WebNovelAING UDIN78.05%

Udin salah mikeun cék

Samenit saenggeus ubar dihuapkeun, réaksina langsung kaciri. Awak Mardi geus katingali ngageter, beungeut anu tadina pias geus mimiti getihan. Matana lalaunan beunta. Anu karasa ku Mardi harita asa kakara hudang saré, awakna karasa pararegel, jadi sajongjongan cicing ngumpulkeun pangacian. Mardi ngortejat diuk sabab reuwas dirina keur dirariung.

"Dimana ieu?" Ceuk Mardi.

Kabéh jelas milu ngarénjag, Icih jeung Lastri nepikeun ka nutupan singutna bari molotot. Mata beureum Icih merebeykeun cimata deui, tapi lain cimata kasedih kawas tadi, ayeuna mah ceurik bakat ku bungah. Nyata kahébatan Tiandi lain ngan saukur béja, ayeuna kasaksian ku matana sorangan.

Anu nyaho yén Tiandi ngagunakeun ubar ti Udin mah jadi beuki reueus ka Udin. Tiandi sorangan teu percaya kana tetempoanna. Bener-bener kaajaiban médis. Buburu Tiandi ngasupkeun sésa ubar kana sakuna.

Mardi ngahuleng kawas anu bingung, panona rurat-rérét. Nempo Lastri jeung Icih keur ceurik, dirina inget samémehna mobil anu keur disupiran ditabrak treuk. Tidinya Mardi geus teu inget nanaon.

"Cih, kunaon bapa? Kunaon dirariung kieu? Ieu dimana?"

Icih buburu nyampeurkeun ngagabrug awak Mardi anu keur diuk.

"Bapa nembé koma, vonis dokter bapa lumpuh. Untung aya tabib Tiandi anu parantos nyadarkeun sareng ngadamangkeun bapa"

Terus Icih malik ka Tiandi,

"Haturnuhun tabib. Upami teu aya salira, abdi teu tiasa ngabayangkeun nasib pun bapa saterasna"

Tiandi sabenerna hayang ngajelaskeun. Tapi lantaran geus diamanatkan ku Udin, ahirna narima kana pujian ti Icih.

"Teu kudu nganuhunkeun, geus kawajiban kuring"

Teu lila dokter asup jeung saurang perawat sarta dua urang security rumah sakit rék mariksa Mardi sakaligus rék ngusir saurang tabib anu dilaporkeun geus ngalakukeun prakték liar ka pasiénna. Jelema anu ngarumpul dijero sawaréh kaluar méré jalan. Tapi dokter ngarandeg colohok nempo Mardi geus diuk. Sarta nempo tabib Tiandi anu kasohor ogé aya didina. Jadi dokter nanya,

"Pa Tiandi, anjeun anu nyageurkeun pa Mardi"

Tiandi unggeuk.

"Ieu peristiwa gedé anu bakal ngageunjleungkeun dunya. Anjeun bisa narima hadiah Nobél lamun bisa ngabébérkeun rusiahna. Anjeun bener-bener ahli" ceuk dokter muji bébéakan ka Tiandi.

Tiandi némbalan,

"Dok, Kabeneran kuring manggih ubar ti toko ubar tradisional, jadi kuring teu bisa ngajelaskeun nanaon. Ubar éta ngan hiji-hijina sarta geus dipaké ka pa Mardi. Sanajan kuring jago, kuring ogé can kungsi bisa ngubaran pasién anu geus divonis lumpuh. Kakara ayeuna"

Dokter ngarahuh,

"Hanjakal, padahal lamun ubarna aya kénéh, terus bisa ditaliti sarta diproduksi massal. Tangtu bakal leuwih loba deui jelema lumpuh anu bisa katulungan"

Icih nanya ka dokter,

"Dok, ningal kondisina anu sapertos ayeuna. Naha pun bapa parantos tiasa mulih?"

Dokter gogodeg,

"Saéna pa Mardi tetep istirahat didieu heula. Abdi peryogi ngalakukeun observasi. Utamina perkawis trauma psikologisna"

Tiandi ogé nambahkeun,

"Leres Bu, sanaos pa Mardi katingalna séhat, nanging kareuwasna tangtos aya kénéh. Wios anjeunna istirahat heula didieu. Eumeur dina mastaka, jaitan dina panangan sareng tatu aralit dina pameunteuna akibat pecahan kaca. éta sadayana masih peryogi perawatan dokter"

"Oh, muhun. Abdi ngartos" ceuk Icih.

Ngadéngé penjelasan dokter jeung tabib Tiandi. Udin buburu malik ka jelema anu masih aya didinya,

"Haturnuhun aranjeun geus daratang kadieu pikeun ngalongok sarta milu prihatin ka mitoha kuring. Tapi ayeuna mitoha kuring geus sadar jeung perlu istirahat"

Sararéa unggeuk sabab ngarti kana maksud Udin. Bahar nyurungkeun Joni ka Murad,

"Bawa balik jelema ieu, bikeun ka si Emus"

Terus Bahar nyarita ka Udin.

"Lamun kitu akang jeung anu séjén pamit" ceuk Bahar.

Sararéa ngabongkokkeun awakna ka Udin terus baralik. Udin ngiringkeun ti tukang. Nganteur para tamuna nepi ka luar.

Sabot Udin euweuh Lastri nyarita ka Icih,

"Cih, manéh nempo? si Udin geus keterlaluan wani nipu jelema-jelema beunghar. Nepi ka kabéhanana tunduk. Ieu tanda-tanda hirup urang aya dina bahaya. Lamun hiji waktu maranéhna sadar keur dibohongan ku si Udin, Ema teu bisa ngabayangkeun naon anu bakal kajadian ka kulawarga urang. Manéh kudu buburu nyeréikeun si Udin. Ema embung kababawa"

Ngadéngé omongan Lastri, Icih ogé ngarasa éra sakaligus manghariwangkeun ku cara dudukunna udin anu ditujukeun ka para gegedén. Udin dianggapna lir ibarat keur leumpang di sisi gawir, iraha-iraha pasti bakal tigebros.

Geus loba kacontoan sababaraha tukang ramal anu boga urusan jeung selebritis atawa para pajabat nagara. Awalna mémang euweuh masalah, tapi lila kalilaan saenggeus kabohongan kabongkar. Si tukang ramal pasti cilaka. Teu saeutik anu nepi ka nemaham pati alatan dipaéhan. Kulawargana ogé ancur.

Saupama Udin terus-terusan kawas ayeuna. Rék kumaha nasib kulawargana kahareupna.

Lastri nyaho Icih ogé sarua hariwang. Jadi buburu Lastri ngamangfaatkeun kaayaan Icih,

"Omat déngékeun omongan Ema. Saenggeus bapa manéh kaluar ti rumah sakit. Manéh kudu nyeréikeun si Udin. Antep sina si Udin sorangan anu nanggung akibatna. Ulah tepi ka urang sararéa kababawa. Tempo nasib si Junaédi, gara-gara salaki manéh nepi ka kudu cilaka dibalangkeun kaluar"

Icih ngarahuh,

"Ma. Kang Udin parantos berusaha ngolo tabib Tiandi supados keresa ngalandongan bapa. Kedahna ema nganuhunkeun ka kang Udin"

Lastri baeud,

"Sakadar ngolo lain hartina si Udin geus gedé jasana keur kulawarga urang. Kalakuanna tetep teu bisa diantep. Manéh kari ngomong menta ceréi. Eta karék disebut jasa, sabab manéh geus nyalametkeun kulawarga tina kaancuran akibat laku lampah si Udin anu salah"

Icih némbalan,

"Ma. Sanaos abdi kedah cilaka. Abdi moal nyeréikeun kang Udin. Abdi ogé sami hariwang, nanging solusina sanés ceréi. Justru upami abdi ngantep kang Udin nyalira dina bahaya. Hirup abdi salamina moal tiasa tenang margi bakal teras dikukuntit ku rasa hanjakal. Abdi kedah énggal-énggal nyadarkeun kang Udin supados tiasa ngalirénan tindakanna, moal ku jalan ceréi"

"Dasar belegug, boro-boro bisa nyadarkeun si Udin, sia ogé teu sadar-sadar sakitu ku Ema dijelaskeun" ceuk Lastri ambek.

Téngsé nganteurkeun tamuna, Udin balik deui ka bangsal. Karék ogé Lastri rék calawak nyarékan Udin, saurang perawat awéwé asup.

"Ka kulawargi pasién mangga salah sawiosna nepangan kasir bagéan administrasi kanggé urusan keuangan rawat inap"

"Mangga sus" ceuk Icih, terus ngarérét ka Udin.

"Kang, cék anu ti ibu Susi mana?"

"Aya. Keun ku akang diurus, akang anu kaditu" témbal Udin bari cengkat terus indit kaluar ti bangsal.

Pas ngadéngé Udin nyekel cek, Lastri langsung nanya ka Icih,

"Cék naon? Sabaraha eusi cékna?"

Icih buburu nembalan,

"Cék ti ibu Susi, ngauihkeun biaya séwa kantor. Janten kantorna digratiskeun ka abdi. mung 1,8 juta"

Lastri buburu nanya ka suster anu masih kénéh aya didinya,

"Sus, kira-kira sabaraha biaya anu kudu dibayar?"

"Kumargi pasién patantos damang, kantun réhabilitasi sareng perawatan. Biasana mung kedah nyimpen deposit 200 rébu heula" témbal suster.

Ngadéngé ukur 200 rébu. Lastri buburu ngomong ka Icih,

"Cih, Ema rék nyusulan si Udin. Keun Ema anu mayarna" ceuk Lastri bari langsung ngabecir kaluar.

Udin keur lempang dina koridor nuju ka lokét pembayaran, tapi ngarandeg sabab kadéngé sora Lastri ti tukangeunna nyalukan. Pas dirérét enya wé Lastri keur lumpat nyampeurkeun.

"Dieukeun cékna, Ema anu mayar" ceuk Lastri bari haruhah-haréhoh sabab capé geus ngudag Udin.

Udin kerung curiga, sabab mustahil Lastri ngudag hayang mangmayarkeun lamun teu boga maksud séjén. Jadi Udin nyarita,

"Bu. Saéna salira mulih deui réncangan bapa, sawios mayar mah diurus ku abdi"

Lastri langsung molotot,

"Kunaon? Manéh teu percaya ka Ema? Dieukeun cékna. Maneh anu kudu balik deui, baturan Icih"

Udin ahirna ngéléhan, muka dompétna, nyabut cék tanpa ditempo heula, terus dibikeun ka Lastri,

"Ieu Bu cékna"

Cék langsung direbut ku Lastri terus Lastri lumpat deui ngajugjug ka lokét pembayaran bari sura-seuri sorangan teu paduli deui ka Udin.

Udin geus bisa nebak. Pasti Lastri ngarepkeun paleuleuwihna keur modal judi. Bari ngarahuh, Udin ahirna balik deui ka bangsal.

Nepi ka bangsal Icih nanya,

"Nembé Ema nyusul kang, parantos pendak?"

Udin unggeuk,

"Cék dicokot, Ema anu rék mayar cenah"

Icih gogodeg pasrah.

Harita Lastri geus aya di hareupeun kasir. Lastri nyarita ka patugas bagéan pembayaran,

"Kuring rék mayar biaya rawat inap atas nama Mardi"

Petugas unggeuk, terus mariksa data dina komputer,

"Cekap nyimpen deposit 200 rébu bu. Kirang langkungna dibalitungkeun deui dimana pasién badé mulih"

"Bayar ku cék ieu, sésana asupkeun kabéh kana rekening kuring, ieu nomer rekeningna. Burukeun" ceuk Lastri atoh bari mikeun cék sarta némbongkeun nomer rekening bankna tina layar HPna.

Petugas kasir rada kesel sabab dirurusuh ku Lastri, buburu cék dicokot terus ditempo. Panonna langsung molotot bengong. Patugas ngarérét kana dangdanan Lastri anu kucel, kawantu mémang geus kacilakaan, baju kusut, buuk acak-acakan, makeup ogé geus ruksak balas nyeungceurikan Mardi, malah sésa getih garing dina bajuna can leungit.

Kasir ngagerentes bari ngahuleng,

"Mayar 200 rebu ku cék samilyar, jelas teu asup akal"

Lastri kerung nempo kasir malah colohok ningali dirina, Lastri asa diulinkeun. Jadi molotot bari nyarita ketus,

"Kunaon? Burukeun, kuring masih loba kaperluan séjén"

Patugas kasir gogodeg bari malik molototan. Cék dialungkeun ka Lastri, lantaran teu ditampanan, cék murag kana deukeut suku Lastri,

"Anjeun sigana pasién ti rumah sakit jiwa anu can nginum ubar, rék coba-coba nipu maké cék samilyar"

"Naon? Samilyar?" Lastri ngarénjag, terus nyokot cék anu ngagolér dihandap bari ditempo. Énya wé, dina cék aya tulisan jumlah duit anu enolna ngajajar loba.

"Hiji, dua, tilu, opat... Waduh, aya 9 siki enolna!" Ceuk Lastri saenggeus ngitung angka enol dina cék bari nepak tarangna.

Lastri bungah, sabab leuwihna bakal loba pisan. Anu saacana ukur ngabayangkeun sésana ukur 1,6 juta, ayeuna dirina bakal narima sésa leuwih loba. Bari nyakakak leungit kaéra, Lastri langsung ajrag-ajragan bari kukurilingan. Terus nyarita deui ka kasir bari mikeun deui cékna,

"Naon anu salah? Buru béréskeun pembayarana"

Ningali Lastri kawas jelema teu waras, patugas kasir jadi leuwih curiga. Terus nangtung bari ngagebrag méja,

"Dasar anu gelo! Timana anjeun meunang cék palsu terus wani datang kadieu? Kuring kapaksa rék nelepon pulisi sangkan anjeun ditéwak sabab geus wani mayar maké cék palsu"

"Hah! Palsu?" Lastri ngagebeg, sakujur awakna langsung késangan sabab sieun. Terus mundur bari kukulutus laun,

"Tadi si icih ngomong, eusina 1,8 juta. tapi cék ieu samilyar. Pasti si Udin salah mikeun cék atawa mémang ngahaja rék ngawiwirang kuring. Dasar koplok. Ieu pasti cék palsu alat si Udin pikeun nipu batur, kurang ajar!"

Saterusna Lastri ngagedig balik deui ka bangsal. Rék bébéja ka Icih, sakaligus rék ménta Icih sangkan nyeréikeun sarta ngusirUdin ayeuna kénéh.

Harita Udin, Icih, Mardi, keur ngarobrol tiluan. Tapi panto muka sakaligus akibat ditajong ku Lastri. Lastri langsung nyuruntul ka Udin bari nyekelan cék.

"Udin! Dasar bangsat! Wani nipu aing!"

Udin reuwas,

"Nipu naon bu?"

Lastri langsung ceurik bari ngomong ka Icih,

"Cih, buru ceréikeun si Udin, usir ayeuna kénéh, si koplok geus nipu Ema, Ema éra diwiwirang"

Icih anu sarua reuwas buburu nanya,

"Kang Udin nipu naon ma? Cobi jelaskeun heula ka abdi"

"Yeuh deuleu cékna! Si Udin mikeun cék palsu samilyar ka Ema. Kasir rumah sakit ampir nelepon pulisi bari nyarékan Ema, Ema disebut tukang tipu" ceuk Lastri ngajelaskeun bari ceurik.

Udin langsung sadar yén dirina salah mikeun cék. Cék anu dibikeun ka Lastri pasti cék anu ti Warni basa di Rumah Klasik. Duanana mémang aya dina dompétna, sabab tadi dirurusuh ku Lastri anu keukeuh teu sababar méménta cék, jadi Udin teu mariksa heula eusi cékna.

Mardi ogé panasaran, tapi teu wani tatanya, ukur ngadéngékeun bari kerung. Udin ngahuleng mikiran kumaha cara ngajelaskeuna.

Cék dicokot tina leungeun Lastri ku Icih terus ditempo, eusi mémang samilyar. Jadi Icih nanya ka Udin,

"Kang. Cobi jelaskeun ka abdi anu saleresna, naon maksad akang masihkeun cék samilyar palsu ka Ema? sareng kunaon akang bet kagungan cék palsu?"

"Nyi, anjeun salah faham" ceuk Udin.

"Lepat faham kumaha? cobi jelaskeun?" Ceuk Icih deui sabab panasaran.

Lastri buburu ngomong,

"Ieu pasti alat bantu si Udin pikeun nipu jelema-jelema beunghar, terus teu kahaja kabikeun ka Ema. Untung dibikeuna ka Ema, coba lamun dibikeun ka batur, geus pasti bakal jadi masalah gedé"

Terus Lastri nyekelan taktak Icih bari melong beungeut Icih,

"Cih, bukti geus jelas, anjeun masih rék keukeuh satia ka si Udin? Lamun teu diusir ayeuna, kulawarga urang bakal cilaka. Manéh rék nungguan naon deui?"

Icih anu masih melong ka Udin ngomong deui bari cimata geus ngabarendung dina kongkolak panonna,

"Kang. Upami akang teu tiasa ngajelaskeun ka abdi. Abdi kapaksa moal tiasa mempertahankan deui rumah tanggi urang. Abdi uninga akang jalmi teu mampu sarta tos wantun nipu batur. Upami akang teu ngalirénan nipuan batur. Kapaksa abdi badé téga. Abdi alim dinafkahan ku artos haram hasil nipu"

Udin ngarahuh,

"Nyi, akang rék jujur ka anjeun. Cék éta akang manggih tina kakadoan cocooan budak"

"Hah! Kakadoan?" Icih jeung Lastri sarua reuwas.

"Akang mésér kakadoan?" Icih nanya.

Udin ngarenghap bari tungkul,

"Tileuleutik akang ditingalkeun maot ku kolot. Salila di asuh ku ma Éméh, akang sok ngabayangkeun hayang ngalaman diulangtaukeun sarta dibéré kado sakumaha ilaharna budak-budak anu séjén. Mangkukna dipasar akang nempo aya kios anu ngajual kakadoan harga dua rébuan, akang jadi inget kahayang baheula anu can kungsi laksana. Ahirna akang meuli hiji, pas dibuka eusina cék éta. Akang atoh, sanajan akang nyaho cékna palsu, tetep cék ditunda dina dompét pikeun kenang-kenangan akang. Ngan bieu kabikeun ka Ema bari teu dipariksa heula, sabab Ema ngarurusuh"

Ngadéngé penjelasan ti Udin, cipanon Icih anu mémang geus ngabarendung ayeuna bener-bener bahé. Icih ngahelas ngadéngé caritaan Udin. Jadi cék samilyar dibikeun deui ka Udin,

"Iyeu cékna kang, simpen deui. hapunten abdi tos lepat sangki. Akang ulah bendu ka abdi"

Udin buburu narima cék samilyar ti Icih, terus diasupkeun deui kana dompétna bari ngaluarkeun cék anu 1,8 juta.

"Teu nanaon, nuhun anjeun geus bisa ngamaklum"

"Bu, Ieu cék anu asli" ceuk Udin bari mikeun cék anu 1,8 juta ka Lastri.

Lastri buburu ngajéwang cék,

"Untung bieu teu disoéhkeun ku Ema. Engké deui ati-ati. Pisahkeun sing bener dina dompét bisi kabikeun deui ka batur"

Saterusna Lastri kaluar deui ti bangsal. Ningali sikep Icih jeung Lastri geus béda, Udin reugreug, haténa ngemplong. Udin ngarénghap panjang sabab ngarasa reuwas kareureuhnakeun.

Udin seuri ngarasa lucu ku polah Lastri anu geus ngaléos deui ka kasir. Lantara sok asa aing ngarasa pangnyahona, pangbenerna, pangpinterna. Anu ahirna jadi kabalinger, teu bisa ngabédakeun cék asli jeung palsu. Saupama lastri nyahoeun cék anu samilyar asli, pasti bakal handeueul sarta luncat tina jandéla.

Teu lila kadéngé sora awéwé batuk tiluar, singhoréng Rukmini asup leumpang lalaunan maké iteukna,

"Mardi anaking. Ema kadieu rék ngalongok sabab aya béja manéh kacilakaan"

Udin ngarérét bari kerung, dina lawang panto katempo aya Dudung, Unah, Karsidi jeung Isah keur nungguan diluar.

Rukmini ngadeukeutan ranjang Mardi bari panonna bareureum, kongkolak panona carindul kawas tas ceurik. Terus nangtung gigireun ranjang bari leungeunna nyekelan leungeun Mardi. Terus nanya,

"Kumaha kaayaan anjeun ayeuna?"

Sanajan Icih masih keuheul, tapi ku lantaran niat Rukmini datang pikeun ngalongok Mardi, ahirna mangjawabkeun,

"Ni. Bapa teu sawios-wios, teu aya anu kedah dihariwangkeun"

Rukmini ngarérét kana beungeut Mardi anu teu nembongkeun rasa atoh geus dilongok ku anu jadi indung.

"Teu kudu dipaké ceurik sanajan kuring paéh" ceuk Mardi teugeug. Tapi kituna téh bari aya cimata anu ngalir tina panonna. Hartina haténa mah masih aya kanyaah kénéh ka indung.

Rukmini nyarita,

"Ema rumasa salah geus ngusir anjeun. Ema ngarasa dosa ngadéngé anjeun kacilakaan. Ema sieun anjeun kumaha onam. Lantaran kacilakaan ieu pasti akibat tina kasalah fahaman Ema anu ahirna jadi mangaruhan kana fikiran anjeun. Puluhan taun Ema mémang geus teu paduli deui ka anjeun, lantaran Ema hayang nempo anjeun mandiri, jadi lalaki anu kuat. Sangkan bisa dijadikeun andelan pikeun kulawarga Kusumah. Jadi Ulah nyalahkeun Ema"

Nyambung...