Kadéngé sora saurang lalaki teu jauh ti Udin,
"Cih, kadieu. Tempo dua mobil ieu, terbaik jeung tercepat sadunya. Saumur-umur kuring karék nempo ayeuna"
Udin ngarérét ka lebah sora, katempo saurang lalaki maké jas jeung sapatu mahal, buukna kulimis disisir rapih ka gigir. Digigireuna aya awéwé geulis jangkung leutik. Ngan éta mah Jihan anu panggih jeung Udin sawaktu dionfang dahar ku Darwin di Warung Taru, tapi teu lila kadéngé sora Icih ti tukangeun Jihan.
"Manager Junaédi, mémang mobilna alus, ngan kuring teu pati ngarti kana mobil"
Junaédi seuri,
"Lamun kuring geus biasa. Jeung daék teu daék mémang kudu ngarti mobil sabab gedung ieu mineng dipaké keur paméran mobil"
Ningali Icih ngajaga jarak jeung nyebut manager ka si lalaki, Udin ngarasa reugreug, tangtu Icih keur aya urusan bisnis. Jadi bisi ngaganggu, Udin ngajauhan bisi kanyahoan ku Icih, ukur ngawaskeun ti kaanggangan.
Karék ogé ngaléngkah, Icih ngageroan,
"Kang Udin, Naha aya didieu?"
Udin ngarandeg terus malik némbalan bari gagaro sirahna,
"Akang keur ulin nyi, sabab béjana aya mobil canggih jeung langka, jadi akang panasaran hayang nempo. Nyai naha bet aya didieu oge?"
Icih nyampeurkeun terus nungtung leungeun Udin sangkan ngadeukeutan ka Jihan jeung Junaédi, terus ngajelaskeun,
"Kang, ieu manager Junaédi, gedung ieu dikelola ku anjeunna, sateuacanna anjeunna langganan Palapa. Ayeuna anjeunna kagungan rencana kerjasama sareng abdi badé ngarénovasi interior rohangan aula ieu. Abdi didieu nuju survéy lokasina anu badé dirénovasi"
Saterusna Icih nunjuk ka Jihan,
"Anu ieu Jihan, rérencangan sakelas abdi anu harita calik sareng Jian di Warung Taru. Anjeunna sekretarisna manager Junaédi"
Di kantor KIKI, Udin atawa Icih mémang teu kungsi panggih jeung Jihan. Padahal awéwé éta anu kungsi disiksa jeung ditaranjangan ku Salman sarta dipiceun di alun-alun. Tapi Jihan mah nyaho panyababna, matak dirina nyimpen dendam ka Udin jeung Icih.
Jihan neuteup sinis ka Udin,
"Ieu waktuna masak jeung beberesih imah. Nanaonan Ulin kadieu?"
Sabab indit langsung ti pasar, Udin mémang teu dangdan heula. Maké calana jean urut tadi peuting dahar di Rumah Klasik, Udin ogé ukur maké sendal capit jeung kaos oblong anu taktakna geus bolong.
Junaédi ogé seuri sinis ngahina penampilan Udin. Icih mah teu nyahoeun sabab keur anteng merhatikeun sakuriling aula anu engkéna intériorna bakal dirénovasi ku dirina bari ngabayangkeun jenis jeung modél dékorasi anu bakal diterapkeunna saacan digambar sarta diajukeun ka Junaedi.
Junaedi kungsi ngadéngé Udin ukur babu di imah mitohana, tapi karék ayeuna nempo beungeutna. Jadi Junaédi nanya ka Udin,
"Saacan kawin ka Icih, naon pagawéan anjeun pa?"
"Ukur galandangan" ceuk Udin sangeunahna.
Junaédi kumecrék. Basa Icih masih kénéh jadi disainer intérior di Palapa. Loba pagawéan ti Junaédi anu digambar sarta dipigawé ku Icih bari hasilna alus, ayeuna ngadéngé Icih muka usaha sorangan, Junaédi ogé masih rék mercayakeun pagawéanna ka icih. Tapi nempo Udin aya didinya bari papakéanna teu pantes keur asup ka rohangan paméran mobil méwah, sabagé manager gedung, Junaédi jelas kasinggung.
Jadi Junaedi nyarita deui,
"Udin. Sabenerna anjeun teu pantes aya didieu, sabab ieu paméran mobil méwah, geus pasti anu datangna ogé jelema beunghar hungkul anu boga minat meuli keur dipaké atawa keur koléksi. Tuh tempo batur, eweuh anu maké sendal capit siga anjeun"
Sabab omonganna rada tarik. Icih ngarérét langsung baketut haseum pas ngadéngé omongan Junaédi anu ngahina Udin. Icih langsung ngaléngkah ka hareupeun Junaédi rék nampiling. Ngan Udin némbalan,
"Ukur paméran biasa, euweuh anu istiméwa. Kuring datang ka dieu lantaran mobil kuring aya didieu"
"Mobil anjeun didieu? Momobilan?" Ceuk Junaédi nyakakak seuri.
Jihan anu mémang ceuceub ka Udin pipilueun ngomong,
"Beunta atuh, mobil didieu pangmurahna samilyar, tong boro mobilna, sanajan ban mobilna hungkul ogé moal mampu kabeuli ku anjeun"
Junaédi nanya sinis,
"Anjeun datang kadieu lantaran rék ngarenghik ka pamajikan anjeun sangkan dipangmeulikeun mobil pan?"
Icih beuki ambek,
"Manager Junaédi. Salaki kuring geus mangmeulikeun kuring dua mobil, salaki kuring mampu meuli sorangan, teu saperti anu dituduhkeun ku anjeun"
Junaédi ngarénjag teu percaya. Ngan kusabab geus kagok ngahina, géngsi kudu ménta dihampura ka Udin. Komo di hareupeun Jihan jeung pengunjung paméran séjénna. Jadi Junaédi nanya ka Icih,
"Meuli mobil naon kitu? Férarri, Audi atawa Cherry QQ?"
"BMW 520 jeung 530" ceuk Icih anu mémang teu ngarti kana jenis mobil.
Jihan jeung Junaédi kontan nyakakak, Junaedi nyarita,
"BMW séri 5? Mobil kitu pantesna keur kandaraan berkabung nganteur mayit indit ka pamakaman. Uyuhan anjeun daék makéna"
Saterusna Junaédi ngaérét ka Udin, curukna nunjuk kana dua mobil sport dina palét,
"Tuh tempo Aston Martin one77 jeung Bugatti Veyron. Harga 2 BMW anjeun, sarua jeung harga sabeulah pelek mobil éta"
Udin seuri,
"Mémangna anjeun mampu meuli 2 mobil anu ditunjuk ku anjeun éta?"
Junaédi némbalan ujub,
"Salian ti dua mobil éta, kabéh mobil anu aya di aula ieu mampu di beuli ku kuring. Anjeun mampu meuli anu mana?"
Junaédi teu némbalan, tapi ngalieuk ka Icih,
"Kuring teu boga waktu ngalayanan salaki anjeun, leuwih hadé ngabahas pagawéan. Saupama anjeun mampu ngawujudkeun kahayang kuring ngarénovasi aula ieu tanpa nguciwakeun. Keur hadiahna, kuring rék mére anjeun Audi R8. Asal BMW butut anjeun diual"
"Sanggupan Cih, meungpeung manager keur bageur" ceuk Jihan ngahatéan.
"Nuhun, tapi kuring nolak. Audi R8 teu pantes keur kuring. Kuring teu resep kaméwahan, BMW anu aya ogé geus cukup" témbal Icih.
Junaédi seuri,
"Teu méwah, harga Audi R8 ukur 8 milyar, itung-itung kuring miceun sial geus panggih jeung salaki anjeun ayeuna"
Udin nyarita,
"Pamajikan kuring geus nolak, ulah maksa. Poé ieu kuring malah rék méré pamajikan mobil anu leuwih mahal tibatan anu ditawarkeun ku anjeun"
Junaédi nyakakak,
"Naon? Ayeuna anjeun rék méré Icih mobil anu leuwih mahal ti 8 milyar? Mobil kumaha?"
Udin seuri,
"Mobil anu teu mampu dibeuli ku anjeun, lain ukur hiji, duanana dibeuli ku kuring keur Icih"
Junaédi nyakakak seuri nepi ka babarakatakan bangun anu nikmat,
"Anjir. Karék ayeuna kuring panggih jeung jelema anu boga panyakit saraf akut model kieu. Loba teing ngalamun hayang beunghar jadina halu"
Udin nyarita deui,
"Malah lamun Icih daékkeun, kabéh mobil anu dipamérkeun di dieu rék dibeuli ku kuring sarta rék dibikeun kabéhanana ka Icih"
Junaédi beuki babarakatakan nepi ka nyekelan beuteungna sorangan anu ngadadak seueul,
"Aston jeung Buggati geus aya anu boga. Jaba dijaga ku satpam, Kuring wate teu bisa deukeut, Komo anjeun. Jadi ulah ngimpi bisa meuli"
"Kuring lain ngan ukur bisa deukeut, tapi kuring ogé bisa diuk di jerona" ceuk Udin.
Junaedi beuki ngahina jeung ngomongna geus mimiti kasar.
"Loba bacot, bét aing ogé manager di dieu teu bisa nyabak, manéh ngomong bisa diuk dijerona. Hayang néangan masalah jeung anu boga mobil?"
Udin seuri,
"Anjeun manager di dieu, tapi teu nyaho saha anu boga mobilna. Anéh"
Junaédi némbalan,
"Wangunan kuring ukur katempatan keur paméran. Kuring teu boga hak tatanya timana mobil jeung saha anu bogana. Éta urusan dealer jeung EO"
"Hartina nasib anjeun leuwih goréng ti kuring. Kuring bisa asup kana mobil, tapi anjeun nyabak ogé teu bisa, karunya" ceuk Udin beuki ngahajakeun.
"Ceuk saha aing teu bisa nyabak" témbal Junaédi ngarasa ditangtang.
"Bieu anjeun sorangan anu ngomong pan? Sok buktikeun lamun bener bisa mah" ceuk Udin.
"Oké, Kuring rék nyabak. Saksian" ceuk Junaédi bari maju ngaléngkahan Barrier.
Tanpa sakanyaho Junaédi, 4 satpam anu ngajaga mobil nyatana para pqngawal pribadinq Qin Gang anu moal sieun ku pangkat manager. Disangkana ku Junaédi mah ukur security gedung atawa security dealer. 4 pengawal éta saacana geus dibéjaan ku Qin Gang, teu meunang aya anu nyabak salian Udin anu geus boga koncina.
Jadi karék ngaléngkahkeun sabeulah sukuna ngaliwatan Barrier, Junaédi geus disentak ku satpam. Bari dadana ditahan.
"Eureun! Saha anjeun?" Ceuk saurang satpam ka Junaédi.
"Kuring manager gedung pameran ieu. Ukur rék nyabak mobil hungkul" Ceuk Junaédi.
"Lamun lain pemilikna, mundur!" Ceuk satpam teges bari nyurungkeun Junaédi kaluar deui tina garis Barrier.
"Anjeun ukur satpam, aing tuan rumah di dieu, anu boga gedung ieu. Naon hak anjeun ngahalangan" ceuk Junaédi muncereng bari rék ngaléngkahan deui Barrier.
"Gedung ieu geus di séwa, jadi anjeun euweuh hak nanaon kana barang anu dipamérkeun. Kuring ogé lain pagawé anjeun" ceuk Satpam bari nyurungkeun deui dada Junaédi leuwih tarik batan bieu.
"Lamun kitu, maranéh kaluar ti gedung paméran!" ceuk Junaedi nulak cangkéng bari nyorowok tipoporongos.
"Ukur dunungan kuring anu boga hak nitah kuring kaluar" ceuk satpam sarua nyorowok teu éléh tarik.
Udin maju nyampeurkeun ka Junaédi,
"Éra nya? Hayang deukeut waé teu bisa, komo nyabak"
Panon Junaédi mureleng ka Udin. Terus ngarérét ka Icih anu keur nahan seuri, ngaérét deui ka Jihan anu keur ngégél kuku ramona wabab ngarasa mangpaurkeun. Sarta rupa-rupa éksprési beungeut pangunjung séjén anu keur marelong ka Junaedi.
Junaédi mémang éra, ngarasa diwiwirang. Jadi Junaédi nyorowok ka Jihan,
"Jiha! Geroan security gedung, usir si Udin jeung 4 satpam kurang ajar ieu"
Saurang réporter TV jeung kaméramen anu mémang keur ngadukuméntasikeun paméran maju, langsung ngaliput kajadian éta. Kaméra ditojokeun ka Junaedi, réporter ngomong maké mic,
"Pa. Lamun teu diijinan nyabak, leuwih hadé anjeun mundur sangkan teu ngaganggu pengunjung anu hayang motrét" ceuk réporter bari ngasongkeun mic ka Junaédi nungguan jawaban.
"Heueuh, mundur woy!" Ceuk saurang pengunjung paméran.
"Ukur rék Selfi tapi ngalanggar étika" ceuk pengunjung séjénna.
Sabab éra ku sararéa, Junaédi ngomong ka satpam anu ngajaga mobil,
"Lamun aing teu bisa nyabak mobil, paméran ieu rék dibubarkeun"
Teu lila ketua panitia paméran datang dikawal ku 6 bodyguardna lantaran meunang laporan ayana riributan di dinya.
"Aya naon?" Ceuk ketua panita paméran nanya ka Junaédi.
"Anjeun penyelenggara paméran?" Ceuk Junaédi malik nanya.
"Enya, ngaran kuring Sutomo, saha anjeun?" Sutomo nanya.
"Kuring Junaédi, pengeola gedung ieu" témbal Junaédi.
"Oh jadi anjeun anu ngaran Junaédi, rék naon ngajieun riributan di dieu?" Sutomo nanya.
Curuk Junaédi nunjuk ka 4 satpam anu keur ngajaga mobil,
"Kuring rék ngadeukeutan mobil hayang nyabak, tapi dihalangan ku 4 anjing ieu"
Sutomo ngarahuh,
"Mobil ieu lain jualeun, tapi geus aya anu boga. Anjeun euweuh hak nyabak barang batur. Kecuali aya ijin ti anu bogana"
"Anjeun teu ngahargaan kuring" ceuk Junaédi.
Sutomo seuri,
"Lain masalah ngahargaan atawa teu ngahargaan. Lamun pamajikan anjeun aya anu nyabak satukangeun anjeun, kumaha perasaan anjeun?"
"Lamun kitu, teu kudu aya paméran di gedung kuring. Kaluarkeun kabéh!" Ceuk Junaédi jamotrot ambek.
Sutomo seuri deui,
"Anjeun nandatangan kontrakna pan? Lamun aya pembatalah ti pihak ajeun sabaraha kompénsasi anu kudu dibayar ka fihak kuring?"
Junaédi ngabetem, terus ngalieuk ka sekretarisna,
"Jihan ka dieu. Jelas ka kuring eusi perjanjian kontrakna"
Jihan maju ngadeukeutan Junaédi bari nyokot map tina tasna terus macakeun salinan kontrak dina bab sanksi,
"Didieu disebutkeun anjeun bakal keuna denda 10 kali tina nilai kontrak jeung tungtutan hukum ka pangadilan. Aturanna syah, lantaran anjeun anu nandatanganna pa"
Udin seuri nyakakak,
"Sok milih mana? Rék ngaku éléh lantaran teu bisa nyabak mobil, atawa rék maksakeun nyabak bari diteunggeulan ku Satpam, atawa rék keukeuh ngabubarkeun paméran bari mayar dendana jeung dibui? Kabéh sarua wirangna"
"Aing rék nyabak!" Ceuk Junaédi nyurungkeun Sutomo terus ngaléngkahan Barrier ngadeukeutan mobil.
Ningali Junaédi keukeuh maju, Jihan ngagero security gedung tina HT. Ti tiap juru rabul security gedung ka tempat éta. 6 urang body guard Sutomo langsung siap masang kuda-kuda. 4 urang satpam dina pakét geus nyerek Junaédi anu adug-adugan hayang leupas.
10 urang geus siap-siap pikeun tarung ngalawan belasan security gedung. Nempo bakal aya kaributan gedé, Sutomo buburu nelepon Qin Gang,
"Pa Qin. Junaédi manager gedung hayang nyabak mobil pa Udin, pangawal pa Qin anu ngajaga mobil jeung bodyguard kuring geus siap pikeun nyinghareupan belasan security gedung. Naon paréntah anjeun pa?"
"Salian ti pa Udin, siksa saha waé anu wani nyabak mobil" ceuk Qin Gang
"Mangga pa" témbal Sutomo.
Saenggeus nutup telepon, Sutomo langsung nyorowok ka para pangawal ti fihakna,
"Laksanakeun tugas aranjeun sakumaha mistina!"
Junaédi langsung ditampilingan ku saurang pangawal Qin Gang nepikeun ka biwirna soéh.
"Ieu gedung aing, silaing wani nampiling aing?" Ceuk Junaédi bari adug-adugan hayang lesot tina leungeun 3 pangawal séjénna.
"Oh, jadi teu meunang nampiling? Oké. Awas ulah dicekelan" ceuk anu bieu nampiling ka baturna. Saenggeus teu dicekelan deui, pengawal ngangkat sukuna terus dijejekeun kana beuteung Junaédi,
"Hakan tah sapatu aing ari teu menang nampiling mah"
Junaédi rubuh bari nyekelan beuteungna gegerungan bari gugulitikan.
Para Bodyguard Sutomo ogé teu cicing, tiap aya security gedung anu nyampeurkeun langsung dilumpuhkeun didinya kénéh. Atuh ngan sakeudeung belasan security gedung ngagalolér teu kuat nyinghareupan 6 bodyguardna Sutomo anu mémang geus pangalaman gelut.
Jihan nyampeurkeun ka Juanaedi anu keur ngagolér nyekelan beuteungna, terus molotot ka 4 pengawal Qin Gang,
"Cukup! Lamun diteruskeun, dulur-dulurna manager Junaédi moal ngantep aranjeun"
"Datangkeun kabéh ka dieu, kuring para pangawalna kulawarga Qin Gang boga tugas husus ngajaga 2 mobil ieu. Moal mundur sanajan ukur saléngkah" ceuk pangawal Qin Gang anu geus nampiling sarta ngajejek beuteung Junaédi.
"Hah! Qin Gang?" Ceuk Jihan colohok reuwas.
Junaédi anu keur gegerungan ogé ngagebeg ngadéngé ngaran Qin Gang, beungeutna langsung pias. Teu nyangka anu boga 2 mobil méwah éta pangusaha nomer dua pangbeungharna di Bandung saenggeus kulawarga Nataprawira.
Sanajan beuteungna nyeri sarta éra ku sararéa, Junaédi langsung diuk terus ngorondang ka pangawal Qin Gang anu bieu ngomong, bari ménta ampun,
"Ampun, ulah diteruskeun, hampura, kuring ngaku salah"
Kantaran Junaédi geus ménta ampun, Sutomo ogé maréntahkeun para bodyguardna anu masih garelut jeung security gedung anu terus jul jol ti mana-mana,
"Stop, ulah diteruskeun!"
Udin nyampeurkeun ka Junaédi,
"Jadi kumaha atuh ieu téh, rék nyabak mobil atawa moal?"
Ngadéngé Udin masih tatanya dina posisi dirina keur ménta dihampura, Junaédi beuki ambek,
"Udin, gara-gara sia aing jadi kieu. Ngajedog!"
"Yéy! Naha bet jadi nyalahkeun kuring" témbal Udin bari seuri.
Terus Udin ngarérét ka Icih,
"Nyi. Mémangna akang anu salah?"
Icih teu buburu némbalan sabab bingung. Junaédi mémang anu ngamimitian ngahina Udin. Tapi icih teu nyangka ahirna bakal pikieueun. Satadina rék meunang pirejekieun tina ngarénovasi aula. Malah ahirna kabongkar ogé niat sabenerna Junaédi nyaéta rék méré hadiah mobil méwah ka icih tanpa ngahargaan ka Udin.
Jadi Icih nyarita ka Junaédi,
"Junaédi, anjeun anu ngajieun masalah tiheula hayang nyabak mobil nepi ka diteunggeulan. Euweuh kaitana jeung salaki kuring"
"Dasar awéwé lolong, salaki miskin masih dibéla" ceuk Junaédi kekerot.
Udin molotot ka Junaédi,
"Saenggeus wareg ngahina kuring. Ayeuna anjeun wani ngahina pamajikan kuring? Alus!"
"Mémang kanyataanna sia miskin, jeung pamajikan sia ogé teu neuleu" ceuk Junaedi.
Jihan ngomporan,
"Udin. Junaédi pantes ngahina, sabab mémang anjeun mah euweuh pujieun"
Udin teu ambek, tapi seuri. Terus nyarita ka Junaédi,
"Anjeun ngahina kuring miskin, sedengkeun anjeun sorangan nyabak mobil méwah waé teu bisa nepi ka digebugan. Saha sabenerna anu miskin?"
Nyambung...