"Cukup kang, sina arindit wéh" ceuk Udin ka kang bahar
Kang Bahar unggeuk terus nalapung Salim,
"Mantog!"
Salim buburu ngoréjat nangtung terus ngahudangkeun si awéwé.
"Ulah poho tiap Senén laporan ka déwék" ceuk Bahar bari nalapung bujur Salim.
"Enya mang, kuring pasti datang" ceuk Salim bari buburu indit tidinya nungtun si awéwé.
Icih buburu kaluar tina mobil nyampeurkeun ka Udin,
"Kang. Hukuman akang kejem pisan"
Bahar buburu ngajelaskeun,
"Bu. Salim jelema jahat, aya ratusan jelema sangsara anu geus kungsi dihina ku manéhna. Basa taun baru, salim nyiksa galandangan nepi ka maot. Lain ngan ukur éta, Salim oge resep ngagoda tanteu-tanteu pikeun diporotan hartana, ngaruksak rumah tangga batur. Hukuman sakitu geus satimpal jeung kalakuanna"
Icih ukur colohok ngadéngé Carita Bahar.
"Bajingan!" Ceuk Élsa anu sarua kaluar tina mobil kekerot.
"Kuduna dipodaran kang jelema kitu mah"
"Bener Bu, lamun anu dihina ngalawan, ku Salim pasti langsung disiksa harita kénéh. Mémang biadab" tambah Bahar.
"Sombong. Sakumaha beunghar sih kulawarganna?" Ceuk Élsa deui.
"Pokona ulah hariwang, pa Udin méré hukuman henteu asal ngahukum, pasti sasuai jeung kasalahanna" témbal Bahar.
"Hayu ah, bisi kang Bahar loba kénéh pagawéan, ulah diganggu. Kuring hayang buburu ngeueum cai panas" ceuk Udin ngajak indit ka Icih jeung Elsa.
"Kéla dén, jelema ieu kumahakeun?" Ceuk Bahar nanya bari nunjuk ka Acéng.
"Nyi ogé Élsa, jig asup tiheula, akang nyusul. Keun wé tas mah akang anu mawa" ceuk Udin nitah Icih jeung Élsa arasup tiheula.
Icih jeung Élsa unggeuk terus leumpang arasup ka lobi résort rék check-in.
Saenggeus duanana euweuh. Udin Malik ka Bahar.
"Acéng dipecat ku kuring. Usir tidieu" témbal Udin.
Bahar langsung ngadeukeutan ka Acéng,
"Anjeun ngadéngé? Mantog ti dieu!"
"Kéla, Kuring kudu nelepon heula boss" tembal Acéng mundur bari buburu ngaluarkeun ponsélna nelepon Isak.
"Pa Isak, kang Bahar geus ngajieun cacad Salim ku tulisan jeLemA sAngSara dina tarangna. Terus mecat jeung ngusir kuring ti Sari Ater. Tulungan pa"
"Bikeun telepona ka kang Bahar" témbal isak.
Ponsél buburu dibikeun ka Bahar ku Acéng.
"Yeuh, pa Isak rék ngomong jeung akang" ceuk Acéng ka kang Bahar bari mikeun ponsélna.
"Bahar! Kunaon anjeun nyieun masalah di wilayah kuring bari wani mecat karyawan kuring? Mimuti wani ka kuring? Rék ngajago?" Ceuk Isak ambek.
"Déngékeun heula pa. Salim geus nyinggung dén Udin, Acéng ngabéla Salim. Naha kuring salah?" Ceuk Bahar.
"Hah! Anu bener? Juragan Udin Aya didinya?" Ceuk Isak reuwas.
"Aya hareupeun kuring, anjeun rék nyarita?" Ceuk Bahar nanya.
"Aktifkeun loudspeakerna! Kuring rék nyarita ka si Acéng" Ceuk Isak.
Kang Bahar buburu ngaktifkeun loudspeaker.
"Enggeus, sok rék nyarita mah"
Kadéngé sora Isak langsung nyorowok nyarékan Acéng,
"Acéng! Sia ngadéngé sora aing? Sia nyaho Sari Ater anu saha? Sia keur boga masalah jeung dunungan sia sorangan Radén Udin Subrata"
Suku Acéng langsung leuleus,
"Hah! Pa Udin Subrata? Kuring teu nyaho pamuda ieu Udin Subrata"
"Bahar! Naon kahayang juragan Udin ka si Acéng?" Ceuk Isak nanya ka Bahar.
"Dén Udin hayang Acéng dipecat sarta ningalkeun Sari Ater ayeuna kénéh" témbal Bahar.
"Anjeun bisa mantuan kuring?" Isak nanya.
"Naon? Sebutkeun!" Témbal Bahar.
"Siksa heula, péngkoran sabeulah sukuna! Kakara meunang indit" ceuk Isak.
"Siap pa" ceuk Bahar bari mareuman ponsél terus dialungkeun ka Acéng.
Acéng nyanggap ponselna terus malik rék lumpat, tapi leungeunna kaburu dijéwang ku Murad bari ditonjok beuteungna. Acéng langsung ngarumpuyuk diuk. Terus muringis bari neuteup ka Udin,
"Dén Udin, teu nanaon kuring dipecat, tapi ulah disiksa, kuring embung jadi jelema cacad"
Udin seuri sinis,
"Masalah méngkoran suku, éta lain paréntah kuring, kuring teu bisa ngahalangan. Isak pasti leuwih nyaho. Anjeun manager, tapi daék ngabéla jelema salah bari rék ngalibatkeun sécurity anu teu nyaho nanaon. Kuring datang ka dieu sabagé tamu, sanajan Sari Ater milik kuring, tapi kuring teu agul. Anjeun kuduna bisa ngahormat tamu rék sangsara rék beunghar. Kabéh tamu boga hak anu sarua satungtung bisa mayar fasilitasna. Moal maju Sari Ater lamun managerna siga anjeun anu ngabéda-bédakeun tamu"
Saterusna Udin malik ka 6 sécurity,
"Aranjeun ogé ulah gampang nurut kana paréntah atawa lamun paréntahna teu bener. Aranjeun digawé keur kulawarga. Tugas anjeun didieu ngajaga katentreman para tamu. Mereskeun kaributan lain pipilueun ngajieun kaributan. Sok digarawé deui"
Acéng ceurik,
"Rumasa kuring salah dén. Kuring katipu ku panampilan adén. Kuring mémang bodo"
"Jadi tarimakeun akibat tina kabodoan anjeun" témbal Udin.
"Kang Bahar. Nungguan naon deui?" Ceuk Udin ngingetan Bahar.
"Murad! Péngkoran sukuna!" Ceuk Bahar ka Murad.
Murad langsung ngajejek dada Acéng nepikeun ka nangkarak bengkang. Terus suku katuhu Acéng ditincak lebah tuurna sarta diangkat bitisna kaluhur. Kadéngé sora ngaderekdek, suku Aceng geus nilep ka hareup. Acéng ngocéak terus ngégél ramona sorangan bari muringis nahan nyeri.
Emus ogé maju mawa pipa beusi anu tadi dipaké ngababukan Maserati, suku Acéng anu geus nilep dibabuk tulang bitisna nepi ka remuk. Acéng ngocéak deui.
"Telepon kulawarga manéh sangkan ngirim ambulan pikeun ngajemput ka dieu" ceuk Bahar ka Acéng.
"Murad, balangkeun ka sisi jalan di luar wilayah Sari Ater" Ceuk Bahar ka Murad.
Awak gendut Acéng langsung dipanggul ku Murad ka lebah gerbang, terus dibeubeutkeun disisi jalan raya. Acéng buburu nelepon kulawargana bari gegerungan, ménta dikirim ambulan.
Bahar manggut ka Udin,
"Rék di baturan check-in dén"
"Teu kudu kang. Elsa jeung pamajikan kuring geus check-in" témbal Udin.
"Lamun kitu kuring ogé rek balik. Ngan lamun aya nanaon deui, omat telepon kuring dén" ceuk Bahar.
Udin unggeuk, terus asup kana Mercedes Élsa menerkeun posisi parkirna. Kusabab euweuh karuksakan parah, ukur lampu tukangna hungkul anu peupeus. Jadi Udin langsung nyoléndang ransel Élsa sarta ngajingjing tas gedéna ngaléngkah ka jero lobi résort.
Bungalow anu dipesen ku Élsa lumayan gedé sanajan lain anu pangalusna. Wangunana mangrupa wangunan khas Sunda dilapis ku bilik sarta ornamén-ornamén tina bahan awi hideung. Aya dua kamar saré sarta kamar mandi dijero masing-masing kamar. Cai panas alami bisa dialirkeun langsung ka kamar mandi.
Salian ti éta, ukur 3 méter hareupeun bungalow aya kolam renang cipanas anu salilana ngebul ngumbulkeun haseup bodas ipis ka langit. Caina ngeusi terus salila 24jam teu eureun-eureun ngajaga sangkan panasnya angger. Sakuriling bungalow dihias ku jujukutan anu dicukur rapih sarta kekembangan. Rada jauh katempo kebon entéh anu ngeplak lega.
Kulantaran Isak geus nyaho Udin aya di Sari Ater. Jadi ngahaja bungalow-bungalow anu deukeut diparéntahkeun pikeun dikosongkeun sangkan teu ngaganggu privasi Udin. Salian ti éta, Isak ogé maréntahkeun sababara pagawé sangkan méré layanan VIP. Sabab lamun dipindahkeun ka suite méwah, bisi Udin curiga atawa teu daékeun.
Saenggeus Udin datang ka bungalow bari rimbil ku tas, Icih geus bungah. Langsung nyarita saolah teu sabar,
"Kang. Enggal salin anggean ku acuk renang, urang ngojay" ceuk Icih bari nyokot tas tina leungeun Udin terus dibawa asup ka kamar rék salin. Élsa ogé sarua.
Udin teu buburu ngagugu, tadina hayang nempo Icih salin baju. Tapi malah asupna ka kamar anu sarua jeung Élsa. Ahirna Udin kaluar bari diuk dina korsi awi nempoan éndahna pamandangan sabudeureun bungalow.
Udin nyaho, Icih pasti ngahargaan Élsa anu teu mawa pasangan. Jadi Udin kabagéan sakamar ku sorangan sedengkeun Icih sakamar jeung Élsa.
Udin ahirna indit ka kamarna muka calana panjang jeung bajuna, nyésakeun calana jero jeung kolor boxer hungkul. Terus kaluar deui langsung ancrub ka kolam renang lalaunan. Kadéngé Élsa jeung Icih masih pating cirihil dijero kamarna can aya anu kaluar.
Dina cai, Udin ngarénghap ngemplong sawaktu rasa haneut tina cai nyebar ka sakabéh awakna. Tanpa sakanyaho Udin, panas tina cihaneut alam geus nyampurnakeun kakuatan dina awakna ka tingkat anu sampurna. Kapal rén, réiki jeung aura geus ningkat ka level pangluhurna. Udin peureum ngararasakeun nikmatna ngeueum dina cihaneut. Kacapéna akibat perjalanan jauh sarta kudu urusan heula jeung Salim ngadadak leungit.
Teu lila kadéngé sora Icih jeung Élsa geus daratang. Jadi Udin beunta terus ngarérét. Udin colohok. Baju renang anu dipaké ku Icih warna biru langit sopan tapi cukup nembongkeun garis awakna anu sampurna. Pingping bodas sarta bitisna anu beuneur tur panjang katémbong kabéh. Kitu deui jeung leungeunna anu lenjang Tina taktak eweuh anu katutup.
Ngan lebah ningali Élsa Udin ngabalieur, sabab Élsa ukur maké bikini ipis warna pink, kutang anu ukur nanggeuy susu nutupan pentilna hungkul sésana kaluhur katembong kabéh, bujal kamana mendi. Cawet ukur ditalian kénca katuhu hungkul. Mun seug Lastri nyaho, pasti bakal ngacaprak.
Dedegan Icih jeung Elsa hampir sagalana sarua, lir ibarat sakembaran. Ukur beda dina beubeungeutan jeung modél buuk. Icih galing muntang sataktak sedengkeun Élsa lempeng panjang nengahan tongong.
Ningali Udin ngabalieur éra, Élsa seuri sarta ngahajakeun diuk dina biwir kolam gigireun Udin anu keur ngeueum nyarandé. Suku Élsa diucang-ucang kana jero cai. Icih mah langsung luncat, nyilem, ngojay jauh terus balik deui. Saolah-olah keur ulin sorangan.
Nempo Icih ngojay kaditu kadieu, Élsa ogé ahirna turun lalaunan bari sabeulah leungeuna nyekelan kana taktak Udin. Tuluy néjéhkeun sukuna kana sisi balong nyilem ngojay ngudag Icih.
Keur Icih, ieu munggaran manéhna maké baju renang hareupeun salaki sanajan geus kawin sataun. Sabab mémang tara ngahajakeun ngojay bareng. Jadi Icih éra kudu deukeut-deukeut ka Udin.
Icih jeung Elsa ogé ahirna dariuk dipeuntaseun Udin, ngeueum nyarande kana sisi balong bari ngarobrol. Tapi kaciri panon Élsa mineng maling maling nempo ka Udin. Sadar dirina dirsrétqn terus ku Élsa, Udin malik nonggongan bari naleukeum dina sisi balong meureumkeun panona. Udin sieun Icih salah sangka.
Di kolam éta ngan ukur maranéhna tiluan, sabab Isak geus ngatur saacana. Pangunjung séjén dialihkeun ka kolam-kolam séjén anu mémang loba sumebar di area résort.
Icih jeung Élsa geus teu ngarobrol deui, lantaran awakna mimiti ngarasa riléks, ahirna timbul tunduh. Élsa jeung Icih mémang pagawé, Icih loba nguruskeun kantor anyarnya jeung sibuk néangan proyék. Sedengkeun Élsa saprak ditunda di bagéan pemasaran ampir teu boga waktu istirahat dina jam gawéna. Pantes lamun duanana langsung tunduh. Icih hanjat tina balong nyokot anduk terus diamparkeun disisi balong langsung nangkuban saré.
Udin anu keur naleukeum di sisi balong ngarasa aya ombak cai anu nenggar kana tonggongna. Barang ngalieuk, nyampak Élsa keur ngojay nyampeurkeun terus ngagéndéng gigireunna adek kana awak Udin.
Karék oge Udin rék nanya biwir Élsa langsung nyium biwir udin, atuh Udin reuwas bari mundur. Tapi Élsa ngacungkeun curukna kana biwir udin.
"Ulah nyarios kang, Icih nuju kulem, bilih kaganggu"
"Sanajan Icih saré, ulah deukeut-deukeut ka akang" ceuk Udin.
"Mémangna kunaon?" Ceuk Élsa bari ngusapan dada Udin anu kakeueum ku cai.
"Abdi hoyong nganuhunkeun, nembé akang tos nyalametkeun abdi deui"
Ningali kalakuan Élsa anu beuki wani, Udin hanjat. Terus diuk sisi balong, ukur bitisna ka handap anu masih ngeueum,
"Wajar akang ngabéla, sabab Icih ogé diganggu ku si Salim" témbal Udin.
Élsa ngahajakeun pindah ka hareupeun Udin persis dina sela-sela suku Udin bari dua leungeuna muntangan kana pingping Udin kénca katuhu,
"Pokona mah abdi nganuhunkeun. Upami akang teu ngiring duka kumaha kajantenanna" bari leungeun Elsa dirameskeun kana pingping Udin.
Udin buburu ngaleupaskeun leungeun Élsa terus hanjat nagog sisi balong bari melong beungeut Élsa anu keur ngeueum sabeuheung dina cai.
"Ulah kikituan! Lamun Icih nempoeun. Akang bisa paséa"
"Akang ogé pan kantos ngarampa pingping abdi malah keuna kana gagaduhan abdi pan? Naha abdi teu kénging?" Ceuk Élsa
"Harita niat akang nulungan, euweuh maksud nanaon" témbal Udin.
"Lungsur deui kang, abdi hoyong nangkeup akang. Sawios Icih ningal ogé, supados akang tiasa énggal-énggal ceréi teras hirup sareng abdi" ceuk Élsa bari nyekelan bitis Udin anu nagog.
"Anjeun téga nganyenyeri sobat sorangan?" Udin nanya kerung.
"Ulah ngabohongan diri nyalira kang, mémangna kabagjaan naon anu kantos dipasihkeun ku Icih ka akang?" Élsa Malik nanya.
Sabab Udin teu daék turun deui, Élsa ahirna hanjat terus diuk malik ka balong bari ngaucang-ucangkeun sukuna kana cai,
"Abdi uninga akang nikah ka Icih akibat paksaan ti Wawan Kusumah. Sanés dumasar kana cinta, akang nyaah margi ngaraos asa kagungan rayi pan? Antawis akang sareng Icih, ku abdi teu katawis kaakraban sapertos carogé sareng bojona"
Élsa cirambay,
"Kanggé naon akang nikah upami mung silih pikanyaah hungkul mah? Ceréi, teras pilari deui istri anu tiasa ngurus akang lahir sareng batin. Sanés mikanyaah nanging akang dibabukeun"
"Anjeun teu ngarti nanaon. Hadéna cicing. Ulah loba ngoméntaran hubungan antara akang jeung Icih. Ukur akang jeung Icih anu nyaho sarta bisa ngarasakeunna" ceuk Udin
"Teras peraosan abdi ka akang, akang teu ngartos?" Élsa nanya.
Udin ungeuk,
"Akang ngarti, tapi teu bisa narima, hampura"
"Naha?" cipanon Élsa beuki merebey,
"Kunaon akang teras bertahan dina rumah tangga anu sapertos kitu?"
"Akang kungsi ngajelaskeun masalah éta ka anjeun sawaktu balik ti pasar. Sanajan akang kudu ceréi jeung Icih, akang teu bisa milih anjeun. Komo deui akang teu boga niat nyeréikeun. Anjeun ukur miceunan waktu sorangan" témbal Udin.
"Abdi réla miceunan waktu demi akang, dugi ka iraha waé abdi tetep bakal ngantosan. Cinta abdi ukur ka akang" ceuk Élsa.
"Anjeun bodo. Ratusan juta lalaki di dunya. Piraku euweuh anu cocok keur anjeun" ceuk Udin.
Panon Élsa peureum tipepereket sabab haténa karasa peurih, terus Élsa ngomong deui bari nginghak,
"Haté abdi tos aya di akang. Ti kawit kajantenan di taman dugi ka ayeuna. Haté abdi masih aya di akang. Moal tiasa dikabaturkeun"
Tapi Elsa ujug-ujug ngalieuk ka Udin, ngusapan cipanona terus seuri,
"Malah tadi wengi abdi ngimpenkeun akang, meni asa nyata"
Nempo Élsa seuri, Udin oge maksakeun seuri pait,
"Ngimpi naon?"
Élsa tungkul
"Ngimpen akang nepangan abdi ka bumi anu di Jakarta. Teras urang duaan nikah, teras..."
"Tuluy?" Udin panasaran
"Teras abdi kagungan orok pameget lintuh sareng sehat, mirip pisan sareng akang" ceuk Élsa pipina bareureum.
"Ngarana ogé ngimpi, kembangna saré, anu ngarana kembang pasti endah ngan can tangtu jadi buah" ceuk Udin.
"Nanging sanaos orokna istri ogé teu sawios, sami waé" ceuk Élsa saolah malaweung teu ngadéngé omongan Udin.
Udin nepak tarangna, lantaran nyatana dosa kabawa ku impianna sorangan anu ahirna jadi ngomong sorangan,
"Élsa, anjeun keur ngalaman halusinasi, anjeun teu ngarti ka akang"
Panon Élsa melong ka tempat anu jauh,
"Upami teu ngartos lami-lami ogé bakal ngartos. Teu nanaon akang teu nyeréikeun Icih, abdi tisa nyumput ti Icih, moal ngareksak sosobatan antawis abdi sareng Icih"
Udin cicing mikiran maksud Élsa.
"Jadi salingkuhan? Teu bisa!" Gerentes Udin.
Udin nyaah ka Icih, sabab Icih ogé nyaah ka dirina. Mémang kawinna dijodokeun ku Akina icih, tapi duanana teu ngarasa kapaksa. Sanajan ku anu séjén dihina, diseungseurikeun, tapi Icih jeung Akina mah masih ngahargaan ka Udin.
Ma Éméh gering nepi ka dirawat, Icih ogé loba ngabantu, mayaran biaya perawatanna, nebusan resépna, nepi ka daék nungguan mondok moék di rumah sakit maturan ma Éméh. Sok sanajan pas kudu dioperasi teu bisa ngabantu da biayana mahal. Tapi Udin bisa ngamaklum. Udin moal bisa mopohokeun kitu waé. Kumaha rék bisa salingkuh ka Elsa? Jelas Udin moal téga
Harita Icih lilir, terus rurat-rérét néangan Udin. Tapi saenggeus Udin katempo. Icih sare deui. Élsa ngagejeburkeun awakna kana cai terus ngojay jauh.
Udin nangtung ngadeukeutan ka Icih, terus ngajanteng bari melong awak Icih anu nangkuban pules. Sabab ngarasa aya anu nangtung di gigireunna Icih beunta terus ngalieuk ka gigir. katémbong suku Udin, Icih buburu malikeun awakna.
"Alhamdulillah kang, raos ogé dibobokeun sakedap"
Terus Icih néangan Élsa. Élsa masih ngeueum bari lalaunan ngadeukeutan ka Icih.
"Anjeun teu saré?" Ceuk Icih nanya ka Élsa bari seuri.
Élsa ngusap beungeutna ku cai,
"Rék kumaha bisa saré. Caina seger pisan" ceuk Élsa bari nyebrotkeun cai ka Icih ku leungeunna.
Icih ngoréjat hudang. Bari ngabetot leungeun udin ngagejeburkeun manéh bareng kana cai. Icih males Élsa nyebrotkeun cai ku leungeunna. Ahirna duanana cicirihilan bari silih sebrot ku cai. Teu disangka ku Udin duanana malah nyebrotkeun cai kana beungeut Udin, leungeun Udin pakupis ngabales. Bari milu seuseurian.
Bari perang cai, sabab deukeut, katempo ku Udin dada Élsa mémang leuwih montok tibatan Icih, tapi pakulitan Icih leuwih beresih sarta leuwih mulus tibatan Élsa. Sirah Udin ngarasa puyeng ngabayangkeunna, daripada mikiran anu lain-lain, ahirna Udin milih nyilem terus ngojay ngajauhan.
"Wéw, éléh kabur" ceuk Élsa bari ngaléléwé Udin. Icih ogé milu nyeungseurikeun Udin.
Udin ahirna hanjat, terus ngagélang buukna ku anduk.
"Akang enggeusan ah. Mun betah kénéh ngojay mah sok wé ngojay. Akang rék mesen heula cai nginum" ceuk Udin bari ngaléos.
"Pangnyandakkeun abdi Coca-Cola tiis kang" ceuk Icih nyorowok.
"Abdi sprite" ceuk Élsa nurutan.
"Sip" témbal udin bari ngacungkeun jempolna terus indit.
Bari leumpang udin gogodeg saolah teu percaya kana pangalamanna ayeuna. Aya dua awéwé gelis, anu hiji pamajikan anu hiji deui sobatna. Duanana pikagemeseun. Pamajikanna teu daék disaréan, sobatna malah meréan. Sirah Udin bener-bener jangar sabab duanana ukur bisa ditempo tapi teu bisa dihakan.
Nyambung...