WebNovelAING UDIN94.51%

Rénal ngalongok Wuki

Wuki gogodeg, beungeutna katémbong masih bingung.

"Teu nyaho, mémangna kunaon kuring bieu?"

Saurang baturna anu tadi dialungkeun némbalan,

"Bro. Anjeun ti soré kénéh diluar. Balik ka asrama langsung ka toilét, ngabalangkeun kuring anu keur modol. Terus tai kuring dina klosét béak didaharan ku anjeun"

Wuki ngarénjag, terus nyorowok bari ceurik.

"Mustahil, piraku kuring teu inget nanaon?"

"Hayu ka rumah sakit" ceuk penjaga asrama ka Wuki.

Wuki nangtung deui hareupeun wastafel terus ngalogokan tikorona ku curuk. Teu lila babalongkéngan Utah, bener wé anu kaluar tina sungutna mémang tai. Buburu Wuki kekemu. Terus biwirna dielapan maké tisu.

"Bawa kuring ka rumah sakit!" Ceuk Wuki. Bari buburu kaluar dibarengan ku penjaga asrama, 2 sécurity jeung 2 siswa séjén. Kabeh nyingray méré jalan bari narutupan irungna.

Penjaga asrama langsung mawa Wuki ka IGD RSUD. Dihareupeun dokter Wuki langsung ngomong,

"Dok. Béré kuring ubar pencuci perut, kuring geus ngadahar tai"

Dokter colohok. Sabab salila sabelas taun jadi dokter, kakara ayeuna kadatangan pasién anu ngaku geus ngadahar tai.

"Naha bet dahar tai?" Dokter nanya.

Wuki ngajéwang kérah baju dokter,

"Lamun aing nyaho aing moal datang kadieu. Buru ménta pencuci perut!"

Sanajan kasinggung, dokter tetep seuri bari ngarérét ka parawat,

"Siapkeun alat lavage lambung!"

Perawat unggeuk bari buburu nyiapkeun alat anu dipénta ku dokter.

Ngan beuteung Wuki geus peurih jeung ngarasa lapar deui, terus nyekel leungeun dokter,

"Dimana toiletna?"

Dokter teu curiga nanaon, disangkana Wuki mules nyeri beuteung lantaran geus ngadahar tai. Jadi buburu curukna nunjuk ka luar,

"Anjeun kaluar, méngkol ka kénca terus lempeng, toilet aya di tungtung"

Wuki nangtung terus lumpat. Penjaga asrama, sécurity sakola sarta baturna anu geus nyaho langsung lalumpatan ngudag.

Wuki kaluar asup toilet anu ngajajar nempoan satiap klosét. Aya panto anu ngonci, ku Wuki ditajong. Dijerona yampak aya aki-aki keur nagog. Jelas si aki reuwas. Wuki nyéréngéh atoh. Ngan méméh asup, Wuki geus kaburu direjengan ku 2 security jeung 2 baturna.

"Ulah asup Wuki, ulah asup!"

Wuki abrug-abrugan,

"Leupaskeun, kuring lapar, kuring hayang dahar!"

Kabéh colohok teu ngarti jeung bingung, kunaon Wuki ngan sakilat bisa robah jadi jelema teu waras.

"Bawa sing jauh ti toilét!" Ceuk pananggung jawab asrama.

Awak Wuki diangkat ku opatan ngajauhan tolilét, tapi Wuki terus abrug-abrugan.

"Turunkeun! Kuring lapar, kuring kudu dahar. Lamun teu dahar kuring bisa paéh. Turunkeun!" Ceuk Wuki cocorowokan.

Wuki dibawa deui ka rohangan pamariksaan. Kabéh para médis sibuk ngalayanan Wuki anu ngamuk. Awak Wuki digolérkeun dina ranjang terus ditalian. Dokter bingung, sabab saumur-umur can kungsi narima pasién kawas kitu. Komo deui bari kaayaanna beresih, kasép jeung nempo tina dangdananna ogé yakin jelema beunghar. Lain anu gélo.

"Pan tadi manéhna anu ménta lavage lambung, tapi naha geus rék ngadahar tai deui?" Ceuk dokter kerung.

"Bawa ka RSJ atawa ka psikiater, kuring yakin ieu gangguan psikologis" ceuk dokter séjén.

Guru pananggung jawab asrama unggeuk satuju, Wuki anu kaayaanna geus ditalian dipanggul ku opatan rek ditaékeun deui kana mobil langsung dibawa ka RSJ.

Wuki beuki amuk-amukan. Sukuna tétéjéh, sungutna terus cocorowokan,

"Kuring lapar, kuring kudu dahar, kuring embung paéh" pokna bari rék ngégél ceuli baturna anu keur manggul. Ahirna Wuki ragrag sabab teu katahan.

Wuki gugulitikan, sukuna terus tétéjéh, sirahna didagor-dagorkeun kana sagala rupa anu aya. Ahirna saurang dokter karunyaeun sarta maréntahkeun parawat sangkan ngaleupaskeun tali anu ngabeungkeut awakna.

Karék ogé muka tali anu nalian sukuna. Wuki langsung hudang terus lumpat deui ka toilét dina kaayaan leungeunna masih ditalian kénéh. Kabeh geus pasrah, nuturkeun bari bingung.

Di toilét. Aki-aki anu tadi keur nagog, nyampak geus nangkuban hareupeun toilét, sedengkeun Wuki geus nonggéng, sirahna asup kabéh ka jero klosét. Sirah Wuki dibetot tina kloset, tapi keukeuh asup deui asup deui. Sabab geus kawalahan, ahirna diarantep.

Bérés dahar Wuki diuk bari létahna kutap ketap ngalamotan biwirna. Liang klosét geus leucir. Teu lila Wuki sadar terus neuteup ka baturna anu aya diluar. Wuki ceurik bari nanya,

"Kuring ngadahar deui tai?

Baturna unggeuk leuleus, Wuki ditangtungkeun, tali anu nalian leungeunna dibuka terus dibawa kaluar ti toilét.

Si aki-aki anu nangkuban nangtung kukulutus bari ngangsrodkeun calananna,

"Koplok. Mawa pasién teu waras kieu ulah diabur, jaga sing bener"

Pananggung jawab asrama éra, lantaran nempo tuur si aki barabak, manéhna ngaluarkeun duit 50 rébu terus dibikeun ka si aki,

"Hampura Ki, ieu keur ngubaran tuur anjeun"

Tanpa sakanyaho sararéa, aya pangunjung anu ngaméra kajadian ti awal Wuki ngamuk terus lumpat ka toilét, ngalungkeun aki-aki, sarta dahar tai. Vidéona langsung diunggah dina Facebook. Statusna 'manusia pemakan tai, lokasi di RSUD'

Wuki ahirna dibawa deui ka dokter, tapi dokter ooroloan Utah nempo biwir Wuki anu masih kénéh raméték ku tai,

"Bawa ka RSJ, kuring teu bisa ngubaran panyakit kieu"

"Béré heula ubar pencuci perut dok, anu didaharna barang kotor. Bisa gering lamun teu buburu dikaluarkeun. Bahaya lamun nungguan lapareun deui" ceuk pananggung jawab asrama.

Dokter nyodorkeun tisu ka Wuki sangkan meresihan biwirna, terus nanya bari nulis surat rujukan,

"Mémangna bieu anu ka sabaraha kali?"

"Dua kali, tapi lamun ngitung waktu, masih aya sajam deui pikeun dahar anu katilu kalina" ceuk penjaga sakola bari ngarérét jam.

"Lamun kitu bawa surat ieu ka RSJ" ceuk dokter bari mikeun surat rujukan anu geus ditulisna.

Wuki anu can bérés ngelapan biwir ditungtung dibawa lumpat kana mobil, terus mobil ngabiur ka RSJ. Salila dijero mobil Wuki geus pasrah teu bisa ngomong atawa tatanya naon deui. Wuki ngarahuh, pikirana bingung.

Basa Wuki ngarahuh, bau tai langsung ngulibek di jero mobil, kapaksa kabéh kaca mobil dibuka sangkan aya angin asup. Wuki ngeclakeun cipanonna. Dijero mobil tapi asa aya dijero cubluk.

Vidéo Wuki Dina Facebook geus sumebar, dikoméntaran sarta di share kamana-mana. Kabéh kulawarga Sanjaya ogé geus nyahoeun jeung geus ngalalajoan videona.

Kulawarga Sanjaya mémang pangbeungharna di Cianjur. Nyaho Wuki keur keuna ku musibah anu teu asup akal, jelas langsung ngaduga aya unsur ngahaja anu dijieun ku batur. Jadi boga niat datang ka Bandung pikeun nempo anakna sarta nalungtik palakuna.

Kulawarga Sanjaya nitah asisténna pikeun ngahubungi fihak Facebook sangkan mupus kabéh unggahan vidéo anu geus nyebar. Sabab jelas ngérakeun. Wibawa Kulawarga Sanjaya bisa ruksak, bakal mangaruhan ogé kana usahana.

Tapi nyatana penyebaranna gancang pisan, sanajan dina Facebook geus beresih. Tapi masih aya anu nge-save jeung diunggah ulang kana YouTube, Instagram, TikTok sarta Twitter.

Rénal Sanjaya langsung nelepon anakna,

"Wuki, Aya naon? Naon anu dilakukeun? Geus nyaho vidéo manéh aya dina YouTube? Manéh geus ngawiwirang kulawarga Sanjaya!"

Pas Wuki ngadéngé aya anu mosting vidéo dirina, Wuki hayang luncat tina jandéla mobil.

"Pa. Ulah nyalahkeun kuring sabab kuring ogé teu nyaho jeung teu hayang kikieuan. Otak kuring asa paéh tiap dua jam, geus teu bisa mikir nanaon deui salian hayang dahar. Bapa kudu néangan cara pikeun nulungan kuring"

"Bapa rék ka Bandung ayeuna jeung adi manéh sarta dokter kulawarga, tungguan bapa" ceuk Rénal.

Rénal langsung nyiapkeun 2 hélikopter. Mawa 4 ahli médis sarta 6 pangawal anu biasa ngalayanan kulawargana. Harita kénéh langsung hiber ka Bandung.

Kabeungharan kulawarga Sanjaya mémang saluhureun Kulawarga Nataprawira. Salian hélikopter anu stanbye di helipad pakarangan imahna anu lega, manéhna oge boga jét pribadi anu disimpen di lanud Batujajar. Kapal pesiar di Ancol jeung petugas médis sarta kaamanan swasta. Salah saurang tanaga medis anu dibawa ahli psikiater. Rénal teu nyahoeun lamun panyakit Wuki moal bisa diubaran ku psikiater.

Udin geus aya di gerbang sakola, Auxé sababaraha kali ngabongkokkeun awakna ka Udin sabab bungah bari sababaraha kali nganuhunkeun.

"Pa Udin, nuhun pisan, sateuacanna teu aya anu mampu nyaketan sareng ngolo Léni, nanging ku pa Udin, mung ku sababaraha ucap langsung nurut"

"Sigana saenggeus ngerelep di Saguling, Léni sadar yén hirup leuwih penting. Jelema biasana mémang kitu, karék sadar saenggeus ngalaman cilaka" témbal Udin seuri.

Auxé unggeuk,

"Upami sanés salira anu nulungan, abdi teu yakin nyawana tiasa salamet sareng pangaruh hipnosisna ical"

"Sagalana bakal normal, Léni ulah dijauhan, hibur terus sangkan teu ingeteun deui kana kajadian saméméhna" ceuk Udin mihapekeun.

Auxe unggeuk deui,

"Anjeun ogé kudu ati-ati, lamun manggih kabogoh anu boga sifat kawas Wuki, buburu jauhan" ceuk Udin nambahkeun bari seuri.

"Moal pa, abdi teu bodo. Abdi hoyong kagungan kabogoh sapertos pa Udin" témbal Auxé seuri.

"Maksudna anu miskin? pangangguran?" Udin nanya ngaheureyan.

"Upami jalmina pa Udin mah teu sawios" ceuk Auxé seuri centil.

"Anjeun ngora kénéh, diajar sing bener sangkan pinter. Masalah jodo mah ké ogé bakal kapanggih sorangan. Sabab geus peuting, kuring rék balik. Anjeun buburu balik ka asrama, bisi kabeurangan asup ka kelas isukan" ceuk Udin.

"Pa Udin badé mulih ayeuna?" Auxé nanya bangun anu beurat ngadéngé Udin rék indit.

Saméméh Udin némbalan, ponsél Auxe disada. Ternyata notif pesen di grup WA, eusina vidéo Wuki. Ku Auxé langsung diputer.

"Ih, geuleuh"

"Vidéo naon?" Udin nanya panasaran.

Auxé teu némbalan, tapi nagog terus ooroloan Utah. Ponsélna dibikeun ka Udin.

"Tinggal nyalira pa, Wuki ngaémam éé di rumah sakit"

Udin lalajo, mémang geuleuh nempona, tapi alus. Tukang ngahipnotis batur kudu ngalaman rasana dihipnotis. Udin geus nyaho Wuki bakal lapar tiap 2 jam. Sanajan ditalian ogé euweuh gunana, sabab pangaruhna moal leungit saacan dahar. Cara anu hadé iwal ti rutin méré dahar tiap 2 jam sakali. Untungna Wuki anak jelema beunghar, pasti daharna bakal kaurus. Jadi Udin teu hariwang. Bari seuri, ponsél dibikeun deui ka Auxé. Terus balik.

Udin nepi ka Imah, Wuki ogé nepi ka RSJ. Karék ogé nepi Wuki geus ngarasa lapar deui,

"Cekelan kuring, ulah nepikeun ka kuring lumpat ka toilét" ceuk Wuki anu kasadaran can sapinuhna leungit.

Karék ogé rék ditéwak, Wuki geus lulumpatan kaditu kadieu nanyakeun toilet ka satiap jelema anu katempo. Kabéh ukur silih rérét. Nempona, security sakola jeung babaturanna malah caricing sabab mémang bingung. Pananggung jawab asrama ambek,

"Labuhkeun! Talian!"

Wuki ahirna dikepung, saurang sécurity langsung ngarontok Wuki, duanana gugulitikan siga anu galungan di parkiran. Ahirna Wuki ukur bisa cocorowokan saenggeus awakna ditindihan ku opatan.

"Tungguan, kuring rék ngagero dokter" ceuk pananggung jawab asrama bari lumpat ka jero rumah sakit.

Wuki terus abrug-abrugan, 4 jelema anu nindihan bari nyekelan ampir kawalahan. Saurang sécurity malah geus ngacleng lantaran di téjéh, tapi balik deui nindihan Wuki. Saurang deui digégél leungeunna, tapi tetep nindihan Wuki sanajan leungeunna nyeri.

"Leupaskeun, kuring lapar, kuring kudu dahar, kuring teu hayang paéh" ceuk Wuki terus cocorowokan.

Jelema réa, tapi euweuh anu maliré, sabab di rumah sakit jiwa kajadian kitu geus teu anéh. Jelema gélo mémang kadang-kadang sok ngamuk. Komo ieu karék datang. Jadi ku batur ogé dianggap biasa.

Teu jauh ti parkiran, di luar pos kaamanan rumahsakit, Aya anjing herder keur ditalian. Anjing éta memang stanbye pikeun ngudag sarta ngalacak lamun aya pasién anu kabur. Tapi kaciri si anjing téh modol.

Babaturan Wuki langsung nyorowok ka sécurity rumah sakit,

"Pa, singkahkeun anjingna. Piceun taina"

Sabab kaamanan rumah sakit teu ngarti kana maksudna, langsung nolak,

"Tempat modolna mémang didinya, rék dipindahkeun kamana?"

Wuki anu ngadéngé aya anjing ngising, langsung curinghak. Awakna langsung nerejel sakuat tanaga. 4 urang anu nindihanna langsung kabantingkeun ngaracleng.

Wuki ngoréjat hudang, terus lumpat ka lebah anjing. Sabab anjing ngagogog, Wuki ngangkat batu gedé langsung dipaké ninggang hulu anjing nepi ka sakarat. Buburu Wuki nonggéng ngadaharan tai anjing nepi ka béak gigireun bangké anjing anu keur usek-usekan ngaleupaskeun nyawana.

Kaamanan rumah sakit ukur bisa colohok. Teu paduli Kana anjingna anu paéh, sabab reuwas nempo Wuki

"Geus sabaraha poé jelema ieu teu dibéré dahar?" Pokna nanya.

Wuki bener-bener geus kaleungitan akal séhatna. Sugésti Udin geus nanceb dina pikiranna. Wuki masih nangkuban digigireun bangké anjing, tapi jelas kasadaran geus balik deui, ngan Wuki langsung ceurik ngahinghing ngarasa éra rék hudang.

Pananggung jawab asrama geus datang jeung sababaraha tanaga médis rumah sakit jiwa. Nempo Wuki nangkuban bari biwirna raméték ku tai anjing, sanajan geus biasa ngurus jelema gélo ogé kabéh rada ngarengkog. Maranéhna geus loba ningali jelema gélo, tapi Wuki leuwih parah.

4 parawat maju ngangkat Wuki kana blangkar dorong anu geus aya talian. Wuki ditangkarakeun dina blangkar. Leungeun, suku jeung beuteungna dibaguded ku tali sangkan teu bisa ojah. Terus disorong ka jero.

Di sakolaan. Kabéh barudak di asrama awéwé jeung asrama lalaki euweuh anu saré. Kabéh lalajo vidéo sarta ngaromongkeun Wuki. Teu saeutik anu langsung Utah, malah jatah makan malam anu geus disadiakeun di kantin sakolaan oge teu didalahar da kabayang waé kajadian dina vidéo.

Tapi Rata-rata siswa ngarasa atoh, euweuh anu ngarasa karunya. Lantaran nyaho sifat Wuki anu cunihin, tukang ngaruksak awéwé sarta sombong.

"Si angkuh ayeuna geus jadi jelema idiot" ceuk sababaraha siswa.

Ngan 20 menit hélikopter Rénal Sanjaya geus euntreup di lapangan deukeut RSJ. Régnar Sanjaya, Roger Sanjaya, tim médis jeung para pangawal tarurun, langsung ngagedig ka RSJ anu jarakna teu jauh.

Di RSJ. Wuki geus diasupkeun ka bangsal parawatan. Ngagoler bari ditalian pageuh kana ranjang. Rénal ngadeukeutan anakna, bari katémbong sedih,

"Wuki, ieu bapa"

Wuki bungah nempona, terus ceurik ngahinghing. Awakna leuleus.

"Dok, pariksa" ceuk Rénal ka psikiater anu dibawa ku manéhna.

Dokter maca heula surat rujukan ti RSUD anu diasongkeun ku pangawas asrama. Didinya ditulis panyakitna bakal kambuh tiap 2 jam,

"Iraha terahir kambuh?" Dokter nanya.

"Kira-kira sajam katukang" témbal pengawas asrama.

"Hartina sajam deui bakal ménta dahar, moal kaburu lamun dibawa balik ka Cianjur. Kudu disuntik penenang heula terus tungguan bakal kambuh atawa moal" ceuk dokter bari nyiapkeun suntikan. Terus nyuntik Wuki. Wuki langsung saré.

Bari nungguan, dokter tatanya ka pangawas asrama kronologina. Pangawas asrama langsung nyaritakeun kabéh ti mimiti dahar di toilet asrama jam 8, dahar di RSUD jam 10 nepi ka tadi dahar tai anjing jam 12. Dokter unggut-unggutan bari kerung.

Saacan jarum jam nunjuk kana angka 2, para médis geus ngurilingan rajang Wuki. Pas jam 2, Wuki langsung beunta, terus abrug-abrugan bari cocorowokan,

"Kuring lapar, Kuring kudu dahar, Kuring embung paéh"

Dokter reuwas sabab obat penenang anu disuntikeun teu ngaruh. Wuki terus abrug-abrugan, malah létahna digégél ku sorangan nepi ka getihan. Buburu sungutna dijejelan ku anduk.

"Pa, kuring bingung, kudu kumaha? Dosis obat penenang anu disuntikeun kuduna Wuki bisa sare nepi ka jam 8, ieu lain gangguan psikologis" ceuk dokter.

"Anjeun pan dokter. Tangtu leuwih nyaho anu kudu dilakukeun!" Témbal Rénal ambek

"Kuring rék ningkatkeun dosisna" ceuk dokter.

"Lakukeun! Nungguan naon deui?" Rénal unggeuk.

"Obat penenang ngaleuwihan dosis bakal ngaruksak kaséhatanna" dokter jantung ngomong asa-asa.

"Wuki geus ngaruksak awakna sorangan, teu kudu loba mikir" ceuk Rénal teu sabar.

Dokter psikiater unggeuk, buburu nyiapkeun suntikan deui. Terus disuntikkeun ka Wuki.

Tapi Wuki malah beuki ngamuk, pigeulang leungeun jeung pigeulang suku anu ditalian kana ranjang malah geus lalécét akibat abrug-abrugan.

Nyambung...