"Hah! Amputasi?!" Firman colohok, awakna leuleus langsung ngagubrag diuk dina korsi. Teu paduli deui kana kaayaanna anu teu di calana. Asisténna buburu nyokot sarung anu ngalumbuk dihandap dipaké nutupan bobogaan Firman.
"Buru amputasi saacan inféksina beuki parah sarta ngarémbét ngaganggu organ séjénna" ceuk dokter.
Firman ceurik bari naleukeum kana méja dokter.
"Kuring lalaki, piraku kudu euweuh nanaonan pisan. Teu paduli jadi impoten, tapi ubaran heula borokna, ulah dileungitkeun!"
Firman pasrah, upaya pikeun ngahudangkeun deui bobogaanna beuki pamohalan. Tapi Firman embung ari kudu kaleungitan mah. Kajeun ukur hiasan, anu penting tetep aya ngagantung dina tempatna.
"Dok, ubaran boroknya, sabaraha waé biayana ku kuring dibayar asal bobogaan kuring ulah nepi ka coplok" ceuk Firman ngalengis ka dokter.
"Lain masalah duit pa, Kuring ukur bisa nyarankeun amputasi" témbal dokter karunyaeun.
"Lamun nungguan nepi ka ulsérasi jeung inféksi baktéri anu lewih parah, kekebalan awak anjeun moal kuat, baktéri bakal nyebar ka sakujur awak anjeun, ahirna bakal ngancem nyawa anjeun" ceuk dokter ngajelaskeun.
Firman beuki soak ngadéngéna. Otakna asa kram.
"Bapa teu kudu hariwang, amputasi jaman ayeuna bakal beresih, moal ningalkeun tapak. Ukur nyésakeun liang cikiih" ceuk doktet ngabeberah sangkan Firman tenang.
Tapi kadéngéna ku Firman béda, boro-boro bisa tenang. Firman ngagenggeuik ceurik bari ngabayangkeun tarang bagana bener-bener beresih kawas tarang dina sirahna. Lénang euweuh nanaonan pisan.
Cipanon Firman geus maseuhan méja dokter,
"Teu bisa dok, anjeun kudu néangan cara, bobogaan kuring ulah nepikeun ka leungit tina tempatna"
"Kuring teu bisa maksa, tapi akibatna ku kuring bieu geus dijelaskeun. Éta terserah bapa. Sabab ukur aya 2 opsi, kaleungitan bobogaan atawa kaleungitan nyawa" témbal dokter.
Firman nangtung,
"Tuduhkeun ka kuring, dimana ahli anu bisa nahan ulsérasi?"
Dokter tetep némbalan kalawan sabar,
"Kunaon bapa kawas anu teu yakin ka abdi? Kondisi bapa ayeuna ukur tiasa di amputasi. Baktéri anu engké nyebar ngaliwatan pembuluh darah bakal sistemik, nyawa anjeun dina bahaya"
Amarah Firman ka Baréna jeung ka Atang beuki ngagugudag, terus Firman ngarérét ka asisténna.
"Sabaraha pengawal anu geus bisa balik atawa geus rék cageur?"
"Aya duaan pa, anu 4 masih di gips" témbal asisténna.
"Kaluarkeun anu duaan, kuring nungguan dina mobil. Urang jorag si Baréna!" Ceuk Firman bari maké deui sarungna terus kaluar ti rohangan pamariksaan. Dokter ukur bisa colohok.
Asistén buburu ngagugu, manéhna lumpat ka bangsal perawatan, nyampeur 2 pangawal Firman. Saterusna ngalunasan biaya parawatanna sarta ménta ijin pulang paksa.
Saperti anu geus dibahas saacanna, 6 pangawal Firman parotong sukuna ku Udin basa aya pertemuan asosiasi Pengusaha Jawa Barat. Kabéh dirawat di rumah sakit éta
Ayeuna dina mobil geus aya 5 jelema, Karsidi, Firman, asistén jeung 2 pangawal anu can cageur bener. Mobil langsung ngabelesat ka Imah Baréna.
Nepi ka imah Baréna saurang palayan kabeneran rék asup ka imah bari ngajingjing kandang manuk,
"Pak, dunungan abdi parantos istirahat" pokna
Tapi palayan langsung ditampiling ku Firman,
"Hudangkeun!"
Palayan buburu asup, sarta lumpat ka lantéi-2. Firman geus bener-bener ambek, ibarat gunung anu rék bitu, hayang buburu neunggeulan Baréna jeung Atang. Firman asup ka rohangan tamu bari lajag-léjég.
"Atang! Baréna! Kaluar! Teu wani kaluar ku aing didobrak kamar sia!" Ceuk Firman tanggah ka lantéi 2 bari cocorowokan.
Ngadéngé Firman ngamuk, Baréna turun bari ngagédéng Atang. Satukangeunna nuturkeun Ilyas.
Nempo Firman ukur maké sarung, Atang colohok,
"Firman, aya naon? Anjeun geus nginum ubar, kuduna ayeuna keur olah raga pan? Naha maké datang deui kadieu bari ambek-ambekan. Si Unah kabur?"
"Ubar anjeun palsu! Panyakit aing beuki parah!" Témbal Firman.
Firman ngagulingkeun méja anu aya di dinya, terus molotot bari nunjuk beungeut Atang,
"Anjeun geus ngajadikeun aing kelenci percobaan keur produk ubar gagal. Bobogaan aing ayeuna ruksak. Lamun teu mampu ngubaran, kabéh kakayaan manéh dijabel ku aing pikeun ganti rugi"
Atang ngarénjag, pamohalan panalitian apotékerna salah.
"Firman, anjeun pasti salah faham. Déngékeun penjelasan kuring, kuring teu nganggap anjeun kelenci percobaan, anjeun keur butuh sedengkeun anu séjén séhat, jadi mémang euweuh deui anu bisa nyoba iwal ti anjeun"
Firman ngadégdég nahan ambek, terus morosotkeun deui sarungna,
"Deléh ku sia, bobogaan aing ruksak, ceuk dokter kudu diteukteuk, anu kieu disebut kasalah fahaman?!"
Atang mencrong kana bobogaanna firman, tapi langsung mundur bari ngabirigidig. Baréna jeung Ilyas ogé sarua reuwas muringis bari ngabalieur sabab gila nempona.
"Sia anu nyarék aing meuli bajakah Papua padahal aing wani nawar ngaluhuran si Udin" ceuk Firman bari nunjuk beungeut Baréna.
"Firman, tungguan nepi ka isukan, sigana éfék ubarna mémang can katempo" témbal Baréna.
Firman maké deui sarungna,
"Koplok! Eweuh ubar anu éfékna ngaruksak heula. Montong ngabobodo aing"
"Pangawal! Siksa heula jelema ieu" ceuk Firman bari nunjuk ka Baréna.
Dua pengawal anu can cageur bener langsung maju bari rada ingkud-ingkudan.
Atang kerung. Hartina ubar anyar leuwih goréng tibatan ubar saméméhna. Ubar saméméhna ukur ngakibatkeun karuksakan haté jeung ginjel tapi jangka waktuna lila. Ubar anyar malah ngajieun bobogaan buruk dina waktu ukur jam-jaman.
Dua pangawal geus puk pek nyiksa Baréna, ramo dina leungeun kénca Baréna dipites-piteskeun limaanana. Baréna ukur bisa jejeritan ménta tulung jeung ampun-ampunan. Tapi euweuh anu bisa ngabéla.
Atang teu téga nempona, teu hayang nempo Baréna anak cikalna kudu ngalaman cacad. Tapi teu teu boga kawasa pikeun ngabéla. Atang geus kolot jaba keur gering. Jadi ukur bisa ngarumpuyuk deku bari ménta pengawal Firman ngeureunan nyiksa anakna.
Harita, apotéker anu ngajieun ubar kaluar ti kamar tamu bari gigisik panon lantaran ngadéngé Baréna jejeritan di rohangan tamu. Apoteker mémang teu balik, ngahaja ngéndong bari nungguan béja ti Firman.
"Aya naon pa Firman, kumaha hasil ubarna?"
"Sia anu kudu leuwih tanggung jawab bangsat! Sabab sia anu naliti. Ulah pura-pura teu nyaho bakal aya éfék goréng. Gara-gara kasalahan sia leungeun anak aing kudu cacad" ceuk Atang molotot ka apotékerna.
Apotéker colohok,
"Pa Atang, anjeun ogé nyaho ubar jieunan kuring pamohalan gagal, malah anjeun geus jangji rék méré villa jeung duit ka kuring. Mémangna aya naon?"
"Aing anu rék méré villa ka sia di naraka. Pengawal! Potongkeun cokorna!" Ceuk Firman ka pangawal.
Si apotéker langsung dibeubeutkeun ku pangawal, sukuna ditinggang ku méja nepi ka tulang bitisna ngaderekdek remek. Apotéker ngocéak sabab nyeri terus kapaéhan. Kabéh beuki sieun, Firman bener-bener ngamuk. 2 urang geus dijieun cacad.
Firman mémang teu salah, niatna hayang meuli bajakah samilyar tapi dihalangan. Gara-gara ubar anu dijangjikeun bisa nyageurkeun, tapi malah ngajieun bobogaanna buruk. Wajar lamun ambek. Saupama nepi ka diamputasi, sanajan kabéh harta Atang dijabel keur ngagantian, tetep tina tapak bobogaanna moal bisa sirungan deui.
Sanajan geus ngamuk, Firman tetep bingung. Firman ngaranggeum kerah baju Atang anu keur deku,
"Ku aing anjeun dibéré dua pilihan, nyageurkeun bobogaan aing? Atawa kakayaan manéh dijabel kabéh keur ngagantian karugian aing?"
Beungeut Atang pias,
"Kuring rék néangan cara pikeun nyageurkeun anjeun"
"Nepi ka iraha aing kudu nungguan? Lamun bobogaan aing kaburu coplok, sia anu pangheulana dipodaran bareng jeung modarna usaha anjeun" ceuk Firman.
Atang unggeuk,
"Bari nungguan kuring usaha, kuring rék ngagero heula dokter pribadi pikeun méré anti baktéri jeung anti inflamasi pikeun nahan pembusukan bobogaan anjeun. Kumaha?"
Firman ngahuleng terus diuk dina sofa,
"Bawa kadieu dokternya"
Atang teu talangké, langsung nitah Ilyas nelepon dokter ti pabrikna. Saenggeus dokter datang, langsung mariksa bobogaan Firman. Palangkakan Firman disuntik ku antibiotik keur nyegah infeksina nyaliara. Anu borokna dibalur ku salep anti baktéri jeung anti iritasi kulit. Penjelasan dokter sarua jeung dokter RSUD, tindakan ieu ukur pencegahan, anu pada ahirna tetep kudu diamputasi.
"Ku aing dibéré waktu sapoe. Peuting isukan manéh kudu geus manggihan cara nyageurkeunna. Lamun henteu, nyingkah ti imah ieu, pabrik jeung kabéh usaha manéh jadi milik aing" ceuk Firman ka Atang.
Atang unggeuk,
"Kuring pasti bakal ngusahakeun"
Baréna ngadeukeutan Atang,
"Pa, pan bieu ceuk dokter moal aya anu bisa ngubaran. Ukur sapoé, naon anu rék dilakukeun ku bapa?"
"Lain ukur aing hungkul anu kudu mikiran, kabéh kudu milu mikiran. Sia jeung si Ilyas ogé. Isukan kabéh kudu liar néangan ubarna atawa néangan jelema anu bisa nyageurkeun" ceuk Atang.
Firman, Karsidi, asistén jeung dua pangawal ahirna indit ningalkeun imah Baréna. Barena hariwang sarta nyarita ka Atang,
"Pa jual kabéh properti, isukan urang kabur babarengan. Tibatan kabéh di jabel ku Firman"
Atang ambek,
"Asét 2 milyar kieu rék dijual dina waktu sapoé? Manéh waras? Ieu hasil capé gawé bapa sapanjang hirup!"
"Leres kang, lebar upami diical mirah-mirah. Moal janten nanaon" ceuk Ilyas milu nyarita.
Baréna ambek ka Ilyas, Ilyas ditampiling,
"Sia wani nyarita? boga hak naon sia masalah harta bapa?"
Sabab ditampiling, Ilyas ngabangkieung mundur bari nyekelan pipina. Tapi tetep nyarita,
"Kang, sanaos abdi ditampiling, tetep abdi teu satuju. Triman Pharmaceutical milik bapa. Akang ogé teu acan aya hak kana harta bapa"
Baréna ambek sarta rék ngaheumbatkeun peureupna kana beungeut Ilyas. Tapi Atang langsung ngahalangan. Sok sanajan béda indung, tapi duanana sarua anakna. Atang ngarérét ka Ilyas,
"Omongan lanceuk manéh bener, lamun manéh teu satuju, Baréna tetep kudu kabur tiheula mawa kabéh duit cash anu aya pikeun nyalametkeun diri. Sabab anjeun teu kalibat urusan jeung Firman. Jadi manéh didieu nungguan jeung bapa, kelola farmasi ku manéh saacan bener-bener dijabel ku Firman"
"Pa, piraku Triman rék dibikeun ka anak haram?!" Ceuk Baréna protés.
Baréna langsung dicabok ku Atang,
"Si Ilyas anak aing, ceuk saha anak haram? Sia bieu leuwih mentingkeun nyalametkeun diri tibatan mikiran perusahaan. Tapi ayeuna malah protés. Dasar koplok"
Ngadéngé bapana ngabéla, Ilyas jelas jadi sumanget. Jauh-jauh dibawa ti Papua sarta diijinan milu cicing jeung bapana mangrupakeun kabagjaan keur dirina. Sanajan salila ieu teu dianggap anak. Tapi omongan Atang bieu cukup keur bukti yén Atang masih nyaah ka dirina. Jadi Ilyas mikir néangan cara sangkan Firman teu ngajabel triman.
Harita Udin karék réngsé mandi, sedengkeun Icih geus nangkarak dina ranjang bari nyoo HP. Icih mémang capé digawé di kantorna, jadi keur ngeusi waktu istirahatna bari nungguan tunduh, pasti bakal sibuk sorangan nyoo HP.
Udin geus ngamparkeun samakna, siap-siap rék saré. Tapi Icih ngajerit reuwas, HPna nepi ka ngacleng, meneran ragrag dina tarang Udin anu karék ngagolédag.
Udin teu paduli kana tarangna anu nyeri, HP dicokot terus diuk bari mikeun HP ka Icih.
"Aya naon nyi?"
"Dina YouTube, Aya video pikarujiteun!" Témbal Icih.
"Anu mana? Akang hayang nempo" ceuk Udin buburu nempo HP anu can ditarima ku Icih.
"Ulah ditingal kang, jiji" ceuk Icih.
"Lebah mana geuleuhna?" Udin nanya sabab dina vidéo ukur kaciri tonggong lalaki keur lumpat ka toilét bari dibeberik ku lobaan.
Udin kerung, terus gogodeg seuri. Sabab karék sadar anu dilalajoan ku Icih vidéo Wuki anu ngadahar tai di toilét rumahsakit. Udin teu lalajo nepi ka tamat, YouTube langsung di close terus HP dibikeun ka Icih.
"Akang geus lalajo. Malah nyaho ka jelemana"
"Piraku kang? Akang kenal?" Icih nanya panasaran.
Udin nangkarak deui dina samak,
"Wawuh mah henteu, ngan dipasar keur jadi obrolan ibu-ibu. Béjana, éta anak jelema beunghar anu sok ngaruksak awéwé disakolaanna ku cara dihipnotis, disaréan, terus dititah bunuh diri. Ahirna aya anu males ku cara dihipnotis deui"
Icih ngarénjag terus nyangigir malik ka Udin,
"Jahat! Pasti lepat didikan ti sepuhna, téga nyilakakeun istri ku cara anu biadab"
"Jaman ayeuna loba budak sakola anu resep ngabuli baturna demi kasenangan. Kadang-kadang justru kolotna mah teu nyahoeun. Tapi ku ayana vidéo éta, mudah-mudahan bisa jadi eunteung keur kabeh kolot sangkan leuwih ati-ati ngawaskeun laku lampah anakna" témbal Udin.
"Panuju pisan nampi hukuman sapertos kitu" ceuk Icih.
"Kang, abdi tunduh, punten pangecaskeun HP" ceuk Icih bari mikeun deui ponsélna ka Udin.
Udin narima hp Icih, terus dicas dina méja rias Icih. Buburu Udin ngagoler deui. Teu lila hp Udin disada, aya notif WA ti Bahar. Buburu ku Udin dibuka.
"Dén, Kuring narima laporan ti anak buah. Aya sababaraha warga Jepang kaciri di sakitaran klinik Tiandi. Sigana aya niat teu hadé ka Tiandi. Kudu kumaha?"
Udin buburu malesan chat,
"Saperti anu dicaritakeun ku kuring, Ichiro ngincer ubar anu aya di Tiandi"
Bahar nanya,
"Bangsat, Mun kitu akang rék ka klinik ayeuna kénéh bari mawa leuwih loba deui jelema. Sabab akang ukur nunda Komar jeung anak buahna, bisi manéhna kawalahan. Ku akang kabéh rék ditéwakan sarta dibawa ka si Emus sina jadi parab Mastiff Tibét"
Udin males deui,
"Teu perlu kang, ulah digamahan jeung teu kudu dilawan, anu datang pasti ahli béladiri Jepang jaba loba. Anak buah akang moal kuat, béjaan Komar kuring mihapé kasalametan Tiandi. Masalah ubar keun baé sina dirampas. Sabab ubar asli geus aya di kuring"
Bahar ogé males,
"Mangga dén, akang ngarti"
Udin buburu ka kamar mandi sabab rék nelepon Isak bisi Icih lilir terus ngadéngékeun. Saenggeus nyambung ka Isak, Udin nyarita,
"Mang, anak buah Ichiro geus kaciri ngulampreng di sakitar klinik Tiandi. Lamun hasil pasti bakal langsung kabur ka bandara. Tahan kabéhanana ulah aya anu leupas"
"Tenang gan, kabéh bakal diringkus ku mamang. Moal Aya anu bisa kaluar ti Bandung kaasup ubarna" ceuk Isak.
"Ulah mang, jelemana tahan kabéh, ubarna mah teu nanaon lolos. Kuring ukur butuh Ichiro" ceuk Udin.
"Mangga gan, mamang ngarti" ceuk Isak.
"Lamun geus katéwak, kerem heula di Padma. Isukan kuring anu ngurus kudu dikumahakeun saterusna" ceuk Udin.
"Siap gan" ceuk Isak terus telepon ditutup.
Ichiro teu sadar dirina geus aya dina porog anu geus disiapkeun ku udin. Manéhna keur diuk dina sédan Maybach anu diparkir di peuntaseun klinik. Anak buahna geus ngariung di tukang pecel lélé siap-siap pikeun asup ka klinik Tiandi. Kari nungguan paréntah ti Ichiro.
Bapana Ichiro di Jepang nyaéta Masao Kobayashi keur ngagolér dina ranjangna sabab geus lumpuh salila 3 taun. Manéhna méré tugas ka 2 anakna Ichiro jeung Jiro sangkan néangan cara keur ngubaran. Anu bisa ngubaran bakal langsung jadi pawaris tunggal Kobayashi Pharmaceutical.
Jiro leuwih jago diwidang farmasi dibanding lanceukna. Jiro boga kaahlian ngaramu ubar maké téhnik ramuan tradisional Indonésia. Hasilna alus, matak sok diagul-agulkeun ku Masao ka Ichiro.
Ichiro anu mémang teu sakola farmasi, manéhna oge boga kaunggulan di widang keuangan sasuai jeung pengetahuan akademisna. Jadi cita-citana hayang nangtungkeun usaha sorangan di widang pengembangan real estate. Tapi butuh modal gedé.
Ngadéngé aya ubar ajaib di Bandung, Ichiro boga niat pikeun ngubaran bapana sangkan bapana daék ngucurkeun modal ka dirina. Sarta rék ngajieun hak patén pikeun ubar ajaib anu di maksud. Salian ti bisa di kembangkeun ku Adina, kauntungan tina hak patén pasti bakal ngalir terus ka dirina. Kauntunganna jelas bakal leuwih gedé ti Adina.
Mikiran hal eta, Ichiro sumanget sarta nelepon bapana,
"Kamana waé manéh? Kunaon karék ayeuna nelepon?" Ceuk Masao.
"Kuring keur nyiar ubar keur anjeun pa, ayeuna kuring di Bandung. Didieu aya tabib anu bisa nyageurkeun lumpuh total" témbal Ichiro.
"Nu balég! Aya tabib anu bisa nyageurkeun lumpuh total?" Masao ngulang deui omongan Ichiro sabab teu yakin.
"Enya, kuring geus mariksa rékam medis di rumah sakit, aya pasién lumpuh total anu geus cageur ku bantuan tabib. Ukur dibéré saténgah dosis ubar ajaib" témbal Ichiro.
"Saténgah dosis?" Masao colohok sakaligus atoh ngadéngéna. 3 taun manéhna lumpuh malah geus uubar nepi ka Amerika, tapi teu ngabuahkeun hasil. Ayeuna aya béja kitu ti Ichiro, jelas sumanget hirupna kahudang deui.
Nyambung...