui nuturkeun satukangeunna.

Acéng ngajelaskeun ka Bahar,

"Saurang pamuda najong Salim, kuring rék mangmaleskeun. Tapi akang datang"

Bahar ngaérét ka Salim anu keur muringis nyekelan beuteungna,

"Kang Bahar, kumaha cageur?" Ceuk Salim nanya bari muringis

"Halah Lim, ngérakeun manéh mah. Piraku jelema bedegong kawas anjeun masih aya anu wani najong" ceuk Bahar ka Salim bari nyakakak seuri.

Bahar mémang wawuh ka bapana Salim, malah geus nyobat ti ngongora.

"Beuteung kuring ditajong ku jelema sangsara éta kang" ceuk Salim bari nunjuk ka Udin anu masih dikepung ku 6 urang sécurity.

"Siga kumaha beungeutna" ceuk Bahar bari ngaléngkah terus ngabedol saurang security anu keur ngepung Udin sangkan mundur. Bahar nulak cangkéng tukangeun Udin anu keur nonggongan.

"Kang, rék dibéréskeun ku kuring atawa rék ku akang? Lamun rék ku akang. Kuring rék asup sabab hayang buburu mandi cai panas didieu" ceuk Udin bari malik.

Bahar jelas ngarénjag, bener-bener teu nyangka yén pamuda anu keur dikepung nyatana udin. Untung bieu Bahar teu ngomong anu matak nyinggung Udin atawa langsung nyerang Udin. Bahar buburu ngabongkokkeun awakna,

"Adén gening, wilujeung sumping di Sari Ater dén" ceuk Bahar bari awakna rada ngadarégdég.

Kabéh jelema colohok némpona, hususna Acéng jeung Salim. Bahar anu kawéntar barangasan, ayeuna ngabongkokkeun awakna ka saurang pamuda bari nyebut Adén.

"Kang, mimiti iraha anjeun wawuh ka jelema sombong siga kitu?" Udin nanya ka Bahar bari nunjuk ka Salim.

Bahar langsung bisa nebak yén Salim geus nyinggung Udin. Tanpa ngajawab kana pananya Udin, Bahar langsung ngagedig nyampeurkeun ka Salim. Teu paduli Salim anak sobatna. Salim langsung diképrét pipina terus dijenggut jambul Elvisna, didagor dagorkeun sirahna 3 kali kana mobil Maserati tukangeun salim nepi ka kentob.

"Ampun Mang, kunaon ajeun nyiksa kuring?" Ceuk Salim reuwas bari nahan lieur dina sirahna anu didagorkeun.

Sirah Salim anu jambulnya masih dikeupeul ku Bahar digusur sarta ditotogkeun hareupeun Udin. Salim langsung tikusruk nangkuban tarangna ngajedak kana beton parkiran.

"Sia néangan masalah jeung Radén Udin Subrata?"

Acéng nempo kajadian éta ukur bisa calawak reuwas. Can ngarti kana naon anu keur lumangsung. Malah 4 préman anak buah Bahar ogé langsung taki-taki bisi 6 sécurity anu geus siaga, pipilueun mantuan Salim.

"Kang eureun, Aya naon ieu?" Ceuk Salim nyorowok.

Tapi sirahna dijejek ku Bahar,

"Aing geus nganggap sia anak sanajan nyaho kalakuan sia diluar teu eucreug, tapi lantaran geus wani nyieun masalah ka dén Udin, sia kudu modar"

"Mémangna saha jelema sangsara anu disebut si Udin ku mamang? Lamun kuring salah, kuring bisa ngarobah diri" ceuk Salim.

Suku anu nincak sirah Salim ditalapungkeun kana puhu ceuli Salim.

"Dén Udin, guru kuring. Anjeun teu sopan ka guru kuring hartina geus wani nincak harga diri kuring"

Salim reuwas, langsung ceurik, terus ngorondang ngarangkul suku Udin,

"Mang, hampura kuring mang. Kuring rumasa salah, kuring rek ngagantian Mercedes butut si Udin"

Cangkéng Salim dijejek ku Bahar, nepi ka Salim ngajoprak deui nangkarak.

"Koplok! Anu dirangkul suku guru, ari ménta hampura ka aing! Sia cageur?

"Barudak, ancurkeun mobilna!" Ceuk Bahar maréntahkeun 4 préman ngancurkeun Maserati milik Salim.

"Siap" 4 préman langsung nyebar néngan barang naon waé anu bisa dipaké ngancurkeun mobil. Teu lila geus baralik deui, Aya anu mawa batu gedé, Aya anu mawa balok kai, aya anu mawa pipa, malah anu ngarana Pipit mah datang bari manggul bangku kios. Langsung dipaké ngancurkeun body Maserati.

Awéwé kolot dijero mobil jelas tituturubun turun bari jejeritan. Tapi ponsél dina leungeunna masih terus ngaméra.

"Pipit! Gusur awéwé éta kadieu!" Ceuk Bahar ka Pipit.

Pipit ngajenggut buuk si awéwé, digusur terus dijongklokeun ka hareupeun kang Bahar. Nepi ka nonggéng.

"Kuring masih ngaméra, kuring YouTuber anu boga 3 juta subscribers, anjeun kabéh bakal tamat" ceuk si awéwé bari andéprok diuk terus ngaméra kaayaan sakuriling.

Bahar ambek,

"Wani ngancam aing, teu nyaho aing saha?"

"Sia aki-aki anu teu gableg sopan santun" ceuk si awéwé.

Salim anu ngadéngéna langsung ngoréjat hudang bari nampiling si awéwé,

"Jaga sungut sia, ieu mamang aing. Kang Bahar, raja préman"

Si awéwé ngarénjag, buburu nyetop rékamanna, terus file-na disimpen,

"Kang Bahar? Hampura, kuring teu nyaho"

"Buka konci ponsél manéh, kadieukeun!" Ceuk Bahar bari namprak.

Si awéwé ngagugu, bari leungeunna ngadégdég muka konci hp terus dibikeun ka Bahar,

Bahar mariksa file, kabéh vidéo jeung foto dihapusan, terus siap-siap ngajieun siaran live YouTube dina akun milik si awéwé,

"Aing nyaho sia ublag kolot anu resep ka brondong, ayeuna keur meuli-meuli Salim. Aku kabéh, saha anjeun jeung aya di mana ieu. Sangkan subscribers, anak-anak, jeung salaki sia nongton" ceuk Bahar bari nga-klik play dina siaran langsungna.

"Ampun kang, rumah tangga kuring bisa paburantak, subscribers kuring ogé bisa kalabur" ceuk si awéwé ngakengis.

Bahar mareuman deui siaran langsungna. Terus ngarérét ka Pipit,

"Pipit. Awéwé ieu bawa balik, bikeun ka si Gobang sina ngajaga toilét umum di terminal Cicaheum salila 3 taun. Lamun wani kabur, podaran".

"Ampun kang, ulah" ceuk si awéwé ceurik.

"Oké. Aing rék nyieun siaran langsung, matak buru ngomong!" Ceuk kang Bahar bari mimiti ngaméra deui.

Si awéwé langsung nyarita kana kaméra. Ménta dihampura ka salaki, anak-anakna sarta ka para penggemarna. Terus ngajelaskeun yén dirina keur salingkuh ti salaki. Ayeuna aya di Sari Ater jeung saurang brondong, jst...

Geus réngsé kang Bahar mariksa uploadna, geus katempo aya anu nga-like jeung ngoméntaran. Buburu ponsélna dibantingkeun kana beton parkiran terus dijejek nepi ka ngaderekdek remek.

Si awéwé ceurik bari nyokot ponsélna. Hayang mupus atawa ngabatalkeun live streaming anu bieu tapi teu bisa sabab HPna geus ancur. Sora mobil anu diruksak masih kadéngé, ngan sakeudeung Maserati mewah geus jadi mobil rongsokkan.

Salim geus leuleus teu walakaya, mobil pamére bapana diruksak. Tada teuing bapana bakal ambek. Leungeunna ngarangkul suku Bahar.

"Kuring rumasa salah mang, cukup, ulah nambahan deui kasangsaraan kuring"

Bahar teu maliré ka Salim, tapi ngarérét ka Udin,

"Kumahakeun salajengna dén?"

Udin malik nanya,

"Kang, sungut jelema ieu kotor pisan, teing geus sabaraha puluh kali nyebut kuring jelema sangsara. Akang kungsi ngadéngé aya jelema anu sungutna kawas kieu nepi ka kudu ngalétakan urinoir di Brilliant Club pan?"

"Nyaho dén. Boyo geus ngobrol ka akang" témbal Bahar rada reuwas, sabab Boyo teu nyebutkeun yén anu ngalakukeun Udin. Ayeuna Bahar jadi nyaho.

Salim murungkut, ceurik.

"Udin, hampura kuring, kuring rumasa salah, mobil kuring ogé geus ancur, ulah disiksa deui"

"Anjeun resep nyebut kuring jelema sangsara, sigana kalimah éta geus jadi ciri khas anjeun" ceuk Udin seuri.

"Lain, kuring salah, kuring anu sangsara, lain anjeun" témbal Salim sieun.

"Lamun geus boga kalimah anu jadi ciri khas, ulah éra-éra, éta kudu diabadikeun sangkan terus nerap dina diri jeung idéntitas anjeun" ceuk Udin.

Bahar kerung, sabab can ngarti kana maksud Udin.

Salim buburu ngorondang deui ka Udin,

"Leupaskeun kuring, kuring sanggup ngagantian Mercedes anjeun ku anu anyar"

"Kuring jelema sangsara, kuring teu butuh mobil anyar. Manéh tadi ngahina pamajikan kuring jeung babaturana, mobil anyar jelas can cukup keur ngagantian kanyeri haténa" ceuk Udin.

Saterusna Udin ngarérét ka Bahar,

"Kang. Anjeun mawa péso anu tungtungna seukeut?"

"Teu mawa dén, tapi aya anu séjén" cek Bahar terus malik ka Komar anu masih meupeuhan Maserati ku batu,

"Komar! Kadieukeun kangkalung kuku maung manéh" ceuk Bahar nyorowok ka komar ménta kangkalung komar anu gagantélna kuku maung.

Saterusna Bahar nyarita deui ka Udin,

"Akang jeung anak buah teu mawa pakarang nanaon Dén, sabab datang kadieu tujuanna rék ngeueum, lain rék gelut. Kuku maung bisa dipaké pan?" Pokna bari nampanan kangkalung ti Komar.

Udin unggeuk,

"Bisa. Anjeun geus diajar maca jeung nulis?"

"Parantos dén, diwarah ku Murad di Rumah Klasik tapi can pati lancar" témbal kang Bahar bari kulumas-kélémés éra.

"Bener dén. Maca jeung ngéjah geus rada lancar. Ngan can bisa ngabédakeun panempatan huruf gedé jeung leutik" témbal murad bari nunda balok kai anu geus dipaké ngahanteman Maserati.

Udin seuri, terus nyarita deui ka Bahar,

"Oké. Teu masalah. Tulis sabisa akang dina tarang Salim kalimah 'jelema sangsara' maké congo kuku maung éta. Sangkan saumur hirupna Salim sadar yén kalimah éta geus nyilakakeun dirina sorangan"

"Ku kuku maung ieu?" Bahar kerung, sabab can ngarti kana maksud Udin.

Udin unggeuk,

"Kuring hayang tulisanna teu bisa dihapus, ibarat tato. Anjeun faham?"

Bahar langsung nyakakak.

"Ngarti dén, akang ngarti"

Kang Bahar ngarérét ka 4 anak buahna,

"Rejengan si Salim"

Murad jeung Pipit langsung nyekelan leungeun Salim kénca katuhu, sedengkeun Komar ngajenggut buukna sangkan. sirah Salim tanggah ka Bahar.

"Ukir sing jero kang" ceuk Udin bari ngaluarkeun ponsélna pikeun ngarékam vidéo Salim anu diukir tarangna ku Bahar.

Bahar mimiti nuliskeun kalimah dina tarang Salim maké congo kuku maung dikoétkeun saeutik-saeutik. Jero pisan nembus kulit nepi ka keuna kana batok tarangna.

Getih pacampur jeung cipanon ngucur minuhan beungeut Salim. Baris luhur tulisana 'jelema', baris handap tulisana 'sangsara'. Maklum karek diajar nulis sanajan éjahanna bener tapi huruf gedé jeung leutikna mémang ngaco.

Udin meungpeukan biwirna nahan seuri maca tulisan nanjak mudun 'jeLemA sAngSara' dina tarang Salim. Tulisanna teu rapih tapi kabaca jelas.

Bapana Salim awalna sarua jeung kang Bahar, kungsi hirup di jalan sarta jadi préman. Ngan geus insaf jeung muka usaha. Usahana maju malah jadi pangusaha menengah anu suksés jeung beunghar. Tapi anakna, nyaéta Salim sabagé anak 'orang kaya baru' jadi boga sifat goréng. Tiap nempo jelema anu ékonomina sahandapeunna, pasti bakal dipoyok ku sebutan 'jelema sangsara' hal éta terus-terusan jadi kabiasaanna kababawa nepi ka gedé, saperti anu dilakukeunna ka Udin ayeuna. Teuing geus sabaraha ratus jelema anu kungsi dihina maké kalimah jelema sangsara ku Salim. Jadi geus bisa dinilai luhurnya tingkat kasombongan Salim.

Udin geus ngarasa hukuman ieu satimpal pisan. Tiap jelema anu amprok jeung Salim pasti bakal ngarandeg terus maca tulisan dina tarang Salim 'jelema sangsara'. Sacara teu langsung kalimah éta bakal kadéngé terus ku ceuli Salim sapanjang hirupna saolah-olah ucapan éta ditujukeun ka dirina.

"Kumaha kuring ngajelaskeuna ka bapa mang, mobil moal bisa dibawa balik bari tarang ditulisan kieu?" ceuk Salim ka Bahar bari ngahinghing ceurik.

"Jujur wé bébéja, ieu kabeh akibat kalakuan sia" témbal Bahar, bari ngelap getih dina tarang Salim, terus mariksa deui tulisana. Anu katempo can jero dijeroan deui.

"Mang, enggeus mang, peurih" ceuk Salim beuki ngahinghing.

"Ngahajakeun indit ka Cihampelas ditato kieu teh mahal siah. Tapi ku aing mah gratis. Matak ngajedog, keur dirarapih heula" ceuk Bahar.

"Mang, uing can kawin, moal aya anu daékeun ka kuring atuh mang ari tarang dikieu-kieu mah" ceuk Salim terus-terusan ngomong bari léwéh. Cimata tur getih anu ngucur ayeuna geus pacampur jeung lého.

"Ulah hariwang, payu kénéh ka nini-nini mah. Éta buktina, masih aya nini-nini anu daékeun dibawa kadieu ku manéh pan?" Ceuk Bahar bari ngarérét ka si awéwé. Terus nyarita deui ka Salim,

"Mun balik, omongan bapa manéh sangkan teu males dendam. Sabab lamun coba-coba males dendam ka aing atawa ka dén Udin. Tarang bapa manéh ogé bakal ditulisan 'bapana jelema sangsara'. Ngarti?" Ceuk Bahar.

Ngarasa pagawéanna geus réngsé, Bahar nangtung terus mundur 3 léngkah bari mulak cangkeng terus sura seuri sorangan nempo hasil ukiranna.

"Kumaha dén, kapaké teu ukiran akang?" Ceuk Bahar nanya ka Udin.

Udihan maéhan rékaman vidéona terus ungeuk,

"Alus kang, anjeun mémang aya bakat" tembal Udin seuri bari nepak taktak kang Bahar. Bahar ogé nyakakak nempo Udin Sugema.

"Ari anu awéwéna kumahakeun dén, ukir ogé?" Ceuk Bahar.

Udin gogodeg,

"Ulah kang, mimiti ayeuna akang kudu terus niténan dua jelema ieu. Lamun Salim wani mupus tulisanna atawa manjangkeun poni sangkan tulisana katutupan ku buuk. Ulah asa-asa, paéhan! Lamun awéwé ieu kanyahoan masih jadi YouTuber, péngkoran sukuna"

Duanana ngarénjag, padahal niat Salim balik tidinya rék langsung ka rumah sakit pikeun ngubaran tarangna bari ngaleungitkeun tulisanna. Teu paduli kudu operasi bedah plastik ogé anu penting leungit. Atawa jambul Elvisna rék diponikeun pikeun nutupan tarangna. Tapi kabéh niatna geus kabaca ku Udin.

Sarua jeung si awéwé. Pas balik rék langsung meuli ponsél anyar terus rék mupus siaran langsung bieu sarta rék nayangkeun peristiwa kakerasan Udin ka Salim anu vidéona geus disimpen dina cloud. Tapi ngadéngé rék dipéngkoran mah jadi sieun.

Ahirna Duanana ceurik deui bari terus terusan ménta dihampura jeung ménta ampun ka Udin jeung ka Bahar.

"Anjeun ngarti kana maksud Kuring pan kang? Lamun kuring nempo aya anu teu bérés, Kuring pasti bakal nanyana ka akang" ceuk Udin

"Ngarti dén, ulah hariwang, akang bisa ngirim jelema pikeun terus niténan dua jelema ieu tikajauhan salila 24 jam sapoé" témbal Bahar.

Saterusna Bahar nagog hareupeun Salim jeung awéwéna,

"Déngékeun kuring. Salian kuring rék maréntah anak buah pikeun terus ngunguntit aranjeun. Aranjeun ogé wajib saminggu sakali tiap poé Senén isuk-isuk datang ka Rumah Klasik pikeun laporan langsung ka kuring sangkan kuring bisa mariksa sorangan. Saupama kanyahoan aranjeun kabur ti Bandung atawa teu nurut kana kahayang kuring. Ulah ngarepkeun bisa hirup tenang. 3 rébu préman Bandung bakal dikeprakkeun kabéh pikeun nguber aranjeun. Sanajan nyuput dina liang cocopét, aranjeun moal bisa lolos ti kuring. Ngarti?"

Salim jeung si awéwé duanana unggut-unggutan bari terus-terusan ceurik.

Nyambung...