WebNovelAING UDIN73.17%

Tést Drive mobil sport méwah

Kabéh anu nyaksian nyaleungseurikeun Junaédi ngajieun haté Junaédi beuki ngaheab panas.

"Mémangna sia bisa? Témbongkeun ka aing!" Ceuk Junaédi ngahaja mancing Udin sangkan ngadeukeutan mobil sangkan sarua diteunggeulan.

"Naon untungna ngan ukur nyabak. Anjeun hayang nempo kueing ngadiukan jokna terus ngalakukeun Tést Drive?" Ceuk Udin.

Junaédi nyakakak,

"Ngimpi. Tong boro Tést Drive, pas sendal capit sia asup ogé alarm mobil pasti bakal jejeritan mumuleun di unggang ku sia"

Junaédi beuki gedé haté ngahina Udin, sabab Sutomo jeung anak buahna pasti moal cicing lamun bener Udin asup kana mobil. Pasti Udin bakal diteunggeulan leuwih ripuh tibatan dirina. Kitu pamikirna.

Udin nanya ka Icih,

"Nyi. Hayang asup ka mobil anu mana? Aston atawa Buggati? Ku akang dipangmukakeun pantona"

Icih murungkut ngarasa inggis kana omongan Udin, terus nyarita laun,

"Ulah heureuy kang. Akang teu ningal Junaédi dugi ka diteunggeulan?"

Udin gogodeg,

"Nyi. Masih inget basa di kantor pemasaran Bougenville? Harita nyai ogé teu percaya akang boga villa, tapi nyatana akang teu bohong pan?"

"Buru buktikeun, ulah ukur bacot" ceuk Junaédi muncereng.

Udin ahirna molotot,

"Anjeun ngajedog. Pamajikan kuring can milih mobilna. Penonton mah sabar"

Junaédi nyakakak deui,

"Beuki loba bacot beuki kaciri sia euweuh kawani"

Jihan ogé pipilueun nyirihil seuri terus nyarita ka Icih,

"Salaki anjeun mah geus miskin sombong"

Icih teu némbalan omongan Jihan, tapi ngarérét ka Udin.

"Kang, abdi hoyong lebet ka mobil anu beureum"

Udin seuri terus ngarérét ka Sutomo bari némbongkeun konci mobil,

"Sutomo! Pamajikan kuring hayang asup kana Aston Martin one77"

Sutomo nempo 2 konci mobil dina leungeun Udin langsung calangap teu bisa ngomong.

Udin kerung,

"Sutomo, anjeun teu wawuh kana konci anu dicekelan ku kuring?"

Sutomo inget pesen Qin Gang basa dina telepon, lamun lain Udin teu meunang aya anu nyekelan mobil. Jadi Sutomo nanya,

"Anjeun saha? Mobil ieu milik tuan Udin Subrata?"

"Éta ngaran kuring" témbal Udin.

Sutomo langsung ngabongkokkeun awakna ka Udin,

"Hampuny abdi tuan, abdi teu nyangki salira parantos aya didieu. Mobil salira parantos siap sagalana, kantun dihirupan lajeng dianggé. Saupami moal dibantun ku nyalira, mobil badé dijajapkeun ka rorompok salira. Wartosan abdi alamatna"

Kabéh anu ngadéngé colohok bengong. Sabab euweuh anu nyangka pamuda anu maké kaos oblong bari taktakna bolong jaba maké sendal capit nyatana milyarder pamilik 2 supercar méwah.

Junaédi jeung Jihan silih rérét bingung sakaligus leuleus nempo Sutomo ngabongkokkeun awakna ka Udin bari nyebut tuan. Jeung ngabenerkeun yén 2 Supercar mémang milik Udin.

Icih ogé colohok bari mencrong beungeut Udin anu lempeng, polos, euweuh réaksi nanaon. Tapi buburu icih sadar, sabab kajadian kieu lain sakali, pasti mobil dibeuli ku duit ladang ngadukun deui atawa hadiah ti jelema beunghar. Tapi saha korbanna ayeuna? Piraku Salman deui waé?

Junaédi nangtung ngadeukeutan Sutomo,

"Anjeun pasti salah jelema, ngarana mémang Udin, tapi Udin Subrata téh loba. Udin ieu pangangguran anu teu boga imah. Piraku bisa meuli sakaligus dua mobil mahal"

Jihan ogé nangtung gigireun Junaédi,

"Pa Sutomo, anjeun keur dibohongan, anjeun kudu mariksa kaaslian konci. Naha teu curiga aya jelema beunghar indit ka pameran nyokot mobil mahal bari ukur maké sendal capit sarta baju soéh?"

Udin nungtun Icih ngadeukeutan Aston Martin one77, 4 pangawal anu ngajaga mobil langsung kasisi méré jalan. Aston jeung Buggati mémang geus computer sétup, jadi dina jarak sameter tina konci, alarm mobil geus disada, lampu mobil anu rupana kawas mata hiu langsung hurung. Layar LCD dina dashboar jeung lampu-lampu interior séjénna ogé harurung. Panto modél gunting Aston otomatis ngangkat ka luhur. Siga kukupu anu karék bijil tina kopompongna.

Anu nempo kabéh colohok, euweuh anu nyangka pamuda pangangguran anu masih cicing jeung mitohana bisa meuli 2 mobil sport mahal.

"Asup nyi, akang rék ngajak anjeung nguriling" ceuk Udin.

"Ieu leres anu akang?" Ceuk Icih masih kurang percaya.

Udin gagaro sirahna,

"Mémangna mobil ieu aya jurigan? Lampu bisa harurung jeung panto muka sorangan tanpa sabab?"

Terus Udin ngaharéwos ka Icih sangkan Icih leuwih yakin,

"Qin Gang nginjeumkeun mobil ieu sangkan di tést drive ku akang, sabab Qin Gang geus kolot teu bisa ngalakukeun tést drive sorangan. Engkéna mobil ieu keur anakna, nyaéta Auxe"

Udin sabenerna teu resep kana jenis mobil sport, lamun Darwin teu nelepon geus nempo Icih jeung lalaki, dirina ogé teu hayang datang. Komo deui Icih, pasti moal daék boga mobil méwah.

Jadi Udin boga rencana ukur rék ngajak Icih nguriling ka luar gedung, terus mobil rék dibikeun deui ka Sutomo pikeun ditunda deui ka showroom déaler atawa ka imah Qin Gang.

Saenggeus ngadéngé penjelasan ti Udin, Icih nyiwit leungeun Udin terus asup kana mobil, haténa ayeuna geus reugreug. Udin buburu méré nyaho ka Icih cara nutupkeun panto jeung ngahurungkeun mesin. Icih ngaregepkeun panuduh ti Udin bari unggeuk.

Saméméh Udin asup kana Buggati hideung. Udin ngaérét heula ka Junaédi jeung Jihan,

"Jelema anu ngaku beunghar teu bisa nyabak, tapi kuring bisa asup jeung rék ngajalankeun mobil ieu, jadi saha sabwnerna anu sangsara? Leuwih hadé aranjeun néangan duit sing loba sangkan bisa meuli mobil alus tibatan usil ka batur" pokna terus diuk dina jok.

Panto mobil ditutupkeun terus tombol start di pencét. Sapada harita kadéngé sora mesin 8000cc Buggati ngagaur kawas sora maung. Disusul ku sora Aston anu geus dihurungkeun ku Icih teu éléh tarik. Ibarat 2 maung anu keur silih gaur patémbalan.

Icih can kungsi nyupiran mobil sport méwah saacana. Jadi saenggeus nutupkeun panto sarta ngahirupan mesin, Icih neureuy ciduh heula sabab geumpeur, dua leungeunna dikeupeulkeun kana setir.

Lalaunan Aston Martin one77 beureum anu disupiran ku Icih maju lalaunan turun tina palétna, dituturkeun ku Buggati Veyron hideung anu disupiran ku Udin. Dua mobil sport méwah langsung kaluar ti aula paméran bari dilalajoan ku jelema loba, difoto sarta dividéokeun.

"Mustahil, timana si Udin bisa ngabogaan konci mobilna" ceuk Jihan ka Junaédi.

"Pasti maok atawa ngajieun konci palsu" témbal Junaédi.

"Dasar belegug, konci mobil mahal geus disétting maké sistem komputer, moal bisa dijalankeun ku konci tiruan" ceuk Sutomo anu ngadéngé obrolan Junaédi jeung Jihan anu masih ngahina Udin.

"Teunggeulan 2 jelema ieu" ceuk Sutomo maréntahkeun 6 bodyguardna.

Saurang bodyguard maju ka Junaédi, Junaédi langsung rubuh ku 3 kali tonjokan kana pipi kénca katuhuna jeung kana dadana, disusul ku 2 kali tajongan Kana cangkéng jeung pingpingna. Terus dijenggut buukna sarta ditampilingan bulak balik nepi ka beungeutna ruksak teu mangrupa.

Saurang bodyguard deui maju ka Jihan, buuk Jihan dijenggut bari ditampilingan nepi ka sungutna béngo. Saterusna duanana diusir ti aula paméran dina kaayaan ripuh. Diluar Junaédi ngagolér dina jukut, sedengkeun Jihan diuk nyarandé dina tangkal palem gigireunna,

"Bangsat! Saha sabenerna si Udin?" Ceuk Junaédi.

Jihan teu némbalan, sabab biwirna geus calangap teu bisa balen bari béngo.

"Aing moal poho kana kajadian ieu, isuk pagéto, salaki pamajikan éta kudu paéh dina leungeun aing" ceuk Junaédi kekerot.

Udin ukur nuturkeun Icih ti tukang, teu nyangka Icih bakal kaluar ti parkiran gedung langsung asup ka jalan raya. Atuh jelas jadi tontonan jelema réa.

Aston digiringkeun ku Buggati. 2 supercar top dunia anu diimpi-impikeun ku kabéh budak ngora meulah jalan kota Bandung anu padet. Icih teu nyangka bakal bisa nyupiran mobil mahal. Icih wani maké sabab disangkana mémang milik Qin Gang. Saupama Icih nyaho mobil éta milikna sorangan, pasti Icih ogé moal daék.

Udin ngahaja ngantep Icih sina ngasaan nyupiran mobil mahal sapuasna. Jadi dituturkeun terus ku Udin kamana waé mobil Icih inditna. Anu ahirna satengah jam mobil dibawa balik deui ka pameran. Sarta diparkirkeun di stand outdoor.

Kaluar tina mobil Udin nanya,

"Naha teu lila nyi? Teu hayang nyobaan asup ka jalan tol pikeun ngetést kamampuan mesin anu sabenerna?"

"Cekap kang, bilih kagorés. Sieun pa Qin Gang nyeuseulan" témbal Icih.

"Pa Qin Gang, bageur. Sanajan dipaké terus ku urang ogé moal ambek" ceuk Udin.

"Ulah kang, pasihkeun deui ka Sutomo, hayu urang mulih" ceuk Icih.

Udin ahirna unggeuk.

"Tuan Udin kumaha karaosna?" Ceuk Sutomo nyampeurkeun bari nanya.

Udin mawa Sutomo ngajauhan Icih. Terus ngomong lalaunan,

"Simpen duanana di garasi imah anjeun, kuring nitip. Dimana butuh, kuring pasti nelepon. Biaya perawatan jeung séwa garasi, ménta ka Qin Gang. Ulah poho, panaskeun mesina unggal poé"

Sutomo unggeuk nyanggupan, terus mikeun kartu namana ka Udin.

"Mangga pa, teu kedah salempang, di abdi mobil pasti aman sareng dirawat"

"Sip, Kuring pamit" ceuk Udin bari ngacungkeun jempolna terus nyampeurkeun ka Icih.

Di jalan Icih ngarahuh bari nyekelan setir BMWna,

"Kang, tadina saatos survéy aula anu badé dirénovasi, abdi badé ngulem Junaédi sareng Jihan ka acara peresmian perusahaan abdi"

Udin kerung,

"Mémangna iraha peresmianna? Naha akang teu nyaho?"

"Kapingna teu acan ditangtoskeun margi abdi bingung saha waé anu badé diulem, rélasi abdi sakedik. Paling ngulem réréncangan sakola deui sapertos Darwin" témbal Icih.

Udin unggeuk,

"Kumaha lamun acarana isukan? Masalah ondangan, pasrahkeun ka akang, akang anu ngatur"

Icih ukur némbalan ku unggeuk, sabab teu yakin Udin bisa ngumpulkeun rélasi anu aya pakaitna jeung usahana. Sedengkeun Udin mangkarunyakeun ka Icih, perusahaan geus bisa dijalankeun tapi can manggihan rélasi pikeun diondang ka acara peresmian kantorna. Jadi Udin hayang ngabantu ku carana sorangan.

Moal hésé keur Udin ngondang jelema-jelema beunghar atawa jelema-jelema anu boga pangaruh gedé di Bandung pikeun ngahadiran peresmian usaha Icih. Sarta ngabantu méréan proyék pagawéan ka icih kahareupna.

Icih nanya,

"Kang kumargi ruko anu diséwa kamari mah alit, abdi parantos nyéwa sarohangan kantor énggal di lantéi dua gedung perkantoran Wings Star. Mémang rada awis, nanging IshaAllah pangaos sésana masih kahontal ku abdi"

Udin unggeuk, sabab sabenerna dirina ogé geus nyaho ti Susi. Dumasar alamat éta Udin langsung ngajieun grup WA, Barda ditugaskeun pikeun ngainvite pangusaha-pangusaha anu biasa sok di ondang ka BCC, tapi dipilihan anu sakirana bisa ngadukung jenis pagawéan icih. Dina waktu singket 30 pangusaha gedé jeung leutik geus jadi anggota grup.

Terus Udin ngetikkeun maksudna dina chat,

"Kantor pamajikan kuring rék diresmikeun isukan. Omat sararéa kudu datang"

Saterusna Udin nge-share alamat kantor Icih. Tanpa dipénta, dina chat Warni langsung babagi tugas keur sararéa. Aya anu kabagéan nyiapkeun katering, korsi, dékorasi gedung jeung sajabana.

Kabéh jelema ngarasa kahormat narima ondangan ti Udin anu keur maranéhna mah mangrupakeun hiji paréntah anu wajib dilakonan. Malah tanpa kudu dipenta jeung tanpa perlu diungkapkeun dina chat, kabéh geus boga rencana rék nyiapkeun karangan bunga sarta hadiah keur Icih jeung perusahaan anyarnya.

Icih mah teu nyahoeun Udin geus nyiapkeun kejutan keur ngadukung usahana. Tepi ka imah, Icih langsung mandi terus saré leuwih awal ti biasana tanpa mikiran nanaon deui anu kudu disiapkeun keur isukan. Kitu ogé Udin.

Tanpa sakanyaho Icih, rebun-rebun kénéh kaayaan kantorna geus béda. Karpét geus ngampar rapih nutupan rohangan sarta ratusan korsi geus ngajajar. Pon kitu deui karangan bunga ucapan ti puluhan pangusaha gedeo jeung leutik geus ngajajar di luar gedung.

Aya sabaris méja Buffett disisi rohangan anu geus pinuh ku hidangan pikeun parasmanan. Dékorasi kaén sarta kekembangan seger minuhan rohangan. Di juru rohangan ogé geus aya panggung leutik lengkep jeung mimbarna, soundsystem ogé geus siap. Sababaraha juru foto jeung vidéo malah geus nyétting alat-alatna keur ngadokuméntasikeun acara anu bakal lumangsung sakeudeung deui di jero rohangan éta.

Saenggeus sarapan, Udin jeung Icih indit. Sedengkeun Mardi mah rék nyusul sabab kudu nungguan heula Lastri anu masih kénéh saré. Lastri mémang balik tengah peuting lantaran judi heula jeung sobat-sobatna.

Gedung perkantoran Wings Star kabéhna aya 8 lantéi, tapi karék sababaraha lantéi anu dieusi. Salian lokasina nenggang di pasisian kota, masih loba tanah kosong disabudeureunna. Ngan saeutik pengusaha anu katarik nyéwa tempat di dinya. Padahal wangunanna kawilang méwah jeung anyar.

Icih milih didinya sabab harga séwana murah. Anu Icih teu nyaho, sabenerna gedung Wings Star milik Bima Raya, tapi teu dikelola langsung ku Bima Raya. Susi geus masrahkeun ka anak perusahaan Bima Raya pikeun ngelolana sangkan kabéh rohangan di gedung éta diséwa-séwakeun. Hartina Icih sabenerna keur nyéwa rohangan di gedung perkantoran milik Udin.

Saméméhna Udin boga niat rék ménta ka Susi sangkan Icih dibéré salantai. Kusabab sieun Icih curiga, ahirna diantep saayana jeung sakahayang Icih.

Nepi ka Wings Star, Icih colohok sabab nempo puluhan karangan bunga geus ngajajar rapih di hareupeun gedung anu tulisanna ucapan salamet anu ditujukeun keur perusahaanna. Turun tina mobil Icih teu buburu asup ka jero gedung, tapi mapayan heula karangan bunga hayang nyaho di kirim ti mana waé.

Icih colohok bari nutupan biwirna macaan ngaran-ngaran pangirimna. Nyatana aya ngaran Susi ti Bima Raya, Isak ti Padma, Salman ti KIKI, Bahar ti Rumah Klasik, Warni ti Nataprawira Group, Qin Gang, Barda, Tiandi jeung loba deui anu séjénna.

Icih ngarérét ka Udin,

"Kang, ieu sadayana anu diulem ku akang?"

Udin unggeuk bari seuri. Saterusna ngagéndéng Icih sangkan asup sarta naék ka lantéi-2. Nyampak panto rohangan kantor Icih geus muka, sababaraha jelema ti bagéan catering jeung juru foto geus nyampak. Icih ampir teu bisa leumpang, panonna colohok ngarérétan ka sakurilingna anu ayeuna geus dihias éndah.

"Upami ieu, saha anu nyiapkeun kang?" Ceuk Icih nanya ka Udin.

"Babaturan akang" témbal Udin bari seuri.

Icih ngarasa atoh kana persiapanna, tapi Icih ogé ngarasa éra jeung leutik haté. Sabab can tangtu jelema-jelema top anu dibéjaan ku Udin sarta geus ngirimkeun karangan bungana bisa datang ngahadiran. Pangusaha gedé pasti sibuk ku urusanna sorangan, moal paduli kana acara peresmian kantor leutik anu karék dirintis.

Sedengkeun Icih, kamari ukur ngondang sababaraha rélasi anu kungsi ngajalin hubungan kerjasama jeung Palapa hungkul. Bari teu yakin maranéhna ogé bakal bisa datang. Jadi Icih ngarahuh bari diuk dina korsi deukeut lawang panto. Terus nyarita ka Udin,

"Peresmian sami sareng promosi, upami persiapanna méwah kieu nanging teu aya anu sumping, kapayunna perusahaan abdi moal aya anu ngareret. Bakal sesah ngayakinkeun jalmi supados percanten"

Udin buburu diuk di gigireuna pikeun ngabeberah,

"Nyi. Ieu pan isuk kénéh, jaba lokasi kantorna nenggang dipasisian, wéyahna sabar nungguan"

Teu lila aya telepon ti pagawé Icih anu ditugaskeun narima tamu dina méja resépsionis gedung lantéi dasar,

"Bu Icih, tamu ti kulawarga Kusumah parantos sumping"

Sabab telepon di loud speaker, Udin ngajenghok, terus ngarérét ka Icih,

"Nyai ngondang Nini? Nanaonan?"

"Henteu kang, abdi teu ngulem" Ceuk Icih gogodeg bari sarua reuwas.

"Pasti ngadangu ti batur, sareng pasti sumpingna ka dieu ogé sadayana. Omat kang, upami aya nanaon ulah dilayanan. Abdi alim acara abdi janten paburantak alatan ayana riributan anu teu dipikahoyong" ceuk Icih ngarasa hariwang.

Nyambung...