WebNovelAING UDIN91.21%

Udin ngaracik ubar palsu

Beungeut Firman beuki euceuy, omongan leuleuy Udin tapi katarimana nyentug kana angen.

"Moal lila deui ogé cageur. Tapi sanajan geus cageur. Hirup anjeun angger moal bisa tenang"

Tiandi anu titadi cicing sarta ngadéngékeun milu pusing,

"Firman. Kuring geus ngingetan sababaraha kali, anjeun kudu sopan ka guru Udin. Ulah nyalahkeun kuring lamun ahirna anjeun bakal ngarasa hanjakal saumur-umur"

Ningali Tiandi anu ngabéla Udin, Firman ngarasa sirahna beuki jangar. Hayang némbal tapi inget kana omongan indungna, kudu bisa mawa balik Tiandi ka Banjar pikeun ngahadiran ulang taun indungna. Tapi Tiandi katempona masih can robah sikep. Malah beuki akrab jeung Udin. Aya naon sabenerna?

Firman teu hayang riributan jeung Tiandi,

"Tiandi. Anjeun kudu buburu sadar. Anjeun keur ditipu, loba batur anu geus katipu ku si Udin. Dibébénjokeun ku barang palsu sarta jangji palsu. Anjeun anu bakal hanjakal saumur-umur"

Baréna ogé milu nyarita,

"Runtah kawas kieu, di kota Bandung ukur bakal jaya sakeudeung. Jago kandang teu wani liar ka luar Bandung. Anjeun ti Jakarta, kuduna leuwih awas jeung waspada"

Udin seuri,

"Baréna. Nyatana urinoir di Brilliant Club masih can mampu ngumbah sungut anjeun. Omongan anjeun masih anger rujit siga tai. Hayang ngasaan urinoir didieu? Di tempat paméran kieu, rébuan jelema datang unggal poé. Kabayang siga kumaha urinoirna? Pasti anjeun beuki"

Baréna langsung mundur deui ka tukangeun Firman,

"Ulah pédah ngarasa geus bisa maréntah Boyo, didieu anjeun can tangtu bisa"

Qin Gang molotot ka Baréna,

"Barena! Manéh ngahina pa Udin. Hayang di setop ku aing suplai bahan ubar ka Farmasi manéh?"

Baréna beuki sieun,

"Pa. Anjeun supplier hiji-hijina ka farmasi kuring. Geus taunan kerjasama sarta sarua silih nguntungkeun, piraku rék kapangaruhan ogé ku tukang tipu kawas kieu"

Qin Gang ambek,

"Leuwih hadé leungit kauntungan ti sia. Béjakeun ka Atang bapa sia, isukan farmasina kudu tutup. Sabab mimiti isukan jeung saterusna, moal aya deui kiriman bahan ubar ti aing"

Beungeut Baréna pias, tapi tetep embung katémbong lemah dihareupeun Udin.

"Teu nanaon, kuring bisa néangan sumber séjén. Justru anjeun anu rugi"

"Ratusan farmasi luar jeung dalam negri kabéh dipasok ti aing, kaleungitan hiji aing moal ngajerit kalaparan. Mémangna anu masok bahan ubar ka farmasi sia aya sabaraha supplier?" Ceuk Qin Gang nanya bari nyakakak seuri.

Ilyas maju ngabongkokkeun awakna sarta ménta dihampura ka Qin Gang,

"Pa Qin Gang. Omongan lanceuk kuring ulah dianggap, sabab moal ngarti akibatna. Atas nama Triman Pharmaceutical, kuring ménta dihampura"

Ngadéngé Ilyas ménta dihampura, Baréna langsung nalapung beuteung Ilyas,

"Ilyas. Saha anu méré ijin sia milu ngomong? Inget. Sia ukur adi téré anu teu kungsi dianggap kulawarga ku sasaha. Aing lain lanceuk sia. Ulah gedé haté ngaatasnamakeun Triman Pharmaceutical, mémangna Triman anu saha? Hayang dibalikeun deui ka Papua?"

Ilyas ngudupruk diuk bari muringis nyekelan beuteungna. Terus nangtung lalaunan, mundur deui ka tukangeun Baréna teu ngomong nanaon deui.

Udin kerung bari neuteup karunya ka Ilyas. Sabab nyatana Ahlak Ilyas leuwih alus tibatan Baréna. Ilyas sopan, kasép ngan pédah begang. Katempo kawas anu keur kateken batina.

Unah ngomong ka Baréna bari nyekelan leungeuna,

"Sayang, ulah ngalayanan runtah Udin. Hayu asup, urang nempoan stan paméran anu séjén bari nungguan lélang dimimitian"

Baréna nurut, langsung asup bari ngaléng Unah nempoan barang-barang anu dipamérkeun di tiap stan. Firman ogé ngaleos. Ilyas terus nutur-nutur tukangeunna.

Udin ngarenghap bari gogodeg. Udin teu hayang riributan, tujuanna datang kadinya ukur rék meuli akar bajakah anu umurna geus 300 taun.

"Firman keur ngagali kuburana sorangan" ceuk Tiandi gogodeg.

Qin Gang buburu ngomong,

"Pa Udin, tabib Tiandi. Ulah dipikiran omongan anu garélo mah"

Udin némbalan bari seuri,

"Kuring teu paduli ka maranéhna. Jelema kawas kitu salilana bakal digugulung kurasa sirik, iri, dengki. Anu ahirna ukur bisa ngahasud batur"

Qin Gang ngajak Tiandi jeung Udin nempoan stanna anu keur dijaga ku Auxe jeung Steven. Stanna mangrupa sekat partisi ukuran 3x3 pepek ku sagala rupa bahan ubar.

"Pa Udin. Didieu kuring ukur mamérkeun conto, lain ngajual. Lamun aya bahan ubar anu kapaké, nyarita ka kuring. Ku kuring pasti bakal langsung disiapkeun barangna sarta dianteurkeun ka imah pa Udin" ceuk Qin Gang ka Udin.

Udin unggeuk,

"Pasti. Saenggeus meunang akar bajakah anu dilélang, kuring pasti bakal ménta bahan ubar séjén keur campuranna"

Qing Gang unggeuk atoh. Udin neruskeun kukurilingan ka stan séjénna dibarengan ku Tiandi bari dianteur ku Qin Gang. Tapi teu manggihan bahan ubar anu alus, kabéh ukur bahan ubar biasa hungkul, euweuh anu istiméwa. Ukur stan Qin Gang anu pangkumplitna jeung kualitasna ogé pangalusna.

Ahirna panitia ngumumkeun lélang bakal dimimitian di panggung anu aya di tengah aréa paméran. Pangunjung anu mémang minat sarta hayang nempo akar bajakah mimiti jul jol ngadareukeutan kana panggung. Dihareupeun panggung geus ngajajar korsi anu saméméhna geus disiapkeun ku panitia. Ukur anu mawa kartu ondangan anu meunang diuk sarta meunang miluan lélang.

Dina panggung geus nyampak kotak kaca, dijerona ngagolér akar bajakah sagede bitis umur 300 taun.

Udin atoh, sabab miturut mata batina, akar anu katempo ku manehna asalna tina tangkal bajakah anu umurna geus 360 taun sarta geus disimpen salila 40 taun, hartina umur akar éta sabenerna geus 400 taun. Jelas kualitasna leuwih hadé tibatan anu dibayangkeun saméméhna.

Ku jaman kiwari penebangan liar dimana-mana. Geus jarang aya tangkal bajakah anu umurna 100 taun ka luhur. Komo deui tangkal jenis kitu teu bisa dipelak sarta ukur bisa hirup di sababaraha leuweung anu masih geledegan anu tara kasaba ku manusa. Ukur aya di leuweung Papua jeung kalimantan. Jadi nyiarna mémang hésé.

Nyatana peminat lélang lain ngan ukur urang Indonesia, Tapi ti mancanagara ogé aya. Malah deukeut Udin diuk aya urang Jepang sagala.

Loba diantarana anu wawuh ka Tiandi, ngadeukeutan, ngajak sasalaman sarta ngajak ngobrol. Rata-rata ngucapkeun selamet jeung muji lantaran Tiandi geus mampu ngubaran paraplégia, anu dianggapna rékor anyar keur kalangan médis. Tapi Tiandi éra, sabab sabenerna Udin anu kuduna narima pujian.

Ukur Tiandi anu nyaho yén anu nyageurkeun paraplégia lain dirina tapi Udin. Jadi Tiandi ngajelaskeun ka tiap jelema anu ngajak ngobrol nanyakeun cara ngubaran paraplégia,

"Sabenerna Kuring teu boga kamampuan ngubaran paraplégia, ngan kabeneran aya ubar ajaib anu cocok"

Tapi sanajan geus dijelaskeun ogé masih aya anu tatanya,

"Tabib Tiandi, bisa teu anjeun nerbitkeun resep ngeunaan ubar ajaib dimaksud? Éta bakal manfaat keur jelema sadunya.

"Bener. Anjeun bakal narima hadiah Nobél" ceuk anu séjén.

"Kuring teu hayang riweuh ku urusan Nobél. Kuring teu minat" témbal Tiandi.

Aya saurang pamuda Jepang nyampeurkeun sarta ngomong ku bahasa Sunda anu teu pati faséh, bari ngabongkokkeun awakna,

"Tabib Tiandi, ngaran kuring Ichiro Kobayashi, kuring wakil direktur Kobayashi Pharmaceutical Jepang"

Tiandi unggeuk,

"Kuring nyaho, aya naon?"

Ichiro ngajelaskeun maksudna,

"Kobayashi Pharmaceutical nyaéta perusahaan farmasi panggedéna sa Asia. Aya ubar andélan anu geus dikembangkan ku perusahaan kuring. Jalur distribusina geus bisa nembus ka 200 nagara di dunya. Ku kakuatan éta, kuring bisa ngabantu anjeun jadi miliarder kucara ngajual resép paraplégia ka kuring. Salila ubar éta diproduksi, 10% Tina kauntunganna bakal ngalir terus kana rekening anjeun"

Tiandi kerung,

"Anjeun salah. Loba farmasi dunya anu ngaklaim kabéh ubar produkna hasil ngembangkeun sorangan. Tapi sabenerna bohong. Lolobana néplak tina resép tradisional bangsa Indonesia. Kuring jauh-jauh datang ti Pakistan ka Indonesia ogé lantaran éta. Kataji ku pangarti karuhun bangsa Indonesia dina ngajieun ubar tradisional"

Omongan Tiandi mémang bener. Lantaran baheulana resép tradisional Indonesia ukur ditulis dina catetan kuno, jadi teu boga perlindungan hak cipta atawa patén anu jelas. Ahirna ditiron ku nagara-nagara maju, diproduksi massal sarta di distribusikeun ka tiap nagara.

Tiandi nyarita deui,

"Teu masalah resépna meunang niron, meuli, atawa maling. Tapi kuduna dijelaskeun yén ubar dijieun dumasar resép Indonesia. Lain diaku dikembangkeun ku sorangan. Teu boga kaéra. Malah leuwih jahat deui aya anu ngaku tina resép karuhun bangsana sorangan. Padahal lain"

Hal-hal éta anu ngajadikeun Tiandi ambek. Malah lain Tiandi hungkul, kabéh ahli ubar di Indonesia pasti sapamadegan. Conto, ubar diaku dikembangkeun di Jepang, tapi bahanna ukur aya di Indonesia, di nagarana malah euweuh. Pan teu kaharti ku akal.

Tapi Ichiro embung éléh omong,

"Tabib Tiandi, kuring teu bisa ngabenerkeun omongan anjeun. Kabéh ubar jieunan Kobayashi Pharmaceutical, euweuh hiji oge ditiron tina resép karuhun bangsa Indonesia. Kabéh tina ubar tradisional bangsa Jepang sorangan"

Ngadéngé omongan Ichiro Tiandi seuri sinis,

"Kuring nyaho, Kobayashi boga 3 ubar andélan. Ubar nyeri beuteung, nyeri tikoro jeung salep éksim. 3 ubar éta maké bahan tina pepelakan tropis. Jepang lain tropis. Kumaha karuhun anjeun bisa ngajieun ubar anu bahanna euweuh di nagara anjeun? Naha teu maké kembang sakura atawa anu séjénna?"

Ichiro tetep teu tarima,

"Lain kitu. Resép karuhun Indonesia aya sarebu nepi ka dua rébu taun katukang. Etta ukur resép atah tanpa pengetahuan klinis jeung dasar ilmiah. Piraku farmasi gedé daék maké resép atah siga kitu? Pasti kudu dikembangkeun deui pan?"

Ngadéngé omongana Ichiro anu nyapélékeun resép tradisional bangsa Indonesia, jelema anu deukeut sarta ngarti ubar loba anu protés ka Ichiro.

Tiandi ngomong deui,

"Ichiro, kabeneran dua poé kahareup kuring euweuh gawé. Kuring rék ngaguar 3 resép ubar andelan Kobayashi anjeun. Kabeneran kuring ogé masih boga resép aslina dina tulisan Jawa kuno. Terus urang bandingkeun sarta rék dipublikasikeun. Kumaha tanggepan ahli ubar dunya. Anjeun moal bisa ngabantah deui"

Ichiro ngarénjag terus cicing teu wani ngomong deui. Sabab Ichiro mémang nyaho. Pangna manéhna ayeuna aya di Indonesia ogé salah sahijina boga misi néangan resép anyar sarta bahan ubar anyar. Sabab ngadéngé béja di Bandung aya ubar ajaib anu dipaké tiandi pikeun ngubaran paraplégia.

Éta hiji alesan kunaon Kobayashi Pharmaceutical bisa jadi gedé kawas ayeuna, sabab mémang ayana resép ti karuhun bangsa Indonesia anu dibawa baheula ku tentara Jepang sawaktu ngajajah Indonesia.

Jepang ukur ahli dina ngajieun kemasan. Sanajan resépna meunang niron tapi bébéjana mah geus méakeun duit loba pikeun ngayakeun panalitian sarta terus nyiptakeun ubar-ubar anyar. Moal daék ngaku yén resép aslina ti Indonesia. Sanajan khasiatna leuwih rendah dibanding resép aslina, tapi kulantaran didukung ku modal gedé, kemasan anu hadé sarta kaahlian dina widang pamasaran. Distribusina bisa nembus pasar dunia.

Tiandi teu panuju, dirina terus ngabantah Ichiro. Kabeneran panggih Jeung Ichiro, jadi terus dicehcer ku rasa teu kapanujuanna.

Ichiro teu nyangka Tiandi bakal nyaho silsilah 3 ubar andelanna. Lantaran sieun Tiandi loba omong ka média, Ichiro mimiti nyarita leuleuy.

"Tiandi, keur naon muka aib bangsa Kuring? Kuring nepungan anjeun hayang kerjasama, lain rék debat. Lamun anjeun nolak nya teu nanaon. Teu kudu ngabahas sagala rupa hal anu ahirna jadi manjang"

Tiandi seuri,

"Lantaran anjeun tadi ngabantah bebeneran, kuring teu katarik ku tawaran anjeun. Masalah panalitian kuring pikeun ngabandingkeun ubar anjeun jeung resép aslina. Tetep bakal dipigawé. Sangkan dunya nyaho"

Ichiro kekerot nahan ambek,

"Kusabab anjeun nolak, kuring moal maksa. Kuring ogé moal jadi meuli resép anjeun, kumaha lamun kuring meuli ubarna? Kuring butuh keur ngubaran bapa kuring anu lumpuh alatan tabrakan. Kuring wani meuli ubar anjeun 500 juta"

Tiandi lain teu butuh duit, tapi ngahargaan ogé ka Udin. Salian ti éta sok sieun Ichiro bohong, butuh keur ngubaran bapana padahal ubar rék ditaliti deui sarta rék di produksi masal. Anu ahirna ukur nguntungkeun bangsa Jepang deui. Tiandi teu hayang ngulang deui kasalahan-kasalahan karuhun baheula. Sanajan lain asli urang Indonesia, tapi Tiandi geus nganggap Indonesia nagrina sorangan. Paéh hirup, Tiandi moal balik deui ka Pakistan.

"Hampura Ichiro, ubarna geus béak jeung teu bisa dijieun deui" témbal Tiandi ka Ichiro.

Ichiro teu némbalan, tapi ngeluk tungkul bangun anu hanjelu pisan. Terus pamitan sarta pindah diukna kana jajaran korsi hareup lantaran lélang rék di mimitian.

Udin anu ngadéngékeun kabéh obrolan antara Tiandi jeung Ichiro panuju pisan. Haténa beuki yakin Tiandi jelema satia jeung bisa dipercaya. Jadi Udin nyarita,

"Tiandi. Urang Jepang kawéntar pinter jeung licik, persaingan sarta tékad bisnis Jepang pikeun ngawasa industri dunya gedé. Anjeun kudu leuwih ati-ati. Kuring hariwang Ichiro bakal terus néangan cara pikeun bisa mawa ubar anjeun ka Jepang"

Aya film anu judulnya I'm not a god of médicine. Saurang pasien leukemia lantaran teu mampu meuli ubar mahal, ahirna meuli ubar tiruan anu geus diturunkeun khasiatna. Tina film ieu katémbong jahatna kalangan farmasi gedé pikeun nipu jelema teu mampu. Anu kuduna cageur ku ubar asli anu hargana 12 juta, tapi kulantaran teu kabeuli ahirna pasién melian ubar tiruan harga 400 rébuan bari teu cageur-cageur da mémang moal bisa nyageurkeun, nepi ka maotna. Padahal saupama diitung-itung, manéhna geus méakeun duit puluhan juta. Ngaleuwihan harga ubar aslina.

Ubar asli anu 12 juta éta dijieun ukur meakeun biaya 300 rébu. Sedengkeun tiruanna anu dijual 400 rébu, sabenerna ukur butuh modal 40 rébu. Anu untung saha? tangtu pabrik. Jadi resép asli ku kapinteran jeung kalicikanna bisa dijieun jadi sababara level. Kapinteran karuhun bangsa Indonésia dina ngajieun resép, ku maranéhna ukur dijadikeun mésin panghasil duit.

Ichiro geus ngabayangkeun hasil gedé lamun Tiandi daék ngajual resépna. Sabaraha rébu jelema di dunia anu ngarasa sangsara lantaran lumpuh, lain ukur pasiénna, tapi kulawargana ogé pasti ngarasa diriweuhkeun. Lamun nyaho aya ubar anu bisa nyageurkeunna, sanajan hargana ratusan juta ogé pasti bakal dibareuli tanpa ngarasa kapaksa. Malah anu ngajieun ubar pasti bakal dipuji. Meunang untung rébuan kali lipet bari dipuji. Saha anu teu kabita?

"Kuring nyaho, kuring pasti bakal ati-ati. Tapi lamun kuring dirampog kudu kumaha?" témbal Tiandi ka Udin.

"Ubar asli titipkeun heula ka kuring. Kuring rék ngajieun ubar palsu anu mirip. Lamun anjeun dirampog, bikeun" témbal Udin.

Kabeneran ubar paméré ti Udin dibabawa terus ku Tiandi, jadi harita kénéh ubarna langsung dititipkeun ka Udin. Udin yakin Ichiro bakal nékad. Udin boga niat rék ngajieun ubar palsu anu hasiatna tibalik anu sabenerna mah racun. Géjalanya moal kanyahoan, sabab efek munggaran pasién memang bakal cageur tina lumpuhna, tapi selang sababaraha jam bakal langsung sakarat. Éta pantes keur ngawarah jelema jahat.

Sanajan Udin teu nyaho bener henteuna bapana Ichiro lumpuh, tapi tetep ubar palsu rék dijieun. Lamun bener Ichiro boga niat ngarampog Tiandi, Ichiro bakal rugi gedé sabab tangtu bapana anu bakal paéh.

Udin langsung ngetik bahan-bahan ubar anu dibutuhkeun keur ngajieun ubar anu khasiatna tibalik téa, sarta dikirim ka Qin Gang, terus Udin ngarérét ka Qin Gang anu masih marengan,

"Qin Gang. Lantaran kuring jeung Tiandi rék miluan lélang. Weyahna ayeuna anjeun siapkeun bahan-bahan ubar anu bieu dikirim ku kuring kana ponsél anjeun. Béjaan kuring lamun kabéh bahan geus aya"

Qin Gang unggeuk terus indit ka stanna. Teu lila Qin Gang nga WA yén bahan geus siap. Udin buburu ka stan Qin Gang. Kulantaran di stan Qin Gang ogé aya alatna, ubar langsung diracik ku Udin ku bahan anu geus disiapkeun.

Geus jadi ubar dibawa ka Tiandi langsung dibikeun.

"Ieu 4 ubar anu sabenerna racun. Ukur keur ngajaga bisi bener Ichiro boga niat teu hadé ka anjeun. Bikeun kabéh racun ieu teu perlu ngalawan" ceuk Udin ngaharéwos bari seuri.

Tiandi colohok, teu sangka ubar bakal langsung jadi bari mirip pisan jeung ubar aslina.

Nyambung...