WebNovelAING UDIN93.18%

Udin katamuan ku Tiandi

Harita Salim jeung awéwéna geus aya dina treuk anu rék ka pasar ciroyomkeun. Kapaksa maranéhna balik numpang kana treuk sabab lamun kana angkot atawa beus, pasti batur bakal nempo tulisan dina tarangna. Salim ngahaja diuk disisi bari tungkul leungeuna dipaké nutupan tarangna.

Sanajan tungkul, angger wé supir anu mawanancuriga sabab nempo Salim nyekelan waé tarangna jaba dina kaméjana loba getih garing.

"Jang! Anjeun geus tidagor?"

"Lain urusan manéh, nyupiran mah nyupiran wé, ulah loba tatanya, dasar jelema sangsara!" Ceuk Salim.

Supir kerung bari nyodorkeun box tisu,

"Elapan getihna, montong ngotoran mobil aing"

"Dasar jelema sangsara, pira ogé treuk, cuih!" Ceuk Salim bari nyiduh. Mémang geus jadi kabisaan, kalimah 'jelema sangsara' masih terus diucapkeunna.

Supir anu tadinya nyoba sabar ahirna ambek,

"Sia teu nyakola? Ngomong asal ngajeplak!"

"Dasar jelema sangsara! Tutupan sungut ulah ngocoblak waé bisi dipodaran ku aing!" Ceuk Salim.

Supir beuki ambek, 10 méter ti parapatan treuk ngahaja nyisi, terus supir turun asup ka pos polantas pikeun laporan,

"Pa. Dina treuk kuring aya jelema numpang ti Sari Ater. Awéwé jeung lalaki, anu lalaki tarangna getihan sarta ngancem rék maéhan kuring. Kuring hariwang manéhna mawa senjata. Pangnéwakkeun pa"

Tilu pulisi buburu kaluar ti pos langsung ngepung mobil bari nodongkeun péstol ka lebah salin anu diukna mémang sisi jandéla,

"Aranjeun duaan tunda leungeun dina sirah, kaluar tina treuk!"

Salim sadar geus dilaporkeun ka pulisi, ahirna nurut, kaluar tina treuk lalaunan,

"Dasar jelema sangsara!" Ceuk Salim kukulutus.

Salim mencrong ka saurang pulisi, sanajan leungeun di kana sirahkeun sasuai paréntah pulisi, tapi leungeun anu sabeulah tetep nutupan tarangna.

"Rék naon? Mana supirna? Buru anteurkeun aing balik!"

Ngadéngé omongan salim anu kasar sarta aya getih garing dina kaméjana, pulisi beuki yakin yén Salim jelema jahat,

"Malik kana mobil, angkat leungeun duanana, cangégangkeun suku!" Ceuk pulisi bari ngadeukeutan, nodongkeun pestol sarta ngaluarkeun borgol.

Anu Awéwé ngagugu, buburu malik. Tapi Salim teu ngagugu, malah nyarita,

"Aing nyaho saha komandan anjeun, telepon, béjakeun aing Salim. Anak pangusaha"

"Hah! Anak pangusaha? Tapi naha numpang kana treuk? Mémangna kolot manéh teu mampu mangmeulikeun mobil?" Ceuk pulisi nyakakak teu percaya.

"Dasar jelema sangsara! Telepon heula komandan manéh, sangkan nyaho aing saha" ceuk Salim nyorowok.

"Anjeun ngahina penegak hukum, kapaksa kuring kudu kasar" ceuk pulisi bari maksa Salim malik, dua leungeunna diborgol dihijikeun katukang. Kitu deui anu awéwé, duanana sarua diborgol.

Pas leungeun anu nutupan tarangna leupas, saurang pulisi nyorowok ka baturna,

"Woy tempo, dina tarangna aya tulisan jeLemA sAngSara" pokna bari nyakakak seuri.

"Naon ieu? Tato lain, barcode lain, tanda lahir ogé lain" ceuk baturna bari sarua nyakakak.

"Teu anéh titatadi ngomong jelema sangsara sababaraha kali, singhoréng geus kudrat" ceuk pulisi katilu bari maksa Salim jeung anu awéwé nagog.

Salim buburu tungkul pikeun nyumputkeun tarangna. Tapi angger teu bisa buni. Saurang pulisi nelepon Réskrim sangkan ngirim mobil pikeun mawa Salim jeung si awéwé.

Maklum di parapatan, loba jelema anu ngaliwat. Ningali aya penjahat ditewak kontan jadi tongtonan gratis. Kabéh jelema euweuh anu teu seuri nempo tarang Salim. Kadéngé sora anu maca tulisan 'jelema sangsara'. Nu séjén ogé loba anu maca ucapan éta.

Salim bener-bener teu nyangka omongan jelema sangsara terus-terusan kadéngé hareupeunna saolah-olah keur ditujukeun ka dirina. Malah aya anu wani motrét jeung midéokeun beungeutna sagala.

Salim nyarékan jelema anu motrét jeung midéokeun dirina,

"Dasar jelema sangsara! Mantog! bubar!"

Ngadéngé dicarékan ku kalimah jelema sangsara, anu lalajo beuki cacalakatakan bari nyurakan salim. Lantaran disurakan ku jelema loba, ahirna cicing pasrah. Ngarasa hanjakal naék treuk, padahal aya taxi, gocar, grab, ojég jeung sajabana.

Teu lila aya mobil BMW taun kolot eureun, tijero kaluar saurang pamuda langsung nyampeurkeun ka Salim.

"Salim, aya naon? Aduh, tarang anjeun getihan. Saha anu ngukir tulisan jeLemA sAngSara?"

Ningali aya anu wawuh ka dirina, Salim tanggah,

"Montong dibaca koplok! Saha manéh?" Salim nanya teugeug.

"Kuring Dudung Kusumah, anjeun kungsi diondang basa pengangkatan direktur Palapa. Teu inget?" Ceuk Dudung

Salim ngaérét Kana BMW Dudung,

"Dasar jelema sangsara. Mantog! Kabéh Kulawarga Kusumah jelema sangsara, sia wani ngalalajoan aing, cuih!" Ceuk Salim ambek bari nyiduhan beungeut Dudung.

"Hor, éta ning anjeun ogé nyebut jelema sangsara? Kunaon bieu kuring teu meunang? Kuring nanya pédah karunya nempo anjeun" ceuk Dudung ambek bari ngelapan ciduh Salim dina beungeutna ku saputangan anu dicokot tina saku calanana.

"Karunya? Aing teu butuh dipikarunya ku jelema sangsara siga sia. Aing teu wawuh ka sia" ceuk Salim cocorowokan.

"Lamun kitu, hampura. Kuring moal bisa nulungan" ceuk Dudung langsung naék deui kana mobilna terus indit.

Kusabab beuki loba jelema anu ngagimbung, sarta aya sababara mobil anu eureun pikeun motrét. Ahirna parapatan jadi macét. Polantas geus teu bisa kumaha, diasupkeun ka pos ogé percumah, sabab posna leutik jaba terbuka. Tetep bakal bisa dilalajoanan. Ahirna diantep naragog dina trotoar. Pulisi anu tiluan jadi sibuk ngatur lalu lintas anu macét

Foto Salim anu dina tarangna aya ukiran, sakilat geus nyebar dina Facebook jeung Instagram dijudulan 'jelema pangsangsarana sa Bandung'

Peutingna di bungalow Sari Ater, Udin gulinggasahan teu bisa saré. Hayang sakamar jeung Icih tapi Icih kalah saré jeung Élsa.

Isukna pabeubeurang, réngsé ngeueum, tiluanana siap-siap check-out ti Sari Ater. Élsa jeung Icih keur darangdan kénéh, sedengkeun Udin anu geus bérés disalin, buburu mérésan barang-barang bawaanna diasupkeun kana tas.

Di lobi, Élsa check-out. Udin jeung Icih diuk bari nungguan dina sofa. Jol Isak nyampeurkeun terus ménta dihampura ka Udin jeung ka Icih ku kajadian kamari.

Isak ngahaja datang isuk kénéh, ngumpulkeun kabéh pagawé sangkan euweuh deui anu memperlakukeun tamu sangeunahna. Kabéh kudu mentingkeun pelayanan tanpa mandang status pengunjung.

Isak nganteurkeun Udin, Elsa jeung Icih nepi ka parkiran. Nyampak lampu tukang mobil anu kamari peupeus geus diganti, teu katempo karuksakan nanaon. Udin Malik ka Isak bari sasalaman,

"Nuhun mobil geus dipangoméankeun. Pasti ku mamang pan?"

Isak gogodeg,

"Lain dioméan ku mamang gan, tapi ku Bahar, ati-ati di jalan gan" ceuk Isak.

Dijalan, bari nyupiran Élsa ngomong saolah keur nyarita ka dirina sorangan,

"Janten hoyong kagungan villa di Ciater, tiap liburan damel tiasa istirahat bari ngeueum Cipanas" kituna teh bari ngiceupan Udin tina kaca sepion tengah.

Ditembalan ku Icih,

"Nanaonan Sa, salian jauh ti tempat gawé, anjeun kudu ngagajih jelema keur ngurusna. Sabab mustahil bisa dicicingan unggal poé. Ukur miceunan duit. Mending siga kieu wé, datang tiap butuh"

"Oké, iraha-iraha urang jangjian deui. Lamun kuring mah teu kudu ahir minggu waé, poé biasa ogé bisa" témbal Élsa bungah.

"Naha, pan anjeun digawé?" Icih nanya bari kerung.

"Jujur Cih, kuring geus teu sumanget digawé, salila digawé can kungsi panggih jeung direktur sorangan. Komo ayeuna di bagéan pemasaran teu boga kawajiban ngantor. Teu digawé ogé urang kantor moal aya anu nyahoeun" témbal Élsa.

Sabot Élsa jeung Icih ngaroblrol. Udin nelepon Bahar, nganuhunkeun lantaran mobil geus dioméan.

Ngadéngé Udin nelepon Bahar, beres Udin nelepon Icih malik ka tukang sarta ngomong ka Udin,

"Tuh kang, upami jalmi dipasihan harepan teras-terasan ku ramalan, lami-lami bakal langkung percaya, langkung hormat. Naon waé dilakukeunna kanggé nyugemakeun akang. Nanging sakali kabohongan akang kauningaeun, malesna ogé pasti bakal langkung nyeri. Ati-ati kang ah. Lirénan gera dudukun téh"

Udin seuri bari unggeuk teu nembal.

"Rék diturunkeun dimana?" Ceuk Élsa bari noel ka Icih anu masih malik ka Udin. Sabenerna pertanyaan teu perlu, tapi Élsa ngarasa timburu ningali Icih bisa Malik nempo Udin sedengkeun dirina kudu fokus nyupiran.

"Nya ka Imah atuh" ceuk Icih bari melong deui ka hareup.

"Sugan téh ka pasar" ceuk Élsa nyakakak bari ngiceupan deui ka Udin tina spion tengah.

"Anjeun ogé langsung ka hotél sa, istirahatkeun. Ulah ulin deui" ceuk Icih.

"Pasti lah, saprak kajadian dibaledog ku peso téa, tiap balik digawé geus tara wani kaluar ti kamar hotél. Sugan wé atuh aya lalaki kasepian asup ka kamar kuring ménta dibaturan" ceuk Élsa nyakakak deui bari ngarérét ka Udin deui.

"Betah cicing di hotél?" Icih nanya

"Rék dimana deui" témbal Élsa.

"Sepi, euweuh batur ngobrol, uyuhan. Kunaon teu meuli Imah. Anjeun pan mampu meuli imah?" Icih nanya.

"Leuwih sepi jeung leuwih capé atuh oon. Sagala kudu digawéan sorangan. Balanja, masak, kukumbah, nyeuseuh, sasapu, ngepél, ngistrika. Anjeun moal nyaho kumaha capéna ngurus imah. Di hotél mah kabéh nyaho bérés" ceuk Élsa. Sanajan ngajawab pananya Icih, tapi omonganna jelas nyindiran ka Udin waé.

Icih kerung, wajar Élsa ngomong kitu, sabab beunghar. Keur Élsa, digawé di Bima Raya pasti ukur formalitas. Sangkan teu kaciri nganggur.

"Kumaha ngeunaan dulur anjeun anu niat maéhan, geus teu ngaganggu deui?" Icih nanya.

"Henteu. Malah kolot kuring mah teu percaya, sabab euweuh bukti. Tapi alo kuring sigana geus sieuneun" témbal Élsa bari ngarérét ka Udin tina sepion tengah terus manggut saolah ngucapkeun nuhun. Élsa geus ngaduga, Alona pasti geus diancem ku Udin. Jadi moal wanieun ngaganggu deui.

Icih ngarasa karunya ka Élsa. Sobat anu jauh-jauh datang ti Jakarta pikeun digawé di Bandung kudu cicing salilana di hotél. Sababaraha kali rék dicilakakeun batur, malah ku kulawargana sorangan. Jadi Icih nyarita,

"Élsa, kang Udin boga villa di Bougenville Villas Lémbang. Kuring boga rencana rék pindah kaditu. Kumaha lamun anjeun cicing jeung kuring di villa, bakal loba kamar kosong anu moal kapaké. Anjeun daék?" ceuk Icih nawaran.

"Daék, hayu. Iraha?" Élsa nanya atoh.

"Ké dibéjaan" témbal Icih.

Udin anu ngadéngé jelas ngarénjag.

"Icih bener-bener polos, teu nyaho lamun Élsa keur néangan kasempetan. Asa manggih cukang méméh meuntas. Jelas atoheun" gerentesna. Tapi Udin teu boga alesan pikeun ngahalangan niat Icih.

Tepi ka imah, Icih jeung Udin turun. Élsa mah ngabiur deui langsung ka Padma pikeun istirahat.

Di korsi téras imah nyampak tabib Tiandi keur diuk nungguan. Icih kerung tapi sakaligus bungah,

"Tabib, nuju naon salira didieu? kunaon teu ka lebet? Kedahna abdi anu sumping nepangan salira, margi salira parantos nyalametkeun pun bapa. Haturnuhun keresa sumping kadieu"

"Bu. Teu kudu sopan ka kuring. Kuring kadieu aya kaperluan ka pa Udin" témbal Tiandi.

"Upami kitu hayu atuh kalebet, ulah diluar, teu saé. Pun bapa tangtos bingah ningal salira" ceuk Icih bari nyurungkeun panto imah.

"Teu kudu, kuring moal lila, aya anu kudu diobrolkeun ka pa Udin" ceuk Tiandi.

"Nyi, asup. Akang ngobrol heula jeung tabib didieu" ceuk Udin nitah Icih asup bari mikeun tas gedé dina leungeunna.

Icih ngagugu, unggeuk, terus asup kajero bari ngajingjing tas.

"Guru, kuring rék laporan" ceuk Tiandi lalaunan.

"Aya naon?" Udin nanya panasaran.

"Isukan aya paméran bahan ubar, kuring ngadéngé aya akar bajakah anu umurna 300 taun rék dilélang. Éta barang langka. Anjeun rék nempo?" Ceuk Tiandi.

"300 taun?" Udin kerung mikir. Dina catetan Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun, akar bajakah mémang bahan alus pikeun ngajieun ubar. Beuki kolot umur tangkalna, beuki hadé khasiatna. Ku bahan éta, Udin bisa ningkatkeun deui level ubar anu sok biasa dijieun ku dirina sangkan kualitas sarta khasiatna leuwih hadé.

"Siap, kuring bakal datang" témbal Udin.

"Lamun kitu kuring rek ménta deui ondangan keur anjeun. Isukan isuk-isuk dijemput ku kuring ka dieu" ceuk Tiandi atoh.

"Sip" tetmbal Udin seuri.

"Nuhun pa Udin, kuring pamit" ceuk Tiandi nangtung bari rengkuh hormat. Saterusna indit.

Nempo Tiandi geus naék kana taksi, Udin ogé asup ka imah.

Isukna isuk-isuk pisan Udin geus dijemput ku Tiandi. Anu teu diharepkeun ku Udin, nyatana tempat paméranna di tempat urut paméran mobil téa dimana dirina mimiti wawuh jeung Junaédi anu ayeuna geus leungit jadi lebu.

Méméh asup, dina papan informasi hareup masih aya saémbara orang hilang, hadiahna geus naék jadi 300 juta. Anu tangtuna dijieun ku kulawargana Junaédi. Kakara ngaliwatan panto utama, Udin panggih jeung Qin Gang sarta Auxé anu nyatana muka stan paméran di jero. Kabeneran stanna aya di barisan hareup deukeut kana lawang kaluar asup pangunjung.

"Pa Udin, anjeun datang ogé" ceuk Qin Gang seuri bari manggut. Auxe anu nangtung gigireun Qin Gang ukur seuri sakeudeung ka Udin terus tungkul bari kawas anu sedih.

Udin kerung nempo Auxé,

"Auxé. Kacirina anjeun kurang séhat. Aya naon?"

Ditanya kitu ku Udin, pipi Auxé langsung bareureum éra. Teu nyangka Udin bakal langsung memperhatikeun dirina. Tapi can kebat némbalan sabab kaburu dipotong ku bapana. Qin Gang nanya ka Udin,

"Pa Udin, anjeun kadieu pasti katarik ku akar bajakah umur 300 taun pan?"

Udin unggeuk,

"Aya bocoran hargana?"

"Akar bajakah umur 300 taun ieu stok terahir saurang tabib Papua anu diwariskeun ka anakna saacan maot. Kusabab anakna lain ahli ngubaran, jadi dilélang. Harga awal mémang teu luhur, bakal di buka dina angka 50 juta. Tapi kusabab anu minat loba, Kuring yakin harga panutup bisa tembus 300 jutaan" ceuk Qin Gang ngajelaskeun.

Udin unggeuk. Sabab ngarti kana khasiatna, sanajan 500 juta ogé ku Udin masih dianggap wajar. Akar bajakah hasiatna ampir sarua jeung ginséng, ganodérma atawa cordycéps. Manfaatna keur nguatkeun awak. Tapi saeutik faédahna lamun diolah langsung. Butuh bahan séjén pikeun campuranna sangkan bisa jadi ubar anu matih. Anu penting kualitas bahan, komposisi anu bener jeung cara nyuling atawa ngamurnikeuna. Éta kudu bener-bener perfék. Gagal salahsahijina akibatna fatal, malah bisa ngabahayakeun nyawa anu ngonsumsina.

Tiap ahli ogé béda-béda kamampuana dina ngaramu ubar. Kamampuan Udin geus sampurna, sabab udin diwarah sacara Ghoib tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun. Jadi lamun Batur nganggap akar bajakah anu ayeuna dipamérkeun ukur boga nilai khasiat 10, dina leungeun mah Udin bisa jadi 100.

Samar-samar diantara riungan pangunjung pameran, Udin ngadéngé sora Baréna keur ngomong,

"Firman, ulah hariwang, salila anjeun bisa nginum ubar tina olahan akar bajakah 300 taun ieu, panyakit anjeun bakal cageur"

"Ulah hariwang, pasti dibeuli ku kuring. Lamun kuring bisa cageur, anjeun bakal jadi mitra usaha kuring. Usaha anjeun bakal digedéan ku kuring anu pada ahirna kabeungharan anjeun bisa sarua jeung kuring" témbal Firman.

Baréna atoh pisan ngadéngé jangji Firman,

"Nuhun saacana. Impian kuring mémang hayang ngembangkeun farmasi kuring sangkan produksina bisa nembus pasar dunia"

Udin ngarérétmka lebah sora, diantara Firman jeung Baréna ogé aya Unah. Unah keur ngarangkul sabeulah leungeun Baréna bari katempo angkuh. Ditukangeun Baréna aya saurang pamuda kriting cicingeun saumuran Udin, nyaéta Ilyas. Tapi Udin can wawuh.

Tanpa disangka ku Udin, tiluanana nyahoeun aya Udin didinya. Lantaran sarua boga dendam pribadi ka Udin. Nempo Udin, langsung beungeutna rarobah. Siga 3 ucing anu nempo beurit.

Baréna jeung Unah jadi inget deui kumaha dirina dipaksa ngalétakan urinoir, kontan duanana jadi murel hayang Utah. Firman anu boga tingkat kabeungharan lewih punjul dibatan Baréna jeung Unah, maju nyampeurkeun ka Udin,

Udin seuri,

"Eureun! Ulah ngadeukeutan. Kecuali anjeun maké pémpers. Sabab kuring sieun sapatu kuring kacéprétan cai kiih anjeun" ceuk Udin.

Firman kekerot bari ngeupeulkeun peureupna. Firman mémang mekel cadangan pémpers loba dina mobilna, tapi teu ngarepkeun Udin nyaritakeun ngeunaan pémpersna dihareupeun batur sanajan batur teu nyarahoeun.

"Ulah sombong, can waktuna kuring males. Manéh ulah tibra teuing saré. Sabab iraha-iraha pasti bakal modar dina leungeun aing" ceuk Firman.

Udin seuri, terus nanya.

"Geus bisa kumaha ayeuna bobogaan anjeun salian ti ngompol?"

Nyambung...