"Ma, saha anu miwarang jalmi ieu sumping?" Icih nanya ka Lastri, sabab teu nyangka Junaédi bakal datang. Padahal rasa ambék jeung nyeri haté Icih ka Junaédi masih can leungit.
"Ema anu nitah, Junaédi boga dulur ahli ngubaran ti majaléngka. Kabeneran keur aya di Bandung" ceuk Lastri.
"Jun, kadieu diuk deukeut bibi" ceuk Lastri ka Junaédi bari seuri marahmay. Padahal kakara bieu geus ceurik.
"Wios abdi didieu bi" témbal Junaédi teu wani deukeut sabab aya Udin nangtung bari ngusapan taktak Icih anu keur diuk.
Nempo kaakraban Icih jeung Udin, Junaédi beuki ambek jeung timburu. Sabab sanajan kumaha Junaédi ogé boga rasa ka icih. Éta pangna saméméhna satiap pagawéanna sok dibikeun ka Palapa. Ngadéngé Icih geus boga usaha sorangan ogé tetep diuudag sangkan Icih anu migawéna. Malah saperti anu dijangjikeunna basa dipaméran, Junaédi mémang hayang méré hadiah mobil ka Icih keur mikat haténa.
"Jun, bibi keur bingung, si mamang ceuk dokter paraplégia, bakal lumpuh" ceuk Lastri ngajelaskeun ka Junaédi
"Teu kedah salempang bi, ieu waegi abdi, namina Joni, anjeuna ahli ngalandongan, nyuhunkeun widi kanggé marios" ceuk Junaédi bari nitah Joni maju ngadeukeutan ranjang Mardi.
"Oh, nuhun. Pa Joni, mangga diparios" ceuk Lastri bari mikeun korsi anu didiukanna ka Joni.
"Sami-sami bi. Upami sanés bibi anu nyuhunkeun, abdi ogé moal keresa sumping" ceuk Junaédi bari seuri terus ngaérét ka Icih ku juru panonna.
Kakara ogé Joni diuk. Saurang parawat lalaki asup langsung ngadeukeutan ranjang Mardi rék mariksa. Tapi dihalangan ku Junaédi. Ahirna parawat ukur ngajanteng nungguan.
Joni nyekelan pigeulang leungeun Mardi bari kerung, terus nyarita,
"Ukur paraplégia, masih bisa dicageurkeun"
Parawat ngarénjag, terus negor,
"Pa. Sakanyaho kuring, can aya cara keur nyageurkeun pasién cidera tulang tonggong anu ngalami sklérosis tali pusat. Kunaon bet bisa aya tabib di dieu bari wani mariksa pasién tanpa ijin, ieu rumah sakit, aya dokter anu tanggungjawab"
Joni mureleng ka parawat,
"Kuring boga ubar ajaib, pasti cageur" ceuk Joni bari muka tas ubarna terus ngaluarkeun ubar buleud warna coklat anu kari satengah. Ubar ditunda dina dampal leungeunna terus ditémbongkeun ka sararéa,
"Ieu ubar jieunan kuring sorangan, geus 3 urang pasién anu cageur ku ubar ieu"
Perawat kerung, terus kaluar ti bangsal rék ngalaporkeun kalakuan Joni anu dianggapna geus ngalakujeun prakték liar di lingkungan rumah sakit.
"Anjeun yakin?" Ceuk Icih nanya ka Joni.
Joni unggeuk,
"Pasti yakin. Kuring ngajieun ubar ieu teu sambarangan. Kuring néangan bahan ubarna nepi ka kudu aksruk-aksrukan salila sabulan di tengah leuweung kalimantan, terus diracik maké kamampuan ghoib. Ngan hanjakalna ubarna kari satengah deui, lamun Junaédi lain dulur kuring, ubar ieu moal dikaluarkeun ka sasaha"
Udin seuri. Saupama Mardi dina kaayaan sadar, Mardi ogé pasti seuri. Sabab ubar anu ditémbongkeun ku Joni ubar jieunan Udin anu dijual ka Érwin. Udin gogodeg ngarasa lucu, sabab hartina 2 ubar anu dijual ka Érwin hiji dibeuli ku urang Jakarta anu ahirna tepi kana leungeun Tiandi. Anu hiji deui ku urang Majaléngka nyaéta ku Joni. Jelas Udin nyaho pisan batasan kaampuhan ubar éta.
Ubar dina leungeun Joni mémang bisa ngaringankeun panyakit Mardi, tapi pamohalan bisa nyageurkeun paraplégiana. Sabab ubar éta masih satengah jadi, can disampurnakeun. Sedengkeun ubar anu geus dimurnikeun masih aya di Udin. Sawaréh geus dibagikeun di Rumah Klasik. Mardi ukur bisa cageur ku ubar anu geus dimurnikeun.
Jadi Udin nyarita ka Joni,
"Ulah diteruskeun, ubar anjeun moal bisa nyageurkeun mitoha kuring"
Junaédi muncereng ka Udin,
"Udin! Anjeun teu percaya kana kamampuan dulur kuring?"
Joni ogé teu tarima dianggap sapéle ku Udin,
"Anjeun nyaho naon masalah ubar, tabib Tiandi ogé anu kasohor jago tapi teu bisa ngubaran dirina sorangan, kuring anu ngubaranna nepi ka cageur"
Lastri jeung Junaédi ngarénjag ngadéngé ngaran Tiandi. Tabib anu husus ngubaran jelema-jelema beunghar, bayaranna mahal sarta loba anu geus dicageurkeun ku manéhna. Teu nyangka panyakitna sorangan justru dicageurkeun ku Joni.
Lastri langsung molotot ka Udin,
"Dasar minantu runtah euweuh guna. Nanaonan pipilueun nyarita masalah ubar"
Junaédi nyarita ka Lastri,
"Kaluarkeun si Udin ti dieu bi, bilih ngaganggu Joni anu badé ngalandongan mamang"
"Udin, manéh mah minantu anu euweuh gunana. Ningali mitoha kaayaan kieu lain ngabantu malah ngoméntaran teu bener ka anu rék ngubaran. Lain nganuhunkeun" ceuk Lastri tipoporongos bari ngadegungkeun tarang Udin ku curukna.
Junaédi ogé nambahan,
"Anjeun teu hayang nempo mitoha cageur? dasar minantu telenges!"
Udin bisa nahan ambek ka Lastri, tapi ka Junaédi keheulaanan. Jadi Udin nyarita bari mencrong kana beungeut Junaédi, sedengkeun curukna nunjuk ka Joni,
"Kuring wawuh jeung Tiandi. Tiandi lain cageur ku dukun tukang bogong siga kieu"
Junaédi nyakakak,
"Sibeungeut heula méméh nyarita. Manéh ngomong wawuh jeung Tiandi? Naha teu sakalian waé ngaku wawuh jeung Donal Trump sangkan teu kagok. Tiandi tabib kasohor, mémangna manéh saha? Maké jeung ngaku wawuh ka Tiandi sagala"
Joni anu ngadéngé dirina disebut dukun tukang bohong ogé ambek,
"Sia budak kénéh jang. Tapi omongan sia kawas anu sagala ngarti maké jeung nyebut aing dukun tukang bohong. Rék ménta dihampura moal? lamun teu ménta dihampura ka aing, aing rék balik, teu sudi nulungan mitoha sia"
Lastri reuwas nempo Joni ambek bari pundung rék indit. Jadi Lastri nyarékan deui Udin,
"Udin. Manéh ngarepkeun mitoha modar? Geus bapa paéh, pasti ngarepkeun aing paéh ogé? Terus rék ngawasa kana imah jeung harta aing? Éta tujuan manéh?"
Udin nyengir bari gagaro sirahna,
"Ngawasa rorompok sareng harta? Rorompok anu mana bu? Harta naon?"
Junaédi nyarita deui ngomporan Lastri,
"Leres bi. Kacurigaan abdi ogé sami, bibi kedah waspada mayunan minantu model kieu"
Icih nanya ka Udin,
"Kang. Upami landong éta teu aya éfék awon ka bapa. Naon lepatna dicobian heula"
Joni gogodeg,
"Kuring teu sudi, kecuali salaki anjeun sujud ménta dihampura heula ka kuring"
Tina lawang panto bangsal kadéngé sora Bahar nyentak,
"Saha anu wani nitah pa Udin sujud, hayang modar?"
Nempo Bahar asup bari ambek, Junaedi jeung Joni ngagebeg, beungeutna langsung pias. Sabab duanana nyaho saha Bahar. Joni langsung nangtung terus ngadeukeutan ka Junaédi bari ngaharéwos nanya,
"Kunaon kang Bahar bisa datang kadieu?"
Junaédi ukur gogodeg sabab dirina ogé teu ngarti.
Saenggeus Bahar asup, anu séjén ogé asup. Aya Susi, Salman, Qin Gang, Alan, jeung Tiandi. Di luar malah masih loba kénéh anu séjéna, kaasup Isak jeung Warni, tapi teu milu asup. Sararéa manggut ka Udin.
"Kunaon aranjeun kadarieu?" Ceuk Udin anu sarua bingung, sabab geus dipesenkeun ka Isak sangkan kabéh tetep cicing di Wings Star.
Bahar buburu ngajelaskeun,
"Dén. Ningali adén indit rurusuhan. Kabéh ngarasa hariwang. Ahirna akang nempo berita yén aya tabrakan mobil anu ngalibatkeun mobil mertua Adén. saterusna Isak néangan informasina. Ahirnya kanyahoan yén mertua Adén dibawa ka dieu. Pasti Adén ogé ka dieu. Ahirna sararéa kompak daratang ka dieu pikeun mastikeun"
Udin ahirna unggeuk sabab mimiti faham,
"Nuhun kana perhatian aranjeun ka kulawarga kuring"
Ngadéngé Udin nganuhunkeun, pikeun jelema anu teu nyaho mah kadéngéna biasa. Tapi keur maranéhna, narima kalimat 'nuhun' ti Udin saolah-olah geus narima panghormatan anu gedé.
"Tamat nasib manéh ayeuna Din, dasar dukun tukang tipu!. Manéh ayeuna diontrog ku sararéa, kop lebok!" ceuk Lastri mupuas ka Udin. Sabab Lastri nyaho pisan saha Udin, ukur jelema anu teu boga pangabisa jeung pangedulan. Jadi anak yatim terus dikukut ku batur. Dibawa ku mitoha lalakina ti proyék wangunan pikeun dikawinkeun ka anakna.
Sabab nempo aya Warni sarta para gegedén Bandung séjénna. Junaédi ngagerentes bingung,
"Bener-bener teu asup akal, aya naon sabenerna? Kunaon sararéa manggut ka si Udin bari euweuh anu wani nyarita salian ti kang Bahar. Kitu ogé pedah ditanya ku si Udin. Bari nyebutna ogé Adén? Ukur bibi Lastri anu wani nyarita sinis ka si Udin"
Sabab panasaran. Junaédi maksakeun nanya,
"Juragan sadayana anu dipihormat ku sim kuring. Salira sadayana teu lepat lebet kadieu sareng masihan panghormatan ka pamuda runtah pangangguran sapertos kieu?" pokna bari curukna nunjuk kana beungeut Udin.
"Sia saha wani ngahina juragan kuring" ceuk Bahar bari langsung nyabok pipi Junaedi, atuh biwir Junaedi aku kamari soéh anyeuna jaitana jebol deui, getih langsung ngucur mapay kana gadona.
Salman ogé muncereng ambek,
"Aya anu calangap deui wani ngahina pa Udin. Dipiteskeun beuheungna ku aing"
Alan molotot ka Junaédi,
"Bisi anjeun teu nyaho saha pa Udin? pa Udin raja maung. Ngarti? Aing sabagé maung Garut jelas teu tarima raja kuring dihina"
Qin gang ogé nyarita ka Junaédi,
"Sakali deui kadéngé anjeun ngomong teu bener ka pa Udin. Anjeun bakal pindah ka kamar mayat di rumah sakit ieu, ngarti?"
Lantaran dirina dicarékan ku para gegedén, Junaédi langsung tungkul bari ngadégdég.
Tiandi anu ti tadi cicing pangtukangna ogé milu ngomong, teuteupanna mencrong seukeut ka Joni.
"Joni, kadieu manéh"
Joni reuwas ngadéngé Tiandi ngageroan dirina, sabab kabohonganna geus pasti bakal kabongkar. Joni nyampeurkeun bari tungkul. Tiandi nanya,
"Méméh kuring asup, kuring ngadéngé, panyakit kuring cageur ku ubar anjeun. Iraha anjeun ngubaran kuring?"
"Hamoura kuring salah" ceuk Joni ngeleper. Sabab teu nyangka Tiandi bakal datang sarta ngadéngé langsung kana kabohongan dirina.
"Lamun kitu, buburu ménta dihampura ka pa Udin" ceuk Tiandi.
Joni kerung, terus nyarita pikeun ngabéla dirina,
"Kuring mémang geus ngabohong ngubaran panyakit anjeun. Tapi budak ieu geus ngahina ubar kuring. Kunaon kuring kudu ménta dihampura?"
Tiandi ngajiwir ceuli Joni dibawa ka hareupeun Udin,
"Dasar idiot! Tabib belegug! Maneh teu nyaho ubar ajaib anu aya di manéh eta jieunan pa Udin? Masih wani ngabantah embung ménta dihampura?"
"Hah! Budak ieu anu ngajieunna?" Joni colohok.
Tiandi unggeuk,
"Ku ubar éta panyakit kuring teu cageur, tapi pa Udin geus ngamurnikeun ubar séjén. Ku Ubar anyarna panyakit kuring dicageurkeun. Manéh masih ragu pikeun ménta dihampura?"
Ngadéngéna Joni langsung deku nyinghareup ka Udin,
"Pa Udin, hampura kuring salah. Kuring mémang tabib tukang bohong. Kuring teu bisa ngajieun ubar, panyakit tabib Tiandi lain cageur ku kuring"
Nempo adégan éta. 3 jelema nyaéta Lastri, Junaédi jeung Icih anu mémang teu nyaho sarua reuwas. Tiluanana langsung ngahuleng mikir tarik dina fikiranna séwang-séwangan.
Icih teu nyangka Udin bisa ngajieun ubar mujarab anu bisa nyageurkeun panyakit Tiandi. Padahal Tiandi tabib sénior anu paling ahli diantara para tabib séjénna di Indonésia.
Lastri anu ngarepkeun Joni bisa nyageurkeun Mardi ogé jadi bingung nempo Joni malah jadi ménta dihampura ka Udin. Tapi Lastri malah kekerot ambek, sabab dianggapna udin teu boga perasaan, bener-bener teu hayang ningali Mardi cageur.
Junaédi ogé teu tarima, tapi rasa teu panujuna dipendem dina jero hate. Ukur bisa ngeupeulkeun peureupna tipepereket. Pamikirna, sanajan Udin hébat, tapi geus ngajieun dirina wirang sababaraha kali. Ayeuna ogé geus ngawiwirang dulurna nyaéta Joni"
"Dén. Naon anu kudu ku kuring dilakukeun ka cucunguk siga kieu?" Ceuk Bahar nanya ka Udin bari nunjuk ka Junaédi sabab geregeteun nempona. Komo kang Bahar ogé merhatikeun kana panon Junaédi anu ti awal dirina asup, terus méncrong ceuceub ka Udin.
"Anjeun pasti ngarti tugas anjeun" témbal Udin pondok.
Qin Gang nyarita,
"Bahar, kuring ngadéngé ti Sutomo. Jelema anu ngararana Junaédi ieu ogé geus ngahina pa Udin kamari di Bandung Auto Show"
"Anjeun salah, éta lain kuring" ceuk Junaédi murungkut mundur.
Bahar nyakakak,
"Oké, Kuring nyaho hadiah anu pantes keur anjing siga kieu"
Saterusna Bahar ngageroan Murad jeung Komar anu aya diluar,
"Alungkeun jelema ieu tina jandéla!"
Junaédi langsung deku terus ngorondang ka hareupeun Udin,
"Pa Udin, kuring ogé ngaku salah, kuring ménta dihampura, moal sakali-kali deui"
Udin ngarérét ka Bahar anu malah ngajanteng ngantep Junaédi ngorondang ka hareupnna,
"Kang, kunaon anjeun? Anjeun tunduh?"
Kang Bahar ngarénjag ditegor ku Udin, buburu nyorowok deui ka Murad jeung Komar,
"Buru alungkeun! Nungguan naon deui?"
Murad jeung Komar langsung nyéréd Junaédi kana jandéla, terus dialungkeun. Junaédi Ukur kadéngé ngocéak sakeudeung ahirna jempling.
Icih meungpeun, jantungna deg-degan, saha jelemana anu bakal salamet dialungkeun ti lantéi-3?
Lastri buburu ngaléngkah ngadeukeutan kana jandela terus nempo ka kandap. Kaciri Junaédi masih hirup keur gugulitikan bari dirariung ku jelema loba, kaciri ogé dua sukuna potong uplak-aplék. Sababaraha parawat langsung daratang mawa Junaédi ka IGD maké blangkar.
Sabot perhatian kabéh jelema keur fokus ka Junaédi. Udin ngamanfaatkeun situasi pikeun ngadeukeutan Tiandi bari ngaluarkeun ubar anu geus sisampurnakeun tina saku bajuna. Udin ngaharéwos bari ngeupeulkeun ubar ka Tiandi,
"Tabib. Kuring masrahkeun ka anjeun pikeun ngubaran mitoha kuring. bikeun ubar ieu"
Udin ngalakukeun kitu lain teu hayang ngubaran Mardi. Tapi ngahargaan profési Tiandi sabagé tabib. Tiandi ngarti kana maksud Udin, tapi tetep aya karaguan dina haténa. Jadi Tiandi nanya,
"Pa Udin. Cedera tulang belakang lain masalah sepélé, tepi ka ayeuna can aya ubarna. Anjeun yakin ku ubar ieu mitoha anjeun bakal cageur? Hampura lain kuring teu percaya kana kaampuhan ubarna, kuring ukur geumpeur"
"Ulah hariwang, ubar ieu bisa nyageurkeunna" témbal Udin.
Tiandi colohok,
"Lamun enya, tangtu bakal jadi kaajaiban medis. Saupama béjana nyebar ka luar, pasti bakal ngageunjleungkeun dunya. Kumaha kuring nyinghareupanna"
Udin seuri,
"Anjeun nyaho, kuring jelema anu teu butuh pujian. Kuring ogé lain tanaga médis. Teu pantes lamun kuring anu ngalakukeunna. Sedengkeun profési anjeun tabib, lamun hasil, éta bakal ngangkat darajat tabib sa Indonésia. Moal dianggap énténg deui ku nagara deungeun"
Tiandi unggeuk,
"Oké. Lamun kitu teu masalah, hampura geus ngaléngkahan anjeun"
Udin ogé unggeuk sugema,
"Alus. Bikeun satengahna, anu satengah deui simpen keur anjeun"
Tiandi ngadégdég reuwas pacampur jeung atoh. Ku satengah ubar, paraplégia bisa cageur, terus anu satengahna deui bakal jadi harta gratis keur dirina. Jadi Tiandi unggeuk deui,
"Kuring moal poho kana kabageuran anjeun, nuhun"
"Buru ubaran mitoha kuring" ceuk Udin.
Icih masih bingung mikiran nasib Mardi. Sabab teu nyangka Joni anu dibawa ku Junaédi nyatana ukur tabib palsu tukang bohong. Jadi ayeuna saha anu bisa diharepkeun bisa nyageurkeun? Rék ménta tulung ka Tiandi, Icih sadar diri pasti moal mampu mayar.
Ahirna Udin ngawawuhkeun Tiandi ka Icih,
"Nyi. Ieu tabib Tiandi ti Jakarta. Tabib Tiandi bisa nyageurkeun bapa"
Icih jeung Lastri jelas bubgah. Sabab tabib Tiandi anu ngaranna geus kasohor daék ngubaran Mardi. Jadi Icih buburu manggut ka tiandi,
"Tabib. Hatur nuhun parantos keresa ngalandongan pun bapa"
Tiandi unggeuk,
"Sumuhun Bu. Nembé pa Udin parantos nyarios ka abdi. Du'akeun mudah-mudahan usaha abdi hasil"
Tiandi ngaléngkah ngadeukeutan kana ranjang, terus meulah ubar jadi dua. Tiandi ngasupkeun anu satengahna kana sungut Mardi. Kabéh jelema merhatikeun bari haté tagiwur, euweuh anu wani nyarita. Tong boro jelema biasa, sanajan dokter ogé moal aya anu percaya ubar tradisional bisa nyageurkeun paraplégia anu can aya ubarna. Keur anu geus nyaho kana kaampuhan ubar jieunan Udin oge masih ngarasa can yakin.
Nyambung...